DARING BAHASA SUNDA KELAS 11
Pertemuan 1
Materi Ajar Semester 2
MATERI KELAS 11 >>>
Semester 2
1.
Berita / Warta ↪ | Undak Usuk Basa | Purwakanti
2.
Novel ↪
3.
Biografi ↪
4.
Wawancara ↪
======
BAB V Berita / Warta
Pengertian
Berita/Warta dina Bahasa Sunda
Pedaran
Warta
Warta
nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian, boh
dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media elektronik, boh tatalepa
sacara lisan. Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun tugas profesi wartawan.
Lamun
hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H,
ngawengku :
- What (naon), kajadian naon nu
rek diberitakeun
- Where (di mana), di mana tempat
kajadianana eta peristiwa
- When (iraha), iraha waktu
kajadianana
- Who (saha), saha wae anu jadi
sumber bertitana
- Why (naha), naha eta kajadian
the kudu diberitakeun
- How (kumaha), kumaha
lumangsungna peristiwa
Tujuan Warta
Warta
ngabogaan tujuan, diantarana:
- Pikeun
nepikeun beja,
- pangajak,
- iklan
atawa promosi,
- propaganda,
- jeung
sajabana.
Ku lantaran tujuanna rupa-rupa, nya
istilahna oge rupa-rupa deuih.
Pertemuan 2
Alat Pikeun Nepikeun Warta
Kiwari
mah warta teh leuwih lulasa tur leuwih canggih ditepikeunana teh, sajaba ti (1)
koran, (2) majalah, (3) tabloid, (4) radio, (5) televisi, (6) telepon, oge geus
bisa dibandungan dinu ka (7) nyaeta internet.
Cara Maca Warta
Upama
urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu
dipehatikeun, di antarana ditataan di handap.
- Saacan maca warta, urang kudu
paham heula kana eusina kalawan bener
- Ilo kalawan gemet warta nu rek
ditepikeun
- Perhatikeun kecap-kecap nu
nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara ngucapkeunana nu
bener
- Dina prakna nepikeun warta,
perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge jelas ku
kaom dangu
- Artikulasi nu jentre
- Lentong nu merenah
- Bisa ngabedakeun iraha waktuna
alon jeung iraha waktuna gancang
- Sikep
- Paningal, ulah tonggoy teuing
kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi paningal
ka pamiarsa
Pertemuan 3
UNDAK USUK BASA
Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa
Sunda
I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)
Dina hakekatna digunakeunana ragam
hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak
nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa
nya eta:
1. Ragam Basa Lemes Pisan / Luhur.
2. Ragam Basa Lemes keur Batur.
3. Ragam basa Lemes keur Pribadi /
Lemes Sedeng.
4. Ragam Basa Lemes Kagok /
Panengah.
5. Ragam Basa Lemes Kampung /
Dusun.
6. Ragam Basa Lemes Budak.
II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)
Basa loma atawa nu ilahar disebut
basa Kasar, saenyana lain dina harti kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran
digunakeun pikeun komunikasi di antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin
upamana. Ragam Basa Loma ieu teh aya dua rupa nya eta:
1. Ragam Basa Loma / Akrab.
2. Ragam Basa Garihal / Songong /
Kasar Pisan.
Ragam basa anu garihal ieu mah
digunakeunana teh keur ka sato atawa digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan.
"Jadi Undak Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di
Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya
dalapan tahapan (ragam)."
Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda
I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama
Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA,
tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM .
Ieu di handap digambarkeun POLA TATAKRAMA BASA SUNDA dina tilu Tahap/Ragam tea,
nyaeta:
· Ragam basa Loma / Akrab / Kasar
(A)
· Ragam basa Lemes keur Pribadi (B)
· Ragam basa Lemes keur Batur /
Lemes Sedeng
* Katerangan tanda: # henteu sarua
= sarua.
POLA I: A # B # C
Jumlah kecap anu make pola saperti
kieu kaitung saeutik pisan (k/l 25 kecap), nu sok disebut kecap lemes keur
pribadi/lemes Sedeng, ieu anu ulah salah dina ngalarapkeunana teh:
- balik # WANGSUL # mulih
- bawa # BANTUN # candak
- beuli # PESER # galeuh
Pertemuan 4
POLA II: A = B # C
Pola kadua mah nyaeta: A sarua
jeung B, tapi B henteu sarua jeung C.
Digunakeunana KECAP LOMA/KASAR
pikeun ka diri pribadi, pangpangna anu tumali jeung babagian awak saperti
sirah, ceuli, huntu jste, eta kudu ngagunakeun kecap Loma/Kasar, contona:
- huntu = HUNTU # waos
- biwir = BIWIR # lambey
- irung = IRUNG # pangambung
POLA III: A # B = C
Pola katilu mah kecap anu digunakeun
keur ka diri pribadi teh kudu sarua jeung kecap nu digunakeun keur batur.
Jumlahna kaitung rada loba. Ieu keur sakadar conto:
- bungah # BINGAH = bingah
- eleh # KAWON = kawon
- kajeun # SAWIOS = sawios
Pertemuan 5
POLA IV: A = B = C
Pola anu kaopat ieu mah teu kudu
hese mikiranana. Nu kaasup pola nu kaopat ieu teh nya eta kecap bilangan, kecap
pananya, kecap panunjuk, kecap tingkatan.
- aya = AYA = aya
- sabaraha = SABARAHA = sabaraha
- kumaha = KUMAHA = kumaha
- naon = NAON = naon
- itu = ITU = itu
PANGJANGKEP TATAKARAMABASA
Ngagunakeunana Tatakrama Basa Sunda
(UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta:
- Lentongna nyarita (gaya nyarita,
intonasi).
- Pasemon.
- Rengkuh (gerakna awak).
- Tata busana.
Pertemuan 6
BAB 6 NOVEL
WANGENAN NOVEL
Novel
kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang
tur loba bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna
loba, mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku , jalan
carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian
anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna,
tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
UNSUR-UNSUR NOVEL
Upama
maca novel hidep bakal manggihan nu disebut: (1) téma, (2) galur, (3) palaku, (4)
latar, (5) judul, (6) point of view, (7) jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna
unsur atawa struktur intrinsik nu aya dina novel.
Téma nyaéta nu ngatur arah unsur
séjénna dina hiji carita Sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu
paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana.
Galur/alur nyaéta runtuyan kajadian, nu méré
arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun,
sarta nu némbongkeun sabab-akibat kajadian dina carita. Dina galur atawa alur
téh aya nu disebut Konflik, nyaéta interaksi antara dua karakter atawa leuwih,
atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik
geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks.
Pertemuan 7
Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina
hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku
tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan
palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi
goréng atawa sabalikna.
Latar nyaéta lingkungan sabudeureun anu
ngubeng dina kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar téh aya dua rupa
nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di mana
kajadian dina carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha
kajadian dina carita lumangsung.
Puseur sawangan atawa point of view
ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya
dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nyaéta (1) caturan jalma
katilu, nya éta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut ngaranna,
atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji
nya éta juru catur aya di jeo carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap
sulur “kuring”
Gaya basa nyaéta cara
ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi
pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih
éndah.
Pertemuan 8
Gaya
basa
Gaya
basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh
(éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan
ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén,
mangrupa plastis-stilistik, nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina
kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.
Gaya
basa nyaéta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku
pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya
basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya
basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Sudaryat
(2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:
1.
Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa
nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona:
Kawas gaan g katincak
2.
Mijalma (personifikasi), nyaéta
gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung
barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak
siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu
susah.
Pertemuan 9
3.
Ocon (metonomia), nyaéta gaya
basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén
anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
4.
Ngasor (litotes), nyaéta rakitan
basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor.
Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
5.
Rautan (eufimismeu), nyaéta
rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu
nyentug teuing karasana. Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka
asal (maot)
6.
Lalandian (metafora), nya éta gaya
basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi.
Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).
7.
Raguman (sinekdok) nyaéta rakitan
basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa
disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
a.
Hurunan (totem pro parto), nyaéta
rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah
salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung
barudak SMA 3 (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2
jeung SMA 3).
b.
Tunggalan (pars pro toto) nyaéta
rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.
Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng
(anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).
Pertemuan 10
8.
Rarahulan (hiperbol), nyaéta rakitan
basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya
omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.
9.
Kadalon (pleonasmeu), nyaéta
rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti
mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.
10.
Ébrehan (peripraseu), nyaéta
rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari
nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu
disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
11.
Kahanan, nyaéta rakitan basa anu
ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung
pikeun nyebut maung
12.
Silib (alegori), eusina
dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa
kasigeung haténa.
Gaya
basa sindir aya tilu rupa, nya éta:
1.
Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna
tina maksudna.
Contona:
Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)
2.
Ngomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan
lemes.
Contona:
Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).
3.
Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.
Contona:
Béakeun, kadaharan téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé!.
Pertemuan 11
BAB VII Biografi (Basa Sunda)
Biografi nyaeta pedaran anu
ngalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Anu nulisna pihak sejen. Otobiografi
nayeta ngalakonkeun hirup nu ditepikeun ku soranganna.
Unsur-unsur biografi bentuk
narasi:
1.
Degdeg pamadeg
2.
Pasuarang ngarang
3.
Kahirupan keur leutik
4.
Kasam tukang di kaluarga
5.
Riwayat pendidikan
6.
Karier
7.
Kaparigelan
8.
Karya
Biografi nu bentuk formulir :
1.
Ngaran lengkap
2.
Jenis kelamin
3.
Status
4.
Agama
5.
Ngaran kolot
6.
Alamat
7.
Nomor telepon atawa e-mail
8.
Riwayat pendidikan atawa
kursus-kursus
9.
Pangalaman berorganisasi
10.
Pangalaman kerja
11.
Pangalaman bidang penelitian
12.
Karya-karya
13.
Penghargaan-penghargaan/pangajen
Conto: urang pilari sasarengan di
halaman ieu: https://kumeokmemehdipacok.blogspot.com/2014/03/Biografi-Bahasa-Sunda-Jenderal-Sudirman.html
Pertemuan 11
BAB
8 WAWANCARA
WANGENAN
WAWANCARA
Wawancara
nyaeta hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun
meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna.
Léngkah-léngkah
wawancara:
(1) nataharkeun
strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan
a. Persiapan teknis. (alat perekam, alat
komunikasi, alat tulis jsb.)
b. Persiapan non teknis:
– pangaweruh ngeunaan topik wawancara
– profil umum (karakter) nara sumber
– kaparigelan ngawawancara
– etika wawancara
– perjanjian sareng nara sumber.
– pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum
kanu khusus atawa sabalikna).
(2) ngalaksanakeun wawancara :
sasadu,nanya idéntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit
(3)
ngukur hasil/déskripsi hasil. : berita/deskripsi
Tujuan
waancara:
(1)
Seleksi pagawé
(2)
Panalungtikan/data
(3)
Berita
(4)
Jsb
Rupa-rupa
wawancara:
(1)
Wawancara berita, pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana
(2)
Wawancara pribadi, datang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinéh
(3)
Wawancara ka jalma loba, pikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal
(4)
Wawancara dadakan
Pertemuan 12
Pertemuan 13
Pertemuan 14
Pertemuan 15
Pertemuan 16
Pertemuan 17
Pertemuan 18
Pertemuan 19
Pertemuan 20
UPAMI TEU NGARTOS....
WeA +62 877 1444 4046
VC / VICAL = https://www.facebook.co.id/duridwangurunatafkar
Tidak ada komentar:
Posting Komentar