Pangajaran Drama
APRESIASI DRAMA
Nurutkeun étimologina, kecap
drama téh asalna tina basa Yunani, nya éta tina kecap drama anu hartina “gerak”
(Asmara, 1979:9). Tina éta kecap, bisa ditapsirkeun yén drama téh karya sastra
anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku. Saupama euweuh gerak, heunteu bisa
disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah drama miharep ayana
gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan manusa.
Luyu jeung keterangan di luhur,
Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu unina, “Karangan
drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari percakapan dan perilaku
itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu cerita. Karangan drama
biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna ngeunaan drama. Nya eta
carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog jeung rengkak paripolah
palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).
2. Sejarah kamekaran drama
Dina kahirupan masyarakat
(sunda) geus nyampak seni anu geus lila tumuwuh sarta hirup ti generasi ka
generasi; nu mangrupa seni pintonan, diantarana bae longser. Dina kamekaran nu
saterusna, wangun pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarepkeun
kana wangun sandiwara rakyat. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita
buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae sarita pantun jeung dongeng,
saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Dikusuma“, jeung “Si Kabayan“.
Naskah drama nu munggaran aya
di Tatar Sunda, dipikawanoh bareng jeung ayana lakon nu katelah Gending
Karasmen. Gending Karasmen mimiti dipikawanoh ku masyarakat sunda kira-kira
taun dua puluhan, sanggeus masyarakat wanoh kana Opera Barat Komedi Istambul.
Iye luyu jeung pamanggih Rusyana (1992 : 147) anu ngeceskeun yen gelarna
sandiwara di urang saentragan jeung Komedi Istambul dina basa melayu (gelar
dina awal abad ka-20) jeung ketoprak jawa. Bareng jeung gelarna sandiwara,
gelar deui Gending Karasmen.
Satuluyna drama teh model
Gending Karasmen leuwih mekar, kabuktian ku ayana para pangarang gending
karasmen saperti R. Mahyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastraprahadiprawira,
jeung M.A. Salman.
Ku ayana rombongan Dardanela nu
mawa pangaruh kesenian teaterikal barat dina abad ka-19, nepungkeun aliaran
teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di masyarakat Indonesia,
kaasup kana kasenian nu anyar di tatar sunda. Naskah drama asup kana bagian
kagiatan teaterikal di tatar sunda (Jawa Barat ) ku alpukahna R.T.A Sunarya nu
nyiptakeun Gending Karasmen Lutung Kasarung, dumasar kana carita pantun; R.
Memed Sastrahadiprawira nyieun “Kindran Kamasan“ anu diwuwuh ku sajak, jeung
sangkuriang nu direka Utuy Tatang Sontani.
Mimiti
dipagelarkeun Gending Karasmen nya eta taun 1923 sakumaha anu ditetelakeun ku
Isakandarwassid (2003 : 61) nu ngeceskeun yen dina taun 1923 Raden Kartabrata
magelarkeun carita “Lutung Kasarung“ dina wangun Gending Karasmen.
Naskah-naskah drama sejena dina
wangun gending karasmen diantara nya eta : “Sangkuriang“, beunang R.T.A
Sunarya, “Mundinglaya Dikusuma“, “Inten Dewata“, “Galunggung Ngadeg
Tumenggung“, jeung “Nyi Rambut Kasih“, benang Wahyu Wibisana; “Si Kbayan
Balangantrang“ beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: “Leuwi Sipatahunan“
jeung “Saija jeung Adinda “, “sarta Sri Baduga Maharaja” beunang R.A.F jeung Koko
Koswara;sarta “ Lutung Kasarung “ beunang Sayudi.
Dina kamekaran saterusna, lahir
anu disebut drama modern dina taun 1950-an, wangunna lancaran, nu dialpukahan
ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“
(1953) anu satuluyna dirobah jadi “Sangkuriang” (1955). Karya-karya drama
sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta “Dakwaan“, “Babat “ jeung “
Jalan Leumpang” beunang R.T.F ; “Dua Utusan“, “Suling jeung Peuting“, “Tina
Jandela“, “Bawa Kuring ka Ciawang“, beunang Wahyu Wibisana; “Hutbah Munggaran
di Pajajaran “ beunang Yus Rusyana; “Nu Mulang“ jeung “Kanyaah Indung“ beunang
Min Resmana; “Masitoh“ beunang Ajip Rosyidi; “Bandung Lautan Api“ beunang
Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah
asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah tara leupas tina tradisi sastra jeung
budaya sunda.
3. Bagbagan Drama
Drama teh dipasing-pasing
dumasar kana (1) cara mintonkeunana, (2) sipatna, (3) babagian drama jeung (4)
unsur-unsur drama 3.1 Dumasar Cara Mintonkeunana
Dumasar kana cara
mintonkeunana, drama teh kabagi kana opat bagian, nya eta drama rakyat, drama
modern, drama klasik, jeung gending karasmen.
a. Drama Rakyat
Drama rakyat nyaeta drama nu
asalna ti rakyat sarta tumuwuh dikalangan rakyat, biasana aya jeung dipake dina
kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. Ieu hal luyu jeung sakumaha
anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yen anu dimaksud drama rakyat teh
nyaeta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa
upacara sosial kaagamaan; drama anu asal sarta tumuwuh di kalangan masyarakat.
Contona : longser.
b. Drama Modern
Drama modern teh biasana sok
disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern kusabab dina pagelarana
geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen (panggung, make-up,dialog ),
sarta aya naskah (teks). Contona drama : drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang
Sumbi“ beunang Utuy Tatang Sontani (1953), “ Masitoh “ beunang Ajip Rosidi,
jrrd.
c. Drama Klasik
Drama Klasik nya eta drama
carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani). Contona :
Naskah drama “The Legend of Yunani“ karya William Sheksphere.
d. Gending Karasmen Gending
Karasmen sok biasa disebut drama swara, nya eta carita nu dialogna dina wangun
kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6) sedengkeun Rusyana (1992 :
145) ngeceskeun, nu disebut gending karasmen teh nya eta drama anu pagunemanana
ditembangkeun. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1995 : 144) disebutkeun yen gending
karasmen nya eta sandiwara ku tembang atawa leuwih dipirig ku gamelan, opera.
Contona : “Sangkuriang“, beunang R.T.A. Sunarya, “Nyi Rambut Kasih“ beunang
Wahyu Wibisana, “Lutung Kasarung“ beunang Sayudi, jrrd.
Nilik kana pamedegan di luhur,
bisa dicindekeun yen gending karasmen bias disebut drama swara atawa sandiwara
anu dialog-dialogna dina wangun kawih atawa tembang sarta dipirig ku waditra (
Gamlean ).
5.2 Dumasar kana sipatna
Sipat drama bias dipilah-pilah.
Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat drama kabagi kana
opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce.
a. Tragedi
Tragedi nya eta drama anu pinuh
ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib
(Asmara, 1979 : 50), sedengkeun Sudjiman (1990 : 15) ngeceskeun tragedi teh nya
eta :
“……..cerita yang meluluskan
pertentangan diantara pratagonis dengan kekuatan yang luar biasa, yang berakhir
dengan keputusan atau kehancuran sang pratagonis……drama yang menampilkan tokoh
yang sedih dan muram yang terlibat dalam situasi gawat karena sesuatu yang tak
menguntungkan, keadaan ini mengantarkan tokoh
kepada keputusan dan kehancuran yang luar biasa yang berakhir dengan
malapetaka atau kesedihan.,”
Iskandarwasssid (2003 : 163)
nyebutkeun yen istilah tragedi mindeng digunakeun dina ulikan sastra, utamana
dina (carita) drama. Midangkeun adegan-adegan penting tur serius anu
ngabulakarkeun carita (asoy, kamaya, sedih, jste.) keur palaku utama (
pratagonis ); ku lantaran nasib, kalemahan moral tokoh atawa teu kuat nahan
paneka masyarakat. Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, jadi nu di sedut
(drama) tragedi teh nya eta carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun
hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak
ka manehna.
b. Komedi
Komedi teh nya eta drama atawa
carita anu pungkasna kabagjaan keur palaku utama atawa temana henteu tragism
rupa-rupa pagelaran anu ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama
(Iskandarwassid 2003 : 64)
Pamadegan Asmara (1979 : 500)
ngeceskeun yen komedi teh nya eta drama anu pinuh kupikseurieun sarta dipungkas
ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo. Sedengkeun pamanggih Sudjiman
(1990 : 23) netelakeun yen disebut komedi teh nya eta “lakon ringan yang
sipatnya menghibur, walaupun secara keseluruhan dalam ceritanya ada sindiran,
dan berakhir dengan kegembiraan.“
Mun dicindekeun anu disebut
drama komedi teh nya eta carita (drama) nu pinuh ku hal-hal pikaseurieun
(sabalikna tina trgedi), ngahibur, jero pagunemana biasa mangrupa sindir
sampir, sarta ahir caritana pikabungaheun.
c. Melodrama
Melodrama nya eta drama anu rea
ngolah konflik batin, rea ngolah anu ngagambarkeun gerakna lautan rasa
(Iskandarwassid 2003 : 82). Melodrama mangrupa lakon atawa sentimental ngegeterkeun
jajantung sarta pikasediheun ku sabab ngagarap alur jeung kalakuan anu
kaleuleuwehi, sedengkeun penokohanana kurang diperhatikeun. Melodrama disa
disebut oge sandiwara sedih.
d. Farce
Farce nya eta carita ( drama )
anu caritana leuwih nyoko kana alur caritaan tinimbang kana penokohan atawa
kana karakteristik, sarta caritana pikalucueunana kaleuleuwihi atawa
sangeunahna. Nurutkeun Jhon jeung Hasan (1990 : 223), farce adalah
pertunjukan jenaka, sandiwara pelawak/lelucon.
5.3 Babagian drama
Babagian drama anu raket jeung
drama dina wangun pintonan nya eta babak, adegan, prolog,dialog,pasemon jeung
epilog.
a. Babak
Babak nya eta bagian tina drama
anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung dina hiji tempat dina urutan waktu
nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina sababaraha adegan dina hiji drama
(Eneste, 1994 : 18).
Pamadegan anu sarua ditepikeun
ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen babak nya eta ngarangkum sakabeh
kajadian nu lumangsung di hiji tempat tina urutan waktu nu tangtu. Sedengkeun
nurutkeun Sudjiman (1990 : 11) nu disebut babak nya eta bagian tina drama atawa
lakon.
b. Adegan
Adegan nya eta tempat
lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama nu
ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2)
Pamedegan nu sarua ditetelakeun
ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen anu disebut adegan teh nya eta bagian
tina babak anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian anu patali jeung
dating atawa inditna saurang palaku carita kaluar panggung.
Eneste (1994 : 13 netelakeun
yen anu disebut adegan nya eta bagian tina babak dina drama, anu watesana
ditangtukeun ku robahna kajadian kusabab datangna saurang atawa sababaraha
urang palaku carita dina panggung, atawa inditna saurang atwa sababaraha urang
palaku carita dina panggung.
Iskandarwassid (2003 : 17)
netelekeun yen ciri atawa tanda ganti adegan nya eta lamen ganti jejer
paguneman, biasa jadi lantaran asup palaku sejen atawa aya kajadian sejen, tapi
henteu ganti tempat, henteu aya watu pegat , sarta henteu ganti episode.
c. Prolog
Dina naskah drama teu sakabeuh
naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog mibanda mangpaat mangrupa salah sahiji
sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo atawa anu maca (sastra) sangkan menang
gambaran ngenaan masalah , gagasan (ide), amanat pangarang, jalan atawa galur
carita, kasan tukang, palaku-palaku nu makalangan, jste. Makdsudna pikeun
mantuan nu maca atawa nu lalajo dina nyangkem atawa neleman karya. Ieu hal luyu
jeung anu ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 138) prolog nya eta
bubuka tina bagian naskah, mangrupa panganteur naskah anu eusina bisa atawa
sababaraha
katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rek ditepikeun.
Sudjiman (1990 : 63) ngeceskeun
yen nu disebut prolog teh nya eta “ pembukaan atau permulaan yang mengantarkan
karya sastra dan yang merupakan bagian karya sastra tersebut, prolog dahulu
sering terdapat baik dalam drama maupun roman.”
Prolog teh ditulisna dina awal
drama, jadi manggala sastra, di eusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang
ngeanaan lalakon anu baris disuguhkeun (Rusyana, 1992 : 139).
d. Dialog
Bagian nu kacida pentingna,
sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra drama jeung fiksi liana nya eta
dialog. Ieu hal luyu jeung nu ditetelakeun ku Hartoko (1992 : 128) yen
dialog-dialog mangrupa bagian tina naskah nu mangrupa paguneman antara hiji
palaku jeung palaku nu sejenna. Sakumaha nu dieceskeun ku Iskandarwassid (2003
: 99) yen istilah dialog nya eta paguneman nu ngandung harti omongan sual jawab
nu keur carita, antara dua jelema atawa leuwih. Carita bisa dirakit dina wangun
paguneman sagemblengna nya eta dina carita drama.
Numutkeun Sudjiman (1990 : 20)
nyebutkeun nu disebut dialog teh nya eta paguneman dina karya sastra dua jelema
atawa leuwih, pikeun ngungkabkeun wateuk jeung pikeun ngalancarkeun carita.
Dina dialog kagambar lahirna pamikiran atawa pamadegan.
Nurutkeun Rusyana (1992 : 20)
yen nu dimaksud paguneman teh kalimat langsung para palaku anu silih tempas. imiti
ditulis ngaran palaku, ti dinya ditulis omongan eta palaku. Gegedena tina
karangan drama mah nya eta paguneman. Tegesna paguneman teh mangrupa lulugu
tina karangan drama.
e. Pasemon
Pesemon, semu atawa paroman nya
eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS 1995 : 4680). Numutkeun Asmara (1979
: 49) nyebutkeun pasemon atawa mimik nya eta ekpresi robahna beungeut pikeun
mere gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.
f. Epilog
Epilog sabalikna tina prolog.
Prolog ditempatkeuna di hareup nu mangrupa bubuka naskah, sedengkeun epilog
ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup. Eusina biasana kacindekan pangarang
ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku wejangan atawa amanat. Malahan aya
epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang jeung para pamaen ka nu lalajo. Saluyu
jeung anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 28) yen epilog teh nya eta bagian
panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra. Fungsina nepikeun inti sari
carita atawa napsirkeun eta karya.
Rusyana (1992 : 139) sarua
netelakeun yen epilog di tulis tina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon
atawa nasehat.
2. Unsur-unsur Drama
Unsur drama téh kabagi kana
sababarah bagian, anu diantarana nya éta: téma, penokohan, latar, alur, amanat
(Hasanuddin, 1996:76-104).
a. Tema
Téma dina drama, umumna teu
jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta poko pikiran anu
dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu
bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragedi,
jeung melodrama. Salian ti éta, téma ogé bisa mangrupa pasualan nu diungkapkeun
dina hiji ciptasastra (Esten, 1993:22). Iskandarwasid (2003:162) nétélakeun
sacara gemet yén téma téh nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna
abstak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun anu maca;
bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis). Tapi mimindengna mah implicit.
Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa, muncul tina carita
sagemblengan.
b. Palaku
palaku atawa “penokohan” dina
drama téh nya éta ngaran-ngaran jelema katut pasipatan anu ngalakukeun dina
carita drama, palaku téh biasana disebutkeun dina bagian awal naskah drama, anu
heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun saha-saha waé anti
ngaalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana, pancakakina, katut hubunganna
jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa
dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama, palaku pangbantu, jeung palaku
panambah. Unggal palaku mibanda karakter atawa pasipatan séwang-séwangan. Dina
drama, karakter atawa pasipatan palaku téh diebrehkeun karakter si palaku
seperti papakeun. Dina naskah
drama,
unsur “pcnokohan” mangrupaaspek nu kawilung, lantaran tina aspek ieu pisan
aspék-aspék anu lian bisa mekar, unsur “penokohan” dina naskah drama mah leuwih
jéntré diungkapkeunana saupama dibandingkeun jeung dina fiksi (Esten, 1993:76).
Sistem ngaran palaku dina teks-teks fiksionalitas mangrupa subsistem tina sistem-sistem
séjén anu leuwih gede (Junus dina Hasanuddin, 1996:78).
c. Latar
Latar téh kabagi kana tilu rupa
nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial. Latar tempat nuduhkeun di
mana éta tempat kajadian téh lumangsungna. Dina bagian anu disebut pituduh
panggung (stage direction). ta bagian téh nerangkeun kaayaan panggung; latarna
kumaha. Paripolah palaku, jeung ngatur kaluar-asupna palaku. Malah sakapeung
mah papakéan palaku ogé ditataan dina éta bagian téh. Ari anu nétélakeun latar,
biasana aya dina awal babak anyar atawa adegan anyar. Latar mangrupa idéntitas
pasualan drama salaku karya fiksionalitas anu ditémbongkeun saliwat ku palaku
jeung alur. Saupama pasualan dina drama geus katitén tina alur atawa
“penokohan”, latar boga pungsi ngajéntrékeun tempat jeung waktu hiji kajadian.
Salian ti éta, latar boga pungsi salaku alat pikeun ngaidéntifikasi pasualan
naskah drama keur anu maca (hasanuddin, 1996:94).
d. Alur
Alur, galur, atawa plot téh nya
éta rakitan rupaning kajadian nepi ka mgawujud jadi leunjeuran carita. Dina
seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung alur carita dina carita fiksi
séjéna. Ngan biasana dina drama mah anu maca atawa nu lalajo téh teu langsung
“digebruskeun” kana pasualan. Ari tempat jeung waktu katut para palakuna,
biasana diwanohkeun leuwih tiheula dina prolog, anu aya diluar lalakon. Salaku
rangkay tina hiji kajadian alur téh kudu mertélakeun hiji anu kausalitas sabab
alur nu hade téh nya éta naskah drama (hasanuddin, 1996:90).
Karakteristik alur drama kabagi
kana dua nya éta alur konvénsional jeung alur non konvénsional. Alur
konvénsional nya éta saupama hiji kajadian anu ditémbongkeun tiheula pasti jadi
hiji balukar pikeun kajadian satuluyna atawa hiji kajadian nu aya di tungtung
téh mangrupa hiji balukar tina hiji kajadian nu aya di awal. Sedengkeun alur
konvénsional nya éta alur anu dieangun dumasar kana runtuyan kajadian anu teu
ngéntép seureuh. Tapi sok sanajan kitu lain hartina alur konvénsional teu
ngabogaan aturan nu tangtu, saupama ditilik saliwat mah alur konvénsional téh
siga nu teu tangtu tapi saupama ditilik leuwih jero wangun alur siga kieu téh
di jerona mah ngéntép seureuh.
e. Amanat
Amanat téh nya éta pesen anu
hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Réréana amanat dina drama téh
nyamuni di satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho atawa bisa nangkep
amanatna sanggeus réngsé maca, atawa lalajo pintonanana.
Conto Drama .... aya di halaman ieu:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar