BAB 5 WAWANCARA
WANGENAN WAWANCARA
Wawancara nyaeta hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna.
Léngkah-léngkah wawancara:
(1) nataharkeun strategi-strategi: pedoman wawancara/pertanyaan
a. Persiapan teknis. (alat perekam, alat komunikasi, alat tulis jsb.)
b. Persiapan non teknis:
– pangaweruh ngeunaan topik wawancara
– profil umum (karakter) nara sumber
– kaparigelan ngawawancara
– etika wawancara
– perjanjian sareng nara sumber.
– pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).
(2) ngalaksanakeun wawancara : sasadu,nanya idéntitas,pertanyaan inti,ngahatutkeun nuhun jeung pamit
(3) ngukur hasil/déskripsi hasil. : berita/deskripsi
Tujuan waancara:
(1) Seleksi pagawé
(2) Panalungtikan/data
(3) Berita
(4) Jsb
Rupa-rupa wawancara:
(1) Wawancara berita, pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana
(2) Wawancara pribadi, datang langsung ka narasumber dilakukeun sacara rinéh
(3) Wawancara ka jalma loba, pikeun meunabkeun umum ngeunaan hiji hal
(4) Wawancara dadakan
Pertemuan 2
PEDOMAN WAWANCARA
Wawancara ka Pasar Cibadak GSP
Informasi Rincian informasi
Identitas narasumber – Ngaran- Umur
– Alamat
– Kulawarga
– Pagawéan – Kasangtukang pagawéan
Ti iraha
Kumaha kasangtukangna
Naha milih ieu pagawéan
– Prosés dagang
Kauntungan
Masalah/hambatan
Konsumen
Pamadegan narasumber – Pindahna kabupaten- Pangaruhna
– Relokasi pasar
– Perbandingan antara pasar tradisional jeung pasar modern
– Saran ka pamaréntah
Kecap
Kecap nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, kecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.[1]
Eusi
Pertemuan 3
Wangun Kecap
Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warnana.[2]
Wangun Kecap
Warna Kecap
Warna/Rupa Kecap kabagi dua.[2]
| Warna Kecap | Wangenan |
Kecap Lulugu | kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang. | |
kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang. | ||
kecap anu dipaké pikeun nanya | ||
kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna. | ||
kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang. | ||
kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan. | ||
Pertemuan 4
| ||
Kecap Pancén | panganteb | kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis). |
panganteur | kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés. | |
panambah aspék | kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian. | |
panambah modalitas | kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén. | |
pangantét | kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana. | |
panyambung | kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah. | |
panyeluk | kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan. |
Kecap sulur
Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu.[2]
kecap gaganti jalma
kecap gaganti milik
kecap panuduh
Pertemuan 5
Kecap gaganti jalma
'Kecap gaganti... | kecap.. | dipaké dina kaayaan... | conto kalimah | |
jalma kahiji | tunggal | sim kuring | lemes, resmi | Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé. |
abdi | lemes, teu resmi | Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung. | ||
kuring / déwék / urang | loma | Kuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah. | ||
kami / kaula | loma, ngaluhurkeun ajén sorangan | Kaula rék nitah ka Patih Lirbaya. | ||
aing | kasar | Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu. | ||
loba | sim kuring sadayana | lemes, resmi | Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut. | |
abdi sadayana | lemes, teu resmi | Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé. | ||
kuring saréréa | loma | Kuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor. | ||
Pertemuan 6
| ||||
jalma kadua | tunggal | bapa / ibu | lemes, ka anu dipikahormat | Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat. |
anjeun | lemes, ka sapantaran | Anjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita. | ||
manéh / silaing | loma | Manéh mah dibéjaan téh tara ngagugu. | ||
sia | kasar | Sia ku aing rék diteunggeul. | ||
loba | aranjeun | lemes | Aranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan. | |
maranéh | loma | Maranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh. | ||
hidep saréréa | lemes, ka sahandapeun | Hidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh. | ||
jalma katilu | tunggal | mantenna | lemes, ka nu dipikahormat | Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman. |
anjeunna | lemes | Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana. | ||
manéhna, inyana | loma | Manéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun. | ||
loba | aranjeunna | lemes | Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah. | |
maranéhna | loma | Maranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak. |
Pertemuan 7
Kecap gaganti milik
Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa.[2]
Kecap panuduh
Kecap panuduh wacana Kecap panuduh wacana éta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana. [2]
ieu | ieu baju |
éta | éta batu |
kitu | sabada kitu |
kieu | kurang kieu |
Kecap panuduh luareun wacana
kecap... | dipaké pikeun... | conto kalimah |
dieu | nuduhkeun nu deukeut | Rorompok mah caket kantun ka palih dieu waé. |
dinya | nuduhkeun nu rada deukeut | Ti warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan. |
ditu | nuduhkeun nu jauh | Toko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah. |
Pertemuan 8
Kecap pananya
Kecap... | dipaké pikeun nanyakeun ... | conto kalimah |
naon | barang, hal, sasatoan, tutuwuhan | Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh? |
saha | jelema, malaékat, Pangéran | Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh? |
ka mana | tempat, hal | ka mana Suéb téh inditna? |
iraha | waktu | Iraha anjeun badé ka dieu? |
naha | sabab-musabab, kalakuan | Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh? |
kumaha | cara, kaayaan | Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi? |
sabaraha | jumlah, bilangan | Sabaraha harga bawang beureum sakilo téh? |
Kecap pagawéan
Ciri-ciri kecap pagawéan.[2]
umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas
Kecap sipat
Ciri-ciri kecap sipat.[2]
bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
bisa dirarangkénan ku pang-...-na
bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na
Pertemuan 9
Kecap panganteur
Tabel kecap panganteur pagawéan | ||
|
|
|
bus asup | nyah beunta | nging/hing ceurik |
segruk ceurik | am dahar | jol datang |
rap dibaju | deker digawé | gék diuk |
reg eureun | geleber hiber | sedut/dut hitut |
kuniang hudang | belenyéh/nyéh imut | gedig indit |
léos indit | kécéwér/wér/cer kiih | blug labuh |
beretek/berebet lumpat | jleng luncat | geleser maju |
belewer malédog | brus mandi | térékél naék |
gampleng nampiling | blak nangkarak | jung nangtung |
sebrut narajang | habek neunggeul | lek neureuy |
lar ngaliwat | bluk ngangkuban | biur ngapung |
golédag ngedeng | gewewek ngégél | réngkénék ngigel |
leguk/regot nginum | burusut ngising | pok ngomong |
celengkeung ngomong | trét nulis | gaplok nyabok |
gap nyagap | sirintil nyampeurkeun | gantawang nyarékan |
kerewek nyekel | cong nyembah | crot nyiduh |
celengok nyium | kop nyokot | bluk nyuuh |
reup peureum | dug saré | barakatak seuri |
ceuleukeuteuk seuri | cakakak seuri | cikikik seuri |
lep teuleup | eureuleu teurab | clak tumpak |
luk tungkul | jrut turun | nyot ngenyot |
pelenyun udud | cat unggah | orolo utah |
Pertemuan 10
Tabel kecap panganteur kaayaan | ||
|
|
|
beledug bitu | beleték peupeus | beletok potong |
béréwék soék | bray beurang | bray muka |
bray caang | breg hujan | cep tiis |
gejebur kana cai | jedak diadu | jeduk tidagor |
jegug sora anjing | jegur sora marieum | jentréng kacapi |
jep jempé | jeprut pegat | kecebuk sora cai |
kecemplung kana sumur | kepluk murag | kérésék sora daun |
ketruk sora sapatu | les leungit | paralak hujan |
pédénghél keuheul | peledek bau hitut | pes pareum |
pleng ambleng | plong ngemplong | prung pegat |
prung ngamimitian | pudigdig ambek | rekét sora panto |
rob ngarogrog | rup dirungkupan | seguk sora kolécér |
semprung pegat | sruk-srék sora ragaji | trong kohkol |
Pertemuan 11
BAHASA SUNDA KELAS 10
BAB 6 CARITA BABAD/CARITA SUNDA
DAFTAR ISI
• HAREPAN MANGSA RENGSE DIAJAR
• A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD
• B. WANGENAN CARITA BABA
• C. STRUKTUR CARITA BABAD
• D. NGARINGKES CARITA BABAD
• E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN
• MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 1
• CONTO CARITA BABAD
• MATERI CARITA BABAD SUNDA LATIHAN 2
Harepan lamun geus diajar materi carita babad teh nyaeta:
Bisa maham posisi jeung peran tokoh.
Bisa maham hubungan kausalitas antara peristiwa kasejarahan.
Bisa maham percantelan antar tokoh, peristiwa jeung wilayah satempat.
Bisa nyimpulkan eusi teks (peristiwa sejarah).
Bisa nanggap aspek-aspek sajarah lokal/babad.
A. MEDAR PERKARA CARITA BABAD
Dina kabeungharan pustaka sunda aya sawatara naskah buhun (manuscript, handscript) nu digolongkeun kana kelompok babad. Babad nyaéta wanda carira anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah. Istilah babad dina pustaka Sunda téh asalna ti Jawa. Samémehna mah disebut carita baé. Upama carita Parahiyangan, carita Ratu Pakuan jeung carita Waruga Guru. Iwal ti éta istilah séjén nu dipaké dina pustaka Sunda téh sajarah, misalkan sajarah Sukapura.
Naskah Sunda kelompok babad nu geus kapaluruh téhjumlahna kawilang réa, nu ngawengku puluhan judul saperti nu bisa katéang dina katalog-katalog naskah Sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad téh kiwari aya nu bisa ditéangan kalawan gampang, sawaréhna deui bisa ditéangan tapi teu gampang.
Numutkeun M.A Salmun (1963) babad téh sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg dokuméntasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) légénda jeung mitos atawa fabél.
Eusi babad téh umumna mangrupa carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya minangka sajarah. babad réréana ditulis dina wangun wawacan sababaraha contona nyaéta Babad Banten, Babad Cerbon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd.
Pertemuan 12
B. WANGENAN CARITA BABAD
Carita Babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah, atawa sajarah anu dibumbuan ku unsur carita.
UNSUR INTRINSIK - UNSUR PANGDEUDEUL CARITA
Jejer atawa tema
Amanat
Panokohan
Latar/setting
Alur/plot
UNSUR EKSTRINSIK
Biografi Penulis/Pangarang
Biografi mangrupakeun riwayat panulis carita nu ngawenku kana pendidikan, prestasi, atanapi padamelan. Contona, panulis nu gaduh riwayat pendidikan ekonomi bakal langkung condong ngadamel carita tina sudut pandang ekonomi.
Cara Pandang Panulis
Cara pandang panulis caket pisan kaitannana sareng biografi, kulantaran cara pandang panulis dipangaruhan ku riwayat-riwayat hirup nu tos kaalaman ku penulis.
Situasi sareng kondisi mangsa disusunna karya sastra
Budaya/Adat Istiadat
Situasi Politik
Sajarah
Kaayaan Ekonomi
Pertemuan 13
C. STRUKTUR CARITA BABAD
Babad téh kaasup karya sastra wangun wawacan. ari wawacan téh umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa klofon.
a. Manggalasastra, eusina sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sastra ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Pernahna manggalsastra téh biasana di bagian hareup atawa awal, saméméh ngamimitian carita. contona:
• Kasmaran panganggit gending
• Basa Sunda lumayanan
• Kasar sakalangkang awon
• Kirang tindak tatakrama
• Ngarang kirang panalar
• Ngan bawining tina maksud
• Medarkeun pusaka rama
b. Eusi, nyaéta poko carita tina babad. dina ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik. contona:
Pupuh Asmarandana
Ari anu jadi kawit, Sangyang Prabu Boros Ngora, Mangkon Panjalu karaton, ngalajengkeun ti ramana, éstu tanah pusaka, kasebat dayeuh Panjalu, nelah dumugi ayeuna.
Ti dinya ngabangun deui, damel situ gedé pisan, anu dinga ranan Léngkong, dikinten éta legana, satus pat puluh bata, étangan nu enggeus tangtu, sakitu anu gumelar.
Sareng aya hiji deui dina tengah situ éta, nusa basa jawa pulo, nu didamel padaleman, lir kuta saputerna, situ ngawengku kadatun, mungal waas nu ningalan.
Pinggir cai bumi mantri, kalér kidul kulon wétan, bérés parélé sakabéh, katampi ku paimahan, para abdi sadaya, katingalna surup payus, tur masih anyar babakan.
Eukeur musim sarwa jadi, pepelakan rupa-rupa, kadu manggu jeruk paséh, dukuh pisitan rambutan, jeruk bali jeung kalar, jeruk manis mipis purut, kadongdong jeung gandaria.
Pertemuan 14
c. Klofon Pernahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa disalina éta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulis ménta panghampura kana sagala rupa kakurangannana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahéngkéran dirina dina nulis éta babad atawa wawacan. Contona:
titimangsa tamat abdi nulis,
nuju pasaran pon,
kaleresan siang poé Senén,
sasih Juli ping sapuluh yakin,
salapan ratus muni,
sareng lima éstu,
nuju kaping opat welas muni,
Désémber sayaktos,
tahun séwu dalapan ratus kénéh,
Kangjeng Srimaraja parantos masih,
sahiji medali
tanda satya tuhu
tawis rumah tangga sim abdi
désa nu kasohor
di Maparah lungguh kuwu kénéh
tawis Prajadinata pribadi
Sih pangraksa Gusti
Abdi kaula nun.
Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh.
(Dicutat tina Babad Panjalu, C.M. Pleyte, 1982, k. 129-130)
Pertemuan 15
D. NGARINGKES CARITA BABAD
Carita babad téh naskah aslina mah kandel pisan. Umumna bisa nepi ka ratusan kaca. ku kituna perlu pisan dijieun ringkesanana aangkan leuwih gampang mikaharti eusi carita.
Dina prosés ngaringkes téh kudu tetep mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran anu nulisna. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan.
1. mampuh mahamkeun eusi bacaan nu rék diringkes kalawan daria.
2. mampuh nyusun deui idé-idéna, bari tetep kudu mertahankeun susunan eusi jeung poko pikiran nu nulisna.
E. LENGKAH-LENGKAH NYIEUN RINGKESAN
1. Maca naskah asli. lengkah ka hiji nyaéta maca naskah aslina sacara gembleng pikeun mikanyaho kesan umum jeung maksud pangarangna.
2. Nyatet gagasan utama. sakabéh gagasan utama atawa poko pikiran nu penting kudu dicatet atawa ditandaan.
3. Nuliskeun deui carita babad. carana nyieun kotretan ringkesan maké kalimah sorangan dimasar kana gagasan utama
4. Pariksa deui. maca deui kotrétan ringkesan baru dibebener deui upama aya kasalahan.
Pertemuan 16
(RANCAGÉ DIAJAR BASA SUNDA KELAS 10)
MATERI CARITA BABAD SUNDA
LATIHAN 1
1. Naon ari babad téh?
2. Naon ari eusi babad téh?
3. Naon ari manggalasastra téh?
4. Tuliskeun kalawan singget eusi atawa poko carita tina babad?
5. Naon ari klofon téh?
6. Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan. Pék sebutkeun!
7. Jéntrékeun lengkah-lengkah nyieun ringkesan!
=================Dilangkung==========Dilangkung==================
CONTO CARITA BABAD
Ringkesan Babad Panjalu
Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Raden Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeun na milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jam pang kalih kulawarga, kalebet Radén Aria Kancana.
Raden Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijak sana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep pa lay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Raden Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna,
Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut pong gawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Raden Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Raden Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nepi ka antukna patelak pisan jeung rakana.
Éta kajadian téh dugi ka Prabu Borosngora. Satuluyna anjeunna ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu ngutus Kampuh Jaya nu dipercaya bisa ngungkulanana. Antukna nu paraséa téh alakur deui. Aria Kuning masrahkeun kalungguhan ka raina, Aria Kancana. Ti harita Aria Kancana ngadeg bupati ngagentos rakana.
Ti dinya Kampuh Jaya dipaparin jujuluk Sang Guru Haji. Satuluy na anjeunna diistrénan jadi patih di Panjalu, paheuyeuk-heuyeuk ngolah nagara sinareng sang raja Aria Kancana. Panjalu tinemu deui jeung katengtreman.
Aria Kancana digentos ku putrana nu cikal, Sanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkung, kayaning Aria Kadali, Raden Marta Badadahin, Raden Marta Baya, Raden Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Raden Wira Baya, Raden Wira Dipa, Raden Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna.
MATERI CARITA BABAD SUNDA
LATIHAN 2
1. Naon téma carita babad di luhur?
2. Tataan para palaku, watek jeung peran atawa kalungguhanana!
3. Dimana latar tempat jeung waktu, sarta kumaha sausanana?
4. Make galur naon eta carita babad téh?
5. Naon amanat anu aya dina carita babad di luhur?
6. Teangan hubungan tokoh jeung kajadian ieu carita babad dina kanyataan ayeuna!
=================================================================
Pertemuan 17
BAB 7 AKSARA SUNDA
========
Kibot kangge ngadukung ngilik media elektronikna
https://www.kairaga.com/font-sunda/driver-keyboard
font huruf nu dianggena
https://www.kairaga.com/download/driver-keyboard-aksara-sunda-64-bit-2
===================
teorina:
Yuk kita belajar aksara sunda….
AKSARA SWARA (VOKAL)
HA MA KA XA RA SA DA NYA BA TA YA CA
PA VA LA NGA JA GA NA ZA KHAS SYA
ANGKA
Pertemuan 18
RARANGKEN AKSARA SUNDA
Dumasar kana posisi nulisna rarangken, dibagi jadi 3 :
a) Rarangkén diluhur huruf
b) Rarangkén dihandap huruf
c) Rarangken sajajar jeung huruf
a. Rarangkén diatas huruf
b. Rarangkén dibawah huruf
Pertemuan 16
c. Rarangken sejajar huruf
Conto kalimat:
Pertemuan 17
BAB 8. SAJAK
A. MATERI BASA SUNDA SAJAK
1. WANGENAN SAJAK
Hidep kungsi nempo penyair anu ngagalantangkeun sajak? Hidep kungsi ngilu pasanggiri ngagalantangkeun sajak? Lamun enggeus, tangtu hidep boga pangalaman anu mandiri. Lamun acan, tangtu hidep bisa diajar. Memeh prung ngagalantangkeun sajak, ayeuna urang guar heula perkara sajak.
Naon ari puisi? Dina sastra Indonesia, nu disebut puisi teh sarua hartina jeung sajak dina sastra Sunda. Ari dina sastra Sunda, puisi teh hartina lega pisan, ngawengku sababaraha jenis karya sastra, kaasup sajak, mangrupa bagian tina puisi.
Leuwih jelasna, nu dimaksud dina puisi dina sastra Sunda nyaeta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunana jeung ku diksina: lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe atawa cara mangun prosa. Puisi Sunda teh rea rupana, aya nu kagolong puisi heubeul (buhun, tradisional) jeung aya nu kagolong kana puisi anyar. Puisi heubeul aya nu ngawujud carita, naratif (carita pantun, wawacan). Aya anu henteu ngawujud carita; rupa-rupa puisi mantra (jangjawokan, singlar, jampe, asihan), sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan) , kakawihan (barudak), sa’ir (pupujian, sawer, jst), pupuh (dangding, guguritan). Ari anu kaasup puisi anyar nyaeta sajak.
Cindekna, sajak nyaeta salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina pupuh atawa sisindiran.
Pertemuan 18
2. KAMEKARAN SAJAK SUNDA
Dumasar kana asal-usulna, sajak teh mangrupa karya sampeuran anu jplna tina sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya teh asup tur jadi banda sastra Sunda di mimiti kira-kira taun 1946, nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngareka basa dina wangun sajak. Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaeta Kis WA.
Sabada ditaratas ku Ki WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina rea sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, saperti Mangle, Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, oge rea karya anu geus dibukukeun mangrupa antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, diantarana : Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Tepung di Bandung karya Rahmat M.Sas. Karana, Wasiat konglomerat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Maung Bayangan karya Etti R.S, Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung rea deui.
3. ADEGAN (STRUKTUR; UNSUR) SAJAK
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa dina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur reka cipta pengarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah.
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara konotatif (kiasan). Ku kituna sajak mah aya kalana hese dipikahartina, lantara ari ungkara konotatif mah loba salib jeung siloka. Beda jeung harti denotatif anu ngungkabkeun harti sajalantrahna. Tapi najan kitu, tetep we unggal sajak mibanda ma’na jeung amanat keur nu macana. Ku kituna, tangtu bae sajak teh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpakana eta. Eta unsur-unsur teh diantarana:
a. Jejer (Tema)
Tema teh gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangayak ka nu maca. Tema dina sajak rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste. Upamana wae sajak “Tanah Sunda” di luhur teh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harengheng. Jadi bisa dicindekkeun temana teh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).
Pertemuan 19
b. Nada jeung Suasana
Nada teh sikep pangayak ka n maca. Tina sikep pangayak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macca. Geura titenan pada sempalan sajak “Tanah Sunda” ieu di handap.
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar pada sajak di luhur, katangen sikep pangajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen najan tanah Sunda teh endah, tapi tetep hendteu tengtrem tur loba ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu maca bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.
c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana teh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero hate. Sajak “Tanah Sunda” upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero hate. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokeun atawa digalantangkeun.
Pertemuan 20
B. NGAGALANTAKEUN SAJAK
Ieu dihandap aya teks sajak. Pek ku hidep ngagalantakeun di hareupeun babaturan sakelas. Bagilir wae saurang-saurang, anu sejenna ngaregepkeun sing daria.
TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !
UPAMI TEU NGARTOS....
WeA +62 877 1444 4046
VC / VICAL = https://www.facebook.co.id/duridwangurunatafkar
Tidak ada komentar:
Posting Komentar