Soal-soal Bahasa Sunda Kelas 11 | 2223 _PAS2

SOAL PAS_2 SUNDA 11 | 2022/2023

SOAL PAS_2 SUNDA 11 | 2022/2023
PENILAIAN AKHIR SEMESTER
SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR
MAPEL: BASA SUNDA
KELAS: 11

GURU: M. DUDI RIDWAN, S.Pd.I

 

1.       Perhatoskeun kakawihan di handap ieu!

Oray-orayan luar leor ka sawah

Entong ka […1…] parena sumedang bekah

Oray-orayan luar leor ka leuwi

Entong ka […2…] di […2…] loba nu mandi

Oray-orayan luar leor ka kebon

Entong ka […3…] di […3…] loba nu ngangon

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [1] nyaeta ….

A.      Kebon

B.      Leuwi

C.      Sakola

D.      Sawah

E.       Lapang

2.       Pikeun ngeusian soal no. 2, jeung 3 perhatoskeun kakawihan di luhur!

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [2] nyaeta ….

A.      Sakola

B.      Kebon

C.      Sawah

D.      Lapang

E.       Leuwi

3.       Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [3] nyaeta ….

A.      Sawah

B.      Lapang

C.      Kebon

D.      Leuwi

E.       Sakola

4.       Perhatoskeun kakawihan di handap ieu!

Barudak ngaji keur arulin di lapangan

Engtong arulin, ayeuna mangsana […4…]

Budak sakola keur arulin di lapangan

Entong arulin, ayeuna mangsa […5…]

Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [4] nyaeta ….

A.      Ngaji

B.      Ulin

C.      Ngarit

D.      Ngored

E.       Nyangu

5.       Kecap nu pasna dina ieu kakawihan nomer [5] nyaeta ….

A.      Ulin

B.      diajar

C.      Ngarit

D.      Ngored

E.       Ngapungkeun

6.       Perhatoskeun kawih di handap ieu!

[…………JUDUL…………]

Dimana-mana

Di kampung di […1…]

Tos kakoncara

Nu nikmat rasana

[…2...]  asalna

Teu direka-reka

Naon margina

Nu matak kabita

[…3…] Bandung kamasyur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya ka galeuh

Sepuh jeung murangkalih

Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [1] nyaeta ….

A.      Dunya

B.      Leuweung

C.      Sawah

D.      Kebon

E.       Kota

7.       Titenan deui kawih diluhur!

Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [2] nyaeta ….

A.      Sampeu

B.      Hui

C.      Taleus

D.      Beas

E.       Ketan

8.       Kecap nu leungit dina kawih di luhur nomer [3] nyaeta ….

A.      Ulen

B.      Peuyeum

C.      Kolek

D.      Oncom

E.       Tahu

9.       Ari taleus, nu kasohor disandingkeun ka bogor rupana nyaeta ….

A.      


B.      


C.      


D.      


E.       


10.   Diluhur disebut-sebut aya oncom. Ari oncom teh, rupana nyaeta ….

A.      


B.      


C.      


D.      


E.       


11.   Ari katuangan nu kasohor disandingkeun ka kota Sumedang, nyaeta ….

A.      Tempe

B.      Borondong

C.      Tahu

D.      Jeruk

E.       Oncom

12.   Ari katuangan nu disandingkeun ka kota Cianjur, nyaeta ….

A.      Tauco

B.      Borondong

C.      Tahu

D.      Jeruk

E.       Oncom

13.   Ari kadarahan ‘tahu’ dijieunna tina bahan ….

A.      Hui

B.      Taleus

C.      Kacang

D.      Bonteng

E.       Waluh

14.   Ari sajak teh nyaeta salah sahiji sastra sunda anu direka dina wangun basa ugeran atawa ….

A.      Drama

B.      Dongeng

C.      Puisi

D.      Novel

E.       Artikel

15.   Perhatoskeun sajak di handap ieu!

Pang pring, pang pring

Lain tandang ngajak perang

Nguriling ngadeuleu maling

Bisi kapalingan diri

Mesat gobang kabuyutan

Lain deuk neangan lawan

Ngajaga-jaga nagara

Ngaraksa-raksa rahayat

Bisi kaurugan gunung

Bisi kacaahan lambak

Aing deuk nangtung sorangan

Ngilik eusina, palaku dijero sajak teh nyaeta ….

A.      Jawara

B.      Pa tani

C.      Polisi

D.      Pagawe pabrik

E.       Padagang

16.   Dina sajak diluhur aya parabot mangrupa gobang. Ari gobang teh nyaeta ….

A.      

B.      

C.      

D.      

E.       


17.   Tengetan sajak di handap ieu!

Tina lalangse

Hejo daratan hejo lautan

Hejo hariringna hate

Hejo leuweung hejo reuma

Hejo lemah pangabetah

Hejo langit pangauban

Mataholang kahirupan

Lemah cai pangancikan

Langit lemah jeung lautan

Lemah cai panineungan

Hejo lembok kahirupan

Kecap hejo nu lain rupa saeunyana aya dina ungkara kalimah ….

A.      Hejo hariringna hate

B.      Hejo leuweung hejo reuma

C.      Hejo daratan hejo lautan

D.      Hejo langit pangauban

E.       Hejo lemah pangabetah

18.   Hejona leuweung, nyaeta ku ….

A.      Tatangkalan

B.      Cai

C.      Cet

D.       

19.   Kecap hejo lembok, sarua jeung kecap hideung lestreng katut …..

A.      Bodas nyacas

B.      Koneng jeruk

C.      Hejo tomat

D.      Beureum cabe

E.       Gandaria terong kuda

20.   Ari anu dimaksud ‘lemah cai’ teh nyaeta. …

A.      Cai peot

B.      Nagara

C.      Cai apes

D.      Cai leuleus

E.       Balong

21.   Perhatoskeun sajak dihandap ieu!

Ati

Aya manehna nu ngaranna ati

Nu sok datang dina keur sepi

Aya manehna nu teu weleh nanya

Kumaha

Jeung aya kuring geus bosen ngawalon

Teu nyaho

Ti dinya aya manehna jeung kuring

Nu sok silih baturan nyaring

Ari ati dina ieu sajak teh nyaeta ….

A.      Ngaran jelema

B.      Ngaran sato

C.      Ngaran tutuwuhan

D.      Ngaran pepelakan

E.       Ngaran anggahota nu aya dina awak

22.   Kecap ‘ngawalon’ dina eta sajak teh sarua hartina jeung….

A.      Ngala cai

B.      Ngajawab

C.      Ngajaga

D.      Ngabetem

E.       Ngantep

23.   Ari makna nu deukeut ngabahasakeun kecap ‘Aya manehna nu teu weleh nanya’ nyaeta ….

A.      Pamelong

B.      Pangdenge

C.      Panyabak

D.      Parampa

E.       Gerentes

24.   Perhatoskeun sempatan ieu sajak!

Gering

Cenah gering teh kembangna maot

Nu karek jadi buah mun datang Malakalmaot

Lain-lain!

Gering mah kembangna ni’mat

Nu karek jadi buah mun kabeh lautan napsu geus saat

Ari gering teh lawanna ….

A.      Bageur

B.      Cageur

C.      Tunduh

D.      Baseuh

E.       Hudang

25.   Ari Malakalmaot teh malaikatna Alloh anu ngaranna ….

A.      Jibril

B.      Mikail

C.      Isrofil

D.      Ijroil

E.       Ridwan

26.  Ari pakeman basa teh mangrupa ungara basa anu angger atawa geus matok. Ari kecap ‘pakem’ teh asalna tina ‘vakum’ nyaeta basa ….

A.     Walanda

B.     Jerman

C.     Jepang

D.     Inggris

E.      Portugis

27.  Ari ‘pakeman basa’ dina basa Indonesia mah saru jeung ‘ungkapan kata’ atawa ….

A.     Idiot

B.     Idiom

C.     Anonim

D.     Sinonim

E.      Antonim

28.  Diantara rupa-rupana ‘Pakeman basa’ teh nyaeta, kejaba ….

A.     Babasan

B.     Paribasa

C.     Rakitan lantip

D.     Panyaraman

E.      Pupuh

29.  Perhatikeun kecap-kecapan di handap ieu ….

1.      Hampang birit

2.      Gede hulu

3.      Buntut Kasiran

4.      Teu eleh geleng

5.      Paeh pikir

Ari babasan nu hartina babari dititah, nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

30.  Ari kececapan atawa kecap kiasan di luhur, dina nomor 29. anu hartina ‘teu aya kahayang’ nyaeta ….

A.     5

B.     5

C.     3

D.     2

E.      1

31.  Perhatikeun kekecapan rakitan lantip di handap ieu.

Ceuk indung ka budak awewena, “Neng, pang gedeankeun kompor!, eukeur naheur cai dina langseng”. Tembal budakna, “Mangga, ema…”

Ari maksud ‘Pang gedeankeun kompor’ teh nyaeta ….

A.     Pang gedeankeun caina

B.     Pang gedeankeun langsengna

C.     Pang gedeankeun seuneuna

D.     Pang gantikeun sumbuna

E.      Pang gantikeun tabung gasna

32.  Ari kecap ‘Panca Pandawa Ngemban Bumi’ teh candrasangkala anu hartina ….

A.     Taun 1255 taun saka

B.     Taun 5521 taun saka

C.     Taun 1255 taun jawa

D.     Taun 5521 taun jawa

E.      Taun 1255 taun masehi

33.  Perhatikeun ‘Panyaraman’ di handap ieu.

Ceuk bapana ka budakna, “Tong, diuk dina lawang panto, sok nontot …….”

Ari lengkepna kecap-kecapan di luhur teh nyaeta ….

A.     sok nongtot semah

B.     sok nongtot jodo

C.     sok nongtot paku

D.     sok nongtot palupuh

E.      sok nongtot bangbarung

34.  Perhatikeun ‘Pangjurungan’ di handap ieu.

1.      Kudu hade gogog hade tagog

2.      Kudu boga saku dua

3.      Kudu nepi memeh indit

4.      Kudu bisa ngeureut neundeun

5.      Kudu bisa kabula kabale

Aya kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik atuh, sing hade basa jeung hade tingkah laku.” Nyaeta …..

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

35.  Ari kecap-kecapan ‘pangjurung’ dina omongan kieu: “Cik, mamah, kedah tiasa ngajeujeuh-jeujeuh rejeki, sangkan bisa mahi” nu pasna nyaeta ….

A.     1

B.     2

C.     4

D.     5

E.      3

36.  Ari karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa anu panjang caritana, ngarancabang galurn, rupa-rupa tokoh jeung kajadiannana, anu kieu teh disebutna ….

A.     Drama

B.     Puisi

C.     Pantun

D.     Sisindiran

E.      Novel

37.  Ari anu dimaksud ku ‘Amanat’ dina unsur-unsur intrinsik novel nyaeta ….

A.     Ideu pokok carita

B.     Talatah moral anu hayang ditepikeun

C.     Sifat atawa watek

D.     Posisi pangarang dina carita

E.      Kasangtukang tempat, waktu, jeung kaayaan dina setingan carita

38.  Perhatikeun sempalan carita di handap ieu.

Si Dower.

Aya hiji pendekar sakti nu cenah ayeuna cicing di puncak Gunung Rakutak nu ngarana Si Dower.

5 tahun katukang, Si Dower anu boga ngaran asli Jaka Ladana, ngalalana ti paguron ka paguron, nyuprih pangarti geusan diri jadi sakti, neangan pangabisa sangkan awak madraguna, miluruh elmu kadigjayaan, anu antukna papanggih jeung guru sakti madraguna nu ngaranna Ki Debleng.

Ki Debleng, anu jadi guruna Si Dower teh kalintang bageur, someah jeung handap asor. Ki Debleng teh hiji sepuh anu nyaahan ka sasama, asih kanu leutik, hormat ka saluhureun.

Ngilik galurna, carita di luhur teh make galur ….

A.     Maju

B.     Mundur

C.     Campuran

D.     Bengkok

E.      Lempeng

39.  Ari tokoh nu jadi jejer carita di luhur nyaeta ….

A.     Si Dower

B.     Ki Debleng

C.     Diri jadi sakti

D.     Awak mandraguna

E.      Paguron-paguron

40.  Ari sifat-sifatan anu lain mangrupakeun sifat-sifat Ki Debleng nyaeta ….

A.     Bageur

B.     Asihan

C.     Nyaahan

D.     Hormat

E.      Bengal

ESSAY

41.  Sebutkeun 3 ciri novel anu anjeun apal.

(Wangun prosa panjang, tokohna loba, jejer jeun eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe)

42.  Aya sabaraha rupa galur dina carita, boh novel atanapi nu sejenna. Sebutkeun galur nu anjeun apal.

(Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian

Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.

Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.)

43.  Jieun kecap-kecapan tina ‘pakeman basa’ di handap ieu!

1.      Kudu boga saku dua

2.      Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan

44.  Jieun kawih pupujian sangkan getol sholat dhuha jeung tahajud!

45.  Jieun sajak cinta nu islami!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...