Keyboard Sunda di KeyMan.COM


Intruksi cara menggunakan:


gambar disisipkan  

Layar disembunyikan

=======
=======

PAS SUNDA 10 - 11 - 12 SEMESTER 1

Tong hilap ngapalkeun .
Kade Sholat Nu Lima Waktos.
Aya Dhuha Siangna, Aya Tahajud Wengina.

Passwordna:
NABIYULLOH
(Jalmi Nu Nampi Wahyu Alloh kitu disebatna) 
Kitu pisan. Abdi oge nampi sareng percanten ulah maca tabbatyada
Oh muhun kin be shalawat adamiyah mah 25-Februari-2021 panggentos shalawat ibrahimiyyah teh,
In SyaAlloh kitu. Kaping 26 berarti.
===========================================================
=============================================================
Bismillah.

Mangga ka Panitia
Soal Basa Sunda Kelas 10, 11, 12 SMA Plus Tauhidul Afkar
di Google [Go Yapista TeA Indonesia] Form.

Basa Sunda Kelas 10 ==> 👇👇👇
https://forms.gle/L85aZkPXCEqu5rqs9


Basa Sunda Kelas 11  ==> 👇👇👇
https://forms.gle/Vi6VJ7LYY9oCf2tu8


Basa Sunda Kelas 12  ==> 👇👇👇
https://docs.google.com/forms/d/e/1FAIpQLSfGQhfmTa81-RfwEkhKnfBZdz3dSP9hwEAl0pcwXqUcVdOWLQ/viewform?usp=sf_link
Alhamdulillah.
Mangga Ka Panitia.....

Sunda 10.4 - Rumpaka Kawih _2 Teorina

RUMPAKA KAWIH . Hidep kungsi ngaregepkeun lalaguan Sunda anu dihaleuangkaeun ku almarhum Darso, Doel Sumbang, atawa Yayan Jatnika? Aya nu apal henteu laguna? Kudu apal atuh kana lalguan pop Sunda, ulah kana lagu pop indonesia jeung inggris wae. Apan cirina urang reueus kana budaya bangsa teh nya kudu make basa daerah. Aya babasan yen basa teh ciciren bangsa. Lagu pop sunda teh rumpakana make basa Sunda.

Lagu pop Sunda anu sok dihaleuangkeun ku Darso, Yayan Jatnika, Doel Sumbang, jrrd. teh kaasup kana wanda kawih. Ku lantaran kitu, kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra jeung seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih maah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.

Sangkan teu bingung, hayu urang titenan heula kumaha wangunna rumpaka kawih. Geus kitu, tuluy regepkeun kumaha cara ngahaleuangkeunana. Sangkan gampang, bisa nyetel kaset, VCD, atawa ningali tina internet!

RUMPAKA KAWIH ,Pangertian, Conto,Unsur, sarta Struktur

Kontenbyk [show]

A. PANGERTIAN RUMPAKA KAWIH

Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Ieu dihandap aya tilu rumpaka kawih. Pek baca dina jero hate, teuleuman kumaha eusina. Geus kitu, tuluy kawihkeun! Mun hese, bisa ngaregepkeun heula tina kaset, CD, MP3,MP4! Mun di kelas aya nu sorana halimpu jeung tapis ngawih, pek sina ngawih di hareupeun kelas.

  1. Kawih Es Lilin

ES LILIN

Sanggian : Mursih

Es lilin mah, aduh, kalapa muda,
dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
abdi isin, geuning, samar kaduga,
sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

Es lilin mah, aduh, buatan Bandung,
dicandak mah, geuning, ka Cipaganti,
abdi isin, geuning, sok bararingung,
sok isin mah, geuning, henteu ngajadi.

 

Itu saha, dunungan duh, nguntun munding,
digantelan, dunungan duh, saputangan,
itu saha, dunungan duh, ginding teuing,
sihoreng mah, aduh, geuning dunungan.

 

2. KAWIH KARATAGAN PAHLAWAN

KARATAGAN PAHLAWAN

Sanggian : Mang Koko

Teu honcewang (teu ringrang)
sumoreang (haringhang)
Tekadna pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcewang)
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

3. KAWIH KABOGOH JAUH (POP SUNDA)

Kabogoh Jauh

Dinyanyikeun ku Darso

Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

B. MIKAWERUH PERKARA KAWIH

1.  WANGENAN KAWIH

Dua kawih anu tadi geus dihaleuangkeun ku hideup teh geus populer pisan di tatar Sunda mah. Najan kitu, hidep kudu apal yen di urang mah aya mu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun .

Kawih teh jadi bagian tina kabeungharan  seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun , kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.

Ari kakawihan mah meh sarua jeung kawih. Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan barudak. Ku kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona wae aya kakawihan “Oray-orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan’, jeung sajaba ti eta.

2. STRUKTUR (ADEGAN;UNSUR) KAWIH

Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa, jeung kekecapan (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.

a. Jejer atawa tema

Tema teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.

b. Nada jeung suasana

Nada teh sikap pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemahcai

Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari pahlawan teh nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.

c. Rasa

Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah henteuna kawih teh apan karasana sabada dihaleuangkeun.

d. Amanat

Amanat teh rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu, amanat dina kawih ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji kawih.

e. Purwakanti

Titenan deui rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatri[a] danalag[a]                              <———- padalisan ka-1
Bela bangs[a] jeung nagar[a]
Dibarengan tekad suc[i]                                 pada (bait)
Berjuang keur lemahca[i]

Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka kawih kitu teh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah.

Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah disebutna purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!

Berjuang keur lemahca[i]
Lali rabi tur tegang pat[i]
Taya basa menta pamulang tarim[a]                    〉    Murwakanti dina sora i jeung a
Iklas rido keur korban merdek[a]

C. CONTO RUMPAKA KAWIH

ULAH CEURIK

Cag didieu,Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang
Teup anteupkeun,Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung,Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang pipisah
Pisah…

Rek ka saha,Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
Cig ka kidul,Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….

Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda,Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik,Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat,Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura

D. Jenis-jenis KAWIH

  1. Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula. Contona ; banjar sinom
  2. Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.
  3.  Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern. Contona ; anggrek japati, angina priangan.
=========

Daftar Pustaka:

https://www.ayokbelajar.com/rumpaka-kawih-pangertian-conto-unsur/

https://fazryspot.blogspot.com/2016/06/bahasa-sunda-kawih-kakawihan-pupuh.html

Latihan Soal – Sunda 10.3 – Laporan Kegiatan

Latihan Soal – Sunda 10.3 – Laporan Kegiatan

1.       Tulisan atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun disebutna ....

A.      Sambutan

B.      Laporan

C.      Dongeng

D.      Puisi

E.       Drama

2.       Titenan Laporan kagiatan 17 Agustusan SMA Plus Tata Tauhidan.

1)     Ngarayakeun kamerdekaan bangsa Indonesia

2)     Ngahargaan jasa pajoang Indonesia

3)     Melakkeun rasa mikacinta ka Indonesia

4)     Mudarkeun rasa cinta ka nagara

5)     Ngahibur warga

6)     Ngahesekeun masyarakat

7)     Kaulinan barudak

Tina tujuan diluhur, nu lain saenyana tujuan kagiatan 17 agustusan nyaeta ....

A.      1 jeung 2

B.      2 jeung 3

C.      4 jeung 6

D.      1 jeung 7

E.       4 Jeung 5

3.       Kagiatan nu aya dina Agustusan, dihandap ieu nyaeta balap ....

A.      Balap ngopi kurupuk

B.      Balap sendok kaleci

C.      Balap karung

D.      Balap sedotan karèt

E.       Balap bakiak

4.       Ari anu disebut maen rebutan teh nyaeta ....

A.     Description: See the source image


B.      Description: See the source image

C.     Description: See the source image


D.     Description: See the source image


E.      Description: See the source image


Latihan Soal - Sunda 12.4 - Drama

 Drama

1.       Karya sastra anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku disebut ....

A.      Sisindiran

B.      Drama

C.      Sajak

D.      Tatarucingan

E.       Tarjamah

2.       Dumasar kana cara mintonkeunnana, dramatik nu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa acara sosial-kaagamaan disebutna ....

A.      Drama Rakyat

B.      Drama Modern

C.      Drama Karasmen

D.      Drama Klasik

E.       Drama Pejabat

3.       Bagbagan drama anu eusina pikaseurieun, disebut drama ....

A.      Tragedi

B.      Horor

C.      Anarki

D.      Komedi

E.       Hirarki

4.       Bagian drama nu eusina naskah bubuka jeung panganteur disebutna ....

A.      Dialog

B.      Epilog

C.      Pasemon

D.      Prolog

E.       Adegan

5.       Perhatikeun sempalan drama di handap ieu!

Bagian 1

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Bagian 2

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

 

Tokoh dina drama di luhur, nu ngelek hayam teh nyaeta ....

A.      Abong-abong

B.      Bapa Jago

C.      Indung bikang

D.      Patih Duaan

E.       Ciung Wanara

 

DRAMA SUNDA - CIUNG WANARA

CONTOH DRAMA SUNDA
DAFTAR ISI
· CONTOH DRAMA SUNDA
· CIUNG WANARA
· LATIHAN SOAL

CIUNG WANARA

KACARITAKEUN DUA PATIH SAKEMBARAN, PATIH PURAWESI JEUNG PURAGADING, SEJANA KA PASAMOAN, BAWANA HAYAM SAHIJI, PATEPUNG DI ALUN-ALUN JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Dék ka mana paman, bet ngaleut duaan?”
Patih : “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman? Kapan aing téh papatih?”
Ciung Wanara : “Disebut sia ku daék. Disebut paman gé mumul.”
Patih : “Naha manéh anak saha?”
Ciung Wanara : “Anak bapa.”
Patih : “Saha bapa manéh?”
Ciung Wanara : “Salaki indung.”
Patih : “Indung manéh téh saha?”
Ciung Wanara : “Kapan pamajikan Bapa.”

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADÉNGÉ OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGÉLÉK HAYAM.

Patih : “Ti mana manéh mawa hayam, mana alus-alus teuing?”
Ciung Wanara : “Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog.”
Patih : “Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!”
Ciung Wanara : “Tah geuning buntutna.”
Patih : “Abong-abong.”
Ciung Wanara : “Ih, abong-abong mah songong.”

PATIH NGAJAK NGADU HAYAM BARI NGENCARKEUN HAYAMNA TINA KISA. CIUNG WANARA OGÉ NGALEUPASKEUN HAYAMNA. GER BAÉ DIADU. KACARITAKEUN HAYAM PATIH NU ÉLÉH. ÉTA DUA PATIH TÉH NGAMBEK. CIUNG WANARA NGALEUNGIT, NINGGALKEUN TEMPAT ÉTA.

Patih Purawesi : “Duh, Rai, tiwas, hayam urang paéh, budak leungit.
Patih Puragading : “Keun waé, taksiran anak siluman.

ÉTA DUA PATIH TULUY ARINDIT NINGGALKEUN TEMPAT MURU KA PASÉBAN. KACARITAKEUN LÉNGSÉR JEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “Rék ka mana Uwa?
Léngsér : “Rék ka paséban, milu ka Uwa?”
Ciung Wanara : “Embung teu wawuh.”
Léngsér : “Teu umum teu wawuh jeung kuring.”
Ciung Wanara : “Enya teu wawuh, da papanggih gé kakara.”

LÉNGSÉR NGALÉOS INDIT KA PASÉBAN, DITUTURKEUN KU CIUNG WANARA. KACARITAKEUN GEUS NEPI KA PASÉBAN.

Léngsér : “Aéh, Asép ti mana?”
Ciung Wanara : “Kapan uing ti padusunan, Uwa nya kuring nu
ngaran Ciung Wanara, putra Nini Balangantrang – Aki Balangantrang.”
Léngsér : “Sukur teuing juragan, ku Uwa geus kaharti.”
Ciung Wanara : “Ieu Uwa imah saha?”
Léngsér : “Ih, Asép, ieu mah paséban.”
Ciung Wanara : “Ari nu sukuna opat matana loba naon?”
Léngsér : “Korsi gading tabur inten.”
Ciung Wanara : “Paranti naon?”
Léngsér : “Paranti linggih raja.”
Ciung Wanara : “Kumaha lamun ku kuring didiukan?”
Léngsér : “Ulah bisi doraka.”

CIUNG WANARA TEU NGAGUGU KANA PANYARAM LÉNGSÉR. GÉK WAÉ CIUNG WANARA DIUK DINA KORSI. TAPI KORSI NU DIDIUKAN TÉH REMUK, LANTARAN TEU KUATEUN KU AWAK CIUNG WANARA NU BEURAT. LÉNGSÉR REUWASEN.

Léngsér : “Duh, Agan, tiwas, urang téh tangtu cilaka, diseuseul ku nu
kagungan!”

CIUNG WANARA KALAH KA SEUSEURIAN, MANI NGAGAKGAK.

Ciung Wanara : “Itu paranti naon?”
Léngsér : “Ranjang katil, sok dipaké kulem raja.”

CIUNG WANARA TULUY NAÉK KANA RANJANG KATIL. TAPI AYEUNA MAH KU LÉNGSÉR TEU DICARÉK. KACATURKEUN CIUNG WANARA JEUNG LÉNGSÉR GEUS AYA DI PASAMOAN PAYUNEUN RATU GALUH.

Ratu Galuh : “Manéh urang mana?”
Ciung Wanara : “Abdi urang Geger Sunten.”
Ratu Galuh : “Saha nya ngaran?”
Ciung Wanara : “Abdi téh Ciung Wanara.”
Ratu Galuh : “Rék naon seja téh datang ka dieu?”
Ciung Wanara : “Sineja rék nyorog ngadu hayam, tapi ku langkung awon.”
Ratu Galuh : “Mana hayamna?”

HAYAM DITINGALIKEUN KA RATU GALUH. RATU GALUH MARIOS HAYAM ADUNA CIUNG WANARA.

Ratu Galuh : “Ieu hayam téh ti mana asalna?”
Ciung Wanara : “Sumuhun pariksa Gusti, ari hayam abdi turunan tina sayangna, indung bikang bapa jago, ngendog sataun sahiji, sayangna kudu kanagan.”
Ratu Galuh : “Paingan hayam téh bet alus.”

SABOT KITU DEWI PANGRENYEP NGAHARÉWOS KA LÉNGSÉR.

Dewi Pangrenyep : “Eh, Léngsér, sok inget ka emban Naganingrum, basana keur waktu babar dikakaya. Ari ayeuna nu dipiceun datang deui ka payuneun Ratu. Aing téh kalangkung sieun.”
Léngsér : “Montong dianggo sieun, sabab ieu boga ibu. Ayeuna mah geura aku ku gamparan.”
Déwi Pangrenyep : “Mangké Léngser, ku aing dipikir heula.”

RATU SASAURAN KA CIUNG WANARA

Ciung Wanara : “ Abdi mah teu ngabantun tumpang, ngan sineja rék numpangkeun umur.”
Ratu Galuh : “Hadé ari téga mah kana umur, pilawaneunana nyaéta ti aing nagara sabeulah.”
Ciung Wanara : “Sumangga, ulah pon beurang, peuting gé seja ngiringan.”
Ratu Galuh : “Hayu geura, pék makalangan!” bobotohna patih dua.”

HAYAM DIADUKEUN. ITU TEUNEUNG IEU LUDEUNG. WANI SARUA DAÉKNA. HAYAM TÉH PRAK BAÉ ABAR. SILIHPACOK KU PAMATUK. SILIHGITIK KU JANGJANGNA. SILIHPEUPEUH KU SUKUNA. HAYAM SARUA BEDASNA. LILA-LILA HAYAM CIUNG WANARA KADÉSÉH. HAYAM TÉH PÉK KAPAÉHAN. HAYAM TÉH DIBANJUR. TULUY HAYAM DIADUKEUN DEUI. KEUR KITU DATANG NAGA WIRU TI GUNUNG PADANG, NYURUP KA HAYAM CIUNG WANARA. AHIRNA HAYAM CIUNG WANARA BISA NGÉLÉHKEUN HAYAM ARIA BANGA.

(Diropéa tina Panyungsi Sastra, 71-78)

Soal Latihan - Sunda 12.3 - Resensi Buku/Film/Pagelaran

Resensi Buku/Film/Pagelaran

1.       Kecap resensi asalna tina kecap resentie, nyaeta asalna tina bahasa ....

A.      Bahasa Walanda

B.      Bahasa Nipon

C.      Bahasa Jerman

D.      Bahasa China

E.       Bahasa Latin

2.       Perhatikeun Pernyataan di handap ieu ...

          1).      Mikaweruh kahengkeran jeung kaunggulan buku atawa file nu diresensi

          2).      Maparin gambaran kanu rek maca atawa kanu rek lalajo

          3).      Ngasongkeun saran atawa kritik kanu nulis

          4).      Ngahinakeun kanu nulis eta buku

          5).      Nguji kualitas hiji buku ata film

          6).      Ngahahalang kanu rek maca atawa kanu rek lalajo

Nu teu kaasup tujuan tina resensi nyaeta ....

A.      4 jeung 6

B.      1 jeung 6

C.      4 jeung 5

D.      2 jeung 3

E.       3 jeung 4

3.       Resensi nu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi elmu kaweruh nu tangtu, hal ieu mangrupakeun wanda tina resensi ....

A.      Informatif

B.      Deskriptif

C.      Kritis

D.      Naratif

E.       Konstruktif

4.       Dina adegan atawa strukturna, Resensi ngabogaan bagian-bagian nu tangtu, diantarana ....

A.      Jenis karya

B.      Identitas karya

C.      Sinopsis

D.      Tilikan eusi karya

E.       Kabeh jawaban bener

5.       Titenan gambar film di handap ieu!

Ngilik tampilannana, nu loba lalajo film saperti kieu nyaeta ....

A.      budak

B.      kolot

C.      lalaki

D.      awewe

E.       indung-indung

 

 

 

 

 

 

                                        

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...