Sunda 10.4 Kawih | Teorina 2021


Ngahaleuangkeun kawih téh disebut ngawih. Jaba ti éta, aya istilah kakawihan jeung tembang. Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.

Jaba ti Karatagan Pahlawan, aya kawih séjénna saperti És Lilin (Mursih), Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya), Mojang Priangan (lyar Winarsih), Bubuy Bulan (Bénny Corda), Bajing Luncat (Kosaman Jaya), Hariring Kuring (Djuhari), Kalangkang (Nano S.), Hariring nu Kungsi Nyanding (Mang Koko), jrrd. Conto tembang saperti Papatét, Bayubud, jeung Mupu Kembang.

Ari kakawihan mah méh sarua jeung kawih. Bédana, kakawihan mah dihaleuangkeunana téh dina kaulinan barudak. Ku kituna, kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona waé aya kakawihan “Oray-Orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan”, “Paciwit-ciwit Lutung”, jeung sajaba ti éta, 

Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Kitu deui, bisa dipaluruh naon témana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.


Jejer téh poko pikiran anu aya dina rumpaka kawih. Téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Téma dina rumpaka kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé rumpaka kawih “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan Tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan) 

Rasa téh ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Rasa dina rumpaka kawih bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate Rumpaka kawih “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun.


Nada téh sikep pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Dumasar dina rumpaka kawih “Karatagan Pahlawan” upamana, katangén sikep pangarang téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén pahlawan téh mibanda kawani jeung jasa anu gedé keur kahirupan balaréa. Tina sikep éta urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus tur hayang mibanda sikep kawas pahlawan. 

Amanat téh pesen pangarang anu karasa ku nu maca rumpaka kawih. Tapi najan kitu, amanat dina hiji rumpaka kawih ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji rumpaka kawih.


Titénan deui rumpaka kawih ieu di handap!

Sinatril(a)danalagla] padalisan ka-1
Béla bangs(a) jeung nagar[a] pada (bait)
Dibarengan tékad suc(i)
Berjuang keur lemah ca(i)

Rumpaka di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua téh sora (a). Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh sora (i). Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.

Nilik perenahna, purwakanti téh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya di tungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.

Berjuang keur lemah cai Murwakanti dina sora /i/ jeung /a/
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

(Simpay Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VIII, Penerbit Erlangga, Medal Taun 2017, Kaca 3-5) 

1. Naon anu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang? Kumaha bédana?
2. Naon anu disebut pada jeung padalisan dina rumpaka kawih?
3. Jéntrékeun naon anu disebut purwakanti dina rumpaka kawih?
4. Naon bédana purwakanti rantayan jeung runtuyan téh? Cing jéntrékeun!
5.Naon anu disebut téma, nada, rasa, jeung amanat dina rumpaka kawih?


Karatagan Pahlawan
Sanggian: Mang Koko

Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

(Dicutat tina buku Ganda Mekar karya Koko Koswara, 1995) 

Naon téma kawih di luhur téh?
Saha nu nyanggi éta kawih?
Perkara naon waé nu dicaritakeun dina éta kawih?
Keur saha pahlawan bajuang téh? Ngabéla naon?
Saha waé pahlawan Sunda téh? Asalna ti daérah mana?
Kumaha tékadna pahlawan téh?
Hal naon waé nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?
Pahlawan mah teu ngingetkeun ka dirina, asal kumaha? 

Kawih, kakawihan, jeung tembang téh sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun boh ku sorangan (anggana sekar) boh bab arengan (rampak sekar). 
Kawih jadi bagian kabeungharan seni Sunda.
Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketu kan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.
Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak.
Rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku pada (bait), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung pilihan kecap (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Kitu deui, bisa dipaluruh naon témana, kumaha amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana. 

Bagaimana??? Penjelasan materi di luhur, tiasa dipahami? Bilih teu acan paham mah, komentar bae.

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...