Kecap Rajékan

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu.


Wangun Kecap Rajékan

I. Kecap Rajékan sagemblengna

Nya éta anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan aya dua rupa ; Dwilingga jeung Trilingga


1. Dwilingga
Rajékan Dwilingga nya éta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwiréka).:

  • Dwilingga murni (dwimurni) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna kalawan teu robah sorana. Contona: kuda-kuda, imah-imah, sukan-sukan, jsté.
  • Dwilingga réka (dwiréka) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik, gulang-guling, budag-badug, jul-jol, curat-corét, jsté.


2. Trilingga
Trilingga nya éta kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.


II. Kecap Rajékan Sabagian

Nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Aya sababaraha rupa kecap rajékan téh, kayaning:

1. Dwipurwa
Rajékan Dwipurwa asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal”. Rajékan Dwipurwa kaasup kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku katana.
Contona: Mobil jadi momobilanmotor jadi momotoran

2. Dwimadya
Rajékan Dwimadya asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah”. jadi rajékan Dwimadya nya éta kecap anu dirajék engang tengahna.
Contona: Sapeuting jadi sapeupeutingsapoé jadi sapopoe.


III. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

1. Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:

  • di-Dm : diawut-awut, diacak-acak, diarep-arep, dihiap-hiap
  • ka-Dm : katilep-tilep, katindih-tindih
  • pa-Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang, pagigir-gigir
  • sa-Dm : sabisa-bisa, saalus-alus, sageulis-geulis
  • di-Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun, dialung-alungkeun
  • N-Dm-keun : nawar-nawarkeun, moé-moékeun, nulis-nuliskeun
  • sa-Dm-na : saalus-alusna, sagoréng-goréngna


2. Dwiréka (Dr) binarung ngararangkénan:

  • di-Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting
  • ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting, kaburak-barik


3. Dwipurwa (Dp) binarung ngararangkénan:

  • Dp-an : babawaan, babarayaan, duduluran, babacaan
  • di-Dp : dibobodo, dibibita, dibuburak
  • N-Dp : ngalilieur, ninitah, ngabobodo
  • di-Dp-keun : ditatanyakeun, disasasaruakeun


4. Dwimadya (Dy) binarung ngararangkénan:

  • sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten, sapopoé, sajajalan,
  • ti-Dy-ar : tidadalagor, tikakarait
  • sa-Dy-keun : sakop-kopeun, sajung-jungeun
  • ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan, kangeungeunahan, kamemelangan
  • ka-Dy-i : kaleuleuwihi,
Sumber:

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...