Soal Latihan - Sunda 12.3 - Resensi Buku/Film/Pagelaran

Resensi Buku/Film/Pagelaran

1.       Kecap resensi asalna tina kecap resentie, nyaeta asalna tina bahasa ....

A.      Bahasa Walanda

B.      Bahasa Nipon

C.      Bahasa Jerman

D.      Bahasa China

E.       Bahasa Latin

2.       Perhatikeun Pernyataan di handap ieu ...

          1).      Mikaweruh kahengkeran jeung kaunggulan buku atawa file nu diresensi

          2).      Maparin gambaran kanu rek maca atawa kanu rek lalajo

          3).      Ngasongkeun saran atawa kritik kanu nulis

          4).      Ngahinakeun kanu nulis eta buku

          5).      Nguji kualitas hiji buku ata film

          6).      Ngahahalang kanu rek maca atawa kanu rek lalajo

Nu teu kaasup tujuan tina resensi nyaeta ....

A.      4 jeung 6

B.      1 jeung 6

C.      4 jeung 5

D.      2 jeung 3

E.       3 jeung 4

3.       Resensi nu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi elmu kaweruh nu tangtu, hal ieu mangrupakeun wanda tina resensi ....

A.      Informatif

B.      Deskriptif

C.      Kritis

D.      Naratif

E.       Konstruktif

4.       Dina adegan atawa strukturna, Resensi ngabogaan bagian-bagian nu tangtu, diantarana ....

A.      Jenis karya

B.      Identitas karya

C.      Sinopsis

D.      Tilikan eusi karya

E.       Kabeh jawaban bener

5.       Titenan gambar film di handap ieu!

Ngilik tampilannana, nu loba lalajo film saperti kieu nyaeta ....

A.      budak

B.      kolot

C.      lalaki

D.      awewe

E.       indung-indung

 

 

 

 

 

 

                                        

B. SUNDA 12.3 - Resensi Buku _2



1 RESENSI BUKU JEUNG FILM / PAGELARAN

2 KOMPETENSI DASAR

Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks resensi ( buku, film, music, pertunjukan ) Menulis Resensi ( buku, film, music, pertunjukan ) dengan meperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.

3 TUJUAN PEMBELAJARAN

Siswa diharapkan dapat menjelaskan isi, struktur, dan unsur kebahasaan teks resensi (buku, film, musik, atau pertunjukan), serta dapat menulis resensi dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.


4 MATERI

Résénsi asalna tina basa Walanda nyaeta resentie, atawa serapan tina basa latin recensio, recensere, jeung revidere nu hartina nepikeun ( nyaritakeun ) deui. Nuduhkeun kagiatan ngajen atawa meunteun hiji karya. Jadi résénsi téh mangrupa tulisan anu eusina ngajén atawa mere tinimbangan ngeunaan hade gorengna kualitas hiji karya.


5 TUJUAN NU TANGTU 

RÉSÉNSI KARYA ( BUKU, PILEM ) DIANTARANA WAÉ : 

1. Mikaweruh kahéngkéran jeung ka unggulan buku atawa pilem nu di résénsi; 

2. Maparin gambaran ka pamaca atawa kanu rék lalajo ngeunaan hiji buku atawa pilem sacara singket; 

3. Ngasongkeun saran atawa kritik kanu nulis buku atawa sutradara filem ngeunaan karya nu dihasilkeun; 

4. Mikaweruh kasangtukang jeung alesan digelarkeunana hiji karya; 

jeung
5. Nguji kualitas hiji buku atawa pilem, ku cara dianalisis kaunggulan jeung kahéngkéranan.


6 WANDA 

RÉSÉNSI, DIANTARANA:

1. Résénsi informatif, anu mangrupa résénsi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagembléngna buku.

2. Résénsi deskriptif, anu mangrupa résénsi nu medar atawa ngabahas tiap bab atawa eusi buku kalawan wincik (detail)

3. Résénsi kritis, anu mangrupa résénsi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi élmu kaweruh nu tangtu. Ieu résénsi ilaharna objektif jeung kritis dina meunteun eusi buku.


7 JENIS- JENIS RESENSI

A. Resensi Buku

Résénsi buku eusina biasanamah nyaritakeun eusi buku boh kaunggulanana boh kahéngkéranana sangkan jadi infomasi keur numacana

B. Resensi Filem

Résénsi Filem mah eusina nyaritakeun synopsis ( ringkesan ) jeung guluyurna carita filem kaunggulan jeung kahengkeranana

C. Resensi musik

Resensi musik teh eusina medar hiji jenis musik, ti mimiti sajarahna, ajen luhungna, mangpaatna keur masarakat, cara nabeuhna, jeung kamekaranana.

D. Resensi Pagelaran

Resensi pagelaran (pertunjukan) eusina medar hiji pagelaran kayaning pagelaran drama, pintonan seni jeung sajabana.


8 ADEGAN ATAWA STRUKTUR  

RÉSÉNSI NU TANGTU, DI ANTARANA WAÉ NYAÉTA :

1. Jenis karya 

Jenis karya teh nuduhkeun karya naon nu diresensi, kawas buku, drama, filem, pagelaran musik jeung sajabana.

2. Idéntitas karya 

Identitas biasana ngawengku judul buku, pangarang, taun medal, taun dipedalkeunana, kandel buku atawa jumlah kaca, jeung editor ;

3. Sinopsis

Sinopsis teh bagian anu medar ringkesan eusi karya.

4. Tilikan eusi karya

Tilikan eusi teh sawangan atawa tinimbangan kana kualitas karya.

5. Panutup

Panutup mangrupa bagian kacindekan jeung saran tina resensi.


9 

10 LÉNGKAH-LÉNGKAH LAMUN URANG RÉK NGARÉSÉNSI KARYA ATAWA BUKU, DIANTARANA: 

  1. Milih buku nu rék dirésénsi, alusna mah buku nu loba dibaca ( best seller ). 

  2. Maca kalayan daria buku nu rék dirésénsi, alusna sababaraha balikan. 

  3. Catetkeun hal-hal anu pikatajieun tina buku nu dibaca. Kitu deui catetkeun hal-hal anu kurang piresepeunana. 

  4. Catetkeun naon pandangan hidep, naha éta buku téh payus atawa henteu dibaca.

  5. Tulis judul résénsi hidep!

11 CONTO RESENSI FILEM

Mangga pintonan bae .... di halaman sanesna.


12 PANCEN!

  1. Naon anu dimaksud resensi teh? 

  2. Jentrekeun tujuan nulis resensi! 

  3. Naon wae wangun resensi? 

  4. Sebutkeun jenis- jenis resensi! 

  5. Naon bedan resensi filem, musik jeung pagelaran?

13 HATUR NUHUN

Latihan Soal - Sunda 11.4 - Carita Pondok

  1. Carita Pondok teh nyaeta ….
  2. Ari ciri-ciri carita pondok teh naon bae?
  3. Aya unsur-unsur Intrinsik jeung Ekstrinsik dina Carita Pondok. Sebutkeun 3 unsur-unsur intrinsic nu aya dina Carita Pondok!
  4. Nulis Carita Pondok aya tehnikna. Sebutkeun teknik-teknik nulis carita pondok nu anjeun apal!
  5. Carita pondok umumna nyaritakeun perkara nu diangkat tina kanyataan, anu sifatna ….. [realistis ]

=======

1.       Karangan rekaan (fiksi) anu wanguna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa, sifatna realistis tur diangkat tina kanyataan disebut …..

A.      Carita Panjang

B.      Dongeng Pondok

C.      Carita Pondok

D.      Diskusi Pondok

E.       Ceramah Pondok

2.       Perhatikeun sempalan carita di handap ieu!

Dua jalma leumpang ngalalana babarengan liwat ka hiji leweung. waktu harita ngadadak aya hiji biruang anu gede kaluar ti rungkun nu deukeut jeung maranehna.

Salah sahiji nu ngalalana, ngan ukur mikirkeun dirina sorangan jeung teu mikirkeun babaturannana. manehna naek ka hiji tangkal anu deukeut ka manehna.

Nu ngalalana hiji deui, ngarasa teu bisa ngalawan biruang nu sakitu gedena sosoranganan. manehna ngabeubeut keun dirina ka nu taneuh jeung ngagoler bari ngahep-hep.

Unsur tokoh nu aya dina carita diluhur nyaeta ….

A.      Biruang

B.      Ngalalana

C.      Dua jalma nu ngalalana

D.      Leuweung

E.       Ngahephep

3.       Unsur latar nu aya dina carita diluhur nyaeta ….

A.      Biruang

B.      Ngalalana

C.      Leuweung

D.      Ngahephep

E.       Ngagoler

4.       Ari ngalalana (Basa Sunda) teh lamun diterjemahkeun kana bahasa Indonesia nyaeta …

A.      Mengembara

B.      Mengabadikan

C.      Memakai celana

D.      Menjelajah

E.       Mencari keabadian

5.       Ari anu dimaksud ku biruang teh lamun ngilik rupa satona jeung tempatna nyaeta ….

A.     



B.      Description: Beruang Liar Gegerkan Warga Sampit

C.     

D.      Description: Ceratotherium simum kwh 2.jpg

E.       Description: https://images.theconversation.com/files/216398/original/file-20180426-175038-qi1n3l.jpg?ixlib=rb-1.1.0&rect=8%2C0%2C916%2C639&q=45&auto=format&w=926&fit=clip

Latihan Soal - Sunda 11.3 - Panumbu Catur

 1.       Panumbu catur lamun bahasa Indonesiana mah nyaeta ….

A.      Moderator

B.      Protokol

C.      Pemain catur

D.      Fasilitator

E.       Mediator

2.       Perhatikeun pernyataan di handap ieu,

1)         Ngajaga atawa miara lancarna diskusi.

2)         Ngantep jalanna diskusi sangkan teu kahontal tujuan nu dipiharep.

3)         Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi.

4)         Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi.

5)         Teu kedah ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon diskusi.

Tina pernyataan diluhur, nu teu kagolong pancen panumbu catur nyaeta ….

A.      1 jeung 5

B.      3 jeung 4

C.      1 jeung 4

D.      2 Jeung 3

E.       2 jeung 5

3.       Persiapan ngilik pamilon (audien) diantarana nyaeta kudu ….

A.     Siap bahan pikeun ngatur diskusi

B.      Siap nyanghareupan sagala nu bakal kajadian

C.      Ulah wanoh kana karakter pamilon

D.      Kudu loma/akrab samemeh lumansungna sawala

E.       Diskomunikasi nu alus jeung pamilon

4.       Dina mangsa prungna diskusi, salaku panumbu catur kudu nitenan hal-hal dihandap ieu, kecuali ….

A.      Nepikeun tata tertib nu jelas

B.      Omongan kudu bias ditarima ku pamilon

C.      Wanohkeun pangjejer, ngaranna jeung profesina katut kaahliannana.

D.      Tutup diskusi panceg dina waktuna.

E.       Sikep subjektif tur teu kudu ngahargaan sakur pamilon.

5.       Tugas atawa pancén saha ari ngajaga atawa miara lancarna diskusi téh?                  

A.      Pangjejer                                                          D. Panata Calagara               

B.      Narasumber                                                      E. Pupuhu panitia                  

C.      Panumbu Catur

6.       “Dua pangjejer parantos ngadugikeun kamandangna. Naon nu didugikeun ku aranjeunna, kacida matak narikna”.

Kecap kamandang di luhur ngandung harti ...

A.      usulan                                                               D. caritaan                

B.      kahayang                                                          E. pamanggih/pendapat                   

C.      omongan

7.        “Salajengna ku sim kuring badé diwatesanan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-sahana nu kagiliran sasauran, engkéna paling lami lima menit”.

Kekecapan di luhur téh kaasup conto dina diskusi

A.      Muka diskusi                                                     D. ngahaturanan pangjejer

B.      ngatur jalanna diskusi                                      E. ngawanohkeun pangjejer

C.      nutup diskusi

8.       Perhatoskeun sempalan diskusi ieu….

Sastra         : “Kieu, Kinten-kinten dina miéling Poé Basa Indung téh, kagiatan naon waé nu badé diayakeun téh?”

Nitisara      : “Hatur nuhun, saé pisan patalékanana. Perkawis kagiatanana mah mung nyongcay waktos sadinten waé, nyaéta kaping 21 Pébruari 2012. Kagiatanana ogé teu seueur, sadayana museur kana basa, sastra jeung aksara Sunda. Namung kedah diiluan ku sadayana kelas ti kawit kelas 10 dugi ka kelas 12. Dupi kagiatanana mah: (1) Ngarang Carpon, (2) Maca Sajak, jeung (3) Nulis Aksara Sunda. Husus kanggo ngarang, tiasa dikawitan ti kaping 1 Pébruari 2012. Kumaha tah upami kitu, sapuk henteu?”

Pangurus  : “Sapuuuuuuk!”

Ari sasaruan kecap patalekan teh nyaeta …..

A.      Pertarosan

B.      Waleran

C.      Sanggahan

D.      Pangdebat

E.       Pangbelaan

9.       Lamun nitenan diskusi di luhur, ari maksud kecap Basa Indung teh nyaeta ….

A.      Bahasa Ingris

B.      Bahasa Indonesia

C.      Bahasa hiji suku bangsa

D.      Bahasa istri nu ngalahirkeun

E.       Bahasa Arab

10.   Ari kecap sapuk teh sarua jeung ….

A.      Satia

B.      Teu satia

C.      Satuju

D.      Teu satuju

E.       Pasalia

Daring Sunda XI - Bab 3 | Panumbu Catur

DaRing Bahasa Sunda Kelas XI

Bab 3 | Panumbu Catur



Eusina Teh
  1. Definisi
  2. Pancen/Tugas
  3. Lengkah-lengkah Persiapan
  4. Cara-cara Mangsa Prungna

Definisi

Panumbu catur (Ind.: moderator) téh kaasup kana mingpin diskusi, nyaéta jalma nu dipercaya nyekel kadali pikeun ngatur patali marga di antara pamilon diskusi.

Pancen/Tugas

Panumbu catur boga pancén pikeun ngatur, ngalelempeng, ngaping, sarta miara lumangsungna diskusi nu teu leupas tina cara atawa téhnik mingpin diskusi.
Tanggung jawab panumbu catur kaitung beurat lantaran hasil henteuna diskusi gumantung ka dirina.
Tugas panumbu catur, di antarana:
  1. Ngajaga atawa miara lancarna diskusi.
  2. Ngalelempeng (ngarahkeun) jalanna diskusi sangkan kahontal tujuan nu dipiharep.
  3. Nampung jeung ngamalirkeun kahayang katut pamadegan pamilon diskusi.
  4. Nyieun kacindekan saheulaanan tina hasil diskusi.
  5. Ngarumuskeun hasil nu bisa ditarima ku sakumna pamilon diskusi.

Lengkah-lengkah Persiapan

Kumaha prak-prakan nalika hidep jadi panumbu catur atawa jadi moderator?
Pikeun jadi panumbu catur tangtuna hidep kudu ngalakukeun léngkah-léngkah atawa nu kudu disiapkeun nyaéta:
  1. Persiapan pribadi, di antarana:
    1. Siap bahan-bahan nu dipaké pikeun ngatur diskusi/sawala.
    2. Mibanda gambaran nu jelas ngeunaan sasaran atawa hasil tina diskusi/sawala.
    3. Siap nyanghareupan sagala hal nu bakal kajadian, upama aya béda pamadegan atawa pendapat, kamungkinan jawabanana.
  2. Persiapan pikeun nyanghareupan pamilon (audien), di antarana:
    1. Komunikasi nu alus jeung pamilon.
    2. Mikawanoh karakter (watek) umum para pamilon saméméhna.
    3. Alusna mah aya patali nu loma (akrab) saméméh diskusi/sawala lumangsung.

Cara-cara Mangsa Prungna

Sabadana hidep tatahar pikeun jadi panumbu catur, satuluyna kumaha carana nalika hidep keur jadi panumbu catur atawa nalika numbu catur.
Cara-carana nyaéta hidep kudu niténan sawatara hal ieu di handap:
  1. Merhatikeun tata cara sopan santun protokolér di hiji wewengkon atawa daérah.
  2. Omongan panganteur atawa pangjajap kana kagiatan diskusi/sawala alusna singket tapi jelas (jéntré).
  3. Miboga sikep objéktif tur narima atawa ngahargaan (terbuka) ka sakur pamilon.
  4. Kudu bisa meper pamilon nu patorong-torong ku cara nu alus tur gedé pangaruhna (pérsuasif).
  5. Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon.
  6. Usahakeun diskusi dibuka saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
  7. Tepikeun jejer jeung bahan diskusi ka hadirin.
  8. Wanohkeun para pangjejer; ngaranna (lengkep jeung gelarna), profésina, kaahlianana, jeung data pribadi séjénna nu aya patalina jeung jejer katut bahan diskusi.
  9. Tepikeun tata-tertib diskusi sajelas-jelasna.
  10. Ngahaturanan pangjejer keur nepikeun bahasanana, disusul nampung jeung ngatur para pamilon nu rék milu mairan atawa nanyakeun.
  11. Tutup diskusi panceg dina waktuna.

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3 PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR     SEMESTER 1 TAHUN PELAJARAN : 2022/2023 MATA PELAJARAN: BASA SUNDA KELAS: 10  GURU PE...