Tampilkan postingan dengan label Kabengharan Basa. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kabengharan Basa. Tampilkan semua postingan

Purwakanti

Purwakanti.

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.

Rupa purwakanti

Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa.

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti chatibul umam atawa Frendi samudra antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
disawang ti tukang lenjang (a, ang)
ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
ambek nyedek tanaga midek (e)
kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
lalaki langit lalanang jagat (i,i;a,a)

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa Frendi samudra contona:

Contona:

hirup-hurip hayuuu
anjuk hutang
ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh

Conto laraspurwa wianjana:

  1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
  2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
  3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

  1. palataran pasini pati
  2. sakadar sabrang salayan
  3. nu nyaksrak nyaliara
    ngaruksak ngaraksuk
    kaniaya kamanala
    mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya téh nyaéta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna kitu deui

Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.

Purwakanti Mindoan Kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa.

Daftar Pustaka:

Kecap Serepan

Kecap Serepan

I. Kecap Serepan
a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia
Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.

b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén
Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.

c. Kecap Serepan tina Basa Asing
Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab, Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.
1. Serepan tina Basa Arab
Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.
2. Serepan tina Basa Walanda
Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst.
3. Serepan tina Basa Sangsekerta
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst.
4. Serepan tina Basa Kawi
Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst.
5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.
6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst.
7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.

Daftar Pustaka:

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna. Aya nu robah sorana aya ogé nu henteu.


Wangun Kecap Rajékan

I. Kecap Rajékan sagemblengna

Nya éta anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan aya dua rupa ; Dwilingga jeung Trilingga


1. Dwilingga
Rajékan Dwilingga nya éta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwiréka).:

  • Dwilingga murni (dwimurni) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna kalawan teu robah sorana. Contona: kuda-kuda, imah-imah, sukan-sukan, jsté.
  • Dwilingga réka (dwiréka) nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: bulak-balik, gulang-guling, budag-badug, jul-jol, curat-corét, jsté.


2. Trilingga
Trilingga nya éta kecap rajékan sagemblengna au diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora anu ngan saengang. Contona: brat-brét-brot, blag-blig-blug, tat-tit-tut, hah-héh-hoh, jsté.


II. Kecap Rajékan Sabagian

Nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Aya sababaraha rupa kecap rajékan téh, kayaning:

1. Dwipurwa
Rajékan Dwipurwa asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal”. Rajékan Dwipurwa kaasup kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku katana.
Contona: Mobil jadi momobilanmotor jadi momotoran

2. Dwimadya
Rajékan Dwimadya asalna tina dua kecap nya éta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah”. jadi rajékan Dwimadya nya éta kecap anu dirajék engang tengahna.
Contona: Sapeuting jadi sapeupeutingsapoé jadi sapopoe.


III. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

1. Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan:

  • di-Dm : diawut-awut, diacak-acak, diarep-arep, dihiap-hiap
  • ka-Dm : katilep-tilep, katindih-tindih
  • pa-Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang, pagigir-gigir
  • sa-Dm : sabisa-bisa, saalus-alus, sageulis-geulis
  • di-Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun, dialung-alungkeun
  • N-Dm-keun : nawar-nawarkeun, moé-moékeun, nulis-nuliskeun
  • sa-Dm-na : saalus-alusna, sagoréng-goréngna


2. Dwiréka (Dr) binarung ngararangkénan:

  • di-Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting
  • ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting, kaburak-barik


3. Dwipurwa (Dp) binarung ngararangkénan:

  • Dp-an : babawaan, babarayaan, duduluran, babacaan
  • di-Dp : dibobodo, dibibita, dibuburak
  • N-Dp : ngalilieur, ninitah, ngabobodo
  • di-Dp-keun : ditatanyakeun, disasasaruakeun


4. Dwimadya (Dy) binarung ngararangkénan:

  • sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten, sapopoé, sajajalan,
  • ti-Dy-ar : tidadalagor, tikakarait
  • sa-Dy-keun : sakop-kopeun, sajung-jungeun
  • ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan, kangeungeunahan, kamemelangan
  • ka-Dy-i : kaleuleuwihi,
Sumber:

Kisi - kisi soal ATS Sunda 2627

Kisi-kisi sunda 10 1. Medar perkara terjemahan 2. Aya 2 (dua) perkara nu perlu diungkab dina mindahkeun amanat 3. Saduran 4. Ngajodokeun Sas...