SUNDA 10.7 AKSARA SUNDA

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 7 AKSARA SUNDA
Bahan kangge diajarna
Kibot kangge ngadukung ngilik media elektronikna
https://www.kairaga.com/font-sunda/driver-keyboard

font huruf nu dianggena
https://www.kairaga.com/download/driver-keyboard-aksara-sunda-64-bit-2

teorina:



Cari gambar di GooglePhoto
Yuk kita belajar aksara sunda….
AKSARA SWARA (VOKAL)



ANGKA




RARANGKEN AKSARA SUNDA
Dumasar kana posisi nulisna rarangken, dibagi jadi 3 :
a) Rarangkén diluhur huruf
b) Rarangkén dihandap huruf
c) Rarangken sajajar jeung huruf

a. Rarangkén diatas huruf





b. Rarangkén dibawah huruf


c. Rarangken sejajar huruf


Conto kalimat:


Nu ngadukung aksara sunda

Translasi - Latin >>> Sunda ====> Di dieu 👌👌👌
Keyboard Sunda  =++++++++===> Di dieu 👌👌👌


Eh ketang, naha make bet sesah-sesah, ieu we lah di handap:


SUNDA 10.6 CARITA BABAD

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 6 CARITA BABAD/CARITA SUNDA

DAFTAR ISI

           HAREPAN MANGSA RENGSE DIAJAR

           A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

           B. WANGENAN CARITA BABA

           C. STRUKTUR CARITA BABAD

           D. NGARINGKES CARITA BABAD

           E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 1

           CONTO CARITA BABAD

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 2


Harepan lamun geus diajar materi carita babad teh nyaeta:
  1. Bisa maham posisi jeung peran tokoh.
  2. Bisa maham hubungan kausalitas antara peristiwa kasejarahan.
  3. Bisa maham percantelan antar tokoh, peristiwa jeung wilayah satempat.
  4. Bisa nyimpulkan eusi teks (peristiwa sejarah).
  5. Bisa nanggap aspek-aspek sajarah lokal/babad.

A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carita anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipaké dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah Sukapura.

Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang.

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd.

B. WANGENAN CARITA BABAD
Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.

UNSUR INTRINSIK - UNSUR PANGDEUDEUL CARITA
  1. Jejer atawa tema
  2. Amanat
  3. Panokohan
  4. Latar/setting
  5. Alur/plot
UNSUR EKSTRINSIK
  1. Biografi Penulis/Pangarang
  2. Biografi mangrupakeun riwayat panulis carita nu ngawenku kana pendidikan, prestasi, atanapi padamelan. Contona, panulis nu gaduh riwayat pendidikan ekonomi bakal langkung condong ngadamel carita tina sudut pandang ekonomi.
  3. Cara Pandang Panulis
  4. Cara pandang panulis caket pisan kaitannana sareng biografi, kulantaran cara pandang panulis dipangaruhan ku riwayat-riwayat hirup nu tos kaalaman ku penulis.
  5. Situasi sareng kondisi mangsa disusunna karya sastra 
  6. Budaya/Adat Istiadat
    Situasi Politik
    Sajarah
    Kaayaan Ekonomi

C. STRUKTUR CARITA BABAD

Babad téh kaasup karya sastra wangun wawacan. ari wawacan téh umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa klofon.

a. Manggalasastra, eusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita. contona:

           Kasmaran panganggit gending

           Basa Sunda lumayanan

           Kasar sakalangkang awon

           Kirang tindak tatakrama

           Ngarang kirang panalar

           Ngan bawining tina maksud

           Medarkeun pusaka rama

b. Eusi, nyaéta poko carita tina babad. dina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik. contona:

Pupuh Asmarandana

Ari anu jadi kawit, Sangyang Prabu Boros Ngora, Mangkon Panjalu karaton, ngalajengkeun ti ramana, éstu tanah pusaka, kasebat dayeuh Panjalu, nelah dumugi ayeuna.

Ti dinya ngabangun deui, damel situ gedé pisan, anu dinga ranan Léngkong, dikinten éta legana, satus pat puluh bata, étangan nu enggeus tangtu, sakitu anu gumelar.

Sareng aya hiji deui dina tengah situ éta, nusa basa jawa pulo, nu didamel padaleman, lir kuta saputerna, situ ngawengku kadatun, mungal waas nu ningalan.

Pinggir cai bumi mantri, kalér kidul kulon wétan, bérés parélé sakabéh, katampi ku paimahan, para abdi sadaya, katingalna surup payus, tur masih anyar babakan.

Eukeur musim sarwa jadi, pepelakan rupa-rupa, kadu manggu jeruk paséh, dukuh pisitan rambutan, jeruk bali jeung kalar, jeruk manis mipis purut, kadongdong jeung gandaria.

c. Klofon Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa kakurangannana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacan. Contona:

  • titimangsa tamat abdi nulis,
  • nuju pasaran pon,
  • kaleresan siang poé Senén,
  • sasih Juli ping sapuluh yakin,
  • salapan ratus muni,
  • sareng lima éstu,
  • nuju kaping opat welas muni,
  • Désémber sayaktos,
  • tahun séwu dalapan ratus kénéh,
  • Kangjeng Srimaraja parantos masih,
  • sahiji medali
  • tanda satya tuhu

  • tawis rumah tangga sim abdi
  • désa nu kasohor
  • di Maparah lungguh kuwu kénéh
  • tawis Prajadinata pribadi
  • Sih pangraksa Gusti
  • Abdi kaula nun.

Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh.

(Dicutat tina Babad Panjalu, C.M. Pleyte, 1982, k. 129-130)

D. NGARINGKES CARITA BABAD

Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. ku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita. 

Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan.

1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria.

2. mampuh nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna.

E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

1. Maca naskah asli. lengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna.

2. Nyatet gagasan utama. sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan.

3. Nuliskeun deui carita babad. carana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dumasar kana gagasan utama

4. Pariksa deui. maca deui kotrétan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan.

 

(RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA KELAS 10)

MATERI CARITA BABAD SUNDA

LATIHAN 1

1.         Naon ari babad téh?

2.         Naon ari eusi babad téh?

3.         Naon ari manggalasastra téh?

4.         Tuliskeun kalawan singget eusi atawa poko carita tina babad?

5.         Naon ari klofon téh?

6.         Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. Pék sebutkeun!

7.         Jéntrékeun lengkah-lengkah nyieun ringkesan!

CONTO CARITA BABAD

Ringkesan Babad Panjalu

Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jam pang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.

Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijak sana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep pa lay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna,

Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut pong gawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Raden Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Raden Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana.

Éta kajadian téh dugi ka Prabu Borosngora. Satuluyna anjeunna ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu paraséa téh alakur deui. Aria Kuning masrahkeun kalungguhan ka raina, Aria Kancana. Ti harita Aria Kancana ngadeg bupati ngagentos rakana.

Ti dinya Kampuh Jaya dipaparin jujuluk Sang Guru Haji. Satuluy na anjeunna diistrénan jadi patih di Panjalu, paheuyeuk-heuyeuk ngolah nagara sinareng sang raja Aria Kancana. Panjalu tinemu deui jeung katengtreman.

Aria Kancana digentos ku putrana nu cikal, Sanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkung, kayaning Aria Kadali, Raden Marta Badadahin, Raden Marta Baya, Raden Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Raden Wira Baya, Raden Wira Dipa, Raden Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna.

MATERI CARITA BABAD SUNDA

LATIHAN 2

1.         Naon téma carita babad di luhur?

2.         Tataan para palaku, watek jeung peran atawa kalungguhanana!

3.         Dimana latar tempat jeung waktu, sarta kumaha sausanana?

4.         Make galur naon eta carita babad téh?

5.         Naon amanat anu aya dina carita babad di luhur?

6.         Teangan hubungan tokoh jeung kajadian ieu carita babad dina kanyataan ayeuna!

SUNDA 10.5 WAWANCARA

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 5 WAWANCARA
WANGENAN WAWANCARA
Wawancara nyaeta hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna.

Léngkah-léngkah wawancara:
(1) nataharkeun strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan
a. Persiapan teknis. (alat perekam, alat komunikasi, alat tulis jsb.)
b. Persiapan non teknis:
– pangaweruh ngeunaan topik wawancara
– profil umum (karakter) nara sumber
– kaparigelan ngawawancara
– etika wawancara
– perjanjian sareng nara sumber.
– pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).
(2) ngalaksanakeun wawancara : sasadu,nanya idéntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit
(3) ngukur hasil/déskripsi hasil. : berita/deskripsi
Tujuan waancara:
(1) Seleksi pagawé
(2) Panalungtikan/data
(3) Berita
(4) Jsb

Rupa-rupa wawancara:
(1) Wawancara berita, pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana
(2) Wawancara pribadi, datang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinéh
(3) Wawancara ka jalma loba, pikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal
(4) Wawancara dadakan

PEDOMAN WAWANCARA
Wawancara ka Pasar Singaparna
Informasi Rincian informasi 
Identitas narasumber – Ngaran- Umur
– Alamat
– Kulawarga
– Pagawéan – Kasangtukang pagawéan
Ti iraha
Kumaha kasangtukangna
Naha milih ieu pagawéan

– Prosés dagang
Kauntungan
Masalah/hambatan
Konsumen
Pamadegan narasumber – Pindahna kabupaten- Pangaruhna
– Relokasi pasar
– Perbandingan antara pasar tradisional jeung pasar modern
– Saran ka pamaréntah

Bagian-bagian warta:

Headline: judul warta
Deadline: ngran media,tempat kajadina, tanggal
Lead: bubuka warta/inti warta
Body: eusi warta
Unsur-Unsur Berita
(1) What – apa yang terjadi di dalam suatu peristiwa?
(2) Who – siapa yang terlibat di dalamnya?
(3) Where – di mana terjadinya peristiwa itu?
(4) When – kapan terjadinya?
(5) Why – mengapa peristiwa itu terjadi?
(6) How – bagaimana terjadinya?
(7) What next – terus bagaimana?

Wawancara-warta-langsung-teu langsung
Kalimah teu langsung dicirian ku kecap-kecap yén, cenah,…

Conto naskah warta

INOVASI DINA GOLEK

(Bandung, 17/12/2010) Wayang golék kiwari geus loba robahna, loba inovasi nu geus dilakukeun. Nu ngalakukeun inovasi dina wayang diantarana nya éta dalang Asep Sunandar Sunarya. Inovasi dina wayang téh aya nu panuju aya nu nolak.

Nurutkeun Asep Sunandar Sunarya, pikeun néangan bahan carita bisa tina sababraha jalan. Bisa tina Koran, berita, bisa ogé tina kaayaan sapopoé. Wayang téh mangrupa alat pikeun nepikeun sagala hal ka masarakat, ku sabab kitu dalang sakuduna terus ngalakukeun inovasi. Inovasi dina wayang ogé dilakukeun sangkan masarakat teu ditaringalkeun.

Inovasi dina wayang ieu loba ogé anu nolak. Sabab bisa ngabalukarkeun wayang leungiteun idéntitas ogé ngarempak tetekon. Asep kurang panuju kana anggapan ieu, manéhna nganggap yén inovasi dina golék téh lai pikeun ngarempak tetekon tapi sangkan wayang terus dipikaresep ku masarakat. Asep ogé nganggap yén ari ngaranna budaya mah dinamis salawasna robah, jadi wayang robah ogé teu kunanaon..

Simak salajeungna di Brainly.co.id - https://brainly.co.id/tugas/14686733#readmore

SUNDA KLS/MTR 11.2 SISINDIRAN

BAHASA SUNDA KELAS 11
BAB 2 SISINDIRAN
 
MIKAWANOH SISINDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. 

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan maksudna tea.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: 
  1. (1) rarakitan; 
  2. (2) paparikan, jeung 
  3. (3) wawangsalan. 

Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
  1. (1) silihasih;
  2. (2) piwuruk;
  3. jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN
Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat rakit anu papak dina puhuna.
Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok
Contona:
Jauh-jauh manggul awi,
nyiar-nyiar pimerangeun.
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Cangkang:
Jauh-jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun

Eusi:
Jauh-jauh neang abdi,
nyiar-nyiar pimelangeun

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina. 

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.
Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.
Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.

Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae.
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.
Contona:
Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.

PAPARIKAN
Paparikan the asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Boboko ragrag ti imah,
ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah,
lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
Sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Jeruk purut Cikaruncang,
jambu aer Wanayasa.
Camerut haying kabujang,
susu laer teu dirasa.

Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.
Contona:
Dengkleung dengkleung dengdek,
buah kopi raranggeuyan.
Ingkeun anu dewek,
ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,
nyeredet hate ningali herang caina.
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,
nyeredet hate ningali sorot socana.

Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN
Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.
Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut
Conto sejenna:
Reregan sabudeur imah,
Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.
Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)

Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya bela.
(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daek ka abdi.
(puyuh)

Teu beunang ditiwu leuweung,
teu beunang sipikasono.
(kaso)

 
Ka para murangkalih, tiasa nitenan conto-conto wawangsalan di halaman ieu ...

SUNDA 10.4 KAWIH

Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Daramang sadayana? Mugia sehat wal 'afiyah.
Danget ayeuna urang tandang dina ngaguar perilah materi KAWIH.
Kanggo bahan, tiasa ditinggal dina halaman nu sanes, sapertos:
https://sidarumsunda.blogspot.com/p/blog-page_11.html

Kawih Klasik
Kawih Peuyeum Bandung
Lirik Laguna:
Di mana-mana
Di kampung di kota 
Tos kakoncara
Nu nikmat rasana



Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon margina
Duh matak kabita 
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
ku sadaya kagaleh
sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran 
Peuyeum ti Bandung.... henteu sembarangan
Kawih Kiwari
Teori Kawih ... ieu link-na
DINA BAHASA INDONESIA.... MANAWI SEMPET URANG SUNDAKEUN
Eh.... geningan, riweuh baroraah nyundakeun.... [sok padahal mah, boa teu nyempetkeun waktos].
Enya atuh wios.... ieu we aya Teori sejen. Muhun di halaman ieu:

Tah ieu .... teori kawih .... nu bahasa sunda tapi tina tingkat SMP.

SUNDA 10.3 LAPORAN KEGIATAN

BAHASA SUNDA KELAS 10
LAPORAN KAGIATAN
Bahan tela'ah pikeun conto. Ilmu nu geus aya urang teorian. Insya Alloh.
Laporan Pagelaran Kasundaan
Laporan kagiatan muludan
Laporan Agustusan

Teorina:
  1. Wangenan Laporan Kagiatan
    1. Laporan téh mangrupa hasil atawa naon-naon anu dilaporkeun. Kagiatan nepikeun laporan disebut ngalaporkeun, ari kagiatan nyusunna disebut nyusun laporan. Laporan kagiatan nya éta tulisan atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun. Kagiatanana bisa mangrupa kagiatan lalampahan, kagiatan maca, nongton jrrd.
  2. Hal-hal anu kudu aya dina nulis laporan
  3. (1) Judul kagiatan (2) Maksud jeung tujuan kagiatan (3) Tempat anu dijugjug atawa dituju (4) Waktu dilaksanakeunana kagiatan (5) Pamilon nu milu dina kagiatan (6) Kagiatan anu dilaksanakeun (7) Hasil kagiatan
  4. Rangkay laporan lalampahan
    1. Bubuka
      • Nyaritakeun tujuan, waktu, tempat, jeung pamilon kagiatan
    2. Eusi
      • kagiatan salila di tempat
      • hasil anu kapanggih di tempat
    3. Panutup 
      • Acara mungkas
      • kacindekan
  5. Conto Laporan
Lalampahan ka Papandayan
Lalampahan ka Papandayan téh salasahiji program insidéntalm KPLH Pancaksuji. Ieu kagiatan dina ping 29-31 Agustus 2012. Tempat nu dijugjug nya éta gunung Papandayan nu aya di kacamatan Cisurupan, kabupatén Garut. Pamilon nu ngilu dina ieu kagiatan téh aya 10 urang, awéwé 7 jeung lalaki 3. Kabéhna téh mangrupa anggota KPLH Pancaksuji. Lalampahan ieu miboga tujuan nya éta pikeun nambahan pangalaman sarta ngalatih kamampuh dina hal naék gunung, ngaronjatkeun kacinta ka alam nu geus diciptakeun ku Allah SWT, sarta mikanyaho asal-muasal ngaran patempatan nu aya di sabudeureun gunung Papandayan.

Kagiatan lalampahan ieu dilaksanakeun salila tilu poé. Poé kahiji mah rombongan indit ti Bandung, nepi ka Garut peuting langsung nge-camp di pos kahiji (Camp David). Isukna rombongan langsung ngalanjutkeun lalampahan ka camp Pondok Salada. Di pos ieu rombongan ngadegkeun tenda keur nge-camp. Salian ti rombongan urang, di pos Pondok Salada ogé loba ténda-ténda lianna. Peutingna aya acara api unggun nu mangrupa ajang keur silaturahmi jeung rombongan séjén. Didinya kaguar informasi yén numutkeun carita nu sumebar di masarakat ngaran Papandayan dicokot tina kecap ‘panday’ tina kalimah ‘panday beusi’. Jaman baheula kacaritakeun yén daérah gunung Papandayan téh tempat para déwa nyieun beusi keur pakakas perang. Kawah-kawah aktif di Gunung Papandayan téh mangrupa tempat gawé para déwa. Kamungkinan ayana sora-sora tina kawah éta nu jadi asal-muasal caritana.

Salaku pecinta alam lain ngan ukur mikacinta alam ku cara naék gunung jeung kagiatan alam lianna, tapi leuwih ti éta urang kudu bisa ngajénan alam sarta bisa ngajaga jeung ngariksa alam éta sorangan. Teu ngaruksak alam jeung kudu bisa ngamangpaatkeun alam samistina teu kaleuleuwihi.

Sumber: http://poestaka-soenda.blogspot.com/2012/12/

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...