Kecap Rajékan

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu.


Wangun Kecap Rajékan

I. Kecap Rajékan sagemblengna

Nya éta anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan aya dua rupa ; Dwilingga jeung Trilingga


1. Dwilingga
Rajékan Dwilingga nya éta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwiréka).:

  • Dwilingga murni (dwimurni) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna kalawan teu robah sorana. Contona: kuda-kuda, imah-imah, sukan-sukan, jsté.
  • Dwilingga réka (dwiréka) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik, gulang-guling, budag-badug, jul-jol, curat-corét, jsté.


2. Trilingga
Trilingga nya éta kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.


II. Kecap Rajékan Sabagian

Nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Aya sababaraha rupa kecap rajékan téh, kayaning:

1. Dwipurwa
Rajékan Dwipurwa asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal”. Rajékan Dwipurwa kaasup kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku katana.
Contona: Mobil jadi momobilanmotor jadi momotoran

2. Dwimadya
Rajékan Dwimadya asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah”. jadi rajékan Dwimadya nya éta kecap anu dirajék engang tengahna.
Contona: Sapeuting jadi sapeupeutingsapoé jadi sapopoe.


III. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

1. Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:

  • di-Dm : diawut-awut, diacak-acak, diarep-arep, dihiap-hiap
  • ka-Dm : katilep-tilep, katindih-tindih
  • pa-Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang, pagigir-gigir
  • sa-Dm : sabisa-bisa, saalus-alus, sageulis-geulis
  • di-Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun, dialung-alungkeun
  • N-Dm-keun : nawar-nawarkeun, moé-moékeun, nulis-nuliskeun
  • sa-Dm-na : saalus-alusna, sagoréng-goréngna


2. Dwiréka (Dr) binarung ngararangkénan:

  • di-Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting
  • ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting, kaburak-barik


3. Dwipurwa (Dp) binarung ngararangkénan:

  • Dp-an : babawaan, babarayaan, duduluran, babacaan
  • di-Dp : dibobodo, dibibita, dibuburak
  • N-Dp : ngalilieur, ninitah, ngabobodo
  • di-Dp-keun : ditatanyakeun, disasasaruakeun


4. Dwimadya (Dy) binarung ngararangkénan:

  • sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten, sapopoé, sajajalan,
  • ti-Dy-ar : tidadalagor, tikakarait
  • sa-Dy-keun : sakop-kopeun, sajung-jungeun
  • ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan, kangeungeunahan, kamemelangan
  • ka-Dy-i : kaleuleuwihi,
Sumber:

Ngagunakeun titik dua ( : )

Ngagunakeun titik dua ( : )

Dina nyusun laporan rapat, hidep moal leupas tina ngagunakeun titik dua. Utamana, eta tanda baca teh digunakeun dina nepikeun hiji wincikan. Conto:

Dinten          :  Saptu

Ping              :  1 Desember 2021

Tabuh           :  08.00 – 10.00 WIB.

Tempat         :  SMA Plus Tauhidul Afkar

Lian ti eta tanda titik dua digunakeun dina keperluan-kaperluan di handap ieu.

1.      Tanda titik dua dipake dina tungtung bagean kalimah nu dituturkeun ku wincikan.

Conto:

Pa Dingding Rido Ridwan meser rupa-rupa alat tulis ti took Bi Ningrum Ikah Taslika: pulpen, kertas, busur, jangka, jeung mangsi printer.

2.      Tanda titik dua dipake dina teks drama sanggeung kecap anu nuduhkeun palaku.

Conto:

Kang Sidurido : “Satuju teu lamun rapat teh urang undur nepi Senen supaya kuring bias ngutak-ngatik heula masalah kauangannana?”

3.      Tanda titik dua dipake (a) di antara jilid atawa nomer jeung kaca, (b) di antara sudra jeung ayat dina kitab suci, (c) di antara judul jeung seler judul karangan, jeung (d) di antara ngaran jeung tempat jeung ngaran penerbit dina daptar pustaka.

Conto:

1. Cupumanik, Taun V. No. 1, Agustus 2007: 68-69

2. Surat Albaqoroh: 2

3. Salmu, M.A. 1963. Kandaga: Kasusastraan Sunda. Bandung: Tarate.

4. Kosasih, Engkos. 2007. Cara Nulis Surat Dines dina Basa Sunda. Bandung: Yrama Widya.

Conto Artikel Basa Sunda

Judul : Mangpaat Tahajud

Ragam bahasa : Loma

Karya: Guru Bahasa Sunda SMA Plus Tauhidul Afkar


Tahajud nyaeta Hudang peuting tina sare pikeun migawe sholat kadang mah sok diliwat ku kalolobaan jalma kalawan sagala rupa macem alesan, misalna bae kusabab tunduh, cape tas gawe, talangke, jeung lain sajabana. Aya oge nu alesan keun bae da aya isuk deui.

Padahal mah tahajud teh ngabogaan mangpaat nu alus keur ngubaran hate urang tina rereget dosa. Nu mana lamun urang tahajud kucara hudang peuting, terus ka cai pikeun wudlu, diteruskeun kana sholat bisa jadi nu matak mawa kana leahna hate nu ngabalukarkeun gampilna ngenclakeun cimata. Anu mana cimata peuting matih kana ngundang pangampurana pangeran.

Saha jalma anu dihampura ku pangeran, maka bakal ngalaman hirup anu genah tumaninah, digampilkeun tina sagala urusan. Bisa jadi, ku genah jeung gampilna nepika aktifitas pagawean naon bae nu keur dipilampah oge asana teh hampang himping. Ku hal ieu, sing inget, mangsana datang peuting pek hudang pikeun sholat sanajan dua rakaat. Lamun tea mah tacan biasa, hayu urang maksakeun, rek di masjidna, rek di imahna, rek di lembur sorangan atawa di lembur batur. Pokona mah, taya peuting tanpa tahajud.

====================

Judul : Dhuha syukur saukur teu kaukur

Ragam bahasa: Loma


Dhuha nyaeta sholat isuk-isuk dina mangsa meletekna panonpoe, sok loba kapopohokeun ku kalolobaannana jalma ku sabab kasibukan sewang-sewangan. Dhuha nu dilakonan dina kira-kira tabuh 06:15 isuk-isuk nepika kurang leuwih tabuh 11:00, nyempil dina waktu anu cenah kagok ngagokan gawe.

Sok padahal, dhuha teh hiji bentuk ibadah sholat sunat anu pahalana sakitu mundelna. Sholat dhuha dua roka'at bisa ngabandingan kana syukur nikmat anu dipaparinkeun ku Alloh SWT. Hiji nikmat nu teu karasana dina harti kapopohokeun, nyaeta nikmatna sehat anggahota badan. Ku sholat dhuha dua roka'at, bubukuan nu aya dina saligar awak disyukuran tawis ngahaturkeun nuhun Ka Alloh kana sehatna awak. Sajaba ti eta, sholat dhuha teh matak narik-narik kana rezeki, sok padahal nu pang utamana mah karidona Alloh SWT.

Hiji jalma nu kumelendang di alam dunya, dina ngambah hirupna teu leupas dina kasab jeung ikhtiar. Anu mana kasab jeung ikhtiar tangtuna oge kudu dibarengan ku kasehatan jeung kaafiyatan, da ari teu sehat mah rek kumaha bisa usaha.

Usahana hiji jalma dina neangan kahirupan aya nu jadi guru boh guru ngaji atawa guru sakola, patani, padagang jeung sajabana. Kabehanana bisa maksakeun miga sholat dhuha, naha dina memeh inditna keur diimah keneh, lamun tea inditna isuk-isuk, atawana geus ditempat gawena sewang-sewangan.

Teu matak jadi panghalang hiji patani migawe sholat dhuha di kebonna atawa di sawahna, ceuk cohagna najan lamokot ku taneuh ataw leutak, atawa ribug jibrug ku cai; lamun tea mah padagang ku ngaladangan pelanggana, da tangtuna aya waktu nu bisa dicongcaykeun. Nu penting mah daek atawa henteuna, mun can daek mah hayu atuh urang maksakeun.

Judul: Puasa Sunat
Ragam bahasa: Loma

Puasa, hiji padamelan nu kagolong ibadah ku cara ngantunkeun tuang sareng eueut ti kawit mangsa janari, sakedap deui ka subuh dugika surupna panonpoe. Carana tuang sanajan sahuap dua huap, kira-kira 10 menitan deui ka bade subuh, ihtiatna mah, ulah dugika kaadzanan.
bersambung.......


Aksara sunda: Rarangken

Dumasar kana cara nulisna, rarangkén dibagi jadi 3 :
a) Rarangkén diluhureun huruf
b) Rarangkén dihandapeun huruf
c) Rarangken sejajar jeng huruf

a. Rarangkén diluhureun huruf






b. Rarangkén dihandapeun huruf


c. Rarangken sejajar jeung huruf

Diajar Nulis Aksara Sunda

Membuat Overlay - Layarmudal

Membuat Overlay - Layarmudal

<!DOCTYPE html><html>
<head><meta name="viewport" content="width=device-width, initial-scale=1"><style>
body {  font-family: 'Lato', sans-serif;}
.layarturun {  height: 0%;  width: 100%;  position: fixed;  z-index: 1;  top: 0;  left: 0;  background-color: rgb(0,0,0);  background-color: rgba(0,0,0, 0.9);  overflow-y: hidden;  transition: 0.5s;}
.layarturun-konten {  position: relative;  top: 25%;  width: 100%;  text-align: center;  margin-top: 30px;}
.layarturun a {  padding: 8px;  text-decoration: none;  font-size: 36px;  color: #818181;  display: block;  transition: 0.3s;}
.layarturun a:hover, .layarturun a:focus {  color: #f1f1f1;}
.layarturun .tutupbtn {  position: absolute;  top: 20px;  right: 45px;  font-size: 60px;}
@media screen and (max-height: 450px) {  .layarturun {overflow-y: auto;}
  .layarturun a {font-size: 20px}
  .layarturun .tutupbtn {  font-size: 40px;  top: 15px;  right: 35px;  }
}
</style>
</head>
<body>
<div id="DRcjgNav" class="layarturun">
  <a href="javascript:void(0)" class="tutupbtn" onclick="closeNav()">&times;</a>
  <div class="layarturun-konten">
    <a href="#">Tentang</a>
    <a href="#">Layanan</a>
    <a href="#">Klien</a>
    <a href="#">Kontak</a>
  </div>
</div>
<h2>Fullskrin navigasi layarturun</h2>
<p>Klik disini.</p>
<p>Coba perhatikan, layar seakan turun:</p>
<span style="font-size:30px;cursor:pointer" onclick="openNav()">&#9776; open</span>
<script>
function openNav() {
  document.getElementById("DRcjgNav").style.height = "100%";
}
function closeNav() {
  document.getElementById("DRcjgNav").style.height = "0%";
}
</script>     
</body></html>

Tampilannya disini...

Kecap

Kecap

Kecap nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, kecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.[1]

Eusi

  1. Wangun Kecap
  2. Warna Kecap
  3. Kecap sulur
  4. Kecap pananya
  5. Kecap pagawéan
  6. Kecap sipat
  7. Kecap panganteur
  8. Rajekan

Wangun Kecap

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warnana.[2]

Wangun Kecap

Wangun

Wangenan

asal

kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan

rundayan

kecap asal anu geus dirarangkénan

rajékan

kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal

kantétan

kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua.[2]

Warna Kecap

Wangenan

Kecap Lulugu

barang

kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.

sulur

kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.

pananya

kecap anu dipaké pikeun nanya

pagawéan

kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.

sipat

kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.

bilangan

kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.

Kecap Pancén

panganteb

kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en)emphasis).

panganteur

kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.

panambah aspék

kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.

panambah modalitas

kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.

pangantét

kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.

panyambung

kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.

panyeluk

kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

Kecap sulur

Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu.[2]

·         kecap gaganti jalma

·         kecap gaganti milik

·         kecap panuduh

Kecap gaganti jalma

'Kecap gaganti...

kecap..

dipaké dina kaayaan...

conto kalimah

jalma kahiji

tunggal

sim kuring

lemes, resmi

Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé.

abdi

lemes, teu resmi

Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung.

kuring / déwék / urang

loma

Kuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah.

kami / kaula

loma, ngaluhurkeun ajén sorangan

Kaula rék nitah ka Patih Lirbaya.

aing

kasar

Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu.

loba

sim kuring sadayana

lemes, resmi

Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut.

abdi sadayana

lemes, teu resmi

Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé.

kuring saréréa

loma

Kuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor.

jalma kadua

tunggal

bapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki)

lemes, ka anu dipikahormat

Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat.

anjeun

lemes, ka sapantaran

Anjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita.

manéh / silaing

loma

Manéh mah dibéjaan téh tara ngagugu.

sia

kasar

Sia ku aing rék diteunggeul.

loba

aranjeun

lemes

Aranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan.

maranéh

loma

Maranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh.

hidep saréréa

lemes, ka sahandapeun

Hidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh.

jalma katilu

tunggal

mantenna

lemes, ka nu dipikahormat

Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman.

anjeunna

lemes

Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana.

manéhnainyana

loma

Manéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun.

loba

aranjeunna

lemes

Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah.

maranéhna

loma

Maranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak.

 

Kecap gaganti milik

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa.[2]

Kecap panuduh

Kecap panuduh wacana Kecap panuduh wacana éta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana. [2]

ieu

ieu baju

éta

éta batu

kitu

sabada kitu

kieu

kurang kieu

Kecap panuduh luareun wacana

kecap...

dipaké pikeun...

conto kalimah

dieu

nuduhkeun nu deukeut

Rorompok mah caket kantun ka palih dieu waé.

dinya

nuduhkeun nu rada deukeut

Ti warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan.

ditu

nuduhkeun nu jauh

Toko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah.

Kecap pananya

Kecap...

dipaké pikeun nanyakeun ...

conto kalimah

naon

barang, hal, sasatoan, tutuwuhan

Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh?

saha

jelema, malaékat, Pangéran

Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh?

ka mana

tempat, hal

ka mana Suéb téh inditna?

iraha

waktu

Iraha anjeun badé ka dieu?

naha

sabab-musabab, kalakuan

Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh?

kumaha

cara, kaayaan

Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi?

sabaraha

jumlah, bilangan

Sabaraha harga bawang beureum sakilo téh?

 

Kecap pagawéan

Ciri-ciri kecap pagawéan.[2]

·         umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer

·         teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét

·         teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...

·         bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas

Kecap sipat

Ciri-ciri kecap sipat.[2]

·         bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani

·         bisa dituturkeun ku kecap kacidapisan, jeung naker

·         bisa dirarangkénan ku pang-...-na

·         bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

Kecap panganteur

Tabel kecap panganteur pagawéan

bus asup

nyah beunta

nging/hing ceurik

segruk ceurik

am dahar

jol datang

rap dibaju

deker digawé

gék diuk

reg eureun

geleber hiber

sedut/dut hitut

kuniang hudang

belenyéh/nyéh imut

gedig indit

léos indit

kécéwér/wér/cer kiih

blug labuh

beretek/berebet lumpat

jleng luncat

geleser maju

belewer malédog

brus mandi

térékél naék

gampleng nampiling

blak nangkarak

jung nangtung

sebrut narajang

habek neunggeul

lek neureuy

lar ngaliwat

bluk ngangkuban

biur ngapung

golédag ngedeng

gewewek ngégél

réngkénék ngigel

leguk/regot nginum

burusut ngising

pok ngomong

celengkeung ngomong

trét nulis

gaplok nyabok

gap nyagap

sirintil nyampeurkeun

gantawang nyarékan

kerewek nyekel

cong nyembah

crot nyiduh

celengok nyium

kop nyokot

bluk nyuuh

reup peureum

dug saré

barakatak seuri

ceuleukeuteuk seuri

cakakak seuri

cikikik seuri

lep teuleup

eureuleu teurab

clak tumpak

luk tungkul

jrut turun

nyot ngenyot

pelenyun udud

cat unggah

orolo utah

 

Tabel kecap panganteur kaayaan

beledug bitu

beleték peupeus

beletok potong

béréwék soék

bray beurang

bray muka

bray caang

breg hujan

cep tiis

gejebur kana cai

jedak diadu

jeduk tidagor

jegug sora anjing

jegur sora marieum

jentréng kacapi

jep jempé

jeprut pegat

kecebuk sora cai

kecemplung kana sumur

kepluk murag

kérésék sora daun

ketruk sora sapatu

les leungit

paralak hujan

pédénghél keuheul

peledek bau hitut

pes pareum

pleng ambleng

plong ngemplong

prung pegat

prung ngamimitian

pudigdig ambek

rekét sora panto

rob ngarogrog

rup dirungkupan

seguk sora kolécér

semprung pegat

sruk-srék sora ragaji

trong kohkol

s

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...