Mingpin Diskusi/Panumbu Catur
Ieu di handap aya bacaan nu mangrupa paguneman (dialog). Aya nu jadi panumbu catur, aya nu jadi pamilon. Pék baca bedaskeun dihareupeun kelas!
MIÉLING POÉ BASA INDUNG
Basa Sunda téh minangka salasahiji basa indung di Jawa Barat. Malah geus dijadikeun muatan lokal wajib. Muatan lokal wajib sa-provinsi Jawa Barat nu ngajanggélék jadi pangajaran Basa jeung Sastra Sunda. Hartina mah éta pangajaran Basa jeung Sastra Sunda téh kedah diajarkeun ti kawit TK/RA dugi ka tingkat SMA/SMK/MA/MAK. Éta hal pisan nu jadi bahan padungdengan pangurus OSIS SMAN 1 Jampangkulon.
Pa Gés : “Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Urang salaku siswa jeung salaku nonoman Sunda, geus sakuduna ngarojong harkat martabat jeung darajat urang Sunda. Malah teu kalangkung budaya nu jadi sélér bangsa nu kudu dimumulé ku urang sadayana. Pon kitu deui urang salaku pangurus OSIS di ieu sakola (SMAN 1 Jampangkulon) nu salamina nyekel pageuh kana warisan budaya urang tur mikareueus kana basana. Ku kituna sim kuring salaku Pembina OSIS umajak ka sadayana pangurus OSIS hayu urang babarengan pikeun ngaronjatkeun ajén-inajén ki Sunda”.
Jénitra : “Némbé ku urang parantos kauninga, sakumaha numutkeun bapa pembina atawa pangaping urang sadayana, yén teu aya lepatna ogé sakumaha nu kaunggel dina program gawé OSIS nu teu aya sanés dua sasih deui urang baris ngayakeun acara miéling “Poé Basa Indung”, pancegna mah kaping 21 Pébruari. Dumasar kaputusan UNESCO salasawios widang ti PBB nu netepkeun éta kaping téh nyaéta poé basa indung Internasional.”
Pa Gés : “Leres sakumaha tanggapan némbé ti sadérék pupuhu/ketua OSIS. Langkung paosna, mangga sawalakeun waé ku sadayana pangurus.”
Jénitra : “Hatur nuhun Pa Gés, namung sim kuring salaku pupuhu OSIS baris masrahkeun ka sadérék Nitisara salaku panumbu caturna. Kitu ogé engké kanggo pupuhu Panata Calagara dina miéling Poé Basa Indung. Jalaran sadérék Nitisara téh salaku koordinator dina éta widang. Mangga nu ngatur sagala acara kagiatanana mah sadérék Nitisara.”
Nitisara : “Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh, hatur nuhun ka pupuhu OSIS nu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo neraskeun ieu acara. Sumangga supados henteu nyangkolong kana waktos urang buka waé ieu acara padungdengan téh ku ngucapkeun basmalah sasarengan. Bimilahirohmanirrohim...
Namung sateuacanna, neda sihapunten bilih aya kelepatan dina mingpin ieu sawala. Sumangga salajengna badé aya nu ditaroskeun?”
Sastra : “Sadérék panumbu catur. Hapunten sim kuring baris tumaros?
Nitisara : “Mangga, dihaturanan kanggo ngadugikeun kamandangna!”
Sastra : “Kieu, Kinten-kinten dina miéling Poé Basa Indung téh, kagiatan naon waé nu badé diayakeun téh?”
Nitisara : “Hatur nuhun, saé pisan patalékanana. Perkawis kagiatanana mah mung nyongcay waktos sadinten waé, nyaéta kaping 21 Pébruari 2012. Kagiatanana ogé teu seueur, sadayana museur kana basa, sastra jeung aksara Sunda. Namung kedah diiluan ku sadayana kelas ti kawit kelas 10 dugi ka kelas 12. Dupi kagiatanana mah: (1) Ngarang Carpon, (2) Maca Sajak, jeung (3) Nulis Aksara Sunda. Husus kanggo ngarang, tiasa dikawitan ti kaping 1 Pébruari 2012. Kumaha tah upami kitu, sapuk henteu?”
Pangurus : “Sapuuuuuuk!”
Wiguna : “Dupi panitiana saha waé?”
Nitisara : “Mangga ayeuna urang susun waé panitiana. Pupuhu sim kuring, Wakil Pupuhu Sastra, Girang Serat Wiguna Wisastra, Panata Hartana sadérék Ridha. Nu baris ngagalindengkeun ayat suci Al-Qur’an sareng saritilawahna mah Prabu Révolusi sareng Marsya Wening Galih. Séksi Acara Purwa Wacana. Séksi Akomodasi Jaladri Tingtrim sareng Kinanti. Séksi Konsumsi Ismayanti Hérnawati sareng Méisyani. Séksi Dokuméntasi Sutanandika. Tah sakitu réngréngan panata calagara kanggo saheulaanan mah cekap. Namung nu acan kacatet ayeuna tangtosna sadayana pangurus mah lebet kana kapanitiaan.
Ridha : “Upami nu janten Girang Pangajén dina kagiatanana saha?”
Nitisara : “Leres pisan, punten kalangkung. Sadaya Girang Pangajén mah ti pihak Bapa sareng Ibu Guru. Kitu rupina mah. Upami parantos cekap mah, ieu acara badé disanggakeun deui ka Ketua OSIS. Ka sadédérék Jénitra, mangga nyanggakeun. Hatur nuhun. Hapunten bilih aya kekecapan ti sim kuring nu kirang merenah. Wassalammu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Pangurus : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh.”
Jénitra : “Hatur nuhun. Ayeuna mah langkung saé urang cekapkeun sakieu waé ieu lawungan. Tangtosna, urang langsung waé tatahar midamel nu sakirana tiasa dipidamel ti kiwari. Pamungkas catur, wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.”
Pangurus : “Waalaikum salam warohmatullohi wabarokatuh.”
Nyungsi Harti
Maham Eusi Panumbu Catur
Pikeun maham eusi bacaan di luhur, pék jawab ieu pananya di handap!
1) Naon jejer guneman di luhur?
2) Naha bet aya “miéling Poé Basa Indung”?
3) Naon sababna basa jeung sastra Sunda, bet dijadikeun “Muatan Lokal Wajib” di Provinsi Jawa Barat?
4) Naon patalina antara basa indung jeung UNESCO di PBB?
5) Kumaha cara miéling poé basa indung di SMAN 1 Jampangkulon téh?
6) Naha kagiatan ngarang carpon bet diheulakeun?
7) Saha ari nu jadi panata calagarana?
8) Numutkeun hidep naha basa indung “basa jeung sastra Sunda” téh perlu henteu ku urang dimumulé?
9) Kumaha carana sangkan urang bisa ngamumulé basa indung?
10) Kumaha kacindekanana tina sawala di luhur?
Pedaran Ngeunaan Panumbu Catur
Panumbu catur (Ind.: moderator) téh kaasup kana mingpin diskusi, nyaéta jalma nu dipercaya nyekel kadali pikeun ngatur patali marga di antara pamilon diskusi. Panumbu catur boga pancén pikeun ngatur, ngalelempeng, ngaping, sarta miara lumangsungna diskusi nu teu leupas tina cara atawa téhnik mingpin diskusi. Tanggung jawab panumbu catur kaitung beurat lantaran hasil henteuna diskusi gumantung ka dirina. Tugas panumbu catur, di antarana:
1. Ngajaga atawa miara lancarna diskusi.
2. Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan kahontal tujuan nu dipiharep.
3. Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi.
4. Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi.
5. Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon diskusi.
Kumaha prak-prakan nalika hidep jadi panumbu catur atawa jadi moderator? Pikeun jadi panumbu catur tangtuna hidep kudu ngalakukeun léngkah-léngkah atawa nu kudu disiapkeun nyaéta:
1. Persiapan pribadi, di antarana:
a. Siap bahan-bahan nu dipaké pikeun ngatur diskusi/sawala.
b. Mibanda gambaran nu jelas ngeunaan sasaran atawa hasil tina diskusi/sawala.
c. Siap nyanghareupan sagala hal nu bakal kajadian, upama aya béda pamadegan atawa pendapat, kamungkinan jawabanana.
2. Persiapan pikeun nyanghareupan pamilon (audien), di antarana:
a. Komunikasi nu alus jeung pamilon.
b. Mikawanoh karakter (watek) umum para pamilon saméméhna.
c. Alusna mah aya patali nu loma (akrab) saméméh diskusi/sawala lumangsung.
Sabadana hidep tatahar pikeun jadi panumbu catur, satuluyna kumaha carana nalika hidep keur jadi panumbu catur atawa nalika numbu catur. Cara-carana nyaéta hidep kudu niténan sawatara hal ieu di handap:
1. Merhatikeun tata cara sopan santun protokolér di hiji wewengkon atawa daérah.
2. Omongan panganteur atawa pangjajap kana kagiatan diskusi/sawala alusna singget tapi jelas (jéntré).
3. Miboga sikep objéktif tur narima atawa ngahargaan (terbuka) ka sakur pamilon.
4. Kudu bisa meper pamilon nu patorong-torong ku cara nu alus tur gedé pangaruhna (pérsuasif).
5. Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon.
6. Usahakeun diskusi dibuka saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
7. Tepikeun jejer jeung bahan diskusi ka hadirin.
8. Wanohkeun parapangjejer; ngaranna (lengkep jeung gelarna), profésina, kaahlianana, jeung data pribadi séjénna nu aya patalina jeung jejer katut bahan diskusi.
9. Tepikeun tata-tertib diskusi sajelas-jelasna.
10. Ngahaturanan pangjejer keur nepikeun bahasanana, disusul nampung jeung ngatur parapamilon nu rék milu mairan atawa nanyakeun.
11. Tutup diskusi panceg dina waktuna.
Conto pok-pokanana ngawanohkeun pangjejer:
“Hadirin sadaya, sateuacan diskusi dikawitan, langkung ti payun sim kuring seja ngawanohkeun heula parapangjejer dina ieu diskusi. Nu kahiji sadérék Jénitra Nitisara Sastrawiguna, siswi kelas 12 IPA 1. Pituin urang Jampang, putrina Bapa Gusniawan Sastrawiguna sareng Ibu Ridhayanthi, sarta ageung perhatianana kana hal-hal kasundaan. Resep kana sastra ogé pangarang moyan, cita-citana lian ti palay janten dokter téh, ogé palay janten sastrawan. Wilujeng énjing sadérék Jénitra. Hatur nuhun kana kasumpinganana.
Nu kadua .... jst.”
Conto pok-pokan ngahaturanan pangjejer:
“Rupina supados henteu nyangkolong kana waktos, diskusi anu jejerna “Sunda urang, Sunda Gaul”, saé urang dikawitan. Kaleresan parapangjejer duanana parantos aya di payuneun urang, sarta siap ngajejeran ieu diskusi. Ku margi kitu ka pangjejer nu kahiji, nyaéta sadérék Jénitra Nitisara Sastrawiguna dihaturanan kanggo ngadugikeun kamandangna”
Conto pok-pokan ngatur jalanna diskusi:
“Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna. Hadirin sadaya tangtos seueur nu teu sabar, palay énggal-énggal mairan, naros, atanapi ngadugikeun pamendakna. Namung, langkung ti payun neda hapunten, jalaran waktos diskusi mung badé dugi ka tabuh dua welas, janten moal sadayana kénging kasempetan kanggo sasauran.
Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit.
Mangga nu badé sasauran, tiasa ngacungkeun panangan!”
Conto pok-pokan nutup diskusi:
“Diskusi nu jejerna “Sunda urang, Sunda Gaul”, parantos réngsé. Ngawakilan panata calagara sim kuring ngahaturkeun rébu-rébu nuhun, kana kasumpingan sareng perhatosanana. Utamina ka parapangjejer, sarta henteu ka kantun ka hadirin sadayana.
Dina ieu diskusi sim kuring ngahaja henteu ngadamel kacindekan, sadayana nyanggakeun ka masing-masing nu sarumping. Ku margi kawatesanan ku waktos, tangtos masih kénéh seueur nu ngaraos panasaran. Ku éta hal, pihak panata calagara parantos ngararancang, bakal ngayakeun deui diskusi, tangtos dina jejer bahasan nu sanés, namung raket patalina sareng kasundaan.
Salajengna diskusi ku sim kuring resmi ditutup. Sakali deui hatur nuhun kana kasumpingan sareng perhatosanana. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten kana samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Kecap-kecap di handap larapkeun kana kalimah nu merenah!
1) Pupuhu
..........................................................................................................................................................
2) Girang Serat
..........................................................................................................................................................
3) Panata Harta
..........................................................................................................................................................
4) ngarojong
..........................................................................................................................................................
5) pangjejer
..........................................................................................................................................................
Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna!
1. Masalah nu jadi téma/jejer paguneman antara Jénitra jeungNitisara téh ngeunaan ….
A. tujuan D. tempat
B. rencana E. waktu
C. tugas
2. Nitisara meunang informasi ngeunaan Poé Basa Indung téh ti ….
A. OSIS D. Jénitra
B. Ridha E. Pa Gés
C. Wiguna
3. Basa Sunda nu digunakeun ku Jénitra jeung Nitisara téh….
A. alus tapi kasar pisan D. goréng
B. alus tapi kasar E. loma
C. Alus sarta lemes
4. Ku naon Jénitra ngajak ngobrol ka Nitisara?
A. ku sabab Jénitra téh babaturan sakelas Nitisara
B. ku sabab Jénitra téh babaturan sa lembur Nitisara
C. ku sabab poé isukan téh poé minggu, poé libur
D. Ku sabab poé isukan rek aya kerja bakti di lemburna
E. Ku sabab basa Sunda mah penting pisan
5. Ka saha Jénitra masarahkeun pikeun jadi panumbu catur ...
A. Prabu Révolusi D. Wiguna Wisastra
B. Nitisara E. Marsya Wening Galih
C. Pa Gés
6. “Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit”.
Kekecapan di luhur téh kaasup conto dina diskusi
A. Muka diskusi D. ngahaturanan pangjejer
B. ngatur jalanna diskusi E. ngawanohkeun pangjejer
C. nutup diskusi
7. Kira-kira sikep Jénitra dina éta paguneman téh kumaha?
A. alus D. goréng
B. picontoeun E. turutaneun
C. pujieun batur
8. Kira-kira di mana Jénitra jeung Nitisara téh ngobrolna?
A. di sakola D. di kelas Jénitra
B. di imah Jénitra E. di kelas Nitisara
C. di imah Nitisara
9. Tugas atawa pancén saha ari ngajaga atawa miara lancarna diskusi téh?
A. Pangjejer D. Panata Calagara
B. Narasumber E. Pupuhu panitia
C. Panumbu Catur
10. “Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna”.
Kecap kamandang di luhur ngandung harti ...
A. usulan D. caritaan
B. kahayang E. pamanggih/pendapat
C. omongan
Materi nu akur jeung nu diluhur, da memang dulur, jeung deuih dan copas ti dinya meni asa pas:
Tidak ada komentar:
Posting Komentar