SUNDA 10.6 CARITA BABAD

BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 6 CARITA BABAD/CARITA SUNDA

DAFTAR ISI

           HAREPAN MANGSA RENGSE DIAJAR

           A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

           B. WANGENAN CARITA BABA

           C. STRUKTUR CARITA BABAD

           D. NGARINGKES CARITA BABAD

           E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 1

           CONTO CARITA BABAD

           MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 2


Harepan lamun geus diajar materi carita babad teh nyaeta:
  1. Bisa maham posisi jeung peran tokoh.
  2. Bisa maham hubungan kausalitas antara peristiwa kasejarahan.
  3. Bisa maham percantelan antar tokoh, peristiwa jeung wilayah satempat.
  4. Bisa nyimpulkan eusi teks (peristiwa sejarah).
  5. Bisa nanggap aspek-aspek sajarah lokal/babad.

A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD

Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carita anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipaké dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah Sukapura.

Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang.

Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.

Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd.

B. WANGENAN CARITA BABAD
Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.

UNSUR INTRINSIK - UNSUR PANGDEUDEUL CARITA
  1. Jejer atawa tema
  2. Amanat
  3. Panokohan
  4. Latar/setting
  5. Alur/plot
UNSUR EKSTRINSIK
  1. Biografi Penulis/Pangarang
  2. Biografi mangrupakeun riwayat panulis carita nu ngawenku kana pendidikan, prestasi, atanapi padamelan. Contona, panulis nu gaduh riwayat pendidikan ekonomi bakal langkung condong ngadamel carita tina sudut pandang ekonomi.
  3. Cara Pandang Panulis
  4. Cara pandang panulis caket pisan kaitannana sareng biografi, kulantaran cara pandang panulis dipangaruhan ku riwayat-riwayat hirup nu tos kaalaman ku penulis.
  5. Situasi sareng kondisi mangsa disusunna karya sastra 
  6. Budaya/Adat Istiadat
    Situasi Politik
    Sajarah
    Kaayaan Ekonomi

C. STRUKTUR CARITA BABAD

Babad téh kaasup karya sastra wangun wawacan. ari wawacan téh umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa klofon.

a. Manggalasastra, eusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita. contona:

           Kasmaran panganggit gending

           Basa Sunda lumayanan

           Kasar sakalangkang awon

           Kirang tindak tatakrama

           Ngarang kirang panalar

           Ngan bawining tina maksud

           Medarkeun pusaka rama

b. Eusi, nyaéta poko carita tina babad. dina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik. contona:

Pupuh Asmarandana

Ari anu jadi kawit, Sangyang Prabu Boros Ngora, Mangkon Panjalu karaton, ngalajengkeun ti ramana, éstu tanah pusaka, kasebat dayeuh Panjalu, nelah dumugi ayeuna.

Ti dinya ngabangun deui, damel situ gedé pisan, anu dinga ranan Léngkong, dikinten éta legana, satus pat puluh bata, étangan nu enggeus tangtu, sakitu anu gumelar.

Sareng aya hiji deui dina tengah situ éta, nusa basa jawa pulo, nu didamel padaleman, lir kuta saputerna, situ ngawengku kadatun, mungal waas nu ningalan.

Pinggir cai bumi mantri, kalér kidul kulon wétan, bérés parélé sakabéh, katampi ku paimahan, para abdi sadaya, katingalna surup payus, tur masih anyar babakan.

Eukeur musim sarwa jadi, pepelakan rupa-rupa, kadu manggu jeruk paséh, dukuh pisitan rambutan, jeruk bali jeung kalar, jeruk manis mipis purut, kadongdong jeung gandaria.

c. Klofon Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa kakurangannana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacan. Contona:

  • titimangsa tamat abdi nulis,
  • nuju pasaran pon,
  • kaleresan siang poé Senén,
  • sasih Juli ping sapuluh yakin,
  • salapan ratus muni,
  • sareng lima éstu,
  • nuju kaping opat welas muni,
  • Désémber sayaktos,
  • tahun séwu dalapan ratus kénéh,
  • Kangjeng Srimaraja parantos masih,
  • sahiji medali
  • tanda satya tuhu

  • tawis rumah tangga sim abdi
  • désa nu kasohor
  • di Maparah lungguh kuwu kénéh
  • tawis Prajadinata pribadi
  • Sih pangraksa Gusti
  • Abdi kaula nun.

Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh.

(Dicutat tina Babad Panjalu, C.M. Pleyte, 1982, k. 129-130)

D. NGARINGKES CARITA BABAD

Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. ku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita. 

Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan.

1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria.

2. mampuh nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna.

E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN

1. Maca naskah asli. lengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna.

2. Nyatet gagasan utama. sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan.

3. Nuliskeun deui carita babad. carana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dumasar kana gagasan utama

4. Pariksa deui. maca deui kotrétan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan.

 

(RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA KELAS 10)

MATERI CARITA BABAD SUNDA

LATIHAN 1

1.         Naon ari babad téh?

2.         Naon ari eusi babad téh?

3.         Naon ari manggalasastra téh?

4.         Tuliskeun kalawan singget eusi atawa poko carita tina babad?

5.         Naon ari klofon téh?

6.         Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. Pék sebutkeun!

7.         Jéntrékeun lengkah-lengkah nyieun ringkesan!

CONTO CARITA BABAD

Ringkesan Babad Panjalu

Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jam pang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.

Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijak sana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep pa lay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna,

Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut pong gawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Raden Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Raden Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana.

Éta kajadian téh dugi ka Prabu Borosngora. Satuluyna anjeunna ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu paraséa téh alakur deui. Aria Kuning masrahkeun kalungguhan ka raina, Aria Kancana. Ti harita Aria Kancana ngadeg bupati ngagentos rakana.

Ti dinya Kampuh Jaya dipaparin jujuluk Sang Guru Haji. Satuluy na anjeunna diistrénan jadi patih di Panjalu, paheuyeuk-heuyeuk ngolah nagara sinareng sang raja Aria Kancana. Panjalu tinemu deui jeung katengtreman.

Aria Kancana digentos ku putrana nu cikal, Sanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkung, kayaning Aria Kadali, Raden Marta Badadahin, Raden Marta Baya, Raden Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Raden Wira Baya, Raden Wira Dipa, Raden Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna.

MATERI CARITA BABAD SUNDA

LATIHAN 2

1.         Naon téma carita babad di luhur?

2.         Tataan para palaku, watek jeung peran atawa kalungguhanana!

3.         Dimana latar tempat jeung waktu, sarta kumaha sausanana?

4.         Make galur naon eta carita babad téh?

5.         Naon amanat anu aya dina carita babad di luhur?

6.         Teangan hubungan tokoh jeung kajadian ieu carita babad dina kanyataan ayeuna!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...