Silabus Sunda 11 1819 dipake 1920


Tampilan dengan Overlay

=======

=======

Silabus Sunda 10 1819 dipake 1920


Overlay with Text

=======

=======

Materi Bahasa Sunda Slide

Kawih jeung Pasualan


1.     Dina Kamus Basa Sunda Satjadibrata (1946, kaca 169), lagu-lagu anu teu makė patokan pupuh disebut...
a.   Dongeng      c. Sisindiran      e. kawih
b.   Carpon         d. kinanti
2.     Rumpaka kakawihan tėh winangun sajak anu ditepikeunana ku cara dilagukeun. Ku lantaran kitu dina kakawihan aya unsur....
a.   unsur irama, jeung unsur nada
b.   unsur irama, jeung unsur ritme
c.   unsur irama, jeung unsur tema
d.   unsur irama, jeung unsur lentong
e.   unsur irama, jeung unsur syiar
3.     Nėlėngnėng kung, nėlėngnėng kung,
Geura gedė geura jangkung,
Geura sakola sing junun,
Geura makayakeun indung,

Kakawihan di luhur keur .....
a.   mépėndė budak;           d. botram
b.   Magawė                       e. badarat
c.   kakawihan kaulinan.
4.     Ayun ambing, ayun ambing,
Diayun-ayun ku samping,
Gėura bobo lila nyaring,
Mun nyaring gė ulah rungsing

dina kakawihan tėh tėtėla lain ngan sakadar lagu, lain ngan sakadar ritme, tapi aya falasifah anu ditancebkeun ka diri budak nya  ėta ...
a.   kasolėhan diri      c. Nyaring           e. jujur
b.   Sabar                 d. Getol bobo
5.     Dina Kamus Basa Sunda Satjadibrata (1946, kaca 169), lagu-lagu anu teu makė patokan pupuh disebut...
a.   Dongeng            c. Sisindiran        e. kinanti
b.   Carpon               d. kawih
6.     Rumpaka kakawihan tėh winangun sajak anu ditepikeunana ku cara dilagukeun. Ku lantaran kitu dina kakawihan aya unsur....
a.   unsur irama, jeung unsur nada
b.   unsur irama, jeung unsur ritme
c.   unsur irama, jeung unsur tema
d.   unsur irama, jeung unsur lentong
e.   unsur irama, jeung unsur syiar
7.     Nėlėngnėng kung, nėlėngnėng kung,
Geura gedė geura jangkung,
Geura sakola sing junun,
Geura makayakeun indung,

Kakawihan di luhur keur .....
a.   mépėndė budak;
b.   magawė
c.   kakawihan kaulinan.
d.   botram
e.   badarat
8.     Perhatikeun kakawihan di handap!
Ki Panganten gėura gugah,
Bisi kasiangan nyawah,
Bisi kaluputan nyambut,
Ki Panganten gėura gugah,

Luput! Luput!
Arang! Arang!

Wuluku di saung lisung,
Garu dina pipir leuit,
Ki Panganten geura gugah,
Kia! Kia!
Ngider! Ngider!
Pecut borėlėng diambėn,
Gobang pontrang di tunjangėun,
Ki Pangantėn geura gugah,
Kalem! Kalem!

Kakawihan di luhur keur .....
a.   mépėndė budak;        d. botram
b.   magawė                     e. badarat
c.   kakawihan kaulinan.
9.     Kakawihan keur magawė mah sok dikawih ku tukang ngawuluku di sawah. Tara rėpėh ėta tėh, ngahaleuang baė. Rėpėh-rėpėh mun gėus pecat sawed, kira-kira jam ....
a.   7 – 8                c. 9 – 10                e. 11 – 12
b.   8 – 9                d. 10 – 11
10.  Perhatikeun kakawihan di handap!
Eundeuk-eundeukan lagoni,
Meunang peucang sahiji,
Leupas deui ku nini,
Beunang deui ku aki.

Kakawihan di luhur keur .....
a.   mépėndė budak;             d. botram
b.   magawė                          e. badarat
c.   kakawihan kaulinan.
11.  Kecap kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina ...
a.   sa’ir                  c. Pupuh               e. sisindiran
b.   lagu                 d. paparikan
c.   pupuh
12.  rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger) disebut ....
a.   Dongeng          c. Sisindiran          e. kinanti
b.   Carpon             d. kawih
c.   Sisindiran

Tarjamah jeung Pasualan


1.       Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut ...
a.       alih basa               c. Alih kalimah   e. Alih carita
b.      alih kecap            d. Alih omongan
2.       kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas ....
a.       sorana               c. Basana                e. rasana
b.      nadana             d. Senina
3.       Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu....
a.       "hade" jeung "alus"       d. "geulis" jeung "satia"
b.      "sarasa" jeung "sajiwa" e. "sarua" jeung "papak"
c.       "luhung" jeung "jembar"
4.       Dina narjamahkeun aya syarat geulis tur satia, maksudna nyaeta ....
a.       Geulis nu macana, satia ngadagoannana
b.      Geulis basana, satia maknana
c.       Geulis maknana, satia basana
d.      Geulis tulisanana, satia dina lisana
e.      Geulis kabogohna, satia ngangantina
5.       Narjamahkeun prosa mah itunganna...
a.       Kecap per kecap                 d. Bait per bait
b.      Paragrap per paragrap     e. Kalimah per kalimah
c.       Padalisan per padalisan
6.       Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:
a)      nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna
b)      maca dina jero hate (maca ngilo)
c)       paham kana alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)
d)      nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun
e)      mariksa hasil nerjemahkeun
lengkah anu bener ...
a.       5 – 2 – 3 – 1 – 4              d. 5 – 4 – 3 – 2 – 1
b.      1 – 2 – 5 – 3 – 4              e. 4 – 2 – 3 – 1 – 5
c.       1 – 2 – 3 – 4 – 5
7.       Tarjamahan tina amis budi nyaeta:
a.       Budi yang manis            d.                Wajah manis
b.      Manis sekali                    e. Murah senyum
c.       Si budi yang berwajah manis
8.       Tarjamahan tina amis daging nyaeta:
a.       Daging yang manis
b.      Manis daging
c.       Memiliki daging yang manis
d.      Mudah terkena penyakit kulit
e.      Selalu berwajah manis dalam kehidupan
9.       Tarjamahan tina bengkok tikoro nyaeta ...
a.       Bengkok tenggorokan
b.      Tenggorokan yang bengkok
c.       Tidak kebagian makanan karena telat datang
d.      Tenggorokan yang melengkung
e.      Tenggorokan manusia yang bengkok atau melengkung
10.   Tarjamahan tina Agul ku payung butut nyaeta ...
a.       Sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri
b.      Keluarga yang punya payung sudah butut
c.       Sombong oleh payung butut
d.      Punya payung yang butut
e.      Bahagia punya payung
11.   Tarjamahan  Bentik curuk balas nunjuk nyaeta ...
a.       Jari telunjuk sedang menunjuk
b.      Jari telunjuk membalas menunjuk
c.       Suka memarahi orang lain
d.      Suka menyuruh-nyuruh orang lain
e.      Suka meminta-minta padahal mampu
12.   Clom giriwil teh bahasa nu sok kadenge dina ....
a.       Ngusep c. Meuncit           e. Ngarompes
b.      Ngoyos d. Ngayuman

Pasualan Dongeng


1.       Perhatikeun dongeng di handap ieu!
Dongeng Santri Bodo
Aya santri pohara beletna. nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrěn, can ngalaman hatam Al Qur-an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Al Qur-an, jampě solat oge ukur baě bisa maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwet mah pang pinterna. Kabějakeun kaanggo ku Ajengan sagala.

Loba babaturanana nu geus baroga pasantrěn sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Sedeng maněhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa ěra sorangan. Êra ku sasama santri, isin ku ajengan.
Kecap belet sarua hartina jeung kecap ....
a.       Pinter    c. Calakan            e. Tanginas
b.      Bodo      d. Gelo
2.       Ari anu dimaksud ngaliwet teh nyaeta ....
a.       Naheur cai           d. Nyangray jagong
b.      Ngulub hui          e. Ngisikan beas
c.       Nyangu
3.       Ari anu disebut ajeungan teh nyaeta ....
a.       Nu bisa nguseup               d. Nu bisa luncat
b.      Nu bisa ngaji       e. Nu bisa nyupiran
c.       Nu teu bisa ngaji
4.       Jenis dongeng di luhur, mun diperhatikeun kaasup dongeng ....
a.       Parabel c. Mite  e. Babad
b.      Fabel     d. sage
5.       Ari pasantren teh nyaeta hiji tempat nyuprih elmu anu di eusian ku ....
a.       Padagang             d. Santri               e. Tantara
b.      Polisi      e. penjahat
6.       Dina ngadongeng, aya sababaraha perkara anu perlu diperhatikeun nyaeta ....
a.       Peta       Lafal       Lentong               Tema     Alur
7.       Ari lentong teh nyaeta ....
a.       Alus jeung gorengna basa
b.      Tarik jeung alona sora
c.       Naek jeung turuna sora
d.      Jelas jeung ngosomna sora
e.      Disada jeung jempena ngomong
f.        Undak usuk basa
8.       Tokoh anu disebut-sebut dina dongeng diluhur teh nyaeta ....
a.       Santri jeng pasantren
b.      Ajeungan jeung pasantren
c.       Santri nu dipoyokan
d.      Pasantren nu teu menyat-menyat
e.      Santri jeung Ajeungan
9.       Kecap cikaracak lamun dina basa arab mah nyaeta ....
a.       Man jahila syaean ‘aadah
b.      Man tholaba thuliba
c.       Man Jadda Wajada
d.      Man tashorrofa tasyarrofa
e.      Man togho balika
10.   Kecap jul-jol disebutna kecap ....
a.       Rajekan                d. Kantetan
b.      Panganteur         e. Rundayan
c.       Asal

Kisi - kisi soal ATS Sunda 2627

Kisi-kisi sunda 10 1. Medar perkara terjemahan 2. Aya 2 (dua) perkara nu perlu diungkab dina mindahkeun amanat 3. Saduran 4. Ngajodokeun Sas...