Bahasa Sunda 10 - Daring Semester 2


DARING BAHASA SUNDA KELAS 10 

Pertemuan 1  

Materi Ajar Semester 2 

MATERI KELAS 10 >>> 

  1. Wawancara 

  1. Babad/Sejarah Sunda  

  1. Aksara Sunda  

  1. Sajak  

 

====== 

BAB 5 WAWANCARA 

WANGENAN WAWANCARA 

Wawancara nyaeta hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawabpikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna. 

 

Léngkah-léngkah wawancara: 

(1) nataharkeun strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan 
a. Persiapan teknis. (alat perekamalat komunikasialat tulis jsb.) 
b. Persiapan non teknis: 
– pangaweruh ngeunaan topik wawancara 
– profil umum (karakternara sumber 
– kaparigelan ngawawancara 
– etika wawancara 
– perjanjian sareng nara sumber. 
– pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna). 

(2) ngalaksanakeun wawancara : sasadu,nanya idéntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit 

(3) ngukur hasil/déskripsi hasil. : berita/deskripsi 

Tujuan waancara: 

(1) Seleksi pagawé 

(2) Panalungtikan/data 

(3) Berita 

(4) Jsb 

 

Rupa-rupa wawancara: 

(1) Wawancara beritapamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana 

(2) Wawancara pribadidatang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinéh 

(3) Wawancara ka jalma lobapikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal 

(4) Wawancara dadakan 

 

Pertemuan 2 

PEDOMAN WAWANCARA 

Wawancara ka Pasar Cibadak GSP 

Informasi Rincian informasi 

Identitas narasumber – NgaranUmur 

– Alamat 

– Kulawarga 

– Pagawéan – Kasangtukang pagawéan 

Ti iraha 

Kumaha kasangtukangna 

Naha milih ieu pagawéan 

 

– Prosés dagang 

Kauntungan 

Masalah/hambatan 

Konsumen 

Pamadegan narasumber – Pindahna kabupatenPangaruhna 

– Relokasi pasar 

– Perbandingan antara pasar tradisional jeung pasar modern 

– Saran ka pamaréntah 

 

Kecap 

Kecapnyaéta wangun katatabasaan pangleutiknaKecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randeganogé mibanda harti. Ku kitunakecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.[1] 

Eusi 

Pertemuan 3 

Wangun Kecap 

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangunjeungwarnana.[2] 

Wangun Kecap 

Wangun 

Wangenan 

kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan 

kecap asal anu geus dirarangkénan 

kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal 

kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar. 

Warna Kecap 

Warna/Rupa Kecapkabagi dua.[2] 

 

Warna Kecap 

Wangenan 

Kecap Lulugu 

kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang. 

kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang. 

kecap anu dipaké pikeun nanya 

kecap anu nuduhkeun kalakuanparipolahatawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna. 

kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang. 

kecap anu nuduhkeun bilanganjumlahbeungkeutankumpulanatawa tahapan. 

Pertemuan 4 

 

Kecap Pancén 

panganteb 

kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis). 

panganteur 

kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés. 

panambah aspék 

kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian. 

panambah modalitas 

kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén. 

pangantét 

kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana. 

panyambung 

kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecapatawa babagian kalimah. 

panyeluk 

kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan. 

Kecap sulur 

Kecap suluraya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu.[2] 

  • kecap gaganti jalma 

  • kecap gaganti milik 

  • kecap panuduh 

Pertemuan 5 

Kecap gaganti jalma 

'Kecap gaganti... 

kecap.. 

dipaké dina kaayaan... 

conto kalimah 

jalma kahiji 

tunggal 

sim kuring 

lemesresmi 

Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé. 

abdi 

lemesteu resmi 

Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung. 

kuring / déwék / urang 

loma 

Kuring mah asa kakara manggih euydomba sukuna lima mah. 

kami / kaula 

lomangaluhurkeun ajén sorangan 

Kaula rék nitah ka Patih Lirbaya. 

aing 

kasar 

Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu. 

loba 

sim kuring sadayana 

lemesresmi 

Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut. 

abdi sadayana 

lemesteu resmi 

Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé. 

kuring saréréa 

loma 

Kuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap  

motor. 

Pertemuan 6 

 

jalma kadua 

tunggal 

bapa / ibu 
(jsb. nu dianggap mancakaki) 

lemes, ka anu dipikahormat 

Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat. 

anjeun 

lemes, ka sapantaran 

Anjeun téh pinterngan hanjakal mun di kelas tara nyarita. 

manéh / silaing 

loma 

Manéh mah dibéjaan téh tara ngagugu. 

sia 

kasar 

Sia ku aing rék diteunggeul. 

loba 

aranjeun 

lemes 

Aranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan. 

maranéh 

loma 

Maranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh. 

hidep saréréa 

lemes, ka sahandapeun 

Hidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh. 

jalma katilu 

tunggal 

mantenna 

lemes, ka nu dipikahormat 

Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman. 

anjeunna 

lemes 

Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana. 

manéhna, inyana 

loma 

Manéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun. 

loba 

aranjeunna 

lemes 

Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah. 

maranéhna 

loma 

Maranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak. 

Pertemuan 7 

Kecap gaganti milik 

Kecap gaganti milikdisusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barangContonabukuabdibukumanéhbukuhidep saréréa.[2] 

Kecap panuduh 

Kecap panuduh wacanaKecap panuduh wacanaéta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana. [2] 

ieu 

ieu baju 

éta 

éta batu 

kitu 

sabada kitu 

kieu 

kurang kieu 

Kecap panuduh luareun wacana 

kecap... 

dipaké pikeun... 

conto kalimah 

dieu 

nuduhkeun nu deukeut 

Rorompok mah caket kantun ka palih dieu waé. 

dinya 

nuduhkeun nu rada deukeut 

Ti warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan. 

ditu 

nuduhkeun nu jauh 

Toko Arca mah di dituti rorompok mah aya kana sajam mah. 

Pertemuan 8 

Kecap pananya 

Kecap... 

dipaké pikeun nanyakeun ... 

conto kalimah 

naon 

baranghalsasatoantutuwuhan 

Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh? 

saha 

jelemamalaékatPangéran 

Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh? 

ka mana 

tempathal 

ka mana Suéb téh inditna? 

iraha 

waktu 

Iraha anjeun badé ka dieu? 

naha 

sabab-musababkalakuan 

Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh? 

kumaha 

carakaayaan 

Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi? 

sabaraha 

jumlahbilangan 

Sabaraha harga bawang beureum sakilo téh? 

Kecap pagawéan 

Ciri-cirikecap pagawéan.[2] 

  • umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer 

  • teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét 

  • teu bisa dipiheulaan ku kecappalingatawa dirarangkénan anu ngandung hartipaling ... 

  • bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas 

Kecap sipat 

Ciri-cirikecap sipat.[2] 

  • bisa dipiheulaan ku kecapleuwihjeungmani 

  • bisa dituturkeun ku kecapkacida, pisanjeungnaker 

  • bisa dirarangkénan kupang-...-na 

  • bisa ngawangunfrasapohara ...-naatawakacida ...-na 

Pertemuan 9 

Kecap panganteur 

Tabel kecap panganteur pagawéan 

 

 

 

busasup 

nyahbeunta 

nging/hingceurik 

segrukceurik 

amdahar 

joldatang 

rapdibaju 

dekerdigawé 

gékdiuk 

regeureun 

geleberhiber 

sedut/duthitut 

kunianghudang 

belenyéh/nyéhimut 

gedigindit 

léosindit 

kécéwér/wér/cerkiih 

bluglabuh 

beretek/berebetlumpat 

jlengluncat 

gelesermaju 

belewermalédog 

brus mandi 

térékélnaék 

gamplengnampiling 

blaknangkarak 

jungnangtung 

sebrutnarajang 

habekneunggeul 

lekneureuy 

larngaliwat 

blukngangkuban 

biurngapung 

golédagngedeng 

gewewekngégél 

réngkénékngigel 

leguk/regotnginum 

burusutngising 

pokngomong 

celengkeungngomong 

trétnulis 

gaploknyabok 

gapnyagap 

sirintilnyampeurkeun 

gantawangnyarékan 

kereweknyekel 

congnyembah 

crotnyiduh 

celengoknyium 

kopnyokot 

bluknyuuh 

reuppeureum 

dugsaré 

barakatakseuri 

ceuleukeuteukseuri 

cakakakseuri 

cikikikseuri 

lepteuleup 

eureuleuteurab 

claktumpak 

luktungkul 

jrutturun 

nyotngenyot 

pelenyunudud 

catunggah 

oroloutah 

Pertemuan 10 

 

Tabel kecap panganteur kaayaan 

 

 

 

beledugbitu 

beletékpeupeus 

beletokpotong 

béréwéksoék 

braybeurang 

braymuka 

braycaang 

breghujan 

ceptiis 

gejebur kana cai 

jedakdiadu 

jeduktidagor 

jegug sora anjing 

jegur sora marieum 

jentréng kacapi 

jepjempé 

jeprutpegat 

kecebuk sora cai 

kecemplung kana sumur 

keplukmurag 

kérésék sora daun 

ketruk sora sapatu 

lesleungit 

paralakhujan 

pédénghélkeuheul 

peledekbau hitut 

pespareum 

plengambleng 

plongngemplong 

prungpegat 

prungngamimitian 

pudigdigambek 

rekét sora panto 

robngarogrog 

rupdirungkupan 

seguk sora kolécér 

semprungpegat 

sruk-srék sora ragaji 

trongkohkol 

 

Pertemuan 11 

BAHASA SUNDA KELAS 10 

BAB 6 CARITA BABAD/CARITA SUNDA 

DAFTAR ISI 

           HAREPAN MANGSA RENGSE DIAJAR 

           A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD 

           B. WANGENAN CARITA BABA 

           C. STRUKTUR CARITA BABAD 

           D. NGARINGKES CARITA BABAD 

           E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN 

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 1 

           CONTO CARITA BABAD 

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 2 

 

Harepan lamun geus diajar materi carita babad teh nyaeta: 

  1. Bisa maham posisi jeung peran tokoh. 

  1. Bisa maham hubungan kausalitas antara peristiwa kasejarahan. 

  1. Bisa maham percantelan antar tokohperistiwa jeung wilayah satempat. 

  1. Bisa nyimpulkan eusi teks (peristiwa sejarah). 

  1. Bisa nanggap aspek-aspek sajarah lokal/babad. 

A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD 

Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangancarita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipaké dina pustaka Sunda téh sajarahmisalkan sajarah Sukapura. 

Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampangsawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang. 

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisnahenteu beunang dicekel deleg dokuméntasinatampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél. 

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarahbabad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd. 

Pertemuan 12 

 

B. WANGENAN CARITA BABAD 
Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarahatawasajarah anu dibumbuan ku unsur carita. 

 

UNSUR INTRINSIK - UNSUR PANGDEUDEUL CARITA 

  1. Jejer atawa tema 

  1. Amanat 

  1. Panokohan 

  1. Latar/setting 

  1. Alur/plot 

UNSUR EKSTRINSIK 

  1. Biografi Penulis/Pangarang 

Biografi mangrupakeun riwayat panulis carita nu ngawenku kana pendidikanprestasiatanapi padamelanContonapanulis nu gaduh riwayat pendidikan ekonomi bakal langkung condong ngadamel carita tina sudut pandang ekonomi. 

  1. Cara Pandang Panulis 

Cara pandang panulis caket pisan kaitannana sareng biografikulantaran cara pandang panulis dipangaruhan ku riwayat-riwayat hirup nu tos kaalaman ku penulis. 

  1. Situasi sareng kondisi mangsa disusunna karya sastra  

Budaya/Adat Istiadat 
Situasi Politik 
Sajarah 
Kaayaan Ekonomi 

Page Break

Pertemuan 13 

C. STRUKTUR CARITA BABAD 

Babad téh kaasup karya sastra wangun wawacanari wawacan téh umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuhnyaéta manggalasastra (alofon), eusijeung panutup atawa klofon. 

a. Manggalasastraeusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacanPernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awalsaméméh ngamimitian caritacontona: 

           Kasmaran panganggit gending 

           Basa Sunda lumayanan 

           Kasar sakalangkang awon 

           Kirang tindak tatakrama 

           Ngarang kirang panalar 

           Ngan bawining tina maksud 

           Medarkeun pusaka rama 

b. Eusinyaéta poko carita tina babaddina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadianlalampahan tokohjeung konflikcontona: 

Pupuh Asmarandana 

Ari anu jadi kawit, Sangyang Prabu Boros NgoraMangkon Panjalu karatonngalajengkeun ti ramanaéstu tanah pusakakasebat dayeuh Panjalunelah dumugi ayeuna. 

Ti dinya ngabangun deuidamel situ gedé pisan, anu dinga ranan Léngkongdikinten éta leganasatus pat puluh bataétangan nu enggeus tangtusakitu anu gumelar. 

Sareng aya hiji deui dina tengah situ étanusa basa jawa pulo, nu didamel padalemanlir kuta saputerna, situ ngawengku kadatunmungal waas nu ningalan. 

Pinggir cai bumi mantrikalér kidul kulon wétanbérés parélé sakabéhkatampi ku paimahan, para abdi sadayakatingalna surup payus, tur masih anyar babakan. 

Eukeur musim sarwa jadipepelakan rupa-rupakadu manggu jeruk paséhdukuh pisitan rambutan, jeruk bali jeung kalarjeruk manis mipis purutkadongdong jeung gandaria. 

Pertemuan 14 

c. Klofon Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas caritaEusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa kakurangannanalantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacanContona: 

  • titimangsa tamat abdi nulis, 

  • nuju pasaran pon, 

  • kaleresan siang poé Senén, 

  • sasih Juli ping sapuluh yakin, 

  • salapan ratus muni, 

  • sareng lima éstu, 

  • nuju kaping opat welas muni, 

  • Désémber sayaktos, 

  • tahun séwu dalapan ratus kénéh, 

  • Kangjeng Srimaraja parantos masih, 

  • sahiji medali 

  • tanda satya tuhu 

  • tawis rumah tangga sim abdi 

  • désa nu kasohor 

  • di Maparah lungguh kuwu kénéh 

  • tawis Prajadinata pribadi 

  • Sih pangraksa Gusti 

  • Abdi kaula nun.  

Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh. 

(Dicutat tina Babad Panjalu, C.M. Pleyte, 1982, k. 129-130) 

Pertemuan 15 

D. NGARINGKES CARITA BABAD 

Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisanUmumna bisa nepi ka ratusan kacaku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita. 

Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. 

1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria. 

2. mampuh nyusun deui idé-idénabari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna. 

E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN 

1. Maca naskah aslilengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna. 

2. Nyatet gagasan utamasakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan. 

3. Nuliskeun deui carita babadcarana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dimasar kana gagasan utama 

4. Pariksa deui. maca deui kotrétan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan. 

 

Pertemuan 16 

(RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA KELAS 10) 

MATERI CARITA BABAD SUNDA 

LATIHAN 1 

1.         Naon ari babad téh? 

2.         Naon ari eusi babad téh? 

3.         Naon ari manggalasastra téh? 

4.         Tuliskeun kalawan singget eusi atawa poko carita tina babad? 

5.         Naon ari klofon téh? 

6.         Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. Pék sebutkeun! 

7.         Jéntrékeun lengkah-lengkah nyieun ringkesan! 

=================Dilangkung==========Dilangkung================== 

CONTO CARITA BABAD 

Ringkesan Babad Panjalu 

Prabu Borosngora téh salah sahiji raja PanjaluKagungan putra duanyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palaymarén muru ngabagawananjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeunmanjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jam pang kalih kulawargakalebet Radén Aria Kancana. 

Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijak sanaPanjalu tingtrim kertaraharjaHiji waktu anjeunna aya karep pa lay ngabedahkeun Situ Léngkongtuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka PanjaluHanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna, 

Sadugina di tapelwates dayeuhRadén Aria Kancana katut pong gawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Raden Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Raden Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana. 

Éta kajadian téh dugi ka Prabu BorosngoraSatuluyna anjeunna ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulananaAntukna nu ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulananaAntukna nu paraséa téh alakur deui. Aria Kuning masrahkeun kalungguhan ka raina, Aria KancanaTi harita Aria Kancana ngadeg bupati ngagentos rakana. 

Ti dinya Kampuh Jaya dipaparin jujuluk Sang Guru Haji. Satuluy na anjeunna diistrénan jadi patih di Panjalupaheuyeuk-heuyeuk ngolah nagara sinareng sang raja Aria KancanaPanjalu tinemu deui jeung katengtreman. 

Aria Kancana digentos ku putrana nu cikalSanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkungkayaning Aria Kadali, Raden Marta Badadahin, Raden Marta Baya, Raden Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Raden Wira Baya, Raden Wira Dipa, Raden Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna. 

MATERI CARITA BABAD SUNDA 

LATIHAN 2 

1.         Naon téma carita babad di luhur? 

2.         Tataan para palakuwatek jeung peran atawa kalungguhanana! 

3.         Dimana latar tempat jeung waktusarta kumaha sausanana? 

4.         Make galur naon eta carita babad téh? 

5.         Naon amanat anu aya dina carita babad di luhur? 

6.         Teangan hubungan tokoh jeung kajadian ieu carita babad dina kanyataan ayeuna! 

================================================================= 

Pertemuan 17 

BAB 7 AKSARA SUNDA 
======== 
Kibot kangge ngadukung ngilik media elektronikna 
https://www.kairaga.com/font-sunda/driver-keyboard 
 
font huruf nu dianggena 
https://www.kairaga.com/download/driver-keyboard-aksara-sunda-64-bit-2 
=================== 
teorina: 

 

Yuk kita belajar aksara sunda…. 
AKSARA SWARA (VOKAL) 
 
 

 HA MA  KA XA RA SA DA NYA BA TA YA CA 

PA VA LA NGA JA GA NA ZA KHAS SYA 
 

ANGKA 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEgPn8fly2k73JesJc4aWh4hNGvys27Cs_o7FjS4wNvBOvwol53Z5UkKnftOzZUJOOSVON_nZxIyuFj6bTX2U08u5OVFyMvdFqyzTxojZsDl8rmL2zkdxj5bi_M_sQ1LHsG3IhdZzmYWZsM/s1600/angka+1-6.JPG 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEiwanCNSbVWUhuoqezwfRJ1dojszzd6q2GLLiz-qGIKuF4sX7KvWrlJtLjC1-99Z1dG6h5Y-Yvx4CBYRonOjyMowdSst9_K3pt99_EaJEQO8rrW5OJj7aPb66MKtH35OO8fnJK0vftWg0Y/s1600/angka+7-0.JPG 
Pertemuan 18 

RARANGKEN AKSARA SUNDA 

Dumasar kana posisi nulisna rarangken, dibagi jadi 3 : 
a) Rarangkén diluhur huruf 
b) Rarangkén dihandap huruf 
c) Rarangken sajajar jeung huruf 
 
a. Rarangkén diatas huruf 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjdWkYErah3ik6LAHe0Gs4vrzSEyo2K-xPnQX3obejRbOVEaKCehNSkR6iZXD-Ik7UMlB3EaUE37poG3ltq0ZD8EbrvbvGa9itwcCCta6ysvPQnJvxm3iQfYpfuWthuIYBE7QkWrG8iq5Q/w319-h335/rarangken+diatas+huruf.JPG 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEgzb3IMdq3IsFJgcGxPsNE2xf29sFutW2WKxWPr5OkzKMJ3jyLDiYqcxlK736MPRt0B1CDEymtMT6t7H4DiTqLRYD0kxzzw3B6OIrhIYg3z6pDeCZeUqKARwcjBM4nXb7IAn9uArNUcQ9A/s320/rarangken+diatas+huruf2.JPG 

 
b. Rarangkén dibawah huruf 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEgPerRGLX-BmHNqIJgCyJIHwLkwTasglTTHUXt1cPz4I8Sh1i1HawNEq7VmeZYzvb7fN6OflA_PTQBXQupZTKtPlr052pSi136OSnyh6b8QuyxRY6glwLLaowHwR630pSKCJ3kfIkJRVWo/s320/rarangken+dibawah+huruf.JPG 

 
Pertemuan 16 

c. Rarangken sejajar huruf 
 
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhMMtrf_eKUuX37KmPr1TlBxsWzdUNtpAj6c3F2RoIWzUSaV4CRHcUHYzt0fe9GiPiJlIWsWEiPS0Hru7fZGBC4UOawIKDo-PYwMSldprQyNYCtcUOPpvLFEtFvALWCvV0yBQv_KWLw-qw/w320-h375/rarangken+sejajar+huruf.JPG 

 

Conto kalimat: 

Pertemuan 17 

BAB 8. SAJAK 

A. MATERI BASA SUNDA SAJAK 

1. WANGENAN SAJAK 

Hidep kungsi nempo penyair anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri ngagalantangkeun sajak? Lamun enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan, tangtu hidep bisa diajar. Memeh prung ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak. 

Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi. 

Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara mangun prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawer, jst), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta sajak. 

Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran. 

Pertemuan 18 

2. KAMEKARAN SAJAK SUNDA 

Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946, nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA. 

Sabada ditaratas ku Ki WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S,  Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung rea deui. 

3. ADEGAN (STRUKTUR; UNSUR) SAJAK 

Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur reka cipta pengarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah. 

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hese dipikahartina, lantara ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. Beda jeung harti denotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu bae sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana eta. Eta unsur-unsur teh diantarana: 

a. Jejer (Tema) 

Tema teh gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak “Tanah Sunda” di luhur teh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng. Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan). 

Pertemuan 19 

b. Nada jeung Suasana 

Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap. 

Hejo pagunungan paul lautan 

Taya kamarasan ngan katugenahan 

Hejo pagunungan paul lautan 

Taya katengtreman ngan ancaman 

Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu. 

c. Rasa 

Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun. 

Pertemuan 20 

B. NGAGALANTAKEUN SAJAK 

Ieu dihandap aya teks sajak. Pek ku hidep ngagalantakeun di hareupeun babaturan sakelas. Bagilir wae saurang-saurang, anu sejenna ngaregepkeun sing daria. 

TANAH SUNDA 

Karya : Ajip Rosidi 

Héjo pagunungan 

Paul lautan 

Héjo 

Paul 

Langit na haté kuring 

 

Masing dimana kuring nangtung 

Masing kamana kuring leumpang 

Tanah lémbok tempak bumetah 

Angin nyeot nyiuman tarang 

 

Masing dimana anjeun nunjuk 

Masing iraha anjeun cumeluk 

Kuring mo mumpang , kuring rék datang 

Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung 

 

Kuring tungtung teteupan 

Kuring tungtung 

Teteupan 

Tuntung bedil 

Ngincer dada 

 

Kuring geus nyaksian getih ngabayah 

Getih maranehna nu mikacinta anjeun 

Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah 

Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun 

 

Héjo pagunungan , paul lautan 

Taya kamarasan ngan katugenahan 

Héjo pagunungan , paul lautan  

Taya katengtreman , ngan ancaman ! 

 


UPAMI TEU NGARTOS.... 

WeA +62 877 1444 4046

VC / VICAL = https://www.facebook.co.id/duridwangurunatafkar


Keyboard Sunda di KeyMan.COM


Intruksi cara menggunakan:


gambar disisipkan  

Layar disembunyikan

=======
=======

PAS SUNDA 10 - 11 - 12 SEMESTER 1

Tong hilap ngapalkeun .
Kade Sholat Nu Lima Waktos.
Aya Dhuha Siangna, Aya Tahajud Wengina.

Passwordna:
NABIYULLOH
(Jalmi Nu Nampi Wahyu Alloh kitu disebatna) 
Kitu pisan. Abdi oge nampi sareng percanten ulah maca tabbatyada
Oh muhun kin be shalawat adamiyah mah 25-Februari-2021 panggentos shalawat ibrahimiyyah teh,
In SyaAlloh kitu. Kaping 26 berarti.
===========================================================
=============================================================
Bismillah.

Mangga ka Panitia
Soal Basa Sunda Kelas 10, 11, 12 SMA Plus Tauhidul Afkar
di Google [Go Yapista TeA Indonesia] Form.

Basa Sunda Kelas 10 ==> 👇👇👇
https://forms.gle/L85aZkPXCEqu5rqs9


Basa Sunda Kelas 11  ==> 👇👇👇
https://forms.gle/Vi6VJ7LYY9oCf2tu8


Alhamdulillah.
Mangga Ka Panitia.....

Sunda 10.4 - Rumpaka Kawih _2 Teorina

RUMPAKA KAWIH . Hidep kungsi ngaregepkeun lalaguan Sunda anu dihaleuangkaeun ku almarhum Darso, Doel Sumbang, atawa Yayan Jatnika? Aya nu apal henteu laguna? Kudu apal atuh kana lalguan pop Sunda, ulah kana lagu pop indonesia jeung inggris wae. Apan cirina urang reueus kana budaya bangsa teh nya kudu make basa daerah. Aya babasan yen basa teh ciciren bangsa. Lagu pop sunda teh rumpakana make basa Sunda.

Lagu pop Sunda anu sok dihaleuangkeun ku Darso, Yayan Jatnika, Doel Sumbang, jrrd. teh kaasup kana wanda kawih. Ku lantaran kitu, kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra jeung seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih maah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.

Sangkan teu bingung, hayu urang titenan heula kumaha wangunna rumpaka kawih. Geus kitu, tuluy regepkeun kumaha cara ngahaleuangkeunana. Sangkan gampang, bisa nyetel kaset, VCD, atawa ningali tina internet!

RUMPAKA KAWIH ,Pangertian, Conto,Unsur, sarta Struktur

Kontenbyk [show]

A. PANGERTIAN RUMPAKA KAWIH

Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Ieu dihandap aya tilu rumpaka kawih. Pek baca dina jero hate, teuleuman kumaha eusina. Geus kitu, tuluy kawihkeun! Mun hese, bisa ngaregepkeun heula tina kaset, CD, MP3,MP4! Mun di kelas aya nu sorana halimpu jeung tapis ngawih, pek sina ngawih di hareupeun kelas.

  1. Kawih Es Lilin

ES LILIN

Sanggian : Mursih

Es lilin mah, aduh, kalapa muda,
dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
abdi isin, geuning, samar kaduga,
sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

Es lilin mah, aduh, buatan Bandung,
dicandak mah, geuning, ka Cipaganti,
abdi isin, geuning, sok bararingung,
sok isin mah, geuning, henteu ngajadi.

 

Itu saha, dunungan duh, nguntun munding,
digantelan, dunungan duh, saputangan,
itu saha, dunungan duh, ginding teuing,
sihoreng mah, aduh, geuning dunungan.

 

2. KAWIH KARATAGAN PAHLAWAN

KARATAGAN PAHLAWAN

Sanggian : Mang Koko

Teu honcewang (teu ringrang)
sumoreang (haringhang)
Tekadna pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcewang)
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

3. KAWIH KABOGOH JAUH (POP SUNDA)

Kabogoh Jauh

Dinyanyikeun ku Darso

Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

B. MIKAWERUH PERKARA KAWIH

1.  WANGENAN KAWIH

Dua kawih anu tadi geus dihaleuangkeun ku hideup teh geus populer pisan di tatar Sunda mah. Najan kitu, hidep kudu apal yen di urang mah aya mu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun .

Kawih teh jadi bagian tina kabeungharan  seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun , kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.

Ari kakawihan mah meh sarua jeung kawih. Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan barudak. Ku kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona wae aya kakawihan “Oray-orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan’, jeung sajaba ti eta.

2. STRUKTUR (ADEGAN;UNSUR) KAWIH

Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.

a. Jejer atawa tema

Tema teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.

b. Nada jeung suasana

Nada teh sikap pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemahcai

Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari pahlawan teh nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.

c. Rasa

Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah henteuna kawih teh apan karasana sabada dihaleuangkeun.

d. Amanat

Amanat teh rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu, amanat dina kawih ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji kawih.

e. Purwakanti

Titenan deui rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatri[a] danalag[a]                              <———- padalisan ka-1
Bela bangs[a] jeung nagar[a]
Dibarengan tekad suc[i]                                 pada (bait)
Berjuang keur lemahca[i]

Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu teh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.

Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!

Berjuang keur lemahca[i]
Lali rabi tur tegang pat[i]
Taya basa menta pamulang tarim[a]                    〉    Murwakanti dina sora i jeung a
Iklas rido keur korban merdek[a]

C. CONTO RUMPAKA KAWIH

ULAH CEURIK

Cag didieu,Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun,Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung,Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang pipisah
Pisah…

Rek ka saha,Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul,Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….

Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda,Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat,Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura

D. Jenis-jenis KAWIH

  1. Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula. Contona ; banjar sinom
  2. Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.
  3.  Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern. Contona ; anggrek japati, angina priangan.
=========

Daftar Pustaka:

https://www.ayokbelajar.com/rumpaka-kawih-pangertian-conto-unsur/

https://fazryspot.blogspot.com/2016/06/bahasa-sunda-kawih-kakawihan-pupuh.html

Latihan Soal – Sunda 10.3 – Laporan Kegiatan

Latihan Soal – Sunda 10.3 – Laporan Kegiatan

1.       Tulisan atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun disebutna ....

A.      Sambutan

B.      Laporan

C.      Dongeng

D.      Puisi

E.       Drama

2.       Titenan Laporan kagiatan 17 Agustusan SMA Plus Tata Tauhidan.

1)     Ngarayakeun kamerdekaan bangsa Indonesia

2)     Ngahargaan jasa pajoang Indonesia

3)     Melakkeun rasa mikacinta ka Indonesia

4)     Mudarkeun rasa cinta ka nagara

5)     Ngahibur warga

6)     Ngahesekeun masyarakat

7)     Kaulinan barudak

Tina tujuan diluhur, nu lain saenyana tujuan kagiatan 17 agustusan nyaeta ....

A.      1 jeung 2

B.      2 jeung 3

C.      4 jeung 6

D.      1 jeung 7

E.       4 Jeung 5

3.       Kagiatan nu aya dina Agustusan, dihandap ieu nyaeta balap ....

A.      Balap ngopi kurupuk

B.      Balap sendok kaleci

C.      Balap karung

D.      Balap sedotan karèt

E.       Balap bakiak

4.       Ari anu disebut maen rebutan teh nyaeta ....

A.     Description: See the source image


B.      Description: See the source image

C.     Description: See the source image


D.     Description: See the source image


E.      Description: See the source image


Latihan Soal - Sunda 12.4 - Drama

 Drama

1.       Karya sastra anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku disebut ....

A.      Sisindiran

B.      Drama

C.      Sajak

D.      Tatarucingan

E.       Tarjamah

2.       Dumasar kana cara mintonkeunnana, dramatik nu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa acara sosial-kaagamaan disebutna ....

A.      Drama Rakyat

B.      Drama Modern

C.      Drama Karasmen

D.      Drama Klasik

E.       Drama Pejabat

3.       Bagbagan drama anu eusina pikaseurieun, disebut drama ....

A.      Tragedi

B.      Horor

C.      Anarki

D.      Komedi

E.       Hirarki

4.       Bagian drama nu eusina naskah bubuka jeung panganteur disebutna ....

A.      Dialog

B.      Epilog

C.      Pasemon

D.      Prolog

E.       Adegan

5.       Perhatikeun sempalan drama di handap ieu!

Bagian 1

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Bagian 2

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

 

Tokoh dina drama di luhur, nu ngelek hayam teh nyaeta ....

A.      Abong-abong

B.      Bapa Jago

C.      Indung bikang

D.      Patih Duaan

E.       Ciung Wanara

 

DRAMA SUNDA - CIUNG WANARA

CONTOH DRAMA SUNDA
DAFTAR ISI
· CONTOH DRAMA SUNDA
· CIUNG WANARA
· LATIHAN SOAL

CIUNG WANARA

KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?”
Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?”
Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.”
Patih : “Naha manéh anak saha?”
Ciung Wanara : “Anak bapa.”
Patih : “Saha bapa manéh?”
Ciung Wanara : “Salaki indung.”
Patih : “Indung manéh téh saha?”
Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.”

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

PATIH NGAJAK NGADU HAYAM BARI NGENCARKEUN HAYAMNA TINA KISA. CIUNG WANARA OGÉ NGALEUPASKEUN HAYAMNA. GER BAÉ DIADU. KACARITAKEUN HAYAM PATIH NU ÉLÉH. ÉTA DUA PATIH TÉH NGAMBEK. CIUNG WANARA NGALEUNGIT, NINGGALKEUN TEMPAT ÉTA.

Patih Purawesi : “Duh, Rai, tiwas, hayam urang paéh, budak leungit.
Patih Puragading : “Keun waé, taksiran anak siluman.

ÉTA DUA PATIH TULUY ARINDIT NINGGALKEUN TEMPAT MURU KA PASÉBAN. KACARITAKEUN LÉNGSÉR JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Rék ka mana Uwa?
Léngsér : “Rék ka paséban, milu ka Uwa?”
Ciung Wanara : “Embung teu wawuh.”
Léngsér : “Teu umum teu wawuh jeung kuring.”
Ciung Wanara : “Enya teu wawuh, da papanggih gé kakara.”

LÉNGSÉR NGALÉOS INDIT KA PASÉBAN, DITUTURKEUN KU CIUNG WANARA. KACARITAKEUN GEUS NEPI KA PASÉBAN.

Léngsér : “Aéh, Asép ti mana?”
Ciung Wanara : “Kapan uing ti padusunan, Uwa nya kuring nu
ngaran Ciung Wanara, putra Nini Balangantrang – Aki Balangantrang.”
Léngsér : “Sukur teuing juragan, ku Uwa geus kaharti.”
Ciung Wanara : “Ieu Uwa imah saha?”
Léngsér : “Ih, Asép, ieu mah paséban.”
Ciung Wanara : “Ari nu sukuna opat matana loba naon?”
Léngsér : “Korsi gading tabur inten.”
Ciung Wanara : “Paranti naon?”
Léngsér : “Paranti linggih raja.”
Ciung Wanara : “Kumaha lamun ku kuring didiukan?”
Léngsér : “Ulah bisi doraka.”

CIUNG WANARA TEU NGAGUGU KANA PANYARAM LÉNGSÉR. GÉK WAÉ CIUNG WANARA DIUK DINA KORSI. TAPI KORSI NU DIDIUKAN TÉH REMUK, LANTARAN TEU KUATEUN KU AWAK CIUNG WANARA NU BEURAT. LÉNGSÉR REUWASEN.

Léngsér : “Duh, Agan, tiwas, urang téh tangtu cilaka, diseuseul ku nu
kagungan!”

CIUNG WANARA KALAH KA SEUSEURIAN, MANI NGAGAKGAK.

Ciung Wanara : “Itu paranti naon?”
Léngsér : “Ranjang katil, sok dipaké kulem raja.”

CIUNG WANARA TULUY NAÉK KANA RANJANG KATIL. TAPI AYEUNA MAH KU LÉNGSÉR TEU DICARÉK. KACATURKEUN CIUNG WANARA JEUNG LÉNGSÉR GEUS AYA DI PASAMOAN PAYUNEUN RATU GALUH.

Ratu Galuh : “Manéh urang mana?”
Ciung Wanara : “Abdi urang Geger Sunten.”
Ratu Galuh : “Saha nya ngaran?”
Ciung Wanara : “Abdi téh Ciung Wanara.”
Ratu Galuh : “Rék naon seja téh datang ka dieu?”
Ciung Wanara : “Sineja rék nyorog ngadu hayam, tapi ku langkung awon.”
Ratu Galuh : “Mana hayamna?”

HAYAM DITINGALIKEUN KA RATU GALUH. RATU GALUH MARIOS HAYAM ADUNA CIUNG WANARA.

Ratu Galuh : “Ieu hayam téh ti mana asalna?”
Ciung Wanara : “Sumuhun pariksa Gusti, ari hayam abdi turunan tina sayangna, indung bikang bapa jago, ngendog sataun sahiji, sayangna kudu kanagan.”
Ratu Galuh : “Paingan hayam téh bet alus.”

SABOT KITU DEWI PANGRENYEP NGAHARÉWOS KA LÉNGSÉR.

Dewi Pangrenyep : “Eh, Léngsér, sok inget ka emban Naganingrum, basana keur waktu babar dikakaya. Ari ayeuna nu dipiceun datang deui ka payuneun Ratu. Aing téh kalangkung sieun.”
Léngsér : “Montong dianggo sieun, sabab ieu boga ibu. Ayeuna mah geura aku ku gamparan.”
Déwi Pangrenyep : “Mangké Léngser, ku aing dipikir heula.”

RATU SASAURAN KA CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “ Abdi mah teu ngabantun tumpang, ngan sineja rék numpangkeun umur.”
Ratu Galuh : “Hadé ari téga mah kana umur, pilawaneunana nyaéta ti aing nagara sabeulah.”
Ciung Wanara : “Sumangga, ulah pon beurang, peuting gé seja ngiringan.”
Ratu Galuh : “Hayu geura, pék makalangan!” bobotohna patih dua.”

HAYAM DIADUKEUN. ITU TEUNEUNG IEU LUDEUNG. WANI SARUA DAÉKNA. HAYAM TÉH PRAK BAÉ ABAR. SILIHPACOK KU PAMATUK. SILIHGITIK KU JANGJANGNA. SILIHPEUPEUH KU SUKUNA. HAYAM SARUA BEDASNA. LILA-LILA HAYAM CIUNG WANARA KADÉSÉH. HAYAM TÉH PÉK KAPAÉHAN. HAYAM TÉH DIBANJUR. TULUY HAYAM DIADUKEUN DEUI. KEUR KITU DATANG NAGA WIRU TI GUNUNG PADANG, NYURUP KA HAYAM CIUNG WANARA. AHIRNA HAYAM CIUNG WANARA BISA NGÉLÉHKEUN HAYAM ARIA BANGA.

(Diropéa tina Panyungsi Sastra, 71-78)

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...