SUNDA KLS/MTR 11.6 NOVEL -- sep2020

 

Materi Novel Bahasa Sunda Kelas XI

Novel nya eta karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa. Umumna eusi novel teh panjang, henteu pondok kawas carita pondok(carpon). Kusabab panjang, galur caritana atawa plotna ngarancabang(loba). Ku kituna bisa midangkeun rupa-rupa tokoh(palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter masing-masing tokohna. Eusina ngindung kana kajadian sapopoe. Jadi henteu kawas dongeng, sanajan sarua fiksi, carita dina novel mah kaharti ku akal teu siga dongeng.
Ciri-ciri novel:
Di urang mah rajeun dibedakeun antara novel jeung roman teh. Biasana karya roman dianggep leuwih panjang jeung lengkep batan novel. Tapi, sebenerna mah novel jeungroman teh eta-eta keneh. Ciri-ciri novel nu pangpentingna nya eta:
1.           Wangunna prosa(fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon. Keur ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka tamat, moal cukup satengah jam.
2.      Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana biasana rupa-rupa.
3.      Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe.

Dina novel aya unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik.
Ari unsur intrinsik mah unsur nuaya dina jera caritana. Unsurna tiasa diteang dina dialog-dialog palakuna. Dina narasi-narasina, jsb.  Ari unsur ekstrinsik mah unsur-unsur anu aya di luar carita novel. Unsur ekstrinsik mah biasana ngungkapkeun tentang unsur-unsur di masarakat, anu aya dina eta carita. Jadi urang kudu nyimpulkeun sorangan unsur ekstrinsik tina carita nu geus aya. Unsur-unsur di masarakat teh contona unsur ageman, unsur moral, unsur budaya, jsb.

Unsur-unsur instrinsik dina novel nya eta:
  1. Téma               : ideu poko carita atawa alpukah utama 
  2. Amanat           : talatah moral anu hayang ditepikeun pengarang ka pamaca
  3. Jejer atawa penokohan : sipat atawa watek
  4. Kasang            : tempat, wayah, kaayaan. kumaha carita éta nyokot settingna
  5. Sudut pandang : posisi pengarang dina carita.
  6.  Galur : jalanna ca rita
    1. Aya galur maju, galur mundur jeung  galur campuran.
      • Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian
      • Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.
      • Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.
  7. Gaya basa: basa anu dipaké pengarang
Unsur-unsur ekstrinsik dina novel nya eta:
  1. ·          Kasang tukang pangarang.
  2.        Wayah sarta tempat pangarang nulis caritana.
  3.        Unsur budaya, moral, ageman, pulitik, sosial, atikan.
  4.         Identitas buku.

sumber: https://tugasnurrahmawati.blogspot.com/2013/01/materi-novel-bahasa-sunda-kelas-xi.html 

Lihat novel : https://www.google.co.id/search?q=novel+sunda

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...