Tampilkan postingan dengan label materi kelas 12. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label materi kelas 12. Tampilkan semua postingan

Bahasa Sunda 12 - Daring Semester 2

MATERI KELAS 12 >>>

Semester 2 ↓↓↓======================⇨ Semester 1
  1. Artikel 
  2. Carita Pantun 
Kabengharan Basa
  1. Kecap serepan ➲➲➲⥤⥤⥤
  2. Purwakanti ➲➲➲⥤⥤⥤
=======================================================================
 
BAB 5. ARTIKEL

A.    Pengertian Artikel Basa Sunda

Artikel nyaeta essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet. Anu mana eta essey mangrupa tulisan anu dijieun dumasar kana fakta, referensi atawa data anu nyata ngeunaan hiji pasualan atawa sistem.

Ari eusina bisa mangrupa karya ilmiah, opini, atawa sawangan jeung pamadegan pribadi kana hiji hal, laporan lalampahan, atawa laporan ngeunaan kaayaan, bisa oge kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.

B.     Macem-Macem Artikel Sunda

Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta:

1.   Artikel Narasi, nyaeta artikel anu nyaritakeun situasi atawa kanyataan boh dumasar kana runtuyan waktu boh kana runtuyan kajadian. Dina artikel narasi tangtu bae kudu aya tokohna. Sakumaha umumna dina carita, dicaritakeun lalampahan si tokoh dina nyanghareupan hiji kaayaan, konflik jeung pait peukeurna kahirupan.

2.   Artikel Deskripsi, nyaeta artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan atawa fakta nepi ka kabayang ku nu maca.

3.   Artikel Eksposisi, nyaeta artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupan pedaran, ngeunaan wangenan, atawa bagian tina gunana hiji konsep atawa bisa oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal.

4.   Artikel Argumentasi, nyaeta karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan, kasangtukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Cirina biasana aya opini (sawangan/kamandang) pribadi tapi didasaran ku fakta jeung nepi ka katasima ka nu maca.

5.   Artikel persuasi, atawa disebut oge artikel pangjurunglaku atawa motivasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya manfaatna.

Pertemuan 2

BAB 6. CARITA PANTUN

Wangenan Carita Pantun

Carita pantun nyaeta salah sahiji seni buhun anu ditembangkeun sakaligus dipirig ku kacapi. Tukang pantun mah ngan saurang, jadi bari nembang teh nya bari ngamaenkeun kacapi. Anu sok mantun disebutna juru pantun. Dina pantun sok aya rajah, diantarana rajah pamuka nyaeta rajah pikeun ngamimitian mantun. Oge dina rajah pamuka mangrupakeun sanduk-sanduk ka karuhun sangkan

salamet boh nu mantuna oge nu lalajona, nyakitu deui nu nanggapna.

 

Conto Carita Pantun




Babagian dina Carita Pantun

Bagian Carita Pantun:

1.      Rajah,

2.      Deskripsi,

3.      Narasi,

4.      Dialog,

5.      Monolog, jeung

6.      Rajah Panutup.

Carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun ku sababaraha bagian, diantarana:

1.      aya pecahan rajah,

2.      pecahan deskripsi,

3.      pecahan narasi,

4.      obrolan jeung monolog, jeung

5.      rajah panutup/pamunah.

Pertemuan 3

Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun karena rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.

Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa pecahan tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa pecahan penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.

Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, dapat jadi rajahna oge heunteu beda.

 

Pertemuan 4

Papasingan Carita Pantun:

1.      Narasi Pantun

Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah pecahan narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.

2.      Deskripsi Pantun

Bagian deskripsi nyaeta pecahan anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, hero perang, hero ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, pecahan deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan. Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup pecahan nu pikareuseupeun, karena umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.

3.      Dialog

Bagian obrolan atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, obrolan teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa huruf palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

4.      Monolog

Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung,

5.      Rajah Panutup

Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.

Pertemuan 5 sudah a

Evaluasi Harian

========
||| Evaluasi Pemahaman 1 – Bab 5 Artikel
||| 1. Ari anu disebut artikel teh nyaeta? ....
||| 2. Anu bisa jadi dadasar kana nyieun artikel teh nyaeta? ....
||| 3. Naon bae eusina essey anu bisa dijadikeun artikel teh? ....

||| 4. Ngilik eusina, artikel dibagi kana sabaraha bagian?

||| 5. Ari jenis artikel anu eusina mangrupa motivasi atawa pangajak nyaeta? ....
========

Pertemuan 6

Terusan BAB 5 Artikel

C.    Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel

1.    Penerjemah warta dina kalawarta

Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel anu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nganalisis warta. Artikel miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana hiji wengkuan jentre, tandes, sarta ngeunah dibacana.

2.    Wahana diskusi geusan neangan solusi sarta proses aktualisasi jeung eksistensi diri

a.    Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan.

b.    Saranan Kontribusi pamikiran pikeun mere solusi kana hiji masalah.

c.     Sarana aktualisasi sakaligus pikeuneksistensi diri.

D.    Ciri Artikel Sunda

Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri:

1.    Aya ngaran anu nulisna.

2.    Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontoversial.

3.    Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma rea.

4.    Ditulis kalayan referensial ku visi nu intelektual.

5.    Dipidangkeun dina basa nu hirup, populer, jeung komunikatif.

6.    Singket jeung tuntas.

7.    Orisinal

Pertemuan 7

I. Kecap Serepan

a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia

Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.

Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.

b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén

Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.

c. Kecap Serepan tina Basa Asing

Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab, Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.


Pertemuan 8

 

1. Serepan tina Basa Arab

Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.

2. Serepan tina Basa Walanda

Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst.

3. Serepan tina Basa Sangsekerta

Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst.

Pertemuan 9

4. Serepan tina Basa Kawi

Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst.

5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.

6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst.

7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.

8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.

Evaluasi:

1.      Kecap serepan nyaeta?

2.      Kecap-kecap serepan tina bahasa arab, contona…..

3.      Kecap-kecap serepan tina bahasa walanda, contona…..

4.      Sebutkan conto-conto kecap nu mangrupa serepan tina bahasa Cina. 4 bae!

Pertemuan 10

Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.
  1. Rupa purwakanti
    1. Purwakanti pangluyu
    2. Purwakanti maduswara
    3. Purwakanti cakraswara
    4. Purwakanti laraspurwa
    5. Purwakanti larasmadya
    6. Purwakanti laraswekas
    7. Purwakanti mindoan kawit
    8. Purwakanti mindoan wekas
    9. Purwakanti Mindoan Kecap
    10. Purwakanti margaluyu
Cobi pilari naon bae nu dimaksud ku masing-masing rupa tina rupa purwakanti di luhur teh!

========

||| Evaluasi Pemahaman 2
||| 1. Sebutkeun kagunaan artikel pikeun kalawarta, tabloid atawa majalah! ....
||| 2. Kalungguhan artikel dina diskusi nyaeta? ....
||| 3. Sebutkeun ciri-ciri artikel nu ditulis dina kalawarta? ....

||| 4. Ceuk pamanggih hideup, naon anu dimaksud komunikatif jeung orisinil?

||| 5. Naon contona gagasan kontroversial nu aya di kelas hideup? ....
========

 UPAMI TEU NGARTOS.... 

WeA +62 877 1444 4046

VC / VICAL = https://www.facebook.co.id/duridwangurunatafkar

 

 


B. SUNDA 12.3 - Resensi Buku _2



1 RESENSI BUKU JEUNG FILM / PAGELARAN

2 KOMPETENSI DASAR

Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks resensi ( buku, film, music, pertunjukan ) Menulis Resensi ( buku, film, music, pertunjukan ) dengan meperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.

3 TUJUAN PEMBELAJARAN

Siswa diharapkan dapat menjelaskan isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks resensi (buku, film, musik, atau pertunjukan), serta dapat menulis resensi dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.


4 MATERI

Résénsi asalna tina basa Walanda nyaeta resentie, atawa serapan tina basa latin recensio, recensere, jeung revidere nu hartina nepikeun ( nyaritakeun ) deui. Nuduhkeun kagiatan ngajen atawa meunteun hiji karya. Jadi résénsi téh mangrupa tulisan anu eusina ngajén atawa mere tinimbangan ngeunaan hade gorengna kualitas hiji karya.


5 TUJUAN NU TANGTU 

RÉSÉNSI KARYA ( BUKU, PILEM ) DIANTARANA WAÉ : 

1. Mikaweruh kahéngkéran jeung ka unggulan buku atawa pilem nu di résénsi; 

2. Maparin gambaran ka pamaca atawa kanu rék lalajo ngeunaan hiji buku atawa pilem sacara singket; 

3. Ngasongkeun saran atawa kritik kanu nulis buku atawa sutradara filem ngeunaan karya nu dihasilkeun; 

4. Mikaweruh kasangtukang jeung alesan digelarkeunana hiji karya; 

jeung
5. Nguji kualitas hiji buku atawa pilem, ku cara dianalisis kaunggulan jeung kahéngkéranan.


6 WANDA 

RÉSÉNSI, DIANTARANA:

1. Résénsi informatif, anu mangrupa résénsi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagembléngna buku.

2. Résénsi deskriptif, anu mangrupa résénsi nu medar atawa ngabahas tiap bab atawa eusi buku kalawan wincik (detail)

3. Résénsi kritis, anu mangrupa résénsi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi élmu kaweruh nu tangtu. Ieu résénsi ilaharna objektif jeung kritis dina meunteun eusi buku.


7 JENIS- JENIS RESENSI

A. Resensi Buku

Résénsi buku eusina biasanamah nyaritakeun eusi buku boh kaunggulanana boh kahéngkéranana sangkan jadi infomasi keur numacana

B. Resensi Filem

Résénsi Filem mah eusina nyaritakeun synopsis ( ringkesan ) jeung guluyurna carita filem kaunggulan jeung kahengkeranana

C. Resensi musik

Resensi musik teh eusina medar hiji jenis musik, ti mimiti sajarahna, ajen luhungna, mangpaatna keur masarakat, cara nabeuhna, jeung kamekaranana.

D. Resensi Pagelaran

Resensi pagelaran (pertunjukan) eusina medar hiji pagelaran kayaning pagelaran drama, pintonan seni jeung sajabana.


8 ADEGAN ATAWA STRUKTUR  

RÉSÉNSI NU TANGTU, DI ANTARANA WAÉ NYAÉTA :

1. Jenis karya 

Jenis karya teh nuduhkeun karya naon nu diresensi, kawas buku, drama, filem, pagelaran musik jeung sajabana.

2. Idéntitas karya 

Identitas biasana ngawengku judul buku, pangarang, taun medal, taun dipedalkeunana, kandel buku atawa jumlah kaca, jeung editor ;

3. Sinopsis

Sinopsis teh bagian anu medar ringkesan eusi karya.

4. Tilikan eusi karya

Tilikan eusi teh sawangan atawa tinimbangan kana kualitas karya.

5. Panutup

Panutup mangrupa bagian kacindekan jeung saran tina resensi.


9 

10 LÉNGKAH-LÉNGKAH LAMUN URANG RÉK NGARÉSÉNSI KARYA ATAWA BUKU, DIANTARANA: 

  1. Milih buku nu rék dirésénsi, alusna mah buku nu loba dibaca ( best seller ). 

  2. Maca kalayan daria buku nu rék dirésénsi, alusna sababaraha balikan. 

  3. Catetkeun hal-hal anu pikatajieun tina buku nu dibaca. Kitu deui catetkeun hal-hal anu kurang piresepeunana. 

  4. Catetkeun naon pandangan hidep, naha éta buku téh payus atawa henteu dibaca.

  5. Tulis judul résénsi hidep!

11 CONTO RESENSI FILEM

Mangga pintonan bae .... di halaman sanesna.


12 PANCEN!

  1. Naon anu dimaksud resensi teh? 

  2. Jentrekeun tujuan nulis resensi! 

  3. Naon wae wangun resensi? 

  4. Sebutkeun jenis- jenis resensi! 

  5. Naon bedan resensi filem, musik jeung pagelaran?

13 HATUR NUHUN

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...