Modul Belajar Sunda 12 Semester 2

Modul Belajar Sunda 10 Semester 2

Modul Belajar Sunda 11 Semester 2

Modul Belajar Sunda 12 Semester 1

Modul Belajar Sunda 11 Semester 1

Modul Belajar Sunda 10 Semester 1

Gaya basa

Gaya basa
Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik, nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.

Gaya basa nyaéta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.

Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:
  1. Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaan g katincak
  2. Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.
  3. Ocon (metonomia), nyaéta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
  4. Ngasor (litotes), nyaéta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
  5. Rautan (eufimismeu), nyaéta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana. Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)
  6. Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).
  7. Raguman (sinekdok) nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
    1. a. Hurunan (totem pro parto), nyaéta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3 (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).
    2. b. Tunggalan (pars pro toto) nyaéta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).
  8. Rarahulan (hiperbol), nyaéta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.
  9. Kadalon (pleonasmeu), nyaéta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.
  10. Ébrehan (peripraseu), nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
  11. Kahanan, nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung
  12. Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa. 
Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:
  1. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. 
  2. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)
  3. Ngomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes.
  4. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).
  5. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.
  6. Contona: Béakeun, kadaharan téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé!.
Daftar pustaka

Purwakanti

Purwakanti.

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.

Rupa purwakanti

Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa.

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti chatibul umam atawa Frendi samudra antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
disawang ti tukang lenjang (a, ang)
ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
ambek nyedek tanaga midek (e)
kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
lalaki langit lalanang jagat (i,i;a,a)

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa Frendi samudra contona:

Contona:

hirup-hurip hayuuu
anjuk hutang
ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh

Conto laraspurwa wianjana:

  1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
  2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
  3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

  1. palataran pasini pati
  2. sakadar sabrang salayan
  3. nu nyaksrak nyaliara
    ngaruksak ngaraksuk
    kaniaya kamanala
    mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya téh nyaéta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna kitu deui

Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.

Purwakanti Mindoan Kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa.

Daftar Pustaka:

Kecap Serepan

Kecap Serepan

I. Kecap Serepan
a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia
Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.

b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén
Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.

c. Kecap Serepan tina Basa Asing
Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab, Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.
1. Serepan tina Basa Arab
Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.
2. Serepan tina Basa Walanda
Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst.
3. Serepan tina Basa Sangsekerta
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst.
4. Serepan tina Basa Kawi
Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst.
5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.
6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst.
7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.

Daftar Pustaka:

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...