SOAL SUNDA KELAS 11
1.
Berita ↪
2.
Novel ↪
3.
Biografi ↪
4.
Wawancara ↪
I. SOAL PILIHAN GANDA
1 Pedaran anu ngalakonkeun kahirupan saurang
tokoh, ku panulis sejen.dina pelajaran basa sunda disebutna....
A. Biografi,B. Otobiografi, C. Resensi, D.
Notulasi E. Narasi
2 Perhatikeun pernyataan-pernyataan di
handap ieu!
· Dedeg pamadeg
· Pasuarang ngarang
· Kahirupan keur leutik
· Kasam tukang di kaluarga
Lamun
dititenan, unsur-unsur di luhur mangrupakeun unsur biografi nu bentukna ....
A. Narasi,B. Formulir, C. Deskripsi, D.
Argumentasi, E. Profesi
3 Perhatikeun biografi RA. Kartini di handap
ieu.
Ngilik
bentukna biografi diluhur kagolong ....
A. Narasi,B. Formulir, C. Deskripsi, D.
Argumentasi, E. Notulasi
4 RA kartini lahir di ....
A. Jepara Jawa Tengah, B. Jepara Jawa Barat,
C. Bandung Jawa Tengah, D. Bandung Jawa Barat, E. Google Images
5 RA Kartini ngadegkeun sakola pikeun wanoja
di jepara. Hal ieu mangrupakeun katerangan dina ....
A. Pendidikan, B. Penghormatan C. Caroge, D.
Prestasi, E. Pupus
6 Perhatikeun berita di handap ieu ....
RSHS Bandung
Rawat Pasien Suspect Virus Corona
Katelahna
virus Covid-19, anu mimiti kapanggih di Tiongkok. Terus sumebar ka mancanagara,
kaasup ka Indonésia. Malah kiwari geus disebut-sebut dina kaayaan pandemi, anu
dina basa Sunda mah disebut usum sasalad.
Disebut kasakit anyar, lantaran mémang anyar-anyar kapanggihna. Komo upama
dibandingkeun jeung kasakit urang Sunda baheula mah. Kasakit anu nyerang
ambekan (pernapasan), upamana, paling-paling ogé bengék atawa eungap.
Urang Sunda baheula mah percaya, yén kasakit téh asal-muasalna tina hawa kotor jeung
kadaharan. Matak papagonna ogé patali jeung kaséhatan, nu utamana mah ukur dua:
hirup kudu berséka jeung ulah tambarakan (barangdahar).
Sumber
: https://jabarnews.com/read/82791/ngaran-rupa-rupa-kasakit-dina-basa-sunda
Covid-19
mimiti kapanggihna ti daerah ....
A. Singapura, B. Jakarta, C. Bangkok D.
Bandung E. Tiongkok
7 Ari ngaran nagara nu jadi tempat asal
kapanggihna Covid-19 teh nyaeta ....
A. China, B. Korea Selatan, C. Afrka Selatan,
D. Indonesia, E. Jepang
8 Ari berita di luhur ditayangkeunana dina
....
A. TV, B. Komputer, C. Radio, D. Internet E.
Koran
9 Ari berita sasaruan kecapna jeung .....
A. fitnah, B. warta, C. nota, D. faktur, E.
sajak
10 Ari anu berita teh ngandung unsur Who.
nyaeta ....
A. saha nu jadi sumber berita, B. dimana
kajadianana, C. kumaha peristiwana, D. iraha eta kajadian teh. E. Naha make bet
kajadian.
11 Kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi),
eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagian-bagianana, diwangun ku basa
lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila.
Nu
dicaritakeun di luhur teh nayeta ....
A. Puisi, B. Sajak, C. Novel, D. Pantun, E.
Sisindiran
12 Ari fiksi teh nyaeta rekaan. lawan tina
fiksi nyaeta ....
A. fakta, B. mite C. hoax, D. konsep, E. teu
aya nu bener
13 Perhatikeun ringkesan novel di handap ieu
....
BARUANG
KANU NGORA
Barang
bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah nepika bengong, bet jadi geulis kabina-bina.
Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can
bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan
palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék
Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?
Walon
Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.”
“Cing
ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”
Ari
anu dimaksud Baruang teh nyaeta ....
A. Sato anu aya di daerah kutub, C. Sato nu
aya di Jepang, E. jebakan pikeun ngajailan,
B.
Boga
duit, D.barahan ka sahandapeun
14 Ari kecap NGORA nu dina judul di luhur
maksudna ....
A. jalma nu can kolot, C. pamajikan salaki nu
anyar, E. budak satepak,
B.
budak
nu kokoloteun. D. kolot nu bubudakeun
15 Ari nu disebut samping kebat teh nyaeta
....
A. samping nu nyarung, C. samping nu oblong,
E. samping nu teu numbu tungtung jeung tungtung
B.
samping
butut D. samping nu euweuh tungtungna
16 Perhatikeun hal-hal di handap ieu
a. pangaweruh ngeunaan
topik wawancara.
b. profil umum (karakter)
nu ngawawancara.
c. kaparigelan
ngawawancara
d. etika wawancara
e. perjanjian sareng nu
ngawawancara.
f. pertarosan sacara
runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).
Nu lain perkara nu
diperhatikeun pikeun wawancara di luhur nyaeta ….
A. Poin a. jeung e., B. Poin a. jeung b., C.
Poin c. jeung d., D. Poin a. jeung
f., E. teu aya nu bener
17
Hiji wangunan komunikasi
lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan
tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna. Nu kieu teh nyaeta ….
A. Fitnah, B.
Berita, C. Babad, D. Sisindiran, E. Wawancara
18 Dina prakna wawancara aya anu disebut sasadu. Sasadu teh nyaeta ….
A. Muji nara sumber, B. ngahina nara sumber, C.
Menta hampura, D. menta buruhan, E. nyalahkeun nara sumber
19 “Asa acan kenalan, nya?” ceuk Darma Kancana.
“Éh, muhun”, walon Imas,
“Nami abdi Imas. Ari ieu nu geulis, Néng Titut. Sobat dalit, tukang nyiwit. Ari
nami akang?”
“Darma Kancana.”
Imas ngalieuk ka Titut.
“Ké nya, Tit. Antosan
sakedap.”
“Ka mana?” walon Titut
rampang-reumpeung.
“Ké sakedaaappp wé. Rék ka
...wésé heula.”
Teu ngadagoan réaksi Titut
deui, belenyeng Imas lumpat muru wésé. Puguh wé jadi teu pugug rarasaan.
Tur-ter. Keuheul ka Imas , bari jeung atoh.
Dina dialog di luhur, Imas
hayang ka wésé téh sigana ukur alesan wungkul. Cing naon alesan sabenerna?
A. Lantaran keuheul ka Titut
B.
Sabab
keuheul ka Darma
C.
Lantaran
Imas resep ka Darma
D. Ngarah titut wawuh jeung Darma
E.
Lantaran
Imas keuheul ka Darma
20 Wawancara nu mangrupa bentuk nganyatakeun bener jeung henteuna berita nu
tarima disebutna ….
A. Konfirmasi, B. konfrontasi, C. Diskusi, D. Konsolidasi, E. Kontradiksi
II. SOAL ESSAY
1 Naon bedana antara biografi jeung
otobiografi?
2 Naon ari anu disebut berita teh?
3 Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko
kana rumus nu geus baku, nya eta 5W+1H. Jelaskeun!
4 Aya dua persiapan nu kudu diperhatikeun
dina wawancara, jelaskeun!
5 Jieun Otobiografi singkat bentuk narasi!
6
Pilih jawaban nu pangbenerna!
1. Babasan atawa paribasa anu
nuduhkeun kana pang jurung laku hadé nyaéta….
a. Kudu bisa kabula kabalé
b. Ulah koméok méméh dipacok
c. Ulah incah balilahan
d. Umur gagaduhan, banda
sasampiran
e. Uncal tara ridueun ku
tanduk
2. Kudu hadé gogod hadé
tagog, hartina….
a. Kudu bisa mawa awak
b. Kudu direncanakan kalawan
asak
c. Hadé basa jeung hadé
tingkah lakuna
d. Kudu bisa ngajeujeuhkeun
rejeki, kudu sina mahi
e. Ulah waka nyebut teu
sanggup saacan dicoba
“Can digawé geus hayang ménta
buruh!”
3. Paribasa atawa babasan anu
luyu jeung kalimah di luhur nyaéta …..
a. Mipit kudu amit ngala kudu
bébéja
b. Pupulur méméh mantun
c. Cul dog-dog tinggal igel
d. Asa ditonjok congcot
e. Ranggah méméh tandukan
4. “Unggal daérah tangtu
ngabogaan ciri nu mandiri ngeunaan budayana tur béda jeung daérah séjénna”
Paribasa nu luyu pikeun
ngagambarkuen kalimah di luhur nyaéta....
a. Jati kasilih kujunti
b. Uyah mah tara téés ka
luhur
c. Ka cai jadi saleuwi ka
darat jadi salebak
d. Ciri sabumi cara sadésa
e. Mipit kudu amit, ngala
kudu bébéja
Paribasa Hartina
1. Legok tapak genténg kadék
maké pakéan kumaha ogé pantes baé.
2. Kudu bisa ngeureut
neundeun miharep ka nu lain tanding
3. Jati ka silih ku junta
pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urang asing)
4. Kuru cileuh kentél peujit
kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran
5. Landung kandungan laér
aisan jadi kabiasaan nu hésé dipiceun
5. Pasangan paribasa jeung
hartina anu bener nyaéta…..
a. No 1
b. No 2
c. No 3
d. No 4
e. No 5
6. “Ulah waka buru-buru
nyieun kaputusan, kudu dipikir dibulak-balik heula”
Babasan anu luyu pikeun
ngagambarkeun kalimah di luhur nyéta….
a. Gedé hulu
b. Kejot borosot
c. Panjang leungeun
d. Béngkok tikoro
e. Murag buku bitis
7. ... cai dina daun taleus.
Kecap anu merenah pikeun
ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu
8. ... ngukur ka kujur
nimbang ka awak.
Kecap anu merenah pikeun
ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu
9. Sumedang Ngarangrangan
Ngarangrangan hartina…...
a. Kaleuleuwihi nuar
tatangkalanna
b. Tatangkalan nu mimiti
daunna maruragan
c. Tatangkalan anu geus paéh
d. Sirung anu mimiti jaradi
deui
e. Dahan tangkal anu mimiti
jadi
10. Bandung … ku tangtung.
Kecap anu luyu pikeun
ngeusian ungkara basa cacadran di luhur nyaéta….
a. Heurin
b. Ngadeg
c. Loba
d. Ngalaan
e. Katempo
Saba Budaya Ka Kampung Naga
Kampung Naga téh pernahna aya
di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di wilayah administratif Désa
Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak
ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun
dijugjug maké kendaraan kira-kira 2-3 jam.
Kampung nu aya di hiji
léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk urang Kampung
Naga mah éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh dianggap
karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam
karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan
Ciwulan nu huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut.
Kampung Naga kaasup hiji
pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali paranti titingal karuhunna.
Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan pisan béda jeung
pakampungan-pakampungan tatar Sunda séjénna.
11. Kampung Naga téh aya
di.....
a. Bandung
b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis
12. Aya dibeulah mana
leuwueng larangan téh?
a. Kuloneung Kampung Naga
b. Kaléreung Kampung Naga
c. Wétaneun Kampung Naga
d. Hareupeun Kampung Naga
e. Kiduleun Kampung
Naga
13. Gunung Cikuray aya di....
a. Bandung
b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis
14. Kecap “disaba” asalna
tina kecap “saba” anu hartina....
a. Kaluar ti imah nuju ka tempat
anu jauh
b. Meuntas ka hiji tempat
c. Lumpat ti imah nuju ka
tempat anu jauh
d. Balik ka imah
e. Asup ka ka imah anu
jauh.
15. Dina wacana di luhur aya
kecap “léngkob” anu hartina....
a. Luhur
b. Pasir
c. Hilir
d. Lebak
e. Gunung
16. Tali paranti hartina.....
a. Tambang paranti nalian
b. Budaya anu maneuh
c. Adat istiadat nu geus baku
d. Pageuh dina nyekel prinsip
e. Tali tina tambang
Sagala tina Sampeu
Jenis sampeu nu dipelak tur
dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu pait/karikil, nu ku masarakat séjén mah
sok dipaké parab ingon-ingon. Lantaran lian ti rasana pait, ogé matak weureu.
Nurutkeun Asep Wardiman, mémang sampeu pait goréng lamun langsung dikonsumsi,
tapi lamun diolah kalawan apik tur beresih, sampeu pait lian ti gedé kandungan
karbohidratna (unggal 100 gr sampeu ngandung énérgi 359 kkal, 86,5 gr
karbohidrat, 1,4 gr protéin), ogé gedé pisan kandungan acina.
17. Sampeu naon anu
dikonsumsi ku urang Cireundeu téh?
a. Sampeu manéhot
b. Sampeu Cilembu
c. Sampeu karikil/pait
d. Sampeu beureum
e. Sampeu aci
18. Sampeu anu diolah ku
urang Cireundeu gédé pisan kandungan….
a. Vitamin D
b. Acina jeung karbohidrat
c. Vitamin A jeung acina
d. Cai jeung Karbohidrat
e. Gizina jeung Vitamin
19. Dihandap ieu kaolahan anu
bahan dasarna tina sampeu, nyaéta, iwal…..
a. Colénak
b. Awug
c. Ulén
d. Misro
e. Getuk
20. Saméméhna budak disunatan
téh sok dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong.
Kasenian daerah kuda rénggong
asalna ti ….
a. Subang
b. Majalengka
c. Sumedang
d. Bandung
e. Garut
Tidak ada komentar:
Posting Komentar