DRAMA SUNDA - CIUNG WANARA

CONTOH DRAMA SUNDA
DAFTAR ISI
· CONTOH DRAMA SUNDA
· CIUNG WANARA
· LATIHAN SOAL

CIUNG WANARA

KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?”
Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?”
Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.”
Patih : “Naha manéh anak saha?”
Ciung Wanara : “Anak bapa.”
Patih : “Saha bapa manéh?”
Ciung Wanara : “Salaki indung.”
Patih : “Indung manéh téh saha?”
Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.”

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

PATIH NGAJAK NGADU HAYAM BARI NGENCARKEUN HAYAMNA TINA KISA. CIUNG WANARA OGÉ NGALEUPASKEUN HAYAMNA. GER BAÉ DIADU. KACARITAKEUN HAYAM PATIH NU ÉLÉH. ÉTA DUA PATIH TÉH NGAMBEK. CIUNG WANARA NGALEUNGIT, NINGGALKEUN TEMPAT ÉTA.

Patih Purawesi : “Duh, Rai, tiwas, hayam urang paéh, budak leungit.
Patih Puragading : “Keun waé, taksiran anak siluman.

ÉTA DUA PATIH TULUY ARINDIT NINGGALKEUN TEMPAT MURU KA PASÉBAN. KACARITAKEUN LÉNGSÉR JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Rék ka mana Uwa?
Léngsér : “Rék ka paséban, milu ka Uwa?”
Ciung Wanara : “Embung teu wawuh.”
Léngsér : “Teu umum teu wawuh jeung kuring.”
Ciung Wanara : “Enya teu wawuh, da papanggih gé kakara.”

LÉNGSÉR NGALÉOS INDIT KA PASÉBAN, DITUTURKEUN KU CIUNG WANARA. KACARITAKEUN GEUS NEPI KA PASÉBAN.

Léngsér : “Aéh, Asép ti mana?”
Ciung Wanara : “Kapan uing ti padusunan, Uwa nya kuring nu
ngaran Ciung Wanara, putra Nini Balangantrang – Aki Balangantrang.”
Léngsér : “Sukur teuing juragan, ku Uwa geus kaharti.”
Ciung Wanara : “Ieu Uwa imah saha?”
Léngsér : “Ih, Asép, ieu mah paséban.”
Ciung Wanara : “Ari nu sukuna opat matana loba naon?”
Léngsér : “Korsi gading tabur inten.”
Ciung Wanara : “Paranti naon?”
Léngsér : “Paranti linggih raja.”
Ciung Wanara : “Kumaha lamun ku kuring didiukan?”
Léngsér : “Ulah bisi doraka.”

CIUNG WANARA TEU NGAGUGU KANA PANYARAM LÉNGSÉR. GÉK WAÉ CIUNG WANARA DIUK DINA KORSI. TAPI KORSI NU DIDIUKAN TÉH REMUK, LANTARAN TEU KUATEUN KU AWAK CIUNG WANARA NU BEURAT. LÉNGSÉR REUWASEN.

Léngsér : “Duh, Agan, tiwas, urang téh tangtu cilaka, diseuseul ku nu
kagungan!”

CIUNG WANARA KALAH KA SEUSEURIAN, MANI NGAGAKGAK.

Ciung Wanara : “Itu paranti naon?”
Léngsér : “Ranjang katil, sok dipaké kulem raja.”

CIUNG WANARA TULUY NAÉK KANA RANJANG KATIL. TAPI AYEUNA MAH KU LÉNGSÉR TEU DICARÉK. KACATURKEUN CIUNG WANARA JEUNG LÉNGSÉR GEUS AYA DI PASAMOAN PAYUNEUN RATU GALUH.

Ratu Galuh : “Manéh urang mana?”
Ciung Wanara : “Abdi urang Geger Sunten.”
Ratu Galuh : “Saha nya ngaran?”
Ciung Wanara : “Abdi téh Ciung Wanara.”
Ratu Galuh : “Rék naon seja téh datang ka dieu?”
Ciung Wanara : “Sineja rék nyorog ngadu hayam, tapi ku langkung awon.”
Ratu Galuh : “Mana hayamna?”

HAYAM DITINGALIKEUN KA RATU GALUH. RATU GALUH MARIOS HAYAM ADUNA CIUNG WANARA.

Ratu Galuh : “Ieu hayam téh ti mana asalna?”
Ciung Wanara : “Sumuhun pariksa Gusti, ari hayam abdi turunan tina sayangna, indung bikang bapa jago, ngendog sataun sahiji, sayangna kudu kanagan.”
Ratu Galuh : “Paingan hayam téh bet alus.”

SABOT KITU DEWI PANGRENYEP NGAHARÉWOS KA LÉNGSÉR.

Dewi Pangrenyep : “Eh, Léngsér, sok inget ka emban Naganingrum, basana keur waktu babar dikakaya. Ari ayeuna nu dipiceun datang deui ka payuneun Ratu. Aing téh kalangkung sieun.”
Léngsér : “Montong dianggo sieun, sabab ieu boga ibu. Ayeuna mah geura aku ku gamparan.”
Déwi Pangrenyep : “Mangké Léngser, ku aing dipikir heula.”

RATU SASAURAN KA CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “ Abdi mah teu ngabantun tumpang, ngan sineja rék numpangkeun umur.”
Ratu Galuh : “Hadé ari téga mah kana umur, pilawaneunana nyaéta ti aing nagara sabeulah.”
Ciung Wanara : “Sumangga, ulah pon beurang, peuting gé seja ngiringan.”
Ratu Galuh : “Hayu geura, pék makalangan!” bobotohna patih dua.”

HAYAM DIADUKEUN. ITU TEUNEUNG IEU LUDEUNG. WANI SARUA DAÉKNA. HAYAM TÉH PRAK BAÉ ABAR. SILIHPACOK KU PAMATUK. SILIHGITIK KU JANGJANGNA. SILIHPEUPEUH KU SUKUNA. HAYAM SARUA BEDASNA. LILA-LILA HAYAM CIUNG WANARA KADÉSÉH. HAYAM TÉH PÉK KAPAÉHAN. HAYAM TÉH DIBANJUR. TULUY HAYAM DIADUKEUN DEUI. KEUR KITU DATANG NAGA WIRU TI GUNUNG PADANG, NYURUP KA HAYAM CIUNG WANARA. AHIRNA HAYAM CIUNG WANARA BISA NGÉLÉHKEUN HAYAM ARIA BANGA.

(Diropéa tina Panyungsi Sastra, 71-78)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...