Tampilkan postingan dengan label Pakakas. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pakakas. Tampilkan semua postingan

Pakakas Barang

Pakakas Barang


Aseuk, pakakas paranti ngaseuk dijieuna tina kai buleud panjang, méncos tungtungna. Aya oge anu nyebut luju.


Arit, pakarang samodél parang tapi leuwih leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipaké ngala jukut.


Badi, pakarang sarupa péso nu gagangna béngkok.




Bajra, pakarang baheula sarupa gada.




Balincong, pakarang paranti nugar, seuseukeutan, sabeulah lancip kawas linggis, sabeulah deui potongan rimbas.


Baliung, pakakas tukang kai nu bisa digalar-gilir jadi patik atawa jadi rimbas.


Bandring, katepél, paranti malédog-malédogkeun batu, sok dipaké ngala manuk.


Bedog, pakarang paranti ngadék.



Burang, tataheunan, awi meunang nyeukeutan tungtungna sabeulah, ditancebkeun dina liliwatan sato (nu keur diboro), bari diririmbunan ku dangdaunan ngarah ulah katara, supaya nu ditaheunan katubles.


Congkrang, bedog panjang nu ngeluk congona paranti ngala suluh atawa nyacar.


 Dékol, pakakas nu beunang dipaké ngadék saperti kampak tur bisa dipaké nakol saperti palu (upama dibalikkeun).


Étém, sabangsa péso paranti dibuat, ngala paré saranggeuy-saranggeuy.



Gacok, pakakas paranti garpuh, maké doran saperti pacul.


Gada, paneunggeul tina beusi, pakakas perang baheula.


Gobéd, pakarang siga bedog tapi panjang.



Gondéwa, pakakas tina kai atawa paranti mentang jamparing.

Jamparing, panah, nu sok dilepas tina gondéwa.




Jara, pakakas tina kawat beusi nu tungtungna lancip, paranti ngaliangan kai atawa awi (saméméhna sok dibeuleum heula tepi ka semu hurung).







Kampak, pakakas tukang kai, bangunna siga huntu gedé digagangan, paranti nuar atawa meulah kai.






Keris, pakakas paranti nubles, sok dialus-alus, dipaké sosorénan dina upacara-upacara, salasahiji parabot perang baheula.


Kihkir, pakakas paranti ngasah ragaji.






Koréd, pakakas tani pikeun miceunan jujukutan (biasana bari ngoyos).




Kujang, pakakas urang sunda baheula, paranti ngadék atawa newek, sok dipaké dina perang.




Linggis, pakakas tina beusi paranti nugar atawa ngali.




Pacul, pakakas patani paranti malikkeun taneuh atawa ngali lombang.

Aya rupa pacul anu rada leutik sok disebut pancong.



Palu, pakakas tina beusi digagangan ku kai, paranti nakol paku,
nu sabeulahna (nu nyagak) paranti nyabut paku.



Parang, pakakas patani paranti babad galeng, jsb. wangunna semu bengkung rubak ka tungtung.

Patik, kampak gedé panjang gagangna, paranti nuar kai, jsb.




Pedang, pakarang sabangsa bedog, alus tur panjang.


Péso, pakakas paranti karat-keureut.



Péso abir, péso paranti di dapur.

Péso lipet, péso nu bisa ditikeulkeun gagangna tur bisa dipésakkan.

Péso méja, péso nu sok dipaké ngeureut kadaharan nu perlu dikeureut dina méja.



Péso pangot, péso paranti nulis dina daun lontar atawa paranti nyukuran.

Ragaji, pakakas nu geus régés seuseukeutna, bangunna ipis rada panjang, paranti motong atawa meulah.


Rajang, péso rubak paranti nyisik daun bako atawa paranti ngeureut bako.

Rancatan beulah, pakakas paranti nanggung, dijieuna tina awi sabeulah.


Rancatan dagol, rancatan anu dijieunna tina awi guluntungan.



Rimbas, pakakas sarupa kampak, paranti mapas kai.


Salumbat, parabot nu dijieun tina ruyung, paranti mesék kalapa.


Sugu, pakakas tukang kai paranti ngaratakeun kai (papan, tihang, jsb.).

Sumpit, parabot tina tamiang panjang, minangka pélorna paser, dijieun tina harupat kawung maké kapuk atawa kapas, ditémbakkeunana ditiup tarik digentakkeun, sok dipaké ngala manuk.

Taméng, parabot paranti nakis pakarang lawan sabangsa tumbak, jamparing jsb.  Wangunna siga beungeut goong, sok dipaké dina perang jaman baheula.

Tatah, parabot tukang kai, dijieun tina beusi maké gagang kai, paranti nyieun liang pasagi dina tihang, jsb.).

Tumbak, pakarang anu dipakéna ditojoskeun atawa dilempagkeun kana awak musuh atawa sato boroan.
Sumber: http://sasieureun-sabeunyeureun-pikeun-sunda.blogspot.com/2012/07/istilah-pakakaspakarang.html

Ngaran Pakakas atawa Parabot Basa Sunda

Ngaran Pakakas atawa Parabot Basa Sunda

  Macem-macem pakakas

     

  1. Arit. => Parabot paranti ngala jukut/Pare (rumput/padi)
  2. Aseuk => paragi ngaseuk
  3. ancun => paragi ngakut Es kacang
  4. Balincong => Paragi Nugar
  5. Baliung => pakakas anu bisa dijieun Patik/rimbas
  6. Bandring ( Ketepel) => paranti maledogkeun batu
  7. bedog ( Golok) => paranti Ngadek
  8. Congkrang => paranti nyacar
  9. Dekol => paragi ngadek tur bisa di pake nakol
  10. Etem => alat paragi dibuat ( ngala Pare)
  11. Gacok => alat paragi nugar
  12. Gaet => alat paragi ngait nu beurat tur di gagangan
  13. Gegendir => alat paragi Neungeul nu beurat
  14. Gobang => Saperti bedog tapi panjang
  15. Gondewa => paragi mentangkeun jamparing
  16. Jara => alat paragi ngaliangan awi
  17. jamparing => panah
  18. Kikir => alat paragi ngasah ragaji
  19. Kored => alat paragi miceunan jukut
  20. kujang => pakarang urang sunda baheula
  21. Parang => alat paranti ngababad jukut dina galeng
  22. Sumpit => alat paranti ngala lauk
  23. Sundung => alat paranti ngawadahan Jukut

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...