Conto RPP Sunda ti sakola lain

RPP SUNDA 1 - susansusanti93 Flip PDF | AnyFlip

Pada - Padalisan

Unsur-unsur
pada (bait)
padalisan (baris, jajar)
engang (suku kata)
guru wilangan (jumlah engang dina sapadalisan)
guru lagu (sora tungtung dina hiji padalisan)

Conto:
ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi legok
lieur otak nyeuri huntu
ngalamun ning huntu coplok

pada (bait) = 1
padalisan = 4
engang = 8 x 4
guru wilangan = 8
guru lagu = u - o - u - o

Modul Sunda Kelas 12 | 2627

Modul Sunda Kelas 11 | 2627

Modul Sunda Kelas 10 | 2627

MODUL Bahasa Sunda Kelas X Semester 1

Materi Pembelajaran

1. Medar Perkara Tarjamahan

Tarjamahan téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah di sebutna translation. Tarjamah téh proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa penarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya hasana. Dina istilah séjén disebut ogé alih basa. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari jalan caritana jeung ngaran tokohna mah diluyukeun jeung kaayaan di urang. Conto karya sastra Sunda saduran R. Satjadibrata, diantarana wae Eunteung Wasiat (saduran dongéng Jepang, 1930), jeung Budak Timu (1932).

2. Padika Narjamahkeun

Narjamahkeun téh aya padika aturanana. Aya tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun.

a.  Kamampuh Gramatikal, mangrupa pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimat, nyusun alinea, jeung ngalarapkeun ėjaan.

b.    Kamampuh Sosiolinguistik, mangrupa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masyarakat pamakéna. Upamana wae dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha sapopoena dina basa Inggris aya atawa henteu

c.   Kamampuh Semantik, mangrupa kamampuh dina ngaguar harti ma'na teks nu rék ditarjamahkeun. Upamana wae, dina Sunda aya babasan kurungbatok, naon tarjamahan dina basa Indonésiana? Naha bisa mun disarjamahkeun sangkar tempurung kalapa. Tangtu wé ditarjamahkeunana téh kudu jadi ‘bagai katak dalam tempurung, nu

hartina sarua jeung kurung batok, nyaéta langka indit-inditan nepi ka kurang pangalaman asana Narjamahkeun téh lain ngan bener kekecapanna wungkul, tapi kudu kapanggih rasa bahasa deuih.

Kecap Sunda nu teu bisa sagemblengna ditarjamahkeun kana bahasa Indonesia atawa basa séjénna disebutna Kecap Anteuran (KA) atawa kecap panganteur pagawéan. Jumlahna kaitung réa, ceuk hasil panalungtikan mah aya 418 jumlahna.

Aya media nu kalintang pentingna lamun urang rek nerjemahkeun, nyatea:

kamus. Diantara bangsa deungeun nu kungsi nyusun Kamus Sunda téh aya Jonathan Rigg (1854), A. Geerdink (1875), H.J. Oosting (1879), S. Coolma (1884) jeung FS. Eringa (1984) Kabéh dicatuna aya urang Sunda anu nyusun kamus, saperti: R. Satjadibeata (1948), Oyon Sofyan Umsari (1992), R. Harjadibrata (2003), R.A. Danadibeata (2007), Budi Rahayu Tamayah, jisté.

Upama dipasing-pasing, kamus téh aya tila rupa, nyaéta:

a.     Kamus Umum, mangrupa kamus nu tujuanna pikeun kaperluan umum, lain ngeunaan salasahiji widang. Ku kituta eusina téh sok lengkep.

b.      Kamus dua basa (dwihasa) mangrupa kamus nu nyebutan sasaruaanana kecap dina dua bahasa.

c.       Kamus istilah mangrupa kamus nu ngamuat istilah-istilah khusus dina hiji widang kaelmuan

Conto RPP Sunda ti sakola lain

RPP SUNDA 1 - susansusanti93 Flip PDF | AnyFlip