PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1 _ 07 12 2021

Bismillahirrahmaanirrahim

Wilujeng enjing sadayana.

Dina wangkid ieu, abdi teh kapapancenan tugas kangge ngetes murangkalih SMA Plus Tauhidul Afkar ku ayana Kegiatan Penilaian Akhir Semester.

Kangge mayunan ieu kagiatan, sim abdi mosting soal Basa Sunda Kelas 10, 11 , 12 nu didamelna dina Google Form. Sumangga ka PKS (Pembantu Kepala Sekolah) / Wakasek (Wakil Kepala Sekolah) Bagian Kurikulum ngangge ngunduh atanapi ngawartosan murangkalih peserta kegiatan.

Anapon linkna, ieu dihandap:

Basa Sunda Kelas 10

Basa Sunda Kelas 11

Basa Sunda Kelas 12

Sunda 10.4 Kawih | Teorina 2021


Ngahaleuangkeun kawih téh disebut ngawih. Jaba ti éta, aya istilah kakawihan jeung tembang. Kawih téh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.

Jaba ti Karatagan Pahlawan, aya kawih séjénna saperti És Lilin (Mursih), Lembur Kuring (R.T.A. Soenarya), Mojang Priangan (lyar Winarsih), Bubuy Bulan (Bénny Corda), Bajing Luncat (Kosaman Jaya), Hariring Kuring (Djuhari), Kalangkang (Nano S.), Hariring nu Kungsi Nyanding (Mang Koko), jrrd. Conto tembang saperti Papatét, Bayubud, jeung Mupu Kembang.

Ari kakawihan mah méh sarua jeung kawih. Bédana, kakawihan mah dihaleuangkeunana téh dina kaulinan barudak. Ku kituna, kakawihan sok disebut ogé kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona waé aya kakawihan “Oray-Orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan”, “Paciwit-ciwit Lutung”, jeung sajaba ti éta, 

Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda ajén sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bébas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Kitu deui, bisa dipaluruh naon témana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.


Jejer téh poko pikiran anu aya dina rumpaka kawih. Téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Téma dina rumpaka kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana waé rumpaka kawih “Tanah Sunda” di luhur téh nyaritakeun kaayaan Tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan) 

Rasa téh ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Rasa dina rumpaka kawih bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate Rumpaka kawih “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun.


Nada téh sikep pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Dumasar dina rumpaka kawih “Karatagan Pahlawan” upamana, katangén sikep pangarang téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén pahlawan téh mibanda kawani jeung jasa anu gedé keur kahirupan balaréa. Tina sikep éta urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus tur hayang mibanda sikep kawas pahlawan. 

Amanat téh pesen pangarang anu karasa ku nu maca rumpaka kawih. Tapi najan kitu, amanat dina hiji rumpaka kawih ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji rumpaka kawih.


Titénan deui rumpaka kawih ieu di handap!

Sinatril(a)danalagla] padalisan ka-1
Béla bangs(a) jeung nagar[a] pada (bait)
Dibarengan tékad suc(i)
Berjuang keur lemah ca(i)

Rumpaka di luhur téh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua di unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua téh sora (a). Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua téh sora (i). Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu téh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.

Nilik perenahna, purwakanti téh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya di tungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan.

Berjuang keur lemah cai Murwakanti dina sora /i/ jeung /a/
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

(Simpay Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTS Kelas VIII, Penerbit Erlangga, Medal Taun 2017, Kaca 3-5) 

1. Naon anu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang? Kumaha bédana?
2. Naon anu disebut pada jeung padalisan dina rumpaka kawih?
3. Jéntrékeun naon anu disebut purwakanti dina rumpaka kawih?
4. Naon bédana purwakanti rantayan jeung runtuyan téh? Cing jéntrékeun!
5.Naon anu disebut téma, nada, rasa, jeung amanat dina rumpaka kawih?


Karatagan Pahlawan
Sanggian: Mang Koko

Teu honcéwang sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

(Dicutat tina buku Ganda Mekar karya Koko Koswara, 1995) 

Naon téma kawih di luhur téh?
Saha nu nyanggi éta kawih?
Perkara naon waé nu dicaritakeun dina éta kawih?
Keur saha pahlawan bajuang téh? Ngabéla naon?
Saha waé pahlawan Sunda téh? Asalna ti daérah mana?
Kumaha tékadna pahlawan téh?
Hal naon waé nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih di luhur?
Pahlawan mah teu ngingetkeun ka dirina, asal kumaha? 

Kawih, kakawihan, jeung tembang téh sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun boh ku sorangan (anggana sekar) boh bab arengan (rampak sekar). 
Kawih jadi bagian kabeungharan seni Sunda.
Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketu kan (témpo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sabalikna, tembang mah henteu keuger ku wiletan jeung ketukan.
Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak.
Rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang téh mibanda unsur-unsur puisi. Upamana waé diwangun ku pada (bait), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung pilihan kecap (diksi) anu dipakéna pinilih pisan. Kitu deui, bisa dipaluruh naon témana, kumaha amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana. 

Bagaimana??? Penjelasan materi di luhur, tiasa dipahami? Bilih teu acan paham mah, komentar bae.

Penilaian Tengah Semester 1 | 2021/2022

Wilujeung wengi sadayana?!

Abdi bade mosting soal PTS (Penilaian Tengah Semester 1)

Bahasa Sunda sadayana kelas sinareng link google-dokumen.

Mangga pintonan bae.

Bahasa Sunda Kelas 10

PTS S1 SUNDA 10 | 21-09-2021

Bahasa Sunda Kelas 11

PTS S1 SUNDA 11 | 21-09-2021

Bahasa Sunda Kelas 12

PTS S1 SUNDA 12 | 21-09-2021

ESVIJI - Lingkaran

PAS Semester 2 - SUNDA 11 | 2020/2021

Kin soalna mah.... aya peryogi
Insya Alloh

SOAL SUNDA KELAS 11

 

1.             Biantara 

2.             Sisindiran 

3.             Panumbu Catur 

4.             Carita Pondok 

5.             Berita 

6.             Novel 

7.             Biografi 

8.             Wawancara 

 

1

2

3

4

5

6

7

8

9

10

11

12

13

14

15

16

17

18

19

20

21

22

23

24

25

26

27

28

29

30

31

32

33

34

35

36

37

38

39

40

41

42

43

44

45

B.1

y

y

 

 

 

 

 

y

y

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

B.2

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

B.3

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

 

 

 

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

y

y

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

B.4

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

 

 

 

 

 

 

 

B.5

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

y

y

 

 

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

B.6

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

y

y

y

y+

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

B.7

 

 

y

y

y

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

B.8

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

y

y

y

y

y

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

I. SOAL PILIHAN GANDA

1          nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara, sipatna monologis, ukur direspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon.

A.      Biografi          B. Biantara C. Novel D. Sisindiran E. Wawancara

2          Diantara tujuan biantara teh cenah intertaint, nyaeta …

A.      Memberikan informasi

B.      Mengajak berubah

C.      Memberikan wawasan

D.      Memberikan hiburan

E.      Menyembunyikan informasi

3    Pedaran anu ngalakonkeun kahirupan saurang tokoh, ku panulis sejen.dina pelajaran basa sunda disebutna....

A.      Biografi,B. Otobiografi, C. Resensi, D. Notulasi E. Narasi

4          Perhatikeun pernyataan-pernyataan di handap ieu!

·  Dedeg pamadeg

·  Pasuarang ngarang

·  Kahirupan keur leutik

·  Kasam tukang di kaluarga

Lamun dititenan, unsur-unsur di luhur mangrupakeun unsur biografi nu bentukna ....

A.       Narasi, B. Formulir, C. Deskripsi, D. Argumentasi, E. Profesi

5          Perhatikeun biografi RA. Kartini di handap ieu.

Ngilik bentukna biografi diluhur kagolong ....

A.       Narasi,B. Formulir, C. Deskripsi, D. Argumentasi, E. Notulasi

6          RA kartini lahir di ....

A.       Jepara Jawa Tengah, B. Jepara Jawa Barat, C. Bandung Jawa Tengah, D. Bandung Jawa Barat, E. Google Images

7          RA Kartini ngadegkeun sakola pikeun wanoja di jepara. Hal ieu mangrupakeun katerangan dina ....

A.       Pendidikan, B. Penghormatan C. Caroge, D. Prestasi, E. Pupus

8          Materi biantara nyoko kana 4 perkara nu utama, iwal ….

A.       Bubuka

B.        Eusi Bahasan

C.        Kacindekan

D.       Panutup

E.        Nembang

9          Diantara metode ceramah teh aya nu ngadadak sapada harita, anu istilahna ….

A.       Metode Impromtu

B.        Metode Ngapalkeun

C.        Metode recording

D.       Metode Naskah

E.        Metode ekstemporan

10      “Cekap sakieu. Mugia naon anu didugikeun aya guna sareng manfaat. Hatur nuhun kana perhatosannana. Wassalmu’alaikum. Wr. Wb.”

Lamun ditilik tina eusina, biantara di luhur aya dina bagian ….

A.       Bubuka

B.        Panutup

C.        Eusi Bahasan

D.       Kacindekan

E.        Nembang

11      Ngilik wandana biantara bisa wae pikeun ….

A.       Ceramah

B.        Pamapag/sambutan

C.        Pedaran/bahasan hiji pasualan

D.       Laporan

E.        Sadayana waleran leres

12      Panumbu catur lamun bahasa Indonesiana mah nyaeta ….

A.       Moderator

B.        Protokol

C.        Pemain catur

D.       Fasilitator

E.        Mediator

13      Perhatikeun berita di handap ieu ....

RSHS Bandung Rawat Pasien Suspect Virus Corona

 

Katelahna virus Covid-19, anu mimiti kapanggih di Tiongkok. Terus sumebar ka mancanagara, kaasup ka Indonésia. Malah kiwari geus disebut-sebut dina kaayaan pandemi, anu dina basa Sunda mah disebut usum sasalad.

Disebut kasakit anyar, lantaran mémang anyar-anyar kapanggihna. Komo upama dibandingkeun jeung kasakit urang Sunda baheula mah. Kasakit anu nyerang ambekan (pernapasan), upamana, paling-paling ogé bengék atawa eungap.

Urang Sunda baheula mah percaya, yén kasakit téh asal-muasalna tina hawa kotor jeung kadaharan. Matak papagonna ogé patali jeung kaséhatan, nu utamana mah ukur dua: hirup kudu berséka jeung ulah tambarakan (barangdahar).

Sumber : https://jabarnews.com/read/82791/ngaran-rupa-rupa-kasakit-dina-basa-sunda

 

Covid-19 mimiti kapanggihna ti daerah ....

A.       Singapura, B. Jakarta, C. Bangkok D. Bandung E. Tiongkok

14      Ari ngaran nagara nu jadi tempat asal kapanggihna Covid-19 teh nyaeta ....

A.       China, B. Korea Selatan, C. Afrka Selatan, D. Indonesia, E. Jepang

15      Ari berita di luhur ditayangkeunana dina ....

A.       TV, B. Komputer, C. Radio, D. Internet E. Koran

16      Dina mangsa prungna diskusi, salaku panumbu catur kudu nitenan hal-hal dihandap ieu, kecuali ….

A.       Nepikeun tata tertib nu jelas

B.        Omongan kudu bias ditarima ku pamilon

C.        Wanohkeun pangjejer, ngaranna jeung profesina katut kaahliannana.

D.       Tutup diskusi panceg dina waktuna.

E.        Sikep subjektif tur teu kudu ngahargaan sakur pamilon.

17      Tugas atawa pancén saha ari ngajaga atawa miara lancarna diskusi téh?                  

A.       Pangjejer                                                          D. Panata Calagara               

B.        Narasumber                                                      E. Pupuhu panitia                  

C.        Panumbu Catur

18      Ari berita sasaruan kecapna jeung .....

A.       fitnah, B. warta, C. nota, D. faktur, E. sajak

19      Ari anu berita teh ngandung unsur Who. nyaeta ....

A.       saha nu jadi sumber berita, B. dimana kajadianana, C. kumaha peristiwana, D. iraha eta kajadian teh. E. Naha make bet kajadian.

20      Kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila.

Nu dicaritakeun di luhur teh nayeta ....

A.       Puisi, B. Sajak, C. Novel, D. Pantun, E. Sisindiran

21      Ari fiksi teh nyaeta rekaan. lawan tina fiksi nyaeta ....

A.       fakta, B. mite C. hoax, D. konsep, E. teu aya nu bener

22      Perhatikeun ringkesan novel di handap ieu ....

BARUANG KANU NGORA

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah nepika bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”

Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?

Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.”

“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”

Ari anu dimaksud Baruang teh nyaeta ....

A.       Sato anu aya di daerah kutub, C. Sato nu aya di Jepang, E. jebakan pikeun ngajailan,

B.        Boga duit, D.barahan ka sahandapeun

23      Ari kecap NGORA nu dina judul di luhur maksudna ....

A.       jalma nu can kolot, C. pamajikan salaki nu anyar, E. budak satepak,

B.        budak nu kokoloteun. D. kolot nu bubudakeun

24      Ari nu disebut samping kebat teh nyaeta ....

A.       samping nu nyarung, C. samping nu oblong, E. samping nu teu numbu tungtung jeung tungtung

B.        samping butut D. samping nu euweuh tungtungna

25      Perhatikeun hal-hal di handap ieu

a. pangaweruh ngeunaan topik wawancara.

b. profil umum (karakter) nu ngawawancara.

c. kaparigelan ngawawancara

d. etika wawancara

e. perjanjian sareng nu ngawawancara.

f. pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).

Nu lain perkara nu diperhatikeun pikeun wawancara di luhur nyaeta ….

A.       Poin a. jeung e.,          B. Poin a. jeung b.,        C. Poin c. jeung d.,        D. Poin a. jeung f.,        E. teu aya nu bener

26      Hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna. Nu kieu teh nyaeta ….

A.       Fitnah,            B. Berita,          C. Babad,         D. Sisindiran,   E. Wawancara

27      Dina prakna wawancara aya anu disebut sasadu. Sasadu teh nyaeta ….

A.       Muji nara sumber,       B. ngahina nara sumber,            C. Menta hampura,       D. menta buruhan,        E. nyalahkeun nara sumber

28      “Asa acan kenalan, nya?” ceuk Darma Kancana.

“Éh, muhun”, walon Imas, “Nami abdi Imas. Ari ieu nu geulis, Néng Titut. Sobat dalit, tukang nyiwit. Ari nami akang?”

“Darma Kancana.”

Imas ngalieuk ka Titut.

“Ké nya, Tit. Antosan sakedap.”

“Ka mana?” walon Titut rampang-reumpeung.

“Ké sakedaaappp wé. Rék ka ...wésé heula.”

Teu ngadagoan réaksi Titut deui, belenyeng Imas lumpat muru wésé. Puguh wé jadi teu pugug rarasaan. Tur-ter. Keuheul ka Imas , bari jeung atoh.

Dina dialog di luhur, Imas hayang ka wésé téh sigana ukur alesan wungkul. Cing naon alesan sabenerna?

A.       Lantaran keuheul ka Titut

B.        Sabab keuheul ka Darma

C.        Lantaran Imas resep ka Darma

D.       Ngarah titut wawuh jeung Darma

E.        Lantaran Imas keuheul ka Darma

29      Wawancara nu mangrupa bentuk nganyatakeun bener jeung henteuna berita nu tarima disebutna ….

A.       Konfirmasi,    B. konfrontasi, C. Diskusi,       D. Konsolidasi, E. Kontradiksi

30      “Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna”.

Kecap kamandang di luhur ngandung harti ...

A.       Usulan                                                               D. Caritaan                

B.        Kahayang                                                          E. Pamanggih/pendapat                   

C.        Omongan

31      “Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit”.

Kekecapan di luhur téh kaasup conto dina diskusi

A.       Muka diskusi                                             D. ngahaturanan pangjejer

B.        ngatur jalanna diskusi                                      E. ngawanohkeun pangjejer

C.        nutup diskusi

32      Perhatoskeun sempalan diskusi ieu….

Sastra         : “Kieu, Kinten-kinten dina miéling Poé Basa Indung téh, kagiatan naon waé nu badé diayakeun téh?”

Nitisara      : “Hatur nuhun, saé pisan patalékanana. Perkawis kagiatanana mah mung nyongcay waktos sadinten waé, nyaéta kaping 21 Pébruari 2012. Kagiatanana ogé teu seueur, sadayana museur kana basa, sastra jeung aksara Sunda. Namung kedah diiluan ku sadayana kelas ti kawit kelas 10 dugi ka kelas 12. Dupi kagiatanana mah: (1) Ngarang Carpon, (2) Maca Sajak, jeung (3) Nulis Aksara Sunda. Husus kanggo ngarang, tiasa dikawitan ti kaping 1 Pébruari 2012. Kumaha tah upami kitu, sapuk henteu?”

Pangurus  : “Sapuuuuuuk!”

Ari sasaruan kecap patalekan teh nyaeta …..

A.       Pertarosan

B.        Waleran

C.        Sanggahan

D.       Pangdebat

E.        Pangbelaan

33      Lamun nitenan diskusi di luhur, ari maksud kecap Basa Indung teh nyaeta ….

A.       Bahasa Ingris

B.        Bahasa Indonesia

C.        Bahasa hiji suku bangsa

D.       Bahasa istri nu ngalahirkeun

E.        Bahasa Arab

34      Ari kecap sapuk teh sarua jeung ….

A.       Satia

B.        Teu satia

C.        Satuju

D.       Teu satuju

E.        Pasalia

35      Karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti, dina istilah sundana teh nyaeta ….

A.       Sisindiran

B.        Tembang

C.        Kawih

D.       Sajak

E.        Pupuh

36      Perhatikeun conto sisindiran di handap ieu …

Jauh-jauh manggul awi,

nyiar-nyiar pimerangeun.

Jauh-jauh neang abdi,

nyiar-nyiar pimelangeun

Ngilik eusina, nu sarupa kieu disebutna ….

A.       Paparikan

B.        Wawangsalan

C.        Rarakitan

D.       Memerangan

E.        Paparahuan

37      Perhatikeun sisindiran di handap ieu!

Teu beunang dihurang sawah,

Teu beunang dipikameumeut.

Wangsalna tina sisindiran di luhur nyaeta ….

A.       Hurang

B.        Sawah

C.        Bangkong

D.       Simeut

E.        Lauk

38      Karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa, disebutna ….

A.       Autobiografi

B.        Carita pondok

C.        Puisi

D.       Sajak

E.        Biografi

39      Perhatikan carita di handap ieu!

DUA NU NGALALANA JEUNG HIJI BIRUANG

Dua jalma leumpang ngalalana babarengan liwat ka hiji leweung. waktu harita ngadadak aya hiji biruang anu gede kaluar ti rungkun nu deukeut jeung maranehna, duanana ngembang kadu ninggal kitu teh.

Salah sahiji nu ngalalana, ngan ukur mikirkeun dirina sorangan jeung teu mikirkeun babaturannana. manehna naek kana hiji tangkal anu deukeut ka manehna.

Nu ngalalana hiji deui, ngarasa teu bisa ngalawan biruang nu sakitu gedena sosoranganan. manehna ngabeubeut keun dirina kana taneuh jeung ngagoler bari ngahep-hep.

Saolah-olah manehna tos maot. Manehna osok ngadenge lamun biruang teh moal nyabak sato atawa jelema anu geus maot.

Di luhur aya kecap, ngembang kadu. Anu dimaksud ngembang kadu teh nyaeta ….

A.       Alewoh

B.        Mencenges

C.        Olohok

D.       Mayang

E.        Ulated

40      Ari biruang teh rupana nyaeta … [gambar]

A.       Ieu

B.        Eta

C.        Itu

D.       Ini

E.        Inoh

II. SOAL ESSAY

1          Naon bedana antara biografi jeung otobiografi?

2          Naon ari anu disebut berita teh?

3          Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H. Jelaskeun!

4          Aya dua persiapan nu kudu diperhatikeun dina wawancara, jelaskeun!

5          Sebutkeun 3 rupa sisindiran nu anjeun apal


ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...