MATERI
TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
TAR-JAM-AHAN
AHAN
Assalamualaikum wr wb
Terimakasih, hatur nuhun danyou, sudah berkunjung ke halaman website ini
Selamat datang.
Kalian bisa member komen jika ada pertanyaan seputar materi pembelajaran
bahasa sunda yang kurang dipahami, silahkan jangan ragu untuk mengisi di kolom
komentar di bawah, nantinya akan admin jawab satu persatu, kalau sempat... heheheheh. Insya Alloh.
Semoga dengan adanya website ini bisa memberikan manfaat bagi kalian, dia, kamu dan kita semua.
Selamat ajar.
MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
A. MEDAR PERKARA TARJAMAHAN BAHASA SUNDA
Istilah “tarjamah” téh asalna tina basa Arab. Ari dinabasa Inggris mah disebutna “translation”. Tarjamah téh prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma’na jeung gaya basana (Widyamartaya, 1989). Dina istilah séjén disèbut ogé alih basa. Béda jeung istilah transliterasi (alih aksara) jeung transkripsi (alih wangun tina ucapan kana tulisan).
B. WANDA TARJAMAHAN
Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana maksud nu di kandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh umumna aya genep, nyaéta:
1. Tarjamahan Interlinèar (interlinear translation)
Nyaéta tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap kana basa aslina. Ieu tarjamahan téh gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal baris, baru teu kudu diajar heula basa sumberna. Umumna wanda tarjamahan interlinèar mah hésé dipikaharti sabab kekecapanana tina basa sasaran tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna.
2. Tarjamahan formal atawa harfiah (literal translation)
Nyaéta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran. Wangun basa aslina sabisa-bisa dipertahankeun sanajan sakapeung mah hartina sok karasa kurang marenah dina basa sasaran. Ieu cara narjamahkeun téh ngupayakeun sasaruaan kecap antara basa sumber keung basa sasaran dina aspék léksikal (kecap) jeung sintaksis (kalimah). Ieu tarjamahan museur kénéh kana struktur lahir.
3.Tarjamahan dinamis/fungsional (dynamic equalent/functional equalent)
Mindahkeun basa anu mertahankeun ma’na anu
dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran. Aya
ogè anu nyebut minangka “Tarjamahan idiomatis”(idiomatic translation).
Jadi, cara nerjamahkeun nu kieu mah daria pisan dina nèangan sasaruaan kecap
anu wajar jeng pangdeukeutna dina basa sasaran anu bisa ngèrèhkeun harti
jeng fungsi anu dikandung dina tèks basa aslina. Ieu tarjamahan tèh gèdè pisan
gunana pikeun mikanyaho ma’na , berita, atawa amanat anu aya dina naskah nu
ditarjamahkeun.
4. Saduran (adopted translation)
Nyaèta hasil tarjamahan bèbas (free
translation)anu mentingkeun amanat, tapi ngèbrèhkeun anu makè kekecapan
sorangan. Nu kaasup wanda ieu tarjamahan tèh aya tilu nyaèta:
a.
Tarjamahan sastra (literary/aestethic -poetic translation)
anu nerjamahkeun karya sastra saperti puisi jeung draman kalawan museurkeun
wangun-wangun puisi, konotasi èmotif, jeng gaya basa;
b.
Tarjamahan faktual (fragmatic translation)
anu ngutamakeun nganalisis fakta,hususna dina widang usaha (niaga)jeung
tèknologi;
c.
Parafraseu (paraghrase)
anu tujuanana pikeun ngawanohkeun eusina dina basa anu hirup jeung gampang anu
dipikaharti, tapi dina prak-prakana leuwih bebas pikeun ngasupkeun pamanggih
pribadi nu narjamahkeun kana naskah.
5. Tarjamahan budaya (cultural translation)
Nyaèta narjamahkeun ma’ na tapi ngaluyukeun
jeung kabudayaan sasaran. Mindeng diwuwuhan informasi anu teu kaunggel dina
basa sumberna. Disebut ogè” nafsirkeun deui nurutkeun kabudayaan” (cultural
interpration).
Jadi, eusi tèksna dièbrèhkeun deui makè kekecapan sorangan luyu jeung kontèks
kabudayaan nu narjamkeun jeung nu maca dina bisa sasaran ieu tarjamahan.
6. Tarjamahan otomatis (machine translation, automatic translation, mechanical translation)
Nyaèta ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah tina basa sumber kana basa sasaran. Ku cara ieu pagawèan narjamahkeun tèh jadi leuwih èntèng. Tapi pakakas pikeun narjamahkeun sacara otomatis tèh acan panceg sarta masih terus dimekarkeun nepi ka kiwari.
Pikeun teks-teks prosa, narjamahkeun teh
moal pati bangga saperti narjamahkeun puisi. Sanajan kitu, ari dina
prak-prakanana mah lain perkara nu enteng. Salah sahiji karya sastra dina
wangun prosa hasil tarjamahan nyaeta buku kumpulan carpon (carita pondok) neng
maya jeung carita-carita lianna (2014) anu ditarjamahkeun kana basa inggris
miss maya and other sundanese stories (2014) ku C.W. Watson.
Eta kumpulan carpon teh eusina carita-carita ti sajumlahing pangarang
sunda anu ngagambarkeun kaayaan jeung suasana nu ilahar dialaman,kapanggih
jeung disikepan ku masarakat sunda.Tema carpon-carpon dina neng maya jeung
carita-carita lianna teh kawilang lega: kasusah nu dialaman rahayat leutik
jaman kiwari,saperti guru honorer atawa tukang ojeg,sarta eta kaayaan teh
disekapan ku cara anu has urang sunda; dunya gaib; sajarah tanah tanah sunda
jaman bihari; romantika; jeung sajabanna.
Aya deuih sawatara karya sejenna nu ditarjamahkeun tina basa asing kana basa
sunda,di antarana boule de suif karya guy de maupassant tina basa prancis
ditarjamahkeun ku duduh durahman jadi si demplon (2013), carita winnetou karya
karl may ditarjamahkeun tina basa inggris ku syarif amin jadi rajapati. Ari
karya nu ditarjamahkeun tina basa sunda kana basa indonesia contona rasiah
geulang rantay karya nani usma ditarjamahkeun ku zuber jadi rahasia gelang rantai
(1957)
C. NYUNGSI PADIKA NARJAMAHKEUN
1. HAL ANU KUDU DIPERHATIKEUN DINA NARJAMAHKEUN
1. Kudu satia kana teks aslina sarta kudu
nembongkeun kajujuran
2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina karangan aslina. Upama
gayana basajan, tarjamahana ogé kudu basajan.
3. Hasil tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan. Maksudna kudu
ngaguluyur saperti karangan aslina.
2. PROSES NARJAMAHKEUN
Narjamahkeun téh kawilang proses anu
kompléks, anu dijerona ngawengku runtuyan kagiatan. Nurutkkeun Nida jeung
Traber (dina Widyamartaya, 1989), proses narjamahkeun téh saperti ieu dihandap:
1.
MARIKSA, dipake pikeun ngaguar amanat anu rék ditarjamahkeun.
Dijerona ngamuat analisis gramatikal (wangun kalimah) jeung analisis semantic
boh konotatif boh denotatif.
2.
MINDAHKEUN, masualkeun prak-prakanana éta hasil analisis téh
dipindahkeun tina basa sumber kana basa tarjamahan, nepi ka ngahasilkeun réaksi
anu sarua jeung dina basa aslina.
3.
NGAWANGUN DEUI, medar rupa-rupa gaya basa jeung téhnik nu bisa
dipaké pikeun ngahasilkeun gaya basa nu luyu.
D. MACA TEKS TARJAMAHAN
Ieu di handap aya dua téks tarjamahan tina
basa Indonesia kana basa Sunda jeung tina basa Sunda kana basa Indonésia karya
panyajak Surachman R.M
MENDAKI BUKIT
San Francisco 1970
Mendaki bukit dalam trem kecil
Angin memacu dari alik teluk
Agak sayup biru laut. Tak tersentuh
Oleh gapaian tangan yang kerdil
(dicutat tina Di Balik Matahari, 1974, K. 51)
DINA TANJAKAN
Di San Francisco 1970
Trém ngahegak nanjak ka dayeuh
Angin nyusul ti lengkob di landeuh
Lalpat-lapat biru laut. Ah, moal kahontal
Ku angen-angen nu ngan sajengkal
(dicutat tina Di Balik Matahari, 1974, K. 49)
Sumber: https://bahasasunda.id/materi-tarjamahan-bahasa-sunda/#comment-572
Tidak ada komentar:
Posting Komentar