SUNDA KLS/MTR 11.8 WAWANCARA

WAWANCARA....
SEMENTAWIS AYA DINA BAHAN AJAR KELAS 10 BAB 5. MANGGA TITENAN.

SAPERTOSNA MAH KEDAH DITERAPKEUN DINA KAHIRUPAN DINA HAL DIPRAKTEKKEUN, URANG BAGI KELOMPOK BAE. ENGKIN DI KELAS KUMAHA-KUMAHANA MAH, ان شاء الله.

SUNDA KLS/MTR 11.7 BIOGRAFI

BAHASA SUNDA KELAS 11
BAB 7 BIOGRAFI
Adi-adi kelas 11 SMA Plus Tauhidul Afkar, mangga pintonan pimaterieun bahan ajar "BIOGRAFI"
Bahan diskusi atanapi kumaha bae engkin metodena nu patula-patali sareng biografi. ieu link-na:

Teorina:

Biografi (Basa Sunda)
    Nyaeta pedaran anu ngalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Anu nulisna pihak sejen. Otobiografi nayeta ngalakonkeun hirup nu ditepikeun ku soranganna.

    Unsur-unsur biografi bentuk narasi:
  1. Degdeg pamadeg
  2. Pasuarang ngarang
  3. Kahirupan keur leutik
  4. Kasam tukang di kaluarga
  5. Riwayat pendidikan
  6. Karier
  7. Kaparigelan
  8. Karya

    Biografi nu bentuk formulir :
  1. Ngaran lengkap
  2. Jenis kelamin
  3. Status
  4. Agama
  5. Ngaran kolot
  6. Alamat
  7. Nomor telepon atawa e-mail
  8. Riwayat pendidikan atawa kursus-kursus
  9. Pangalaman berorganisasi
  10. Pangalaman kerja
  11. Pangalaman bidang penelitian
  12. Karya-karya
  13. Penghargaan-penghargaan/pangajen
Mangga, boh bilih aya tambihna mangga dikomentaran.
Haturnuhun.
بسم الله والحمد لله اولا وآخرا ظاهرا وباطنا

SUNDA KLS/MTR 11.6 NOVEL

BAHASA SUNDA KELAS 11
BAB 6 NOVEL

WANGENAN NOVEL
Novel kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku , jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.

UNSUR-UNSUR NOVEL
Upama maca novel hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsic nu aya novel.

  • Téma nya éta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéhpangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
  • Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sababakibat kajadian dina carita.alur nya éta konflik jeung klimaks. Dina galur atawa alur téh aya nu disebut Konflik, nya éta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks.
  • Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
  • Latar nya éta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di mana kajadian dina carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina carita lumangsung.
  • Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nya éta (1) caturan jalma katilu, nya éta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut ngaranna, atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji nya éta juru catur aya di jeo carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur “kuring”
  • Gaya basa nyaéta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.


Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)

Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun. “Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya… gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaan. Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jalma saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus wungkul.
Ada apa denganmu, Pras? cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah dialungkeun. Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd.
“Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!” kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna kamari basa panggih jeung Margarét di ondangan. Ku sok nyungkelit nya ieu haté téh.
“Ada apa pula denganmu, Rin? témbal manéhna.
“Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah deui bari rada molotot.
“Wajib? Naha maké wajib? Jeung diwajibkeun ku saha? Kuring gé jadi hayang molotot.
”Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras. Tugas-tugas Rin jadi pagawéan Pras!” cenah asa meunang. Pédah dina sagala hal kuring teu weléh dibantuan ku manéhna. Ka tugas-tugas kuliah dibantuan ku manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna sok ngahaja nawarkeun jasa ti heula.
“Éta mah kamari jeung kamarina deui. Mimiti ayeuna teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!”
“Mun aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh.
“Nanaon naon? Tong melang tong hariwang, dan réréncangan Rin mah sadayana gé balageur, teu aya nu jahat.”
“Bisa wé mimitina mah bageur!” cenah.
“Bisa wé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé, tétéla teu bageur!” bari nyindir kitu téh kuring muncereng kénéh.
Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa tingkah téh, boro geus ngawahan. Horéng kakara dilawan kitu gé kaburu éléh. Manéhna langsung jempé. Tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur dipikiran.
Ras inget kana kabélana. Sestina ieu haté kacida sieunna mun Prasasti katutuluyan ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan nu teu weléh mapaésan impian haté. Nya jirim nu ieu pisan anu mawa éndah dunya implengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna diteueulkeun kana tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto baha keur di SMA.
“Pras, hapunten Rin nya, Pras…” Nyarita kitu téh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan.
Manéhna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, “Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang héa mengerti hatakon?”
Nyél haté téh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weléh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manéhna nyarita ditompokeun kana ceuli, “Rinéga, boasa ito dang héa mengerti hatakon? Boasa Rin?" kalawan logat ledok Batak Toba.
“Naon hartina?” tanya kuring. Keur keuheul gé teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manéhna cikénéh téh. Atuda katempo nyarita kituna téh bangun nu bari dirarasakeun.
“Kedah ngartos atuh, Rin…,” cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
“Sing émut, Pras, Rin sanés Margarét!” cekéng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu séjén bari éta nu séjén téh hiji awéwé nu meleng-meleng dianggap sainganana.
“Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu waé. Sabab, haté jelema mah kapan jero alah batan sagara nu pangjerona.
“Jelas, Rin?" tanya manéhna, sabada nempo kuring ngahuleng salilalila.
“Teu acan.”
“Naonna nu teu acan téh?”
“Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon hartosna?
“Ooh éta…” Manéhna bari jeung gagaro sirah heula.
“Naon?" Rin teu sabar.
“Mmm … hartosna… Iraha-iraha urang ka uleman deui,” cenah bari seuri.
“Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi manéhna kacirina daria pisan.
“Engké ogé ngartos lah,” cenah. Jung cengkat, tuluy ngaléos ka luar, ngadon asup deui ka imahna. Sigana ngahaja ngajauhan sangkan kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring ngahuleng sosoranganan.
Lain gé Prasasti atuh lamun eusi haté katut sikepna ka kuring salila ieu gampang ditarjamahkeun mah. Atawa… kuringna waé anu belet, nepi ka can bisa kénéh nyieun kacindekan ngeunaan hal éta. Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis, kuring kacida katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik aksana katut basa Sunda kunona. Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki. Naha kuring bakal mampuh nafsirkeun sikep anjeun, sakumaha arkéolog mampuh nyurahan tulisan nu kaunggel dina Prasasti Kawali, Pras?


Pancén
Dina sempalan novel nu judulna “Prasasti Nu Ngancik dina Ati” di luhur diwangun ku unsur-unsur palaku, latar, jalan carita, téma, jeung amanat. Pancén hidep ayeuna maluruh nu aya dina éta unsur ku cara ngajawab pananya ieu di handap!
  1. Saha waé nu jadi palaku dina éta novel?
  2. Saha anu jadi palaku utamana?
  3. Ngagunakeun catur jalma ka sabaraha dina éta novel?
  4. Kumaha watek unggal palaku dina éta novel?
  5. Dimana waé kajadian dina éta carita téh lumangsungna?
  6. Iraha kajadianana?
  7. Kumaha suasana?
  8. Ngagunakeun alur naon pangarang dina nyaritakeun éta novel?
  9. Naon téma nu dicaritakeun dina éta novel?
  10. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta pangarang novel?
Materi diluhur bisa dibaur jeung postingan dulur, nu pagena ayana di handap ieu....

SUNDA KLS/MTR 11.5 BERITA

Pengertian Berita/Warta dalam Bahasa Sunda

Pedaran Warta 

Warta
Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian, boh dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media elektronik, boh tatalepa sacara lisan. Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun tugas profesi wartawan.
Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H, ngawengku :
  1. What (naon), kajadian naon nu rek diberitakeun
  2. Where (di mana), di mana tempat kajadianana eta peristiwa
  3. When (iraha), iraha waktu kajadianana
  4. Who (saha), saha wae anu jadi sumber bertitana
  5. Why (naha), naha eta kajadian the kudu diberitakeun
  6. How (kumaha), kumaha lumangsungna peristiwa
Pedaran Ngeunaan Maca Warta
Upama urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu dipehatikeun, di antarana ditataan di handap. 
  1. Saacan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
  2. Ilo kalawan gemet warta nu rek ditepikeun
  3. Perhatikeun kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara ngucapkeunana nu bener
  4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge jelas ku kaom dangu
  5. Artikulasi nu jentre
  6. Lentong nu merenah
  7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang
  8. Sikep
  9. Paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi paningal ka pamiarsa
Dulur nu akur, nyatur nu memang materi tina blogna ki dulur. Tah ieu......
https://diyanhidayat.blogspot.com/2015/04/pengertian-beritawarta-dalam-bahasa.html

SUNDA KLS/MTR 11.4 CARITA PONDOK

Pengertian Carita Pondok

Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.

Sajarah Carita Pondok

Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey  karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singket tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.

Ciri – Ciri Carita Pondok

  • Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
  • Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
  • Mere kesan lir enya-enya kajadian
Unsur Instrinsik Carita Pondok
  1. ·         Palaku
  2. ·         Amanat
  3. ·         Tema
  4. ·         Latar
  5. ·         Galur
Unsur Ekstrinsik Carita Pondok
  1. ·         Nilai-nilai dalam Carita Pondok
  2. ·         Latar Belakang Kahirupan Pengarang
  3. ·         Situasi Sosial
Teknik Nulis Carita Pondok

  1. Tema
  2. Bahan carita
  3. Alur
  4. Tokoh
  5. Dialog
  6. Sudut pandang
  7. Prak-prakan
Contoh Carita Pondok

DUA NU NGALALANA JEUNG HIJI BIRUANG

Dua jalma leumpang ngalalana babarengan liwat ka hiji leweung. waktu harita ngadadak aya hiji biruang anu gede kaluar ti rungkun nu deukeut jeung maranehna.

Salah sahiji nu ngalalana, ngan ukur mikirkeun dirina sorangan jeung teu mikirkeun babaturannana. manehna naek ka hiji tangkal anu deukeut ka maneh na.
Nu ngalalana hiji deui, ngarasa teu bisa ngalawan biruang nu sakitu gedena sosoranganan. manehna ngabeubeut keun dirina ka nu taneuh jeung ngagoler bari ngahep-hep.
Saolah-olah manehna tos maot. Manehna osok ngadenge lamun biruang teh moal nyabak sato atawa jelema anu geus maot.
Babaturannana nu aya di tangkal henteu ngalakukeun naon-naon jeung henteu nulungan babaturannana anu ngagoler. teu nyaho paguneman ieu teh bener atawa henteu.biruang eta teh  ningali ka jalma nu ngagoler manehna ngaendus-endus deukeut sirah na, biruang eta teh ngarasa puas da korbanna  tos maot padahal mah hentue. eta beruang teh indit.

Nu ngalalana anu di tangkal turun ka handap ningali babaturannana.
”katingalina saolah-olah biruang eta teh ngabisikeun ka ceuli anu ngagoler bieu”
“naon nu diomongkeun ku beruang eta teh? saur nu ngalalana nu nyumput dina tangkal”
”biruang eta nyarita,”saur nu ngalalana anu ngagoler bieu,”heunteu saluyu leumpang
 babarengan jeung jalma anu ngantepkeun,  jeung hunteu mikirkeun babaturannana   anu keur dina bahaya.

Sumber payokcrokan, susunan hurup dicokotan, tah ti dieu:
https://ikomangsena.blogspot.com/2012/09/pengertian-sejarah-dan-ciri-ciri-carita.html

SUNDA KLS/MTR 11.3 PANUMBU CATUR

Mingpin Diskusi/Panumbu Catur
 Ieu di handap aya bacaan nu mangrupa paguneman (dialog). Aya nu jadi panumbu catur, aya nu jadi pamilon. Pék baca bedaskeun dihareupeun kelas!

MIÉLING POÉ BASA INDUNG

Basa Sunda téh minangka salasahiji basa indung di Jawa Barat. Malah geus dijadikeun muatan lokal wajib. Muatan lokal wajib sa-provinsi Jawa Barat nu ngajanggélék jadi pangajaran Basa jeung Sastra Sunda. Hartina mah éta pangajaran Basa jeung Sastra Sunda téh kedah diajarkeun ti kawit TK/RA dugi ka tingkat SMA/SMK/MA/MAK. Éta hal pisan nu jadi bahan padungdengan pangurus OSIS SMAN 1 Jampangkulon.
Pa Gés : “Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Urang salaku siswa jeung salaku nonoman Sunda, geus sakuduna ngarojong harkat martabat jeung darajat urang Sunda. Malah teu kalangkung budaya nu jadi sélér bangsa nu kudu dimumulé ku urang sadayana. Pon kitu deui urang salaku pangurus OSIS di ieu sakola (SMAN 1 Jampangkulon) nu salamina nyekel pageuh kana warisan budaya urang tur mikareueus kana basana. Ku kituna sim kuring salaku Pembina OSIS umajak ka sadayana pangurus OSIS hayu urang babarengan pikeun ngaronjatkeun ajén-inajén ki Sunda”.
Jénitra        : “Némbé ku urang parantos kauninga, sakumaha numutkeun bapa pembina atawa pangaping urang sadayana, yén teu aya lepatna ogé sakumaha nu kaunggel dina program gawé OSIS nu teu aya sanés dua sasih deui urang baris ngayakeun acara miéling “Poé Basa Indung”, pancegna mah kaping 21 Pébruari. Dumasar kaputusan UNESCO salasawios widang ti PBB nu netepkeun éta kaping téh nyaéta poé basa indung Internasional.”
Pa Gés        : “Leres sakumaha tanggapan némbé ti sadérék pupuhu/ketua OSIS. Langkung paosna, mangga sawalakeun waé ku sadayana pangurus.”
Jénitra        : “Hatur nuhun Pa Gés, namung sim kuring salaku pupuhu OSIS baris masrahkeun ka sadérék Nitisara salaku panumbu caturna. Kitu ogé engké kanggo pupuhu Panata Calagara dina miéling Poé Basa Indung. Jalaran sadérék Nitisara téh salaku koordinator dina éta widang. Mangga nu ngatur sagala acara kagiatanana mah sadérék Nitisara.”
Nitisara      : “Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh, hatur nuhun ka pupuhu OSIS nu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo neraskeun ieu acara. Sumangga supados henteu nyangkolong kana waktos urang buka waé ieu acara padungdengan téh ku ngucapkeun basmalah sasarengan. Bimilahirohmanirrohim...
                     Namung sateuacanna, neda sihapunten bilih aya kelepatan dina mingpin ieu sawala. Sumangga salajengna badé aya nu ditaroskeun?”
Sastra         : “Sadérék panumbu catur. Hapunten sim kuring baris tumaros?
Nitisara      : “Mangga, dihaturanan kanggo ngadugikeun kamandangna!”
Sastra         : “Kieu, Kinten-kinten dina miéling Poé Basa Indung téh, kagiatan naon waé nu badé diayakeun téh?”
Nitisara      : “Hatur nuhun, saé pisan patalékanana. Perkawis kagiatanana mah mung nyongcay waktos sadinten waé, nyaéta kaping 21 Pébruari 2012. Kagiatanana ogé teu seueur, sadayana museur kana basa, sastra jeung aksara Sunda. Namung kedah diiluan ku sadayana kelas ti kawit kelas 10 dugi ka kelas 12. Dupi kagiatanana mah: (1) Ngarang Carpon, (2) Maca Sajak, jeung (3) Nulis Aksara Sunda. Husus kanggo ngarang, tiasa dikawitan ti kaping 1 Pébruari 2012. Kumaha tah upami kitu, sapuk henteu?”
Pangurus  : “Sapuuuuuuk!”
Wiguna     : “Dupi panitiana saha waé?”
Nitisara     : “Mangga ayeuna urang susun waé panitiana. Pupuhu sim kuring, Wakil Pupuhu Sastra, Girang Serat Wiguna Wisastra, Panata Hartana sadérék Ridha. Nu baris ngagalindengkeun ayat suci Al-Qur’an sareng saritilawahna mah Prabu Révolusi sareng Marsya Wening Galih. Séksi Acara Purwa Wacana. Séksi Akomodasi Jaladri Tingtrim sareng Kinanti. Séksi Konsumsi Ismayanti Hérnawati sareng Méisyani. Séksi Dokuméntasi Sutanandika. Tah sakitu réngréngan panata calagara kanggo saheulaanan mah cekap. Namung nu acan kacatet ayeuna tangtosna sadayana pangurus mah lebet kana kapanitiaan.
Ridha        : “Upami nu janten Girang Pangajén dina kagiatanana saha?”
Nitisara    : “Leres pisan, punten kalangkung. Sadaya Girang Pangajén mah ti pihak Bapa sareng Ibu Guru. Kitu rupina mah. Upami parantos cekap mah, ieu acara badé disanggakeun deui ka Ketua OSIS. Ka sadédérék Jénitra, mangga nyanggakeun. Hatur nuhun. Hapunten bilih aya kekecapan ti sim kuring nu kirang merenah. Wassalammu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Pangurus  : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh.”
Jénitra    : “Hatur nuhun. Ayeuna mah langkung saé urang cekapkeun sakieu waé ieu lawungan. Tangtosna, urang langsung waé tatahar midamel nu sakirana tiasa dipidamel ti kiwari. Pamungkas catur, wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.”
Pangurus    : “Waalaikum salam warohmatullohi wabarokatuh.”

Rounded Rectangle: budaya : pikiran, akal, pangaweruh
catur : omongan, carita, caritaan
harkat : kalungguhan atawa kahormatan diri
mikareueus : boga rasa bagja atawa bungah
ngarojong  : ngadeudeul
nonoman  : nu aranom, nu ngarora
nyongcay  : ngurangan
panceg : campleng, persis
tatahar : persiapan

Nyungsi Harti
Maham Eusi Panumbu Catur
Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab ieu pananya di handap!
1)        Naon jejer guneman di luhur?
2)        Naha bet aya “miéling Poé Basa Indung”?
3)        Naon sababna basa jeung sastra Sunda, bet dijadikeun “Muatan Lokal Wajib” di Provinsi Jawa Barat?
4)        Naon patalina antara basa indung jeung UNESCO di PBB?
5)        Kumaha cara miéling poé basa indung di SMAN 1 Jampangkulon téh?
6)        Naha kagiatan ngarang carpon bet diheulakeun?
7)        Saha ari nu jadi panata calagarana?
8)        Numutkeun hidep naha basa indung “basa jeung sastra Sunda” téh perlu henteu ku urang dimumulé?
9)        Kumaha carana sangkan urang bisa ngamumulé basa indung?
10)    Kumaha kacindekanana tina sawala di luhur?
Pedaran Ngeunaan Panumbu Catur
Panumbu catur (Ind.: moderator) téh kaasup kana mingpin diskusi, nyaéta jalma nu dipercaya nyekel kadali pikeun ngatur patali marga di antara pamilon diskusi. Panumbu catur boga pancén pikeun ngatur, ngalelempeng, ngaping, sarta miara lumangsungna diskusi nu teu leupas tina cara atawa téhnik mingpin diskusi. Tanggung jawab panumbu catur kaitung beurat lantaran hasil henteuna diskusi gumantung ka dirina. Tugas panumbu catur, di antarana:
1.        Ngajaga atawa miara lancarna diskusi.
2.        Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan kahontal tujuan nu dipiharep.
3.        Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi.
4.        Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi.
5.        Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon diskusi.
Kumaha prak-prakan nalika hidep jadi panumbu catur atawa jadi moderator? Pikeun jadi panumbu catur tangtuna hidep kudu ngalakukeun léngkah-léngkah atawa nu kudu disiapkeun nyaéta:
1.        Persiapan pribadi, di antarana:
a.    Siap bahan-bahan nu dipaké pikeun ngatur diskusi/sawala.
b.    Mibanda gambaran nu jelas ngeunaan sasaran atawa hasil tina diskusi/sawala.
c.    Siap nyanghareupan sagala hal nu bakal kajadian, upama aya béda pamadegan atawa pendapat, kamungkinan jawabanana.
2.        Persiapan pikeun nyanghareupan pamilon (audien), di antarana:
a.    Komunikasi nu alus jeung pamilon.
b.    Mikawanoh karakter (watek) umum para pamilon saméméhna.
c.    Alusna mah aya patali nu loma (akrab) saméméh diskusi/sawala lumangsung.
Sabadana hidep tatahar pikeun jadi panumbu catur, satuluyna kumaha carana nalika hidep keur jadi panumbu catur atawa nalika numbu catur. Cara-carana nyaéta hidep kudu niténan sawatara hal ieu di handap:
1.        Merhatikeun tata cara sopan santun protokolér di hiji wewengkon atawa daérah.
2.        Omongan panganteur atawa pangjajap kana kagiatan diskusi/sawala alusna singget tapi jelas (jéntré).
3.        Miboga sikep objéktif tur narima atawa ngahargaan (terbuka) ka sakur pamilon.
4.        Kudu bisa meper pamilon nu patorong-torong ku cara nu alus tur gedé pangaruhna (pérsuasif).
5.        Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon.
6.        Usahakeun diskusi dibuka saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
7.        Tepikeun jejer jeung bahan diskusi ka hadirin.
8.        Wanohkeun parapangjejer; ngaranna (lengkep jeung gelarna), profésina, kaahlianana, jeung data pribadi séjénna nu aya patalina jeung jejer katut bahan diskusi.
9.        Tepikeun tata-tertib diskusi sajelas-jelasna.
10.    Ngahaturanan pangjejer keur nepikeun bahasanana, disusul nampung jeung ngatur parapamilon nu rék milu mairan atawa nanyakeun.
11.    Tutup diskusi panceg dina waktuna.

Conto pok-pokanana ngawanohkeun pangjejer:
“Hadirin sadaya, sateuacan diskusi dikawitan, langkung ti payun sim kuring seja ngawanohkeun heula parapangjejer dina ieu diskusi. Nu kahiji sadérék Jénitra Nitisara Sastrawiguna, siswi kelas 12 IPA 1. Pituin urang Jampang, putrina Bapa Gusniawan Sastrawiguna sareng Ibu Ridhayanthi, sarta ageung perhatianana kana hal-hal kasundaan. Resep kana sastra ogé pangarang moyan, cita-citana lian ti palay janten dokter téh, ogé palay janten sastrawan. Wilujeng énjing sadérék Jénitra. Hatur nuhun kana kasumpinganana.
Nu kadua .... jst.”

Conto pok-pokan ngahaturanan pangjejer:
“Rupina supados henteu nyangkolong kana waktos, diskusi anu jejerna “Sunda urang, Sunda Gaul”, saé urang dikawitan. Kaleresan parapangjejer duanana parantos aya di payuneun urang, sarta siap ngajejeran ieu diskusi. Ku margi kitu ka pangjejer nu kahiji, nyaéta sadérék Jénitra Nitisara Sastrawiguna dihaturanan kanggo ngadugikeun kamandangna”

Conto pok-pokan ngatur jalanna diskusi:
“Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna. Hadirin sadaya tangtos seueur nu teu sabar, palay énggal-énggal mairan, naros, atanapi ngadugikeun pamendakna. Namung, langkung ti payun neda hapunten, jalaran waktos diskusi mung badé dugi ka tabuh dua welas, janten moal sadayana kénging kasempetan kanggo sasauran.
Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit.
Mangga nu badé sasauran, tiasa ngacungkeun panangan!”

Conto pok-pokan nutup diskusi:
“Diskusi nu jejerna “Sunda urang, Sunda Gaul”, parantos réngsé. Ngawakilan panata calagara sim kuring ngahaturkeun rébu-rébu nuhun, kana kasumpingan sareng perhatosanana. Utamina ka parapangjejer, sarta henteu ka kantun ka hadirin sadayana.
 Dina ieu diskusi sim kuring ngahaja henteu ngadamel kacindekan, sadayana nyanggakeun ka masing-masing nu sarumping. Ku margi kawatesanan ku waktos, tangtos masih kénéh seueur nu ngaraos panasaran. Ku éta hal, pihak panata calagara parantos ngararancang, bakal ngayakeun deui diskusi, tangtos dina jejer bahasan nu sanés, namung raket patalina sareng kasundaan.
Salajengna diskusi ku sim kuring resmi ditutup. Sakali deui hatur nuhun kana kasumpingan sareng perhatosanana. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten kana samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Kecap-kecap di handap larapkeun kana kalimah nu merenah!
1)        Pupuhu  
..........................................................................................................................................................
2)        Girang Serat
..........................................................................................................................................................
3)        Panata Harta
..........................................................................................................................................................
4)        ngarojong
..........................................................................................................................................................
5)        pangjejer
..........................................................................................................................................................


Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna!
1.       Masalah nu jadi téma/jejer paguneman antara Jénitra jeungNitisara téh ngeunaan ….
A. tujuan                                                               D. tempat
B. rencana                                                            E. waktu
C. tugas
2.       Nitisara meunang informasi ngeunaan Poé Basa Indung téh ti ….
A. OSIS                                                                  D. Jénitra
B. Ridha                                                                E. Pa Gés
C. Wiguna
3.       Basa Sunda nu digunakeun ku Jénitra jeung Nitisara téh….
A. alus tapi kasar pisan                                        D. goréng
B. alus tapi kasar                                                 E. loma
C. Alus sarta lemes
4.       Ku naon Jénitra ngajak ngobrol ka Nitisara?
A. ku sabab Jénitra téh babaturan sakelas Nitisara                   
B. ku sabab Jénitra téh babaturan sa lembur Nitisara
C. ku sabab poé isukan téh poé minggu, poé libur        
D. Ku sabab poé isukan rek aya kerja bakti di lemburna
E. Ku sabab basa Sunda mah penting pisan
5.       Ka saha Jénitra masarahkeun pikeun jadi panumbu catur ...
A. Prabu Révolusi                                                  D. Wiguna Wisastra
B. Nitisara                                                             E. Marsya Wening Galih
C. Pa Gés
6.       “Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit”.
 Kekecapan di luhur téh kaasup conto dina diskusi
A. Muka diskusi                                                     D. ngahaturanan pangjejer
B. ngatur jalanna diskusi                                      E. ngawanohkeun pangjejer
C. nutup diskusi
7.       Kira-kira sikep Jénitra dina éta paguneman téh kumaha?
A. alus                                                                   D. goréng       
B. picontoeun                                                        E. turutaneun 
C. pujieun batur                                                                           
8.       Kira-kira di mana Jénitra jeung Nitisara téh ngobrolna?
A. di sakola                                                            D. di kelas Jénitra                  
B. di imah Jénitra                                                  E. di kelas Nitisara                 
C. di imah Nitisara
9.       Tugas atawa pancén saha ari ngajaga atawa miara lancarna diskusi téh?                   
A. Pangjejer                                                          D. Panata Calagara                
B. Narasumber                                                      E. Pupuhu panitia                   
C. Panumbu Catur
10.   “Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna”.
Kecap kamandang di luhur ngandung harti ...
A. usulan                                                               D. caritaan                 
B. kahayang                                                          E. pamanggih/pendapat                    
C. omongan

Materi nu akur jeung nu diluhur, da memang dulur, jeung deuih dan copas ti dinya meni asa pas:

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...