ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 11 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3
PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR
SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN : 2022/2023
MATA PELAJARAN: BASA SUNDA
KELAS : 11
GURU PENGAMPU: M. DUDI RIDWAN, S.Pd.I
Bagian 2 dari 3
BIODATA PESERTA PTS
Nama Lengkap, Kelas dan Nomor Peserta
Nama Lengkap
Kelas
Nomor Peserta
Bagian 3 dari 3
Pilihan Ganda
Pilih jawaban tina salasawiosna, boh A, B, C, D, atawana E
Wilujeng Ngeusian
1.   Perhatoskeun kakawihan di handap ieu!

Oray-orayan luar leor ka sawah

Entong ka […1…] parena sumedang bekah


Oray-orayan luar leor ka leuwi

Entong ka […2…] di […2…] loba nu mandi


Oray-orayan luar leor ka kebon

Entong ka […3…] di […3…] loba nu ngangon


Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [1] nyaeta ….

2. Pikeun ngeusian soal no. 2, jeung 3 perhatoskeun kakawihan di luhur!
Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [2] nyaeta ….
3.  Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [3] nyaeta ….
4.  Perhatoskeun kakawihan di handap ieu!

Barudak ngaji keur arulin di lapangan

Engtong arulin, ayeuna mangsana […4…]

Budak sakola keur arulin di lapangan

Entong arulin, ayeuna mangsa […5…]

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [4] nyaeta ….

5.     Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [5] nyaeta ….
6.  Perhatoskeun kawih di handap ieu!

[…………JUDUL…………]

Dimana-mana

Di kampung di […1…]

Tos kakoncara

Nu nikmat rasana

[…2...]  asalna

Teu direka-reka

Naon margina

Nu matak kabita

[…3…] Bandung kamasyur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya ka galeuh

Sepuh jeung murangkalih

Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [1] nyaeta ….

7.   Titenan deui kawih diluhur!
Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [2] nyaeta ….
8.  Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [3] nyaeta ….
9.  Ari taleus, nu kasohor disandingkeun ka bogor rupana nyaeta ….
10. Diluhur disebut-sebut aya oncom. Ari oncom teh, rupana nyaeta ….
11. Ari katuangan nu kasohor disandingkeun ka kota Sumedang, nyaeta ….
12.  Ari katuangan nu disandingkeun ka kota Cianjur, nyaeta ….
13.  Ari kadarahan ‘tahu’ dijieunna tina bahan ….
14.  Ari sajak teh nyaeta salah sahiji sastra sunda anu direka dina wangun basa ugeran atawa ….
15. Perhatoskeun sajak di handap ieu!

Pang pring, pang pring

Lain tandang ngajak perang

Nguriling ngadeuleu maling

Bisi kapalingan diri

Mesat gobang kabuyutan

Lain deuk neangan lawan

Ngajaga-jaga nagara

Ngaraksa-raksa rahayat

Bisi kaurugan gunung

Bisi kacaahan lambak

Aing deuk nangtung sorangan

Ngilik eusina, palaku dijero sajak teh nyaeta ….

16.  Dina sajak diluhur aya parabot mangrupa gobang. Ari gobang teh nyaeta ….
17.  Tengetan sajak di handap ieu!

Tina lalangse

Hejo daratan hejo lautan

Hejo hariringna hate

Hejo leuweung hejo reuma

Hejo lemah pangabetah

Hejo langit pangauban

Mataholang kahirupan


Lemah cai pangancikan

Langit lemah jeung lautan

Lemah cai panineungan

Hejo lembok kahirupan


Kecap hejo nu lain rupa saeunyana aya dina ungkara kalimah ….

18.  Hejona leuweung, nyaeta ku ….
19.  Kecap hejo lembok, sarua jeung kecap hideung lestreng katut …..
20. Ari anu dimaksud ‘lemah cai’ teh nyaeta. …
21.  Perhatoskeun sajak dihandap ieu!

Ati

Aya manehna nu ngaranna ati

Nu sok datang dina keur sepi

Aya manehna nu teu weleh nanya

Kumaha

Jeung aya kuring geus bosen ngawalon

Teu nyaho

Ti dinya aya manehna jeung kuring

Nu sok silih baturan nyaring


Ari ati dina ieu sajak teh nyaeta ….

22.  Kecap ‘ngawalon’ dina eta sajak teh sarua hartina jeung….
23.  Ari makna nu deukeut ngabahasakeun kecap ‘Aya manehna nu teu weleh nanya’ dina sajak diluhur (nomer. 21) nyaeta ….
24.  Perhatoskeun sempalan ieu sajak!

Gering

Cenah gering teh kembangna maot

Nu karek jadi buah mun datang Malakalmaot

Lain-lain!

Gering mah kembangna ni’mat

Nu karek jadi buah mun kabeh lautan napsu geus saat

Ari gering teh lawanna ….
25. Ari Malakalmaot teh malaikatna Alloh anu ngaranna ….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...