SOAL PTS_1 SUNDA 10 | 2022/2023

SOAL PTS SUNDA 10 | 2022/2023

PENILAIAN TENGAH SEMESTER

SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR

MAPEL: BASA SUNDA

KELAS: 10

GURU: M. DUDI RIDWAN, S.Pd.I

 

1.       Paguneman teh nyaeta kagiatan nyarita dua arah atawa leuwih pikeun …. kajaba

A.      Nyingkabkeun rasa

B.      Ngungkapkeun pikiran

C.      Nguraikeun kahayang

D.      Nyosoek jeung nyasaak hate jelema

E.       Teu aya jawaban leres

2.       Nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara anu sipatna monologis, ukur direspon ku unggeuk sareng gideug, keprok, jeung pasemon. Nu kitu disebatna ….

A.      Kawih

B.      Biantara

C.      Paguneman

D.      Novel

E.       Drama

3.       Perhatoskeun, eusi ceramah di handap ieu!

“Para hadirin,

Hayu urang ronjatkeun ibadah urang ka Alloh SWT. Sangkan urang mingkinan dipikaresep sareng dipikarido ku Alloh SWT.

Para Bapak, para ibu,

Naon ari ibadah teh?

Aya anu nyebatkeun kieu, para hadirin

هِيَ الۡوَفَاءُ بِالۡعُهُوۡدِ، وَحِفۡظُ الۡحُدُوۡدِ، وَالرِّضَا بِالۡمَوۡجُوۡدِ، وَالصَّبۡرُ عَلىَ الۡمَفۡقُوۡدِ

Yen ibadah teh nyaeta….

Nyumponan janji, kana batasan-batasan ngajagi

Sareng rido kanu aya, tur sabar kanu can aya.

 

Cekap sakitu bae.

Insya Alloh sanes waktos urang sambung deui.

Wassalam.”

Ari kecap “hayu” dina ceramah di luhur, tujuannana nyaeta ….

A.      Ngabejaan

B.      Mere wawasan

C.      Ngahibur

D.      Ngajak

E.       Nyegah

4.       Kecap “Cekap sakitu bae.” Dina ceramah di luhur, mangrupa materi biantara dina bagean ….

A.      Bubuka

B.      Kacindekan

C.      Panutup

D.      Eusi pedaran

E.       Panyalengor

5.       Kecap “Aya nu nyebatkeun kieu, para hadirin …. Yen ibadah teh …….. ”. Dina biantara di luhur. Ieu kecap-kecapan aya dina bagean ….

A.      Eusi pedaran

B.      Kacindekan

C.      Bubuka

D.      Panyalengor

E.       Panutup

6.       Dina mangsana urang rek manggung jadi mubaligh dina hiji acara mieling kamerdekaan, tulisan nu geus dijieun jadi naskah samemehna ditendeun dina saku. Biantara ku cara kitu, metodena disebut …..

A.      Impromtu

B.      Memoriter

C.      Manuskrip

D.      Ekstemporan

E.       Sapada harita

7.       Perhatikeun pernyataan di luhur ieu!

1)      Ceramah

2)      Pamapag/sambutan

3)      Pedaran/bahasan hiji pasoalan

4)      Natar

5)      Kampanye

Mangsana aya pangantenan, ti dua pihakannana boh ti calon panganten istri atanapi pamegetna so kaya nu seren tampi.

Seren tampi dina pangantenan kalebet kana ….

A.      (5)

B.      (4)

C.      (3)

D.      (2)

E.       (1)

8.       Perhatikeun kagunaan biantara di handap ieu.

1)      Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud

2)      Ngaronjatkeun ajen diri

3)      Ngarojong leadership

4)      Jadi puseur paniten masyarakat, dihormat jeung dihargaan

Lamun dihubungkeun jeung akhlak tasawuf, yen hirup kudu rido jeung ikhlas karena Alloh, maka kagunaan biantara diluhur nu keun bae datangna ti batur, tapi tong nyangkaruk dina ati sorangan sok komo dikedalkeun nyaeta ditunjukeun ku nomer ….

A.      4 jeung 2

B.      4 jeung 1

C.      1 jeung 3

D.      1 jeung 2

E.       3 jeung 4

9.       Dina gambar ieu, jalmi nu mana nu ekeur biantara!

A.      


B.     


C.     


D.     


E.       Description: Gelar Amaliyah Tadris Perdana Santri Pesantren Daqu Siap Menjadi Guru  Profesional Dan Kompeten | Pesantren Tahfizh Daarul Qur'an


10.   Perhatikeun biantara di handap ieu!

“Hadirin rohimakumulloh,

Dina raraga mieling kana isro sareng mi’rajna nabi, urang terapkeun dina diri urang sewing-sewangan kucara: 

Kahiji, isro jalan tipeuting nuju ka masjid nyaeta seja qiyamullel, tahajud, atanapi berjama’ah isya jeung shubuh.

Kadua, mi’raj naek, ningkatkeun, ngaronjatkeun amaliah urang kucara nambahan sholat. Lamun tea kamari ukur fardu wungkul, mangka ayeuna hayu urang mi’raj ku nambahan qobliyah atanapi ba’diyahna.”

Ngilik eusina, ieu ceramah teh biasana aya dina sasih ……

A.      Muharram

B.      Shofar

C.      Mulud

D.      Rajab

E.       Puasa

11.   Titenan deui, eusi biantara nu aya dina nomer 9.

Ngilik eusina, ieu ceramah teh temana nyaeta ….

A.      Isro mi’raj

B.      Nambahan fardu isro

C.      Nambahan qobliyah mi’raj

D.      Ukur fardu isro jeung mi’raj

E.       Teu aya jawaban nu leres

12.   Perhatoskeun eusi paguneman ieu!

Risna (R): “Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basa sunda dipasihan pancen?”

Agus (A): “Pancen anu mana tea, Ris?”

Risna : “Pancen eta tea gening, dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktos libur”

Tiara : “…… kelas abi oge dipiwarang.”

Agus : “oh, eta. Atos deui da Agus mah.”

Ngilik unsur paguneman, maka Risna teh salaku ….

A.      Batur nyarita

B.      Jejer guneman

C.      Panyatur

D.      Protokol

E.       Panumbu catur

13.   Titenan deui eusi paguneman nomer 12.

Kecap-kecapan Tiara, dina paguneman diluhur pas na mah nyaeta ….

A.      Moal,

B.      Mangga,

C.      Hayu,

D.      Kade,

E.       Muhun,

14.   Ari paguneman nu ditepikeun di akhir carita, istilahna nyaeta ….

A.      Prolog

B.      Monolog

C.      Dialog

D.      Epilog

E.       Stereolog

15.   Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Sidang idil fitri anu ku sim kuring dipihormat!,

Dinten ieu pisan, urang ayeuna bersih tina dosa, kawas orok nu karek borojol gubrag ka alam dunya.”

Ngilik eusina, ieu teh biantara nu keur aya dina suasana …..

A.      Idul Adha

B.      Khutbah Jum’at

C.      Idul Fitri

D.      Sholat Istisqo

E.       Sholat gerhana

16.   Ari idul adha teh dilaksanakeunnana dina kaping …..

A.      17 Agustus

B.      10 Muharam

C.      1 Syawal

D.      5 November

E.       28 Oktober

17.   Ari dina idul qurban, sok aya acara peupeuncitan, nyaeta bisa meuncit ingon-ingon saperti ….. kajaba …...

A.      Munding

B.      Sapi

C.      Domba

D.      Embe

E.       Hayam

18.   Ari rupana sapi teh nyaeta ….

A.     


B.     


C.     


D.     


E.      


19.   Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Para bapa, para ibu, pameget jaler istri, bil khusus sesepuh, kasepuhan, nu disepuhkeun, utamina sepuhna calon panganten istri.

Abdi ngadegna di dieu teh, kumargi kawakilan ti sepuhna Cep Dino, kangge kadugikeun pamasrahannana.

Wireh ieu sepuhna Cep Dino teh, pangersana Bapak Anda sareng Ibu Inti, ngaharewos ka sim kuring pang wakilankeun masrahkeun ieu Cep Dino. Ku kituna, sim kuring seja nyaosan sok sanaos ku bahasa nu alakadarna.”

Upama ditinenan tina eusina, ieu kecap-kecapan teh aya dina acara ….

A.      Walimah arusy/nikah

B.      Walimah khitan

C.      Walimah aqiqah

D.      Walimah wakiirah

E.       Walimah naqi’ah

20.   Perhatoskeun paguneman di handap ieu!

Deuis: Bade iraha ngerjakeun tugas kelompok teh?

(rerencangan nu opatan nyaeta Rita, Jasmin, Rahmi sareng Yati papelong-pelong. Teras Jasmin nyarios),

Jasmin: Dinten Saptu wae nya, kusabab abdi Mingonna bade ngiring ka pun Bapak kana uleman.

Deuis: Sumuhun atuh, abdi oge aya acara dinten Minggu mah.

Jasmin: kinten-kinten tabuh sabaraha nya?

Deuis: Tabuh dua siang wae nya?!, di bumi Abdi, carioskeun ke rerencangan!.

Jasmin: muhun, in syaAlloh.

Ari paguneman di luhur teh nyaeta ngenaan ….

A.      Uleman

B.      Rerencangan

C.      Bumi abdi

D.      Dinten minggu

E.       Tugas kelompok

21.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade di ….

A.      Di bumi Jasmin

B.      Di bumi Deuis

C.      Di bumi Rita

D.      Di bumi Rahmi

E.       Di bumi Yati

22.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade ….

A.      Tabuh dua sonten dinten sabtu

B.      Tabuh dua sonten dinten minggu

C.      Tabuh dua siang dinten sabtu

D.      Tabuh dua sonten dinten minggu

E.       Tabuh dua janari dinten senen

23.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ari baris ka 2 nu di jero kurung, disebatna ….

A.      Prolog

B.      Dialog

C.      Epilog

D.      Monolog

E.       Stereolog

24.   Perhatoskeun carita di handap ieu!

Kacarioskeun di hiji leuweung geledegan, aya dua sato nu keur leumpang ngagandeang nyaeta keong jeung peucang.

Ceuk keong, “cang, arek moal balap lumpat the?”

Tembal peucang, “siap lah, arek iraha?”

Keong ngahuleng sakeudeung, tos kitu ret ka peucang, bari terus weh ngomong, “isukan, isuk-isuk.”

Peucang ngaenyakeun, bari pokna teh, “enya lah, tabuh sabelas”

Ceuk keong, “haaar….??!”

Ceuk peucang, “naha?”

Ceuk keong teh, “…………..teuing atuh jam sakitu mah.”

Ngilik paguneman di luhur, rupana paguneman teh nyaeta ….

A.      Monolog

B.      Prolog

C.      Dialog

D.      Epilog

E.       Stereolog

25.   Kecap nu pas pikeun ngeusian titik-titik nu jadi kecap-kecapan keong dina paguneman di luhur nyaeta ….

A.      Isuk-isuk

B.      Beurang

C.      Peuting

D.      Sore

E.       Subuh

Conto Biografi | ALDA RIZMA ELFARIANI

 


ALDA RIZMA ELFARIANI, LAHIR DI Bogor, 23 Nopémber 1982. putra cikal ti dalapan sadulur, ti pasangan Pa Farid Riza sareng Ibu Halimah. Saméméh umur 17 taun, karir Alda dina dunia musik geus melesat sakaligus kawas météor.

Lagu Aku Tak Biasa (1998) bisa kajual tepi ka 200 rébu kasét tur ngahasilkeun kauntungan milyaran rupia. Teu matak anéh upama ieu béntang penyanyi anyar téh indit ka mana-mana sok naék BMW, sarta nyicingan imah agréng nu hargana ratusan juta di komplék Perumahan Bogor Danau Raya Blok C3 No. 1 Bogor.

Ku lagu Aku Tak Biasa téa, Alda meunang panghargaan Penyanyi Pop Terbaik dina acara Anugerah Musik Indonésia (AMI) taun 1998, ngéléhkeun sababaraha urang penyanyi nu leuwih senior kayaning Krisdayanti jeung Ruth Sahanaya.

Jalan anu disorang ku Alda dina ngahontal karirna, mémang kawas dongénh. Caritana dina bulan April 1997, alda kaparengkeun lalajo pagelaran Code Red di Inggris ti Inggris di Hard Rock Cafe, Jakarta. Harita duka kumaha Alda bet ditawaran ka panggung pikeun nyanyi jeung éta kelompok musik.

Lulus tés, Alda tuluy ngahariringkeun lagu We Can Make It nu dirilis dina taun éta kénéh. Alda tuluy ngagabung jeung Balckboard. Ti dieu pisan mimitina robahna hirup Alda téh. Ku Blackboard Alda dibéré lagu Aku Tak Biasa ciptaan Rudi Loho, anu kabeneran cocok pisan jeung karakter vokalna.





>> GUGURITAN

 >> GUGURITAN

GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

1. PERKARA GUGURITAN
2. SAJARAH GUGURITAN
3. STRUKTUR GUGURITAN
4. PAPASINGAN GUGURITAN
5. PUPUH MINANGKA DASAR GUGURITAN

LATIHAN 1 GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH
CONTO GUGURITAN
LATIHAN 2 GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

1. PERKARA GUGURITAN

Guguritan téh sok disebut ogé dangding nyaéta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung wawacan, anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta-ganti. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti “Asmarandana Lahir Batin” beunang R.A. Bratadiwijaya, “Kinanti jeung Indung Turun” beunang Kalipah Apo.

2. SAJARAH GUGURITAN

Guguritan téh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Dina mangsa saméméh perang, siswa di Sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normalschool) diajarkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranéhna parigel lain ngan saukur ngahariringkeun saluyu jeung lagu pupuh, tapi bisa nyusun guguritan ku sorangan deuih. Dina mangsa sabada perang, dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara daria. Ku kituna, guguritan leungit popularitasna, iwal di kalangan ahli tembang tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.

Ti abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan Taun 1822 1866 R. Haji Muhammad Musa nganggit Wulang Krama”: taun 1865 R.A. Bratadiwijaya nganggit “Asmarandana Lahir Batin”; taun 1892 Haji Hasan Mustapa nganggit welasan rebu pada guguritan, upamana waé “Kinanti Ngahurun Balung “Asmarandana Babalik Pikir”, “Sinom Pamulang Tarima” “Dangdanggula Pamolah Rasa”, jeung sajabana.

3. STRUKTUR GUGURITAN

Guguritan diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta anu aya patalina jeung struktur jero (unsur intrinsik) sarta struktur luar (unsur ékstrinsik). Struktur dina guguritan di antarana nyaéta: téma, rasa, nada, jeung amanat.

a. Téma hartina “pokok pikiran” atawa dadasar carita dina paguneman, sajak, jeung sajabana.
b. Rasa atawa “citraan” dina karya sastra nyaéta cara nga wangun rasa atawa gambaran hiji hal; gambaran visual. anu ditimbulkeun ku hiji kecap, frasa, atawa kalimah sarta mangrupa unsur dasar anu has dina karya prosa jeung puisi. 
c. Nada nyaéta tarik halonna sora. Nada baris patali pisan jeung rasa anu dikandungna, umumna tara papalingpang.
Amanat dina karya sastra nyaéta gagasan anu jadi dadasar hiji karya sastra; naon anu baris ditepikeun ku pangarang ka nu maca

4. PAPASINGAN GUGURITAN

Dumasar kana eusina, guguritan téh bisa dipasing-pasing jadi lima rupa anu ngawengku:
a. Piwulang, upamana waé “Wulang Krama”, “Wulang Murid”, “Wulang Guru” karangan R. Haji Muhamad Musa. “Asmarandana Lahir Batin” karangan R.A. Bratawijaya;
b. Pangalaman kabatinan, contona “Guguritan” karangan Haji Hasan Mustapa;  
c. Kawaasan alam, contona “Dangdanggula Laut Kidul” karangan Kalipah Apo;
d. Kajadian, contona “Kiamat Leutik” karangan Tubagus Jaya dilaga
e. Suratbiantara, jeung buka pintu. Guguritan anu eusina surat jeung biantara, upamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa. Guguritan buka pintu sok dihaleuangkeun dina upacara buka pintu di nu kawinan.

5. PUPUH MINANGKA DASAR GUGURITAN

Guguritan mangrupa karangan pondok wangun ugeran anu disusun ku hiji wanda pupuh. Upamana waé, “Guguritan Laut Kidul” beunang Kalipah Apo disusun dina pupuh Dangdanggula.

Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nyaéta 4 sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula [disingget KSAD] jeung 13 sekar alit (Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong). Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing.

a) Asmarandana: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
b) Balakbak: 15-é, 15-é, 15-é.
c) Dangdanggula: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-1, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
d) Jurudemung: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-1.
e) Durma: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i.
f) Gambuh: 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o.
g) Gurisa: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
h) Kinanti: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.
i) Ladrang: 10-i, 4-a, 10-i, 4-a, 8-i, 12-a.
j) Lambang: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
k) Magatru: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o. I)
l) Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a.
m) Mijil: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.
n) Pangkur: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i.
o) Pucung: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
p) Sinom: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.
q) Wirangrong: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.

NO

PUPUH

WATEKNA

1.

Asmarandana  

silih asih, silih pikanyaah, atawa mepelingan  

2.

Balakbak

pikaseurieun atawa banyol  

3.

Dangdanggula

bungah atawa agung  

4.

Jurudemung  

kaduhung atawa hanjakal  

5.

Durma  

heuras, panceg, atawa siap rék tarung  

6.

Gambuh  

bingung, samar polah  

7.

Gurisa  

pangangguran, lulucon atawa tamba kesel  

8.

Kinanti  

miharep atawa prihatin  

9.

Ladrang  

banyol atawa pikaseurieun  

10.

Lambang  

suka bungah, senang-senang, banyol, atawa pikaseurieun  

11.

Magatru  

lulucon deukeut kana prihatin  

12.

Maskumambang  

prihatin, sasambat, atawa nalangsa  

13.

Mijil  

sedih, susah, atawa cilaka  

14.

Pangkur  

napsu, lumampah atawa sadia rék perang  

15.

Pucung  

piwuruk, wawaran, atawa mépélingan  

16.

Sinom  

gumbira  

17.

Wirangrong  

éra atawa wirang  

LATIHAN 1
GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

1.      Naon ari guguritan téh?

2.      Kumaha cara maca guguritan téh?

3.      Dumasar kana eusina, guguritan téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan?

4.      Aya 17 pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, pék tataan hiji-hiji!

5.      Tiap pupuh ngabogaan watek, guru wilangan, jeung guru lagu masing-masing. pék tataan hiji-hiji!

CONTO GUGURITAN

Budak Bangor

Kacatur Arman jeung Andi,
budak sakola ti kota,
di kelas ngan heureuy baé,
diajar sakahayangna,
lamun dipapatahan,
tara ieuh daék nurut,
dasar adatna wangkelang.

Hiji poé baradami,
éta budak nu duaan,
arék arulin ka warnét,
kajeun bolos ti sakola,
teu mikir akibatna,
nurut laku nu teu puguh,
kaleungitan akal séhat.

Caritana enggeus nepi
ka warnét di deukeut pasar,
lumayan tempatna ramé,
puguh da loba nu dagang,
Andi kadua Arman,
di warnét diukna nyumput
meureun sieun kanyahoan.

Ibu Guru Biologi,
nuju ngawulang di kelas,
héran kelas henteu gandéng,
geuwat naros ka barudak
saha anu teu aya,
Arman Andi nyampak suwung,
paingan atuh paingan
Bu guru naros taliti,
narosna téh lantip pisan,
barudak téh éléh déét,
balaka budak nu dua,
ngahaja internétan,
di pasar rada béh juru,
anu nyanghareup ka wétan.

Lapor ka Pembina OSIS,
budak kabur ti sakola,
cenah mah nyingkur di warnét,
hayang wareg internétan,
nu deukeut pasar téa,
ngaréndéng jeung warung sangu,
geuwat kudu didatangan.

Harita kénéh digidig,
didatanganna jeung satpam,
langsung muru warnét baé,
Andi jeung Arman kasampak,
gancangna mah dibawa,
Andi jeung Arman tarungkul,
lantaran ngarasa éra.

LATIHAN 2
GUGURITAN : SAJARAH STRUKTUR PAPASINGAN & WATEK PUPUH

1.      Ditulis dina wangun pupuh naon éta guguritan téh?

2.      Kumaha watekna éta guguritan téh?

3.      Naon témana éta guguritan téh?

4.      Naon deuih amanatna tina éta guguritan téh?

5.      Analisis guru lagu jeung guru wilangan?

6.      Saha anu jadi tokoh dina guguritan Budak Bangor?

7.      Saha anu mimiti manggihan éta dua budak leungit ti kelas?

8.      Ka marana cenah éta dua budak inditna?

9.      Kumaha watek éta dua budak téh?

10.  Kumaha balukarna kalakuan éta dua budak téh?

11.  Nurutkeun pamanggih hidep, alus henteu éta kalakuan budak anu dua téh? Sebutkeun alesanana!

12.  Tuliskeun deui kumaha jalan carita atawa runtuyan kajadian dina guguritan Budak Bangor!

Soal ATS jeng Waleran