Soal-soal Bahasa Sunda Kelas 10 | 2223 _ PAS2

SOAL PAS_2 SUNDA 10 | 2022/2023

SOAL PAS SUNDA 10 | 2022/2023
PENILAIAN AKHIR SEMESTER
SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR
MAPEL: BASA SUNDA
KELAS: 10
GURU: M. DUDI RIDWAN, S.Pd.I

 

1.       Paguneman teh nyaeta kagiatan nyarita dua arah atawa leuwih pikeun …. kajaba …

A.      Nyingkabkeun rasa

B.      Ngungkapkeun pikiran

C.      Nguraikeun kahayang

D.      Nyosoek jeung nyasaak hate jelema

E.       Teu aya jawaban leres

2.       Nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara anu sipatna monologis, ukur direspon ku unggeuk sareng gideug, keprok, jeung pasemon. Nu kitu disebatna ….

A.      Kawih

B.      Biantara

C.      Paguneman

D.      Novel

E.       Drama

3.       Perhatoskeun, eusi ceramah di handap ieu!

“Para hadirin,

Hayu urang ronjatkeun ibadah urang ka Alloh SWT. Sangkan urang mingkinan dipikaresep sareng dipikarido ku Alloh SWT.

Para Bapak, para ibu,

Naon ari ibadah teh?

Aya anu nyebatkeun kieu, para hadirin

هِيَ الۡوَفَاءُ بِالۡعُهُوۡدِ، وَحِفۡظُ الۡحُدُوۡدِ، وَالرِّضَا بِالۡمَوۡجُوۡدِ، وَالصَّبۡرُ عَلىَ الۡمَفۡقُوۡدِ

Yen ibadah teh nyaeta….

Nyumponan janji, kana batasan-batasan ngajagi

Sareng rido kanu aya, tur sabar kanu can aya.

 

Cekap sakitu bae.

Insya Alloh sanes waktos urang sambung deui.

Wassalam.”

Ari kecap “hayu” dina ceramah di luhur, tujuannana nyaeta ….

A.      Ngabejaan

B.      Mere wawasan

C.      Ngahibur

D.      Ngajak

E.       Nyegah

4.       Kecap “Cekap sakitu bae.” Dina ceramah di luhur, mangrupa materi biantara dina bagean ….

A.      Bubuka

B.      Kacindekan

C.      Panutup

D.      Eusi pedaran

E.       Panyalengor

5.       Kecap “Aya nu nyebatkeun kieu, para hadirin …. Yen ibadah teh …….. ”. Dina biantara di luhur. Ieu kecap-kecapan aya dina bagean ….

A.      Eusi pedaran

B.      Kacindekan

C.      Bubuka

D.      Panyalengor

E.       Panutup

6.       Dina mangsana urang rek manggung jadi mubaligh dina hiji acara mieling kamerdekaan, tulisan nu geus dijieun jadi naskah samemehna ditendeun dina saku. Biantara ku cara kitu, metodena disebut …..

A.      Impromtu

B.      Memoriter

C.      Manuskrip

D.      Ekstemporan

E.       Sapada harita

7.       Perhatikeun pernyataan di luhur ieu!

1)      Ceramah

2)      Pamapag/sambutan

3)      Pedaran/bahasan hiji pasoalan

4)      Natar

5)      Kampanye

Mangsana aya pangantenan, ti dua pihakannana boh ti calon panganten istri atanapi pamegetna so kaya nu seren tampi.

Seren tampi dina pangantenan kalebet kana ….

A.      (5)

B.      (4)

C.      (3)

D.      (2)

E.       (1)

8.       Perhatikeun kagunaan biantara di handap ieu.

1)      Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud

2)      Ngaronjatkeun ajen diri

3)      Ngarojong leadership

4)      Jadi puseur paniten masyarakat, dihormat jeung dihargaan

Lamun dihubungkeun jeung akhlak tasawuf, yen hirup kudu rido jeung ikhlas karena Alloh, maka kagunaan biantara diluhur nu keun bae datangna ti batur, tapi tong nyangkaruk dina ati sorangan sok komo dikedalkeun nyaeta ditunjukeun ku nomer ….

A.      4 jeung 2

B.      4 jeung 1

C.      1 jeung 3

D.      1 jeung 2

E.       3 jeung 4

9.       Dina gambar ieu, jalmi nu mana nu ekeur biantara!

A.      


B.      


C.      


D.      


E.       Description: Gelar Amaliyah Tadris Perdana Santri Pesantren Daqu Siap Menjadi Guru  Profesional Dan Kompeten | Pesantren Tahfizh Daarul Qur'an


10.   Perhatikeun biantara di handap ieu!

“Hadirin rohimakumulloh,

Dina raraga mieling kana isro sareng mi’rajna nabi, urang terapkeun dina diri urang sewing-sewangan kucara: 

Kahiji, isro jalan tipeuting nuju ka masjid nyaeta seja qiyamullel, tahajud, atanapi berjama’ah isya jeung shubuh.

Kadua, mi’raj naek, ningkatkeun, ngaronjatkeun amaliah urang kucara nambahan sholat. Lamun tea kamari ukur fardu wungkul, mangka ayeuna hayu urang mi’raj ku nambahan qobliyah atanapi ba’diyahna.”

Ngilik eusina, ieu ceramah teh biasana aya dina sasih ……

A.      Muharram

B.      Shofar

C.      Mulud

D.      Rajab

E.       Puasa

11.   Titenan deui, eusi biantara nu aya dina nomer 9.

Ngilik eusina, ieu ceramah teh temana nyaeta ….

A.      Isro mi’raj

B.      Nambahan fardu isro

C.      Nambahan qobliyah mi’raj

D.      Ukur fardu isro jeung mi’raj

E.       Teu aya jawaban nu leres

12.   Perhatoskeun eusi paguneman ieu!

Risna (R): “Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basa sunda dipasihan pancen?”

Agus (A): “Pancen anu mana tea, Ris?”

Risna : “Pancen eta tea gening, dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktos libur”

Tiara : “…… kelas abi oge dipiwarang.”

Agus : “oh, eta. Atos deui da Agus mah.”

Ngilik unsur paguneman, maka Risna teh salaku ….

A.      Batur nyarita

B.      Jejer guneman

C.      Panyatur

D.      Protokol

E.       Panumbu catur

13.   Titenan deui eusi paguneman nomer 12.

Kecap-kecapan Tiara, dina paguneman diluhur pas na mah nyaeta ….

A.      Moal,

B.      Mangga,

C.      Hayu,

D.      Kade,

E.       Muhun,

14.   Ari paguneman nu ditepikeun di akhir carita, istilahna nyaeta ….

A.      Prolog

B.      Monolog

C.      Dialog

D.      Epilog

E.       Stereolog

15.   Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Sidang idil fitri anu ku sim kuring dipihormat!,

Dinten ieu pisan, urang ayeuna bersih tina dosa, kawas orok nu karek borojol gubrag ka alam dunya.”

Ngilik eusina, ieu teh biantara nu keur aya dina suasana …..

A.      Idul Adha

B.      Khutbah Jum’at

C.      Idul Fitri

D.      Sholat Istisqo

E.       Sholat gerhana

16.   Ari idul adha teh dilaksanakeunnana dina kaping …..

A.      17 Agustus

B.      10 Muharam

C.      1 Syawal

D.      5 November

E.       28 Oktober

17.   Ari dina idul qurban, sok aya acara peupeuncitan, nyaeta bisa meuncit ingon-ingon saperti ….. kajaba …...

A.      Munding

B.      Sapi

C.      Domba

D.      Embe

E.       Hayam

18.   Ari rupana sapi teh nyaeta ….

A.      


B.      


C.      


D.      


E.       


19.   Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Para bapa, para ibu, pameget jaler istri, bil khusus sesepuh, kasepuhan, nu disepuhkeun, utamina sepuhna calon panganten istri.

Abdi ngadegna di dieu teh, kumargi kawakilan ti sepuhna Cep Dino, kangge kadugikeun pamasrahannana.

Wireh ieu sepuhna Cep Dino teh, pangersana Bapak Anda sareng Ibu Inti, ngaharewos ka sim kuring pang wakilankeun masrahkeun ieu Cep Dino. Ku kituna, sim kuring seja nyaosan sok sanaos ku bahasa nu alakadarna.”

Upama ditinenan tina eusina, ieu kecap-kecapan teh aya dina acara ….

A.      Walimah arusy/nikah

B.      Walimah khitan

C.      Walimah aqiqah

D.      Walimah wakiirah

E.       Walimah naqi’ah

20.   Perhatoskeun paguneman di handap ieu!

Deuis: Bade iraha ngerjakeun tugas kelompok teh?

(rerencangan nu opatan nyaeta Rita, Jasmin, Rahmi sareng Yati papelong-pelong. Teras Jasmin nyarios),

Jasmin: Dinten Saptu wae nya, kusabab abdi Mingonna bade ngiring ka pun Bapak kana uleman.

Deuis: Sumuhun atuh, abdi oge aya acara dinten Minggu mah.

Jasmin: kinten-kinten tabuh sabaraha nya?

Deuis: Tabuh dua siang wae nya?!, di bumi Abdi, carioskeun ke rerencangan!.

Jasmin: muhun, in syaAlloh.

Ari paguneman di luhur teh nyaeta ngenaan ….

A.      Uleman

B.      Rerencangan

C.      Bumi abdi

D.      Dinten minggu

E.       Tugas kelompok

21.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade di ….

A.      Di bumi Jasmin

B.      Di bumi Deuis

C.      Di bumi Rita

D.      Di bumi Rahmi

E.       Di bumi Yati

22.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade ….

A.      Tabuh dua sonten dinten sabtu

B.      Tabuh dua sonten dinten minggu

C.      Tabuh dua siang dinten sabtu

D.      Tabuh dua sonten dinten minggu

E.       Tabuh dua janari dinten senen

23.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ari baris ka 2 nu di jero kurung, disebatna ….

A.      Prolog

B.      Dialog

C.      Epilog

D.      Monolog

E.       Stereolog

24.   Perhatoskeun carita di handap ieu!

Kacarioskeun di hiji leuweung geledegan, aya dua sato nu keur leumpang ngagandeang nyaeta keong jeung peucang.

Ceuk keong, “cang, arek moal balap lumpat the?”

Tembal peucang, “siap lah, arek iraha?”

Keong ngahuleng sakeudeung, tos kitu ret ka peucang, bari terus weh ngomong, “isukan, isuk-isuk.”

Peucang ngaenyakeun, bari pokna teh, “enya lah, tabuh sabelas”

Ceuk keong, “haaar….??!”

Ceuk peucang, “naha?”

Ceuk keong teh, “…………..teuing atuh jam sakitu mah.”

Ngilik paguneman di luhur, rupana paguneman teh nyaeta ….

A.      Monolog

B.      Prolog

C.      Dialog

D.      Epilog

E.       Stereolog

25.   Kecap nu pas pikeun ngeusian titik-titik nu jadi kecap-kecapan keong dina paguneman di luhur nyaeta ….

A.      Isuk-isuk

B.      Beurang

C.      Peuting

D.      Sore

E.       Subuh

26.  Perhatoskeun Pedaran di handap ieu.

Muhammad (Aksara Arab: محمد, nu dialihaksarakeun dina aksara Latin jadi Mohammad, Mohammed, Muhammed, Muhamad, atawa Mahomet), dianggap ku umat Islam salaku rosul/utusan Gusti Alloh SWT. Numutkeun babad salira (biografi) nu disebut siroh (basa Arab), anjeunna dibabarkeun tina tanggal 20 April 570 di Mekah aya oge anu nyebatkeun tahun 571, pupus di Madinah 8 Juni 632, nu duanana aya di wewengkon kalér Arab.

Ari pedaran diluhur kalebet ….

A.     Biografi

B.     Autobiografi

C.     Novel

D.     Drama

E.      Puisi

27.  Ari nu dimaksud 570/571 nyaeta taun ….

A.     Hijriah

B.     Miladiah

C.     Qomariah

D.     Saka

E.      Jawa

28.  Ari kecap bahasa arab anu dijadikeun nami Muhamad teh, dina basa sunda hartosna nyaeta ….

A.     Anu kapuji

B.     Anu muji

C.     Anu kapercaya

D.     Anu kapilih

E.      Anu pahatu lalis

29.  Perhatoskeun Biografi di handap ieu.

<<Photo>>

Nama : KH. ADANG ROSYIDIN

Tempat, Tgl Lahir : Ciamis, 14 Agustus 1945

Kewarganegaraan : Indonesia

Suku : Sunda

Alamat : Kp. Cibadak Girang Rt.01 Rw. 02 Desa Sukanagalih Kec. Pacet Kabupaten Cianjur

Jabatan : Ketua YPI Tauhidul Afkar Cibadak, Ketua DKM Mesjid At-Taqwa Cibadak, Ketua BAZ Kecamatan Pacet.

Ari Biografi di luhur teh, nyaeta biografi anu bentukna ….

A.     Narasi

B.     Formulir

C.     Tabel

D.     Skema

E.      Teu aya jawaban nu leres

30.  Ari KH. Adang Rosyidin teh dibabarkeunana di kota ….

A.     Cianjur

B.     Cibadak Pasantren

C.     Pacet

D.     Ciamis

E.      Bandung

31.  Ari palinggihan sesepuh Yayasan Tauhidul Afkar teh nyaeta di ….

A.     Cianjur

B.     Bandung

C.     Ciamis

D.     Garut

E.      Tasik

32.  Umumna lalakon jalma nu osok ditulis jadi biografi teh inohong-inohong nu geus moyan. Kecap geus moyan teh maksudna nyaeta …..

A.     Geus siduru hareupeun hawu

B.     Geus moe di buruan imah isuk-isuk

C.     Geus ngarasa kabulusan di pancuran

D.     Geus ngarasa kahaneutan ku panon poe

E.      Geus kawentar jeung gede pangaruhna dina sajarah

33.  Lamun nitenan biografi Raden Machjar Angga Koesoemadinata, Urang bakal manggihan yen Anjeuna teh senimar tur etnomusikolog Sunda, kawentar minangka pangatik nu khusus ngamajukeun ….

A.     Seni sora jeung seni musik

B.     Seni lukis jeung seni rupa

C.     Seni tari jeung seni lukis

D.     Seni panggung jeung seni drama

E.      Seni gerak jeung seni tari

34.  Raden Machjar A.K. nyiptakeun “serat kanayagan” nyaeta sistem notasi nada sunda anu eusina ….

A.     DA – TI – NA – MI – RE

B.     DO – RE – MI – PA – SO

C.     DA – TI – NA – MI – LA

D.     PA – SO – LA – SI – DO

E.      C – D – E – F – G

35.  Tahun 1924-1932 Raden Machjar pernah di tempatkeun di sakola HIS anu aya di ‘kota Tahu’ nyaeta wewengkon ….

A.     Garut

B.     Tasik

C.     Bandung

D.     Sumedang

E.      Karawang

36.  Ari alat musik dina degung sunda nu ditiup jeung dipetik dijentrengkeun, nyaeta ….

A.     Kacapi jeung suling

B.     Kacapi jeung piriwit

C.     Tarompet jeung suling

D.     Tarompet jeung gitar

E.      Angklung jeung Calung

37.  Diantawis putra Raden Machjar teh aya R. Kama Koesoemadinata (alm.) Ahli vulkanologi. Ari ahli vulkanologi teh nyaeta nalungtik ….

A.     Gunung api

B.     Batu karang laut

C.     Tatangkalan Leuweung

D.     Sato alam liar

E.      Sato ingon-ingon

38.  Ari Ir. Soekarno, eta teh tokoh Indonesia ti kalangan ….

A.     Ekonom

B.     Politikus

C.     Agamawan

D.     Seniman

E.      Vulkanologi

39.  Ari mangpaat biografi teh seueur pisan. Diantarana pikeun anu macana nyaeta ….

A.     Ngeling-ngeling jasa hiji tokoh

B.     Diajar jeung ngeunteung kana pikiran hiji tokoh

C.     Dokumentasi sajarah

D.     Nyingkap jeung nyokot inspirasi

E.      Kabeh jawaban leres

40.  Perhatikeun conto biografi di handap ieu.

Popi Nur Syapi Insaniyah

      Kuring di Pasantren Badrul Ulum ngagaduhan réréncangan nu namina Popi Nur Syapi Insaniyah. Tiasa dipanggil Popi. Ajeunna lahir tanggal 29 Februari 1988 di Bandung. Anjeunna cicing di Jln. Bagjasugema RT. 010/015 Desa Bungahkacida Kecamatan Gumbirapisan Kabupaten Amarwatasuta. Anjeunna anak kadua tina sapuluh sadulur.

      Warsih 1995 anjeunna neruskeun atikanana di MIS Kareueut. Warsih 2001 anjeunna neruskeun atikannana di MTs. Kareueusmanah. Warsih 2004 anjeunana neruskeun atikannana di MAK Kameumeut.

Ari warsih teh nyaeta ….

A.     Bulan

B.     Poe

C.     Minggon

D.     Taun

E.      Jam

41.  Perhatikeun biografi di handap ieu ….

Biodata Ir. Soekarno

Nami lengkep :            Ir. Soekarno

Nami panggilan :         Bung Karno

Nami alit :                 Kusno

Tempat, kaping lahir : Surabaya, 6 Juni 1901

Agama :                        Islam

Nami Isteri :              Fatmawati, Hartini, Ratna Sari Dewi, Kartini Manopo, Haryati, Yurike Sanger, dan Heldy Djafar

Nami Murangkalih :  Guntur, Megawati, Rachmawati, Sukmawati, Guruh (dari Fatmawati) Taufan, Bayu (dari Hartini) Kartika (dari Ratna Sari Dewi)

Pendidikan :              HIS di Surabaya, Hogere Burger School (HBS), Technische Hoogeschool (THS) di Bandung

Wafat :                        Jakarta, 21 Juni 1970

Dimakamkan :            Blitar, Jawa-Timur

Ari Ir. Soekarno mangsa nuju alitna sok disebat ….

A.     Kusno

B.     Fatmawati

C.     Hartini

D.     Haryati

E.      Guntur

42.  Ir. Soekarno sanaos pupusna di Jakarta, tapi Anjeuna dikurebkeun di ….

A.     Surabaya

B.     Blitar

C.     Jakarta

D.     Belanda

E.      Bandung

43.  Perhatoskeun pedaran di handap ieu.

Biografi Muhamad Dudi Ridwan

Nepangkeun nami abdi Muhamad Dudi Ridwan. Tiasa dipanggil Dudi. lahir tanggal 05 November 1978 di Bandung. Kiwari abdi dumuk di Jln. Hanjawar Pacet, Kampung Cibadak Pasantren Girang, Desa Sukanagalih, Kecamatan Pacet, Kabupaten Cianjur. Abdi linggih di RT. 001/001. Nomor telepon abdi +62 852 2065 3388.

Warsih 2006, kaping 26 Oktober abdi nikah sareng urang Cianjur anu namina Popi Syapi'ah (Syafi'ah) putrina KH. Adang Rosyidin sareng Mamah Hj. Aas Mukhlasoh. Abdi dipaparinan kapercantenan ku Alloh SWT. ku ngagaduhan murangkalih anu seueurna 4 jalmi istri wungkul, nyaeta: (1) Shulha Hikmatul Maula anu dipanggilna Neng Haha, (2) Rodhwa Faiha Nu'ma anu dipanggilna Neng Wawa, (3) Tsaqifah Dzawatu Sahlah anu dipanggilna De Fafa, sareng ka (4) Khaira Muhdiya Mufida anu dipanggilna De Rara.

Ari putri kahiji ti Muhamad Dudi Ridwan teh nyaeta ….

A.     Rodhwa Faiha Nu’ma

B.     Shulha Hikmatul Maula

C.     Tsaqifah Dzawatu Sahlah

D.     Khaira Muhdiya Mufida

E.      Popi Syapi’ah

44.  Ari murangkalih kahiji dina basa Sunda disebatna ….

A.     Bungsu

B.     Pangais bungsu

C.     Panengah

D.     Cikal

E.      Bontot

45.  Ari panggilan De Fafa teh nyaeta pikeun putri M. Dudi Ridwan anu ka …

A.     1

B.     2

C.     3

D.     4

E.      5

46.  Ari mertua istri ti M. Dudi Ridwan the nyaeta ….

A.     KH. Adang Rosyidin

B.     Hj. Aas Mukhlasoh

C.     Tsaqifah Dzawatu Sahlah

D.     Khaira Muhdiya Mufida

E.      Popi Syapi’ah

47.  Ari Khaira Muhdiya Mufida dipanggilna teh nyaeta ….

A.     De Rara

B.     De Haha

C.     De Mumu

D.     De Fifi

E.      De Yaya

48.  Perhatoskeun sempalan autobiografi di handap ieu.

……..

Rengse ti sakola Aliyah Keagaman, MAK Baitul Arqom taun 1997, abdi cicing di bumi salami kirang langkung sasasih. Tos kitu abdi neraskeun masantren ka Badrul Ulum Sinapeul anu disesepahan ku Pa Ustadz Omas Masluh Sakandari salami 9 taun dugika 2006.

 

Ari Badrul Ulum Sinapeul teh nyaeta ….

A.     Pasantren

B.     Sakola MAK

C.     Sesepuh

D.     Masjid

E.      Mushola

49.  Ari anu janten sesepuh di Badrul Ulum Sinapeul teh nyaeta ….

A.     Ir. Soekarno

B.     KH. Ali Imron

C.     Ustadz Omas Masluh Sakandari

D.     Baitul Arqom

E.      KH. Adang Rosyidin

50.  Di luhur disebut-sebut aya sakola MAK Baitul Arqom. Ari ‘MAK’ teh papanjangna nyaeta….

A.     Mahkamah Agung Khusus

B.     Madrasah Awaliyah Kejuruan

C.     Masjid Agung Kota

D.     Mushola Anak Kampung

E.      Madrasah Aliyah Keagamaan


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...