Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa Sunda

Tatakrama Basa Sunda - Undak Usuk Basa Sunda

Ari Undak usuk Basa Sunda teh nyaeta panta-panta basa atawa tatakrama basa. Lemes jeung kasarna nyarita ku ngilik ka saluhureun ka sahandapeun atawa ka sapantaran.

I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)

Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta:

1. Ragam Basa Lemes Pisan / Luhur.

2. Ragam Basa Lemes keur Batur.

3. Ragam basa Lemes keur Pribadi / Lemes Sedeng.

4. Ragam Basa Lemes Kagok / Panengah.

5. Ragam Basa Lemes Kampung / Dusun.

6. Ragam Basa Lemes Budak.


II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)

Basa loma atawa nu ilahar disebut basa Kasar, saenyana lain dina harti kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran digunakeun pikeun komunikasi di antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin upamana. Ragam Basa Loma ieu teh aya dua rupa nya eta:


1. Ragam Basa Loma / Akrab. 

2. Ragam Basa Garihal / Songong / Kasar Pisan.


Ragam basa anu garihal ieu mah digunakeunana teh keur ka sato atawa digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan. "Jadi Undak Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam)."

Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM . Ieu di handap digambarkeun POLA TATAKRAMA BASA SUNDA dina tilu Tahap/Ragam tea, nyaeta:

· Ragam basa Loma / Akrab / Kasar (A)

· Ragam basa Lemes keur Pribadi (B)

· Ragam basa Lemes keur Batur / Lemes Sedeng

* Katerangan tanda: # henteu sarua = sarua.


POLA I: A # B # C

Jumlah kecap anu make pola saperti kieu kaitung saeutik pisan (k/l 25 kecap), nu sok disebut kecap lemes keur pribadi/lemes Sedeng, ieu anu ulah salah dina ngalarapkeunana teh:

- balik # WANGSUL # mulih

- bawa # BANTUN # candak

- beuli # PESER # galeuh

- biasa # TIASA # iasa

- boga # GADUH # kagungan

- dahar # NEDA # tuang

- datang # DONGKAP # sumping

- denge # KUPING # dangu

- era # ISIN # lingsem

- gering # UDUR # teu damang

- imah# ROROMPOK # bumi

- indit # MIOS # angkat

- kasakit # PAUDUR # kasawat

- menta # NYUHUNKEUN # mundut

- nitah # NGAJURUNG # miwarang

- ngomong # SASANGGEM #sasauran

- nyaho # TERANG # uninga

- pamajikan # BOJO # garwa/geureuha

- poho # HILAP # lali

- sare # MONDOK # kulem

- tanya # TAROS # pariksa

- tenjo # TINGAL # tingali


Conto kalimahna:

· Ari maneh balik ka lembur teh arek iraha..?

· Dupi abdi WANGSUL ka lembur teh bade enjing bae.

· Dupi akang bade mulih ka lembur teh bade iraha..?


Perhatikeun pisan pola di luhur:

A # B # C : A henteu sarua jeung B, B henteu sarua jeung C. Upama bae urang geus bisa merenahkeun ngagunakeun kecap-kecap nu ditulis ku aksara gede (kapital) nyaeta kecap-kecap nu kaasup basa Lemes keur Sorangan, urang geus henteu kudu salempang sieun salah nyarita ku Basa Sunda teh.


POLA II: A = B # C

Pola kadua mah nyaeta: A sarua jeung B, tapi B henteu sarua jeung C.

Digunakeunana KECAP LOMA/KASAR pikeun ka diri pribadi, pangpangna anu tumali jeung babagian awak saperti sirah, ceuli, huntu jste, eta kudu ngagunakeun kecap Loma/Kasar, contona:

- huntu = HUNTU # waos

- biwir = BIWIR # lambey

- irung = IRUNG # pangambung

- baju = BAJU # raksukan

- lalajo = LALAJO # nongton

- ngaji = NGAJI # ngaos

- nginum = NGINUM # ngaleueut

- puasa = PUASA # SAUM

- samping = SAMPING # sinjang

- ulin = ULIN # amengan


Conto kalimahna:

· Cenah kamari maneh nyeri huntu, enggeus ka dokter gigi acan..?

· Abdi kamari nyeri HUNTU numawi teu tiasa dongkap ka kantor.

· Saurna bapa nyeri waos dinten kamari teh, kumaha ayeuna parantos damang..?


POLA III: A # B = C

Pola katilu mah kecap anu digunakeun keur ka diri pribadi teh kudu sarua jeung kecap nu digunakeun keur batur. Jumlahna kaitung rada loba. Ieu keur sakadar conto:

- bungah # BINGAH = bingah

- eleh # KAWON = kawon

- kajeun # SAWIOS = sawios

- kungsi # KANTOS = kantos

- tepung # TEPANG = tepang


Conto kalimahna:

· Jang Iwan kacida bungaheunana dumeh meunang hadiah lebaran.

· Abdi kacida bingahna wireh kenging hadiah lebaran

· Ibu Aminah kalintag bingaheunana wireh kenging hadiah lebaran.

Jumlahna kaitung rada loba oge, malah karereanana mah geus arapal da mindeng digunakeun sapopoe.

POLA IV: A = B = C

Pola anu kaopat ieu mah teu kudu hese mikiranana. Nu kaasup pola nu kaopat ieu teh nya eta kecap bilangan, kecap pananya, kecap panunjuk, kecap tingkatan.

- aya = AYA = aya

- sabaraha = SABARAHA = sabaraha

- kumaha = KUMAHA = kumaha

- naon = NAON = naon

- itu = ITU = itu

- ieu = IEU = ieu

- kahiji = KAHIJI = kahiji

- kasapuluh = KASAPULUH = kasapuluh


PANGJANGKEP TATAKARAMABASA

Ngagunakeunana Tatakrama Basa Sunda (UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta:

- Lentongna nyarita (gaya nyarita, intonasi).

- Pasemon.

- Rengkuh (gerakna awak).

- Tata busana.

Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya eta itikad atawa kaweningan hate nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. Hal ieu mah saenyana di luareun aspek basa. Tapi kacida nangtukeunana kana luhur-handapna ajen kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana oge tangtu bae kudu nitenan kana adat kabiasaan di wewengkon masing-masing.


KAGUNAN (FUNGSI) BASA

Digunakeunana basa sabage alat komunikasi teh tangtu bae aya maksud jeung tujuanana, di antarana bae nyaeta:

Kagunan Kognitif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun nepikeun elmu pangaweruh. Tatakrama basana oge kudu singget, eces jeung nyusun.

Kagunan Konatif/Persuasif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun mangaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.

Kagunaan Estetis. Tegesna basa teh digunakeun pikeun ngagambarkeun rasa kaendahan. Ieu oge aya tatakrama basana. Upamana bae kudu bisa gaya basa (stilistika). Nyusun kecap nu endah supaya nimbulkeun rasa endah pikeun nu macana/ngaregepkeunana.

Kagunan Fatis. Tegesna nuwuhkeun rasa kataji (hormat, simpatik). Carana nyaeta bisa nyusun kecap, intonasi jeung retorika (elmu nyarita).


CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA

Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu bae hasil tina diajar. Carana di antarana nya eta:

Sering merhatikeun batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).

Sering maca buku nu beres susunan basana.

Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur cacarita.

Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.

Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.

Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hade ku omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang. Aya paribasa Arab: "Kuli lisani bil Insani" anu hartina "Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana".

Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yen Tatakrama Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam / Tahap nyaeta:

Ragam BASA HORMAT, asal tujuanana nu nyarita teh hayang NGAHORMAT ka nu diajak nyaritana. Ku kituna henteu SALAH, atawa bisa dianggap BENER upama aya nu ngomong campur aduk ngagunakeun basa lemes keur batur, basa lemes keur Pribadi jeung basa lemes keur Budak, malah teu nanaon ngagunakeun basa lemes dusun/dialek oge.

Ragam BASA LOMA. Ieu mah nya nu saperti ilaharna bae nu disebut basa KASAR. Digunakeunana pikeun nyarita jeung papada nu geus loma. Ngan tangtu bae ari basa garihal/songong mah tetep henteu pantes digunakeun dina cacampuran anu sopan mah.

Kitu hasil putusan KIBS I jeung KBS VII teh. Tapi tangtu bakal aya bae masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaeta kumaha bahan ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.

Pengartosan Undak Usuk Basa Sunda nyaeta aturan atanapi tatakrama dalam berucap, sehingga nyaman dan aman bagi kita dan pendengar.

Seperti dalam bahasa Indonesia, kamu bisa tersinggung akibat perkataan orang lain, nah di dalam bahasa sunda bisa lebih ribet lagi, sebab ada 8 ragam bahasa (6 ragam bahasa lemes dan 2 bahasa loma/ kasa).

Di handap ieu aya tabel nu nyontoan 50 kecap undak usuk basa sunda, nyaeta:

Basa LomaArti Bahasa
Indonesia
Basa Lemes
(Untuk diri sendiri/ Keur sorangan)
Basa Lemes
(Untuk orang lain/ Keur batur)
Abus, asupMasukLebetLebet
Acan, tacan, encanBelumTeu acanTeu acan
AdiAdikAdiRai, rayi
Ajang, keur, pikeunUntukKanggoHaturan
AjarMengajarAjarWulang, wuruk
Aji, ngaji NgajiNgaos
AkangKakak / AbangAkangEngkang
AkiKakekPun akiTuang Eyang
Aku, ngakuMengakuAku, ngakuAngken, ngangken
AloKeponakanPun aloKapiputra
AlusBagusSaeSae
Ambeh, supaya, sangkanSupayaSupadosSupados
AmbekMarahAmbekBendu
Ambe, ngambeuMenciumNgambeuNgambung
Amit, amitamPermisiPermiosPermios
AnggelBantalBantalBantal, kajang mastaka
Anggeus, enggeusSudahRengseParantos
Anjang, nganjangBertamuNgadeuheusNatamu
Anteur, nganteurMengantarJajap, ngajajapkeunNyarengan
Anti, dago, ngadagoan,MenungguNgantosanNgantosan
ArekMau / AkanBade, sejaBade, seja
AriN/ADupiDupi
Asa, rarasaanPerasaanRaraosanRaraosan
AsalAsalKawitKawit
Aso, ngasoIstirahat / RilexNgasoLeleson
AtawaAtauAtanapiAtanapi
Atoh, bungahGembiraBingahBingah
AwakBadanAwakSalira
AwewePerempuanAweweIstri
Babari, gampangMudahGampilGampil
BacaBacaAosAos
BadamiBerundingBadantenBadanten
Bae, keun baeBiarkanSawios, teu sawiosSawios, teu sawios
BageaN/ABageaHaturan
BaheulaZaman DahuluKapungkurKapungkur
BajuBajuBajuRaksukan, anggoan
BaktiBaktiBaktosBaktos
Balik, mulangPulangWangsulMulih
BalurLulurBalurLulur
BanggaSusahSesahSesah
BapaBapakPun BapaTuang Rama
Bareng, reujeungDenganSarengSareng
BaretoZaman DahuluKapungkurKapungkur
BatukBatukBantukGohgoy
BaturOrang LainBabaturanRerencangan
BawaBawaBantunCandak
BeakHabisSeepSeep
BedaBedaBentenBenten
BejaKabarWawartosWawartos
Bener, enyaBenarLeresLeres
Bengek, mengiAsmaAsmaAmpeg
Bere, mereMemberiMaparin, masihanNgahaturaan, ngaleler
BerekahN/APangesto, pangestuDamang, wilujeng
BeukiSukaBeuki, senengSedep
BeulahPatahPalihPalih
Beuli, meuliBeliMeserNgagaleuh
BeunangDapatKengingKenging
BeungeutMukaBeungeutPameunteu, raray
BeurangSiangSiangSiang
BeuratBeratAbotAbot
BeuteungPerutPadaharanPatuangan, lambut
BibiBibi / TantePun bibiTuang bibi
Bikeun, mikeunBerikanMaparinkeunNgahaturkeun,nyanggakeun
Bilang, milangBerhitungNgetangNgetang
Birit, bujurPantatBirit, bujurImbit
BisaBisaTiasaTiasa
BisiN/ABilihBilih
BiwirBibirBiwirLambey
BoaJikalauTiasa jadiTiasa jadi
BogaPunyaGaduhKagungan
Buang, ngisingBABMiceunKabeuratan
BudakAnakBudakMurangkalih
BujalPusarBujal, puserUdel
Buka puasaBuka puasaBukaBobor
BuktiBuktiBuktosBuktos
BulanBulanSasihSasih
Bungah, gumbiraGembiraBingahBingah
BuritSoreSontenSonten
BuruCepatBujengBujeng
ButuhPerluPerluPeryogi
Cabak, nyabakMegangNyabakCepeng
CageurSehatPangesto, pangestuDamang
CalanaCelanaCalanaLancingan
CangkengPinggangCangkengAngkeng

Dina tabel undak usuk basa sunda di luhur, ku anjeun tiasa di print kanggo diapalkeun, atanapi tiasa meser bukuna di toko buku atanapi oge tiasa milari makalah online di internet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...