Gaya basa
- Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaan g katincak
- Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.
- Ocon (metonomia), nyaéta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!
- Ngasor (litotes), nyaéta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.
- Rautan (eufimismeu), nyaéta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana. Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)
- Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna ngembang sampeu (dingdet).
- Raguman (sinekdok) nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
- a. Hurunan (totem pro parto), nyaéta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh. Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3 (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).
- b. Tunggalan (pars pro toto) nyaéta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna. Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).
- Rarahulan (hiperbol), nyaéta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi. Contona: Sawahna satungtung deuleu.
- Kadalon (pleonasmeu), nyaéta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina. Contona: Anakna kembar sapasang.
- Ébrehan (peripraseu), nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)
- Kahanan, nyaéta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung
- Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.
- Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)
- Ngomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).
- Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada. Contona: Béakeun, kadaharan téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé!.
Purwakanti
Purwakanti.
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan.
- Rupa purwakanti
- Purwakanti pangluyu
- Purwakanti maduswara
- Purwakanti cakraswara
- Purwakanti laraspurwa
- Purwakanti larasmadya
- Purwakanti laraswekas
- Purwakanti mindoan kawit
- Purwakanti mindoan wekas
- Purwakanti Mindoan Kecap
- Purwakanti margaluyu
- Daftar Pustaka
Rupa purwakanti
Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa.
Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti chatibul umam atawa Frendi samudra antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona:
- diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
- disawang ti tukang lenjang (a, ang)
- ditilik ti gigir lenggik
Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.
Contona:
- Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
- ambek nyedek tanaga midek (e)
- kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
- lalaki langit lalanang jagat (i,i;a,a)
Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa Frendi samudra contona:
Contona:
- hirup-hurip hayuuu
- anjuk hutang
- ngumbar napsu
Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh
Conto laraspurwa wianjana:
- Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
- Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
- Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)
Conto laraspurwa engang:
- palataran pasini pati
- sakadar sabrang salayan
- nu nyaksrak nyaliarangaruksak ngaraksukkaniaya kamanalamamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat
Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya téh nyaéta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
Contona:
- Sok hayang nyaba ka Bandung
- Sok hayang nyaho nanjakna
- Sok hayang nanya nu pundung
- Sok hayang nyaho nyentakna
Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
Contona:
- Pecat sawed bati ewed
- tengah dalu ngan hanjelu
- mo humandeuar ku kadar
- teu rék lumpat ku nu ngupat
Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
Contona:
- Lain bangban lain pacing,
- lain kananga kuduna.
- Lain babad lain tanding,
- lain ka dinya aduna kitu deui
Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
Contona:
- Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
- teu diturut ka carogé maling-maling
- carogéna keur goréng ulaheun ginding
- samping goréng bajuna teu maké kancing.
Purwakanti Mindoan Kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.
Contona:
- Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
- Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.
Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Contona:
- Sukingki haté sukingki
- sukingki paselup bungah
- Bungah kagiridig simpé
- Simpé awak talipurna
- talipurna manjing sirna
- sirna ringkang nu sakujur
- sakujur kadua rasa.
Daftar Pustaka:
Kecap Serepan
Kecap Serepan
ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022
Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10 GURU PE...
-
MATERI KELAS 10 >>> Terjemahan ↪ Dongeng ↪ Laporan Kegiatan ↪ Teks Kawih Sunda Klasik/Pop ↪ Wawancara ↪ Babad/Sejarah Sun...
-
Tong hilap ngapalkeun . Kade Sholat Nu Lima Waktos. Aya Dhuha Siangna, Aya Tahajud Wengina. Passwordna: NABIYULLOH (Jalmi Nu Nampi Wahyu Al...
-
MATERI TARJAMAHAN BAHASA SUNDA TAR-JAM-AHAN AHAN Assalamualaikum wr wb Terimakasih, hatur nuhun dan you , sudah berkunjung ke halaman ...