Nama : KH. ADANG ROSYIDIN Tempat, Tgl Lahir : Ciamis, 14 Agustus 1945 Kewarganegaraan : Indonesia Suku : Sunda Alamat : Kp. Cibadak Rt.01 Rw. 02 Desa Sukanagalih Kec. Pacet Kabupaten Cianjur Jabatan : Ketua YPI Tauhidul Afkar Cibadak, Ketua DKM Mesjid At-Taqwa Cibadak, Ketua BAZ Kecamatan Pacet.
Dina tahun 1971, Anjeuna ngadirikeun pasantren Tauhidul Afkar ngangge nampung murangkalih-murangkahlih anu aya di lingkungan Kampung Cibadak Pasantren / Cibadak Girang sangkan kersa ngararaos. Pamondokan anu disayogikeun harita nyaeta bangunan 2 (dua) lantai. Lantai kahiji kanggo madrasah, lantai kadua kanggo kobong pikeun mondok santri pameget. Anapon santri istri mah di lantai dua bumi sesepuh ku anjeun.
Dina taun 2022 Anjeuna sareng rengrengan ngarencanakeun ngadirikeun sakolah MTs. (Tsanawiyah) kanggo nampung murangkahlih-murangkalih nu hoyong sakola. Saterasna dina tahun 2007 ngadirikeun sakola SMA Plus Tauhidul Afkar.
KH. Ali Imron, sosok pemimpin yang Kharismatik dan Bijaksana ini adalahputra ke 4 dari Mama KH Muhammad Faqih ( Muassis Awal Pondok Pesantren Baitul Arqom ) setelah wafatnya Mama KH Ubaidillah beliau meneruskan kepemimpinan Pondok Pesantren,dikarenakan putra ke 2 Almarhum Almaghfurlah Mama KH. Muhammad Faqih, yaitu KH. Rd. Sofwan memimpin Pondok Pesantren Sukamiskin. Dalam mengembangkan Pondok Pesantren, beliau melaksanakan Amanat Ayahandanya Mama KH Muhammad Faqih dan kakaknya Mama KH. Ubaidillah serta KH.Rd. Sofwan, bahwa Pondok Pesantren Baitul Arqom harus bisa menjadi lembaga pendidikan Islam yang sesuai dengan kebutuhan masyarakat.
Dengan restu yang diberikan oleh Ibunda tercinta Hj. Maryamah,Mama KH Ubaidillah dan KH Rd Sofwan mulailah KH Ali Imron mencanangkan Orientasi Pesantren dengan Motto :
المحافظة على القديم الصالح والأخد بالجديد الأصلح
Dilatar belakangi dengan alasan bahwa pengajaran di pesantren tidak cukup dengan system Salafiyyah saja, tapi harus dibarengi dengan system pendidikan umum dan kemasyarakatan.
Dalam keseharianya mengkhodami Pesantren, KH Ali Imron dibantu oleh saudara dan keponakanya, KH Taufiq Abdul Hakim, KH Yusuf Salim, Kiyai Madani Sulaiman, Kiyai Sulaeman Ma’ruf, KH. Abdul Khobir Hasan, KH. Fuad Musthofa Hanan, dan para Asatidz lainya.
Beliau KH Ali Imron, Adalah figur yang penuh dengan keramahan, lemah lembut, tawadlo dan amat santun, sosok yang selalu mengeluarkan pemikiran baru, unik dan orisinil,pada hari senin tanggal 06 Juni 2005 jam 16.30 WIB bertepatan dengan 28 Rabiul Tsani 1426 H. Menghadap keharibaan NYA, berpulang ke Rahmatulloh untuk selamanya. Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Rojiun.dari pernikahanya dengan Hj Hamidah ( Putri dari Hadrotussyaikh Mama KH Ruhiat Pesantren Cipasung Tasikmalaya ) Beliau dikaruniai 11 Putra-Putri :
Umat Islam percaya yén pancén Muhammad nyaéta pikeun ngadugikeun ka kaumna perkara agama tauhid (monotéisme) nu utamana nyaeta ngawartakeun yen Alloh teh sahiji. Agama nu ngageum yen Alloh sahiji eta teh agama Islam, nu geus diajarkeun/didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméhna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām (saw., "mugia Gusti Alloh maparinkeun kasalametan ka anjeunna").
Dina basa sunda sok aya nu disebut babasan ( babasaan ) jeung oge aya nu disebut paribasa. Cara gampang pikeun ngabedakeunnana biasana dina wangunan kalimah. Babasan biasana kalimahna parendek sedengkeun paribasa biasana kalimahna paranjang.. Di handap ieu aya sawatara anu kaasup Babasan oge paribasa, pek bedakeun ku sorangan mana babasan ? mana paribasa ?
Maung ngamuk gajah meta - aya kariweuhan.
Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina / Geulis bawa ngajadi endah bawa ti kudrat - Geulis pisan
Di dinding kelir di sindang siloka - di kiasankeun
Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin - Geus kacida dipiwanohna
Geletuk batuna, gejebur caina -Kacindekan ahir
Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat - Nu jadi kolot kudu pohara di hormatna..
Tunggul di rarung, catang di rumpak - Nyingkirkeun sagala hahalang
Inggis ku bisi, rempan ku sugan - Rasa kasieun jeung hariwang
Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar - Teu bisa mungkir tina takdir
Legok tapak genteng kadek - Loba pangalamanna
Urang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang - Teundeuh sing rapih
Nete taraje nincak hambalan - ati-ati dina rengkak paripolah
Kagunturan madu, kaurugan menyan putih - Bungah kacida
Katarik ati kagendang asmara -- Jatuh cinta
Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan -- Teguh pendirian
Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari -- Tepat pada waktunya
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak -- Selalu bersama
teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian
sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae
nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik burih euweuh kawani / elehan
daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung
dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat
disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar
dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan
aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun
meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede
sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema
taya tangan pangawasa jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga
aya nu dianjing cai aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.
peureum kadeuleu beunta karasa ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh
samar polah samar rasa henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak
seungit angin-anginan seungit pisan meleber ka mana-mana
satungtung deuleu ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
ciri sabumi cara sadésa masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua
kudu bisa pindah cai pindah tampian kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;
henteu terus jeung haté henteu saenyana, ngan ukur omong baé
silih jenggut jeung nu gundul ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga
legok tapak genténg kadék réa pangalaman jeung kanyaho
désa maca cara nagara mawa tata ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda
heureut deuleu pondok léngkah ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok
ngabéjaan bulu tuur ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun
puraga tamba kadengda ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé
poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin) poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan
ulah leutik haté ulah sieun atawa putus pangharepan
kabur pangacian sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget
muncang labuh ka puhu jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna. Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan
garo singsat samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé
nuturkeun indung suku leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan
dahar soré henteu isuk ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng
dug hulu pet nyawa digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup
sisit kadal sial
tanda wisnu tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot
nepi ka kaurugan taneuh beureum nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan
teu uyahan henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah
sakecap kadua gobang ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang
geus euweuh pangabetah geus henteu aya nu matak betah
ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek) dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké
gandrung kapirangrung kaayaan jalma anu kaédanan
heurin ku létah rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur
kawas hayam keur endogan élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu
satru kabuyutan musuh tuturunan, atawa musuh gerot
tunggal sakocoran masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki
sawan geureuh gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.
jadi lalab rumbah jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”
luncat mulang jalir tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu
ngembang kadu olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.
asa aing uyah kidul asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna
ditincak hulu dihina lain lumayan, dihina lak lak dasar/bebeakan
mangduakeun nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén
pondok jodo panjang baraya sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna
sapu nyéré pegat simpay pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura
ambek nyedek tanaga midek rék ngalawan tapi henteu walakaya
julig ati goréng haté, hianat
teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo
dedeg sampé rupa hadé ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe
ngalambang sari awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah
dikojayan ditulungan tina karurubed
jelema andar-andar jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan
nyiduh ka langit méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana
ngahudang timburu nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.
ka bau-bau sungut omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana
garo-garo teu ateul gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli
kurang saeundan rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun jadi geugeus atawa gédéng.
kawas kapuk kaibunan ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa
asa runtag bumi alam asa lebur kiamat / kawas rek kiamat
taya dunya kinasihan henteu ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun.”
randa béngsrat randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik
pohara dagdag-dédégna ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana
lébér wawanén gedé kawani, henteu boga kasieun
teu rék gedag bulu salambar henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.
kawas sisaru jadi jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna riab ka mana-mana
murang-maring ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna
teu boga pikir rangkepan bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang piakibateunana
ngadék sacékna, nilas saplasna jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirasiahkeun
ditéték nepi ka bubuk leutikna diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun
neukteuk méré (mari) anggeus atawa neukteuk mawa anggeus ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan
murah congcot hambur bacot béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh
nganyar-nganyari robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah
tambuh laku laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.
murag bulu bitis landian jang jalma anu tara betah di imah
lungguh tutut jalmaanu katingalina cicingeun (tara ka lawan jenis) tapi kabogohna aya dimamana
ngarah pati rék maéhan, rék ngala patina.
pahatu lalis biasana budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan henteu aya tempat nyalindung.
sada gelap salésér sora guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun ka jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu disangka pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina.
seuri maur seuri bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa.
sisit kadal goréng milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah sisit téh nangtukeun kadar.
teu aya nu dikilungan teu aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna.
hayang ngarebut payung hayang ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di “jaman normal” mah, gegedén téh sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna.
lébér wawanén pinuh ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan.
leungiteun tapak leungiteun susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana.
matak muringkak atawa muriding bulu punduk matak sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok harudang.
meungpeun carang api-api henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi ramona dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian. Meungpeun téh nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka téténjoan kahalangan.
miceun salasah miceun tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu maling miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka malingna
teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian
sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae
nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh
teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
leutik burih euweuh kawani / elehan
daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung
dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna
caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat
disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar
dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan
aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun
meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede
sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema
Wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dihace ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran. Tapi lolobana wawaca mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti :
1. Wawacan Rengganis
2. Wawacan Angling Darma
3. Wawacan Dewa Ruci
4. Wawacan Damarwulan, jsb.
Wawacan séjénna:
a. Wawacan Amongsari jeung Lembusari
b. Wawacan Aji Saka
c. Wawacan Umar Maya
d. Wawacan Pranatana Istri ka Carogé
e. Wawacan Muslimin-Muslimat
f. Wawacan Damarwulan
g. Wawacan Ratu
h. Wawacan Batara Rama
i. Wawacan Rusiah nu Kasép
j. Wawacan Rengganis
k. Wawacan Mintaraga
l. Wawacan Sulanjana
m. Wawacan Panji Wulung
n. Wawacan Adat Ngurus Orok
o. Wawacan Angling Darma
p. Wawacan Indra Putra Kasép
q. Wawacan Gandasari
Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal
1. Wawacan Purnama Alam
2. Wawacan Wayang Purwa
3. Wawacan Mahabarata
Conto wawacan : Wawacan Sasakala Ciung Wanara
Pupuh Sinom
Aya hiji karajaan, karajaan di Ciamis, Raja boga istri dua, boga budakna lalaki, istrina nu ka hiji, wasta Dewi Naganingrum, tilu bulan ngantosna, di pasih putra lalaki, lantaran Dewi Pangrenyepna sirikan. Dipiceun éta anakna, digantikeuna ku anjing, Rajana ambek-ambekan, anak dipiceun ku aki, dipulung aki nini, nyangsang di paragi lauk, ngan acan boga ngaran, di ajak ulin ku aki, ku aki di aranan ciung wanara.
Pupuh Maskumambang
Si Ciung bogaeun hayam sok ditanding, tandingna sok meunang, harita ciung rek indit, inditna ka karajaan. Di alun-alun Ciung papanggih patih, nangtang ngadu hayam, nangtangna ka Raja sakti, ngarana Prabu Kusumah.
Pupuh Kinanti
Ciung tadonan jeung Prabu, prak hayamna langsung tanding, elehna hayam Wanara, dibawa ka Cibarani, eta hayam dimandian, akhirna teh meunang tanding. Tuluy papanggih jeung indung, ngarana nyaeta Dewi Naganingrum teh tuluy na, meunangna saparo Nagri, si Ciung teh meuni bungah, kawasana Cipamali.
17 Pupuh Sunda Dilengkapi dengan Penjelasan, Contoh, Lirik dan Video
Pupuh Sunda – Sampurasun! Kumaha damang? Kamana wae atuh dulur teh? Hehehe. Tong hilap geura emam saur mamah.
Kamu teh lagi nyari pupuh sunda ya? Bagus atuh berarti kamu mencoba untuk mengenal dan melestarikan salah satu kebudayaan tanah Sunda ini. Kamu pas banget singgah di web ini hehe.
Indonesia mah sangat kaya pisan lur, kaya akan sumber daya alam, flora dan fauna, juga kaya akan adat istiadat dan kebudayaan yang sangat bermacam-macam. Bangga kan jadi bangsa Indonesia? Aku sih bangga.
Setiap provinsi, daerah, dan suku di Indonesia memiliki berbagai macam kebudayaan seperti karya seni dan sastra, dimana hal tersebut merupakan ciri khas dari masing-masing daerah.
Termasuk Jawa Barat, yang dikenal dengan daerah Parahyangan, memiliki banyak karya seni dan sastra. Kamu pasti sudah tahu atuh ya kesenian apa saja yang ada di Sunda teh? Katakanlah ada angklung, tari jaipong, calung, wayang golek, dan masih banyak lagi.
Kemudian salah satu kesenian yang ada di Sunda yang sedang kamu cari tea sekarang, yaitu Pupuh. Pupuh Sunda merupakan salah satu karya sastra yang dimiliki oleh suku Sunda.
Pupuh merupakan puisi tradisional yang menggabungkan antara seni sastra dan lagu sunda. Pupuh mempunyai rima dan jumlah suku kata yang memiliki pola di dalam setiap barisnya.
Ada aturan-aturan atau patokan tertentu yang sudah ditentukan seperti guru wilangan, guru lagu, dan watek (watak), yang mana aturan ini bertujuan agar pupuh sunda bisa membentuk sebuah pola rima dan jumlah suku kata yang indah.
Agar lebih jelas, ayo atuh kita belajar lebih jauh lagi mengenai pupuh sunda, biar lebih cinta sama budaya Indonesia.
Seperti yang telah disebutkan di atas bahwa pupuh merupakan gabungan dari seni sastra dan lagu sunda. Pengertian lain pupuh adalah karya sastra berbentuk puisi yang termasuk bagian dari khazanah sastra Sunda. Kemudian ada aturan-aturan tertentu yang ada dalam pupuh sunda agar menghasilkan keindahan tersendiri.
Berikut ini merupakan istilah-istilah atau aturan yang ada dalam pupuh sunda:
Pada: Artinya adalah bait dalam pupuh sunda yang terdiri dari beberapa baris (padalisan).
Padalisan: Merupakan baris atau larik di dalam satu pada (bait).
Guru wilangan: Adalah jumlah suku kata (engang) yang terdapat pada setiap padalisan (baris).
Guru lagu: Adalah bunyi huruf vokal terakhir yang terdapat dalam setiap padalisan (baris). Istilah lain dari guru lagu ini adalah sora panungtung.
Watek atau watak: Adalah karakteristik dari pupuh sunda yang berupa sifat, makna, atau tema dari isi yang dimiliki oleh pupuh sunda tersebut.
Pupuh Sunda sendiri dibagi ke dalam dua bagian besar, yaitu sekar ageung dan sekar alit.
Sekar Ageung
Pupuh Sekar Ageung merupakan pupuh sunda yang dapat ditembangkan (dinyanyikan) dengan menggunakan lebih dari satu jenis lagu (pembagian lagunya bermacam-macam).
Yang termasuk ke dalam Sekar Ageung yaitu Pupuh Kinanti, Pupuh Sinom, Pupuh Dangdanggula, dan Pupuh Asmarandana.
Sekar Alit
Pupuh Sekar Alit merupakan pupuh sunda yang hanya dapat ditembangkan (dinyanyikan) dengan satu jenis lagu saja (pembagian lagunya sejenis).
Pupuh yang termasuk ke dalam sekar alit yaitu Pupuh Balakbak, Pupuh Durma, Pupuh Gambuh, Pupuh Gurisa, Pupuh Juru Demung, Pupuh Ladrang, Pupuh Lambang, Pupuh Magatru, Pupuh Maskumambang, Pupuh Mijil, Pupuh Pangkur, Pupuh Pucung, dan Pupuh Wirangrong.
Agar lebih jelas, berikut ini contoh kumpulan pupuh sunda yang berjumlah 17.
#1 Pupuh Kinanti
wartakesehatan.com
Watak Pupuh Kinanti: Menggambarkan perasaan sayang (kanyaah), menunggu (nungguan), dan khawatir (deudeupeun).
Jumlah padalisan: 6 baris (padalisan) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan beserta guru lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Uniknya, di dalam pupuh Kinanti ini, setiap padalisan (baris) dalam pupuh Kinanti hanya terdiri dari 8 guru lagu atau suku kata saja.
Watak Pupuh Sinom: Menggambarkan perasaan senang atau kegembiraan (gumbira), kasih sayang (kadeudeuh), dan semangat (sumanget).
Jumlah padalisan: 9 padalisan dalam setiap pada (bait)
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.
Contoh Pupuh Sinom
Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)
Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)
Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)
Mapag balebat ti wetan
Ngabring leumpang ngagaridig
Barudak rek sarakola
Kapireng pating hariring
Paheula heula nepi
Unggal isuk geus ngabaku
Bari garogonjakan
Estuning saruka ati
Sarerea hayang geura dialajar
Pupuh Sinom Tatar Sunda
Tatar Sunda estu endah
lemah cai awit jadi
sarakan asal gumelar
amanat Ilahi Robbi
titipan nini aki
wajib dijaga dijungjung
basa katut budayana
padumukna luhung budi
insya Allah tatar Sunda karta harja
Pupuh Sinom Harta pada Nareangan
Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu di maksud
Neudunan sakahayang
Tapi harta gancang leungit
Mungguh harti mangfaat dunya akherat
Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti sok mangfaat
Dapon di raksa taliti
#3 Pupuh Asmarandana
detiklife.com
Watek Pupuh Asmarandana: Perasaan sayang (nyaah), perasaan cinta (deudeuh asih), dan asmara (kabirahian) yang ditunjukkan kepada kekasih, pasangan, keluarga, atau sahabat.
Jumlah padalisan: 7 padalisan (baris) dalam setiap pada (bait).
Guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a. Guru lagu pupuh Asmarandana pada baris (padalisan) ke-3 bisa berupa huruf vokal “é” atau huruf vokal “o”.
Contoh Pupuh Asmarandana
Eling eling mangka eling (8-i)
Rumingkang di bumi alam (8-a)
Darma wawayangan bae (8-e)
Raga taya pangawasa (8-a)
Lamun kasasar lampah (7-a)
Nafsu nu matak kaduhung (8-u)
Badan anu katempuhan (8-a)
Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mikaheman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa
Pupuh Asmarandana Piwuruk Sepuh
Ngariung di tengah bumi
pun biang sareng pun bapa
jisim abdi diuk mando
husu ngupingkeun pituah
piwejang ti anjeunna
pituduh laku rahayu
piwejang sangkan waluya.
Pupuh Asmarandana Eling-eling Murangkalih
Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berséka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soéh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar.
#4 Pupuh Dangdanggula
shorelineareanews.com
Watek Pupuh Dangdanggula: Pupuh Sunda Dangdanggula memiliki watek keindahan (kawaasan), kesenangan (kagumbiraan), ketentraman (katengtraman), atau kebesaran (kaagungan).
Jumlah padalisan: 10 padalisan (baris) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Pupuh Dangdanggula memiliki pola yang lebih panjang daripada pupuh Sinom karena terdiri dari 10 padalisan (baris).
Contoh Pupuh Dangdanggula
Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)
Pasosore nyawang bandung asri
Basa kuring ulin ka isola
Ti dieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Beut teu kapireung sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglang
Estu taya mega bodas aling aling
Sore ieu bengras pisan.
Pupuh Dangdanggula Mega Beureum
Méga beureum surupna geus burit [10-i]
Ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
Cikur jangkung jahé konéng [8-é]
Naha teu palay tepung [7-u]
Simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
Ari ras cimataan [7-a]
Gedong tengah laut [6-u]
Ulah kapalang nya béla [8-a]
Paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
Kacipta salamina [7-a].
Pupuh Dangdanggula Milangkala
Dinten ieu éstu bingah ati (10-i)
Ku jalaran panceg milang kala (10-a)
Kenging kurnia ti Alloh (8-o)
Rehing nambihan umur (7-u)
Tepung taun usum sim abdi (9-i)
Heunteu weleh neneda (7-a)
Ka Gusti nu Agung (6-u)
Malar umur téh mangpa’at (8-a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12-i)
Sumujud ka Pangéran (7-a).
Pupuh Dangdanggula Sing Aringet
Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan
Pupuh Dangdanggula Lambang RI
Lambang RI
Jero ngandung harti
Lamun bener di amalkeun nana
Persatuan tangtu tembong
Teu cukup ku di sebut
Atawa na apalna biwir
Bhineka tunggal ika
Maksudna gumulung
Kabeh seler-seler bangsa beda-beda
Tatapi asal sagetih
Tapi sa asal
Panambih
Hiji basa
Hiji bangsa
Basa bangsa indonesia
Hiji bangsa
Hiji nusa
Nusa tunggal nusantara
Seler-seler suku bangsa
Ti wewengkon mana mana
Saka suka saka duka
Wujud bangsa indonesia
#5 Pupuh Balakbak
animals.howstuffworks.com
Watek Pupuh Balakbak: Guyonan, komedi (banyol), atau candaan (heureuy) tentang kehidupan sehari-hari.
Jumlah padalisan: Pupuh ini hanya terdiri dari 3 padalisan (baris) saja dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 15-é, 15-é, 15-é atau bisa ditulis 12+3e, 12+3e, 12+3e.
Contoh Pupuh Balakbak Aya Warung Sisi Jalan
Aya warung sisi jalan ramé pisan, citaméng (15-e)
Awéwéna luas luis geulis pisan, ngagoréng (15-e)
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng (15-e).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.
Contoh Pupuh Maskumambang Itu Kusir
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan
Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula
Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua
Tandak panambih: Pupuh Maskumambang
Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan
Abong kena abdi sato
Teu ngaraskeun kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse
Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa.
Pupuh Maskumambang Budak Harak
Anak manuk dikatepel budak harak (12-i)
Jangjangna geutihan (6-a)
Rék hiber teu bisa usik (8-i)
Duh manusa kaniaya (8-a)
Pupuh Maskumambang Hey Barudak
Hey barudak kudu mikir ti leuleutik
manéh kahutangan
ku kolot ti barang lahir
tepi ka ayeuna pisan
Maranéh téh kudu baé boga pikir
keur mulang tarima
ka kolot rék males asih
di mana geus cumarita.
Pupuh Maskumambang Hey Manusa
Hey manusa mana kaniyaya teuing (12-i)
Teu aya rasrasan (6-a)
Kawula make disumpit (8-i)
Naha naon dosa kula (8-a)
#13 Pupuh Mijil
ngocehnajis.blogspot.co.id
Watek Pupuh Mijil: Menggambarkan watak (watek) bersedih hati (kasedih), namun dengan perasaan penuh harapan.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.
Lirik Pupuh Mijil Mesat Ngapung Putra Sang Arimbi
Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10- i)
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung
Lirik Pupuh Mijil Nungtut Elmu
Najan cicing nya di tepiswiring (10-i)
Kadé ulah bodo (6-o)
Kudu tetep nungtut élmu baé (10-é)
Sabab jalma nu loba pangarti (10-i)
Hirup tangtu hurip (6-i)
Mulus tur rahayu (6-u)
Download Pupuh Mijil Aduh Gusti
Aduh gusti anu maha suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka kesrek
Reh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Tega nundung sepuh
Aduh gusti nu kawasa
Sim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung
#14 Pupuh Pangkur
bizjournals.com
Watek Pupuh Pangkur: Menggambarkan perasaan kesal atau marah yang terpendam di dalam hati dikarenakan adanya tugas atau beban yang sangat berat.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i.
Pupuh Pangkur Bapa Doblang
bapa doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling
hiji mangsa bapa doblang
weureu gadung kabebeng gulang-guling
jol nu nagih hutang sarung
gancang ngoréjat hudang
ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
bapa doblang leng ngoléang
labuh nyungkur biwir suwing
*tandak/panambih
euleuh, itu bapa doblang
notorogan boro baé kumis baplang
puas nyorang weureu gadung
beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
matak ogé hirup urang
entong bedang bedegong curaling
bisi kawas bapa doblang
wawales tisuksruk jeung suwing
mana kalakuan urang
kudu bener ulah leuwih ulah kurang
sabab laku lampah urang
mawa jalan lara bagja nu disorang
usik malik beurang peuting
Gusti Alloh nu héman nu asih
ucap lampah haté wening
ciri jalma utama beresih
Contoh Pupuh Pangkur
Seja nyaba ngalalana (8-a) Ngitung lembur ngajajah milangan kori (11-i) Heunteu puguh nu dijugjug (8-u) Balik paman sadaya (7-a) Nu timana tiluan semu rarusuh (12-u) Lurah begal ngawalonan (8-a) Aing ngaran Jayapati (8-i)
Euleuh itu budak gembul Awak gembru bayuhyuh gawena kedul Ukur heuay jeung nundutan Ka sakola unggal poe kabeurangan He barudak tong nurutan Ka nu gembul kokomoan Bisi kedul jeung ogoan Awal akhir katempuhan
Pupuh Pangkur Ka Sakola
Seja miang ka sakola
rek diajar nambahan elmu pangarti
pigeusaneun bekel hirup
sabab mungguhing manusa
kudu pinter beunghar ku elmu panemu
komo jaman pangwangunan
urang kudu singkil bakti.
#15 Pupuh Pucung
subculturedmag.com
Watek Pupuh Pucung: Menggambarkan perasaan marah (ambek) atau kesal (keuheul) kepada diri sendiri karena tidak sejalan dengan batin.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
Contoh Pupuh Pucung
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung (12-u)
Monyet loréng leupas (6-a)
Luncat kana pager déngdék (8-e)
Bajing kuning jaralang belang buntutna (12-a)
Lirik Pupuh Pucung Hayu Batur
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Naon-naon piwarangna bapa guru
Pigawe sing gancang
Omat ulah rek talangke
Piwurukna regepkeun ku sarerea.
Pupuh Pucung Tatakrama
Mangka inget tatakrama sopan santun (12-u)
Tanda jalma iman (6-a)
Nyarita jeung amis budi (8-i)
Da basa mah lain barang anu mahal (12-a).
#16 Pupuh Wirangrong
artikel.masjidku.id
Watek Pupuh Wirangrong: Menggambarkan rasa malu (kawiwirangan) terhadap diri sendiri.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.
Lirik Pupuh Wirangrong Barudak Mangka Ngalarti
Barudak mangka ngalarti (8-i)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga diriksa.
Pupuh Wirangrong Sieun Doraka
Kuring moal deui-deui (8-i)
Gaduh panata nu awon (8-o)
Ngabantah nu jadi indung (8-u)
Sieun dibendo ku Gusti (8-i)
Kawas dalem boncél téa (8-a)
Doraka ti ibu rama (8-a).
#17 Pupuh Ladrang
youtube.com
Watek Pupuh Ladrang: Lelucon atau lawakan (banyol) dengan maksud untuk menyindir (nyindiran).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a.
Contoh Lagu Pupuh Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik (10-i)
Engkang-engkang, engkang-engkang (4-a) 2x
Sok luluncatan di cai (8-i)
Ari bangun arek sarupa jeung lancah (12-i).
Pupuh Ladrang Coba Teguh
Coba teguh masing telek telik
Éta gambar, éta gambar
Sugan nyaho, Ujang nyai
Sato naon reujeung di mana ayana.
Pupuh Ladrang Mokahaan
Aya hiji anak bangkong leutik mokahaan maksudna ngelehkeun sapi nahan napas antukna bitu beuteungna.
*****
Demikian lah penjelasan dan contoh dari 17 pupuh sunda. Terimakasih sudah membaca.
Semoga dengan ini kita makin cinta dengan pupuh sunda yang merupakan salah satu kekayaan budaya Indonesia.
Mulai saat ini kita harus bisa menjaga dan melestarikan pupuh sunda, karena jika tidak, maka bukan tidak mungkin kesenian ini akan hilang dan punah ditelan jaman.
Mari pelan-pelan kita kenalkan kepada anak-anak jaman sekarang, minimal mereka mengenal, dan setelah mengenal mereka akan hafal, dan kemudian timbul rasa memiliki terhadap pupuh sunda ini.