CARITA | CARITA PONDOK

DAFTAR ISI 

MATERI CARITA PONDOK

A. MEDAR PERKARA CARITA PONDOK

B. NGARANG CARPON

LATIHAN

A. MEDAR PERKARA CARITA PONDOK

Carita pondok (carpon) atawa dina basa Indonésia cerita pendek Carpen), dina basa Inggris short story, nyaéta karangan fiksi (rekaan) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeur an Rea nu nyebutkeun yén carpon mah karya nu populer jeung pikaresepeun, lantaran eusina réa nyaritakeun kahirupan sapo poe. Dicaritakeun kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana 

Disebut pondok téh luyu jeung wangun caritana nu kaitung pondok. Henteu réa nu dicaritakeun, biasana ngan saépisodeu. Tokohna teu réa, museur kana hiji-dua kajadian, galurna basajan henteu ngarancabang, henteu loba pundah-pindah latar, sarta ngabogaan téma jeung amanat nu hayang ditepikeun ku pangarangna. 

Ukuran pondok téh sabenerna mah rélatif Aya sababaraha carpon nu kaitung panjang, upamana carpon “Amanat dina Na pas Panungtungan” karya Mh. Rustandi Kartakusumah. Tapi, umumna mah pondok antara 5-10 kaca upama dina majalah. Malah dina koran mah ngan sakaca. Dibacana gé sakali tamat antara 10-15 menit 

Disebut karya sastra sampeuran téh lantaran pangaruh karya deungeun, ti Walanda (Éropah). Harita istilah carpon acan tétéla, masih disaruakeun jeung dongéng. Tapi, béda jeung dongéng nu caritana pamohalan, teu kapaluruh nu ngarangna (anonim), jeung sumebarna sacara lisan. Carpon mah caritana diréka siga nu enya-enya kajadian, aya nu ngarangna, jeung sumebar sacara tinulis.  Awal abad ka-20 beuki réa nu nulis carpon, utamana sabada medal majalah Papa’s Nonoman jeung Parahiyangan. Terus carpon téh réa nu dikumpulkeun sarta medal jadi buku. Ari buku kumpulan carpon munggaran dina sastra Sunda nyaéta Dogdog Pang réwong karya pangarang nu inisialna G.S., wedalan Balé Pustaka Taun 1930. Leuwih tiheula batan medalna buku kumpulan cerpen dina basa Indonésia, Teman Duduk, karya M. Kasim (1936). 

B. NGARANG CARPON

Pikeun diajar ngarang carpon, sabenerna mah taya aturan atawa padika husus. Sabab dina enas-enasna mah ngarang téh gumantung kana pangalaman maca, tatanya, sarta prakna nulis bari teu poho dibarengan ku muka kamus pikeun mikanyaho harti jeung nuliskeun kecap. Tapi pikeun ngalalanyahan, aya léngkah-léngkah ngarang carpon dumasar kana unsur-unsurna. Pikeun lilinggeran dina diajar ngarang carpon, tah ieu di handap minangka gurat badag ngarang carpon teh 

  1. Néangan idé (ilham) Biasa sok hésé néangan idé keur karangan téh. Sabenerna teu kudu jauh-jauh néangan idé, cokot wé tina pangalaman pribadi. Tapi, kudu diolah deui jeung nuliskeunana gé ulah siga “curhat” dina buku diary. Pangalaman téh teu kudu ditulis ceples sarua, sabisa-bisa diropéa jeung dieuyeuban deui jadi carita nu matak ngirut 

  2. Nangtukeun Jejer.

Jejer téh inti carita ti awal nepi ka ahir. Réa téma nu bisa dijadikeun bahan ngarang carpon tina kahirupan sabudeureun, di antarana téma kulawarga, kaagamaan (religio), sosial, pendidikan, jrrd. Alusna nangtukeun jejer téh matak ngirut nu maca, masalah nu mindeng kapanggih dina kahirupan sapopoé, luyu jeung kahirupan kiwari atawa nu keur ramé dipasualkeun (aktual), milih masalah nu kira-kira kawasa, jeung boga rarangka karangan atawa tujuan pikeun cecekelan sangkan karangan puguh awal-ahirna. 

  1. Nangtukeun palaku (tokoh) jeung watekna (karakter).

Palaku téh jalma nu ngalalakon dina carita Unggal palaku boga watek nu ngagambarkeun pasipatanana séwang-séwang luyu jeung témana. Aya palaku utama nu watekna bisa hadé atawa goréng (protagonis), lawan palaku utama (antagonis), jeung palaku tambahan (tritagonis) 

  1. Nangtukeun latar (setting)

Latar téh lingkungan nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Gunana pikeun ngantebkeun gambaran kaayaan nu keur dicaritakeun. Latar dibagi tilu nyaéta tempat, waktu, jeung suasana. 

  1. Nangtukeun galur (plot).

Galur téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Rupa-rupa galur bisa digunakeun pikeun ngarang carpon, bisa ngagunakeun galur maju atawa mérélé, mundur (flash back), jeung bobok tengah atawa campuran. Pikeun ngalalanyahan ngarang carpon, bisa ogé ngagunakeun rarangka karangan: 

Manggalasastra (pamuka carita) ku cara nétélakeun watek palaku atawa ngagambarkeun tempat, waktu, jeung suasana;

Komplikasi (inti carita) ku cara nétélakeun palaku keur nyanghareupan masalah;

Résolusi (ngaréngsékeun masalah) ku cara méré bong bolangan nu karandapan ku palaku ngaliwatan carita; jeung

Antasastra (panutup carita) ku cara pangarang mungkas carita patalina jeung robahna nasib palaku, nandangan kasedih, atawa kabungah.

  1. Nangtukeun puseur sawangan (point of view)

Puseur sawangan téh tilikan carita naha nurutkeun gaya jalma kahiji atawa pangarang nyaritakeun langsung ngagunakeun palaku carita (biasana maké palaku “kuring”), jalma kadua (biasana maké palaku “manéhna”), atawa pangarang saukur nyaritakeun wungkul palaku-palaku carita atawa gaya ngadalang. 

  1. Nangtukeun amanat.

Amanat téh pesen nu hayang ditepikeun pangarang ngali watan caritana ka nu maca. Bisa ditepikeun langsung (tersurat) ngaliwatan ungkara atawa kalimah nu kapanggih dina pung- kasan carita, bisa ogé teu langsung (tersirat) tina gembleng na carita

  1. Basa nu digunakeun

Basa téh pakakas/alat utama dina ngarang. Ngarang carpon tangtu pakakasna gé basa Sunda. Cara nu disebutkeun di luhur, yén ngarang téh kudu boga pangalaman mindeng maca heula. Hadéna macaan carpon karya pangarang nu kawentar. Tujuanana pikeun ngabeungharan kecap jeung ngabanding-banding carpon nu hadé pikeun inspirasi dina ngarang carpon. 

  1. Nangtukeun judul

Judul téh minangka “panto” carita pikeun pamuka lawang kapanasaran nu maca. Nangtukeun judul karangan téh hadéna ku dua atawa tilu kecap nu luyu jeung téma, pikaresepeun jeung ngahudang kapanasaran. 

(RANCAGE DIAJAR BASA SUNDA SMA KELAS  11) 

LATIHAN

  1. Naon anu dimaksud arita pondok? 

  2. Naon anu dimaksud carpon kaasup carita rekaan jeung sampeuran? 

  3. Naon nu jadi ukuran pondok dina carpon téh?  

  4. Naon bédana antara carpon jeung dongéng?

  5. Ti iraha carpon asup dina sastra Sunda jeung pangaruh ti sastra mana? 

  6. Sebutkeun judul, pangarang, jeung taun medal carpon munggaran dina sastra Sunda?  

  7. Kumaha sumebarna carpon dina sastra Sunda sabada merdéka? 

  8. Sebutkeun buku-buku kumpulan carpon nu kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé! 

  9. Sawalakeun jeung babaturan sakelompok ngeunaan pangarang carpon, buku kumpulan carpon, jeung kamekaran carpon kiwari!  

  10. Téangan buku kumpulan carpon nu dipikaresep sarta catetkeun idéntitas bukuna (judul, pangarang, titimangsa medal, pamedal, jeung judul-judul carpon dina éta buku)! 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...