BAHASA SUNDA KELAS 11
BAB 6 NOVEL
WANGENAN NOVEL
Novel kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku , jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
UNSUR-UNSUR NOVEL
Upama maca novel hidep bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsic nu aya novel.
- Téma nya éta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéhpangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
- Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sababakibat kajadian dina carita.alur nya éta konflik jeung klimaks. Dina galur atawa alur téh aya nu disebut Konflik, nya éta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks.
- Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
- Latar nya éta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di mana kajadian dina carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina carita lumangsung.
- Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nya éta (1) caturan jalma katilu, nya éta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut ngaranna, atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji nya éta juru catur aya di jeo carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur “kuring”
- Gaya basa nyaéta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun. “Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya… gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaan. Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jalma saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus wungkul.
Ada apa denganmu, Pras? cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah dialungkeun. Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd.
“Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!” kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna kamari basa panggih jeung Margarét di ondangan. Ku sok nyungkelit nya ieu haté téh.
“Ada apa pula denganmu, Rin? témbal manéhna.
“Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah deui bari rada molotot.
“Wajib? Naha maké wajib? Jeung diwajibkeun ku saha? Kuring gé jadi hayang molotot.
”Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras. Tugas-tugas Rin jadi pagawéan Pras!” cenah asa meunang. Pédah dina sagala hal kuring teu weléh dibantuan ku manéhna. Ka tugas-tugas kuliah dibantuan ku manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna sok ngahaja nawarkeun jasa ti heula.
“Éta mah kamari jeung kamarina deui. Mimiti ayeuna teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!”
“Mun aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh.
“Nanaon naon? Tong melang tong hariwang, dan réréncangan Rin mah sadayana gé balageur, teu aya nu jahat.”
“Bisa wé mimitina mah bageur!” cenah.
“Bisa wé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé, tétéla teu bageur!” bari nyindir kitu téh kuring muncereng kénéh.
Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa tingkah téh, boro geus ngawahan. Horéng kakara dilawan kitu gé kaburu éléh. Manéhna langsung jempé. Tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur dipikiran.
Ras inget kana kabélana. Sestina ieu haté kacida sieunna mun Prasasti katutuluyan ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan nu teu weléh mapaésan impian haté. Nya jirim nu ieu pisan anu mawa éndah dunya implengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna diteueulkeun kana tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto baha keur di SMA.
“Pras, hapunten Rin nya, Pras…” Nyarita kitu téh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan.
Manéhna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, “Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang héa mengerti hatakon?”
Nyél haté téh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weléh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manéhna nyarita ditompokeun kana ceuli, “Rinéga, boasa ito dang héa mengerti hatakon? Boasa Rin?" kalawan logat ledok Batak Toba.
“Naon hartina?” tanya kuring. Keur keuheul gé teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manéhna cikénéh téh. Atuda katempo nyarita kituna téh bangun nu bari dirarasakeun.
“Kedah ngartos atuh, Rin…,” cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
“Sing émut, Pras, Rin sanés Margarét!” cekéng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu séjén bari éta nu séjén téh hiji awéwé nu meleng-meleng dianggap sainganana.
“Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu waé. Sabab, haté jelema mah kapan jero alah batan sagara nu pangjerona.
“Jelas, Rin?" tanya manéhna, sabada nempo kuring ngahuleng salilalila.
“Teu acan.”
“Naonna nu teu acan téh?”
“Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon hartosna?
“Ooh éta…” Manéhna bari jeung gagaro sirah heula.
“Naon?" Rin teu sabar.
“Mmm … hartosna… Iraha-iraha urang ka uleman deui,” cenah bari seuri.
“Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi manéhna kacirina daria pisan.
“Engké ogé ngartos lah,” cenah. Jung cengkat, tuluy ngaléos ka luar, ngadon asup deui ka imahna. Sigana ngahaja ngajauhan sangkan kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring ngahuleng sosoranganan.
Lain gé Prasasti atuh lamun eusi haté katut sikepna ka kuring salila ieu gampang ditarjamahkeun mah. Atawa… kuringna waé anu belet, nepi ka can bisa kénéh nyieun kacindekan ngeunaan hal éta. Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis, kuring kacida katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik aksana katut basa Sunda kunona. Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki. Naha kuring bakal mampuh nafsirkeun sikep anjeun, sakumaha arkéolog mampuh nyurahan tulisan nu kaunggel dina Prasasti Kawali, Pras?
Pancén
Dina sempalan novel nu judulna “Prasasti Nu Ngancik dina Ati” di luhur diwangun ku unsur-unsur palaku, latar, jalan carita, téma, jeung amanat. Pancén hidep ayeuna maluruh nu aya dina éta unsur ku cara ngajawab pananya ieu di handap!
- Saha waé nu jadi palaku dina éta novel?
- Saha anu jadi palaku utamana?
- Ngagunakeun catur jalma ka sabaraha dina éta novel?
- Kumaha watek unggal palaku dina éta novel?
- Dimana waé kajadian dina éta carita téh lumangsungna?
- Iraha kajadianana?
- Kumaha suasana?
- Ngagunakeun alur naon pangarang dina nyaritakeun éta novel?
- Naon téma nu dicaritakeun dina éta novel?
- Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta pangarang novel?
Materi diluhur bisa dibaur jeung postingan dulur, nu pagena ayana di handap ieu....
ngiringan
BalasHapus