Pakakas Barang

Pakakas Barang


Aseuk, pakakas paranti ngaseuk dijieuna tina kai buleud panjang, méncos tungtungna. Aya oge anu nyebut luju.


Arit, pakarang samodél parang tapi leuwih leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipaké ngala jukut.


Badi, pakarang sarupa péso nu gagangna béngkok.




Bajra, pakarang baheula sarupa gada.




Balincong, pakarang paranti nugar, seuseukeutan, sabeulah lancip kawas linggis, sabeulah deui potongan rimbas.


Baliung, pakakas tukang kai nu bisa digalar-gilir jadi patik atawa jadi rimbas.


Bandring, katepél, paranti malédog-malédogkeun batu, sok dipaké ngala manuk.


Bedog, pakarang paranti ngadék.



Burang, tataheunan, awi meunang nyeukeutan tungtungna sabeulah, ditancebkeun dina liliwatan sato (nu keur diboro), bari diririmbunan ku dangdaunan ngarah ulah katara, supaya nu ditaheunan katubles.


Congkrang, bedog panjang nu ngeluk congona paranti ngala suluh atawa nyacar.


 Dékol, pakakas nu beunang dipaké ngadék saperti kampak tur bisa dipaké nakol saperti palu (upama dibalikkeun).


Étém, sabangsa péso paranti dibuat, ngala paré saranggeuy-saranggeuy.



Gacok, pakakas paranti garpuh, maké doran saperti pacul.


Gada, paneunggeul tina beusi, pakakas perang baheula.


Gobéd, pakarang siga bedog tapi panjang.



Gondéwa, pakakas tina kai atawa paranti mentang jamparing.

Jamparing, panah, nu sok dilepas tina gondéwa.




Jara, pakakas tina kawat beusi nu tungtungna lancip, paranti ngaliangan kai atawa awi (saméméhna sok dibeuleum heula tepi ka semu hurung).







Kampak, pakakas tukang kai, bangunna siga huntu gedé digagangan, paranti nuar atawa meulah kai.






Keris, pakakas paranti nubles, sok dialus-alus, dipaké sosorénan dina upacara-upacara, salasahiji parabot perang baheula.


Kihkir, pakakas paranti ngasah ragaji.






Koréd, pakakas tani pikeun miceunan jujukutan (biasana bari ngoyos).




Kujang, pakakas urang sunda baheula, paranti ngadék atawa newek, sok dipaké dina perang.




Linggis, pakakas tina beusi paranti nugar atawa ngali.




Pacul, pakakas patani paranti malikkeun taneuh atawa ngali lombang.

Aya rupa pacul anu rada leutik sok disebut pancong.



Palu, pakakas tina beusi digagangan ku kai, paranti nakol paku,
nu sabeulahna (nu nyagak) paranti nyabut paku.



Parang, pakakas patani paranti babad galeng, jsb. wangunna semu bengkung rubak ka tungtung.

Patik, kampak gedé panjang gagangna, paranti nuar kai, jsb.




Pedang, pakarang sabangsa bedog, alus tur panjang.


Péso, pakakas paranti karat-keureut.



Péso abir, péso paranti di dapur.

Péso lipet, péso nu bisa ditikeulkeun gagangna tur bisa dipésakkan.

Péso méja, péso nu sok dipaké ngeureut kadaharan nu perlu dikeureut dina méja.



Péso pangot, péso paranti nulis dina daun lontar atawa paranti nyukuran.

Ragaji, pakakas nu geus régés seuseukeutna, bangunna ipis rada panjang, paranti motong atawa meulah.


Rajang, péso rubak paranti nyisik daun bako atawa paranti ngeureut bako.

Rancatan beulah, pakakas paranti nanggung, dijieuna tina awi sabeulah.


Rancatan dagol, rancatan anu dijieunna tina awi guluntungan.



Rimbas, pakakas sarupa kampak, paranti mapas kai.


Salumbat, parabot nu dijieun tina ruyung, paranti mesék kalapa.


Sugu, pakakas tukang kai paranti ngaratakeun kai (papan, tihang, jsb.).

Sumpit, parabot tina tamiang panjang, minangka pélorna paser, dijieun tina harupat kawung maké kapuk atawa kapas, ditémbakkeunana ditiup tarik digentakkeun, sok dipaké ngala manuk.

Taméng, parabot paranti nakis pakarang lawan sabangsa tumbak, jamparing jsb.  Wangunna siga beungeut goong, sok dipaké dina perang jaman baheula.

Tatah, parabot tukang kai, dijieun tina beusi maké gagang kai, paranti nyieun liang pasagi dina tihang, jsb.).

Tumbak, pakarang anu dipakéna ditojoskeun atawa dilempagkeun kana awak musuh atawa sato boroan.
Sumber: http://sasieureun-sabeunyeureun-pikeun-sunda.blogspot.com/2012/07/istilah-pakakaspakarang.html

Ngaran Pakakas atawa Parabot Basa Sunda

Ngaran Pakakas atawa Parabot Basa Sunda

  Macem-macem pakakas

     

  1. Arit. => Parabot paranti ngala jukut/Pare (rumput/padi)
  2. Aseuk => paragi ngaseuk
  3. ancun => paragi ngakut Es kacang
  4. Balincong => Paragi Nugar
  5. Baliung => pakakas anu bisa dijieun Patik/rimbas
  6. Bandring ( Ketepel) => paranti maledogkeun batu
  7. bedog ( Golok) => paranti Ngadek
  8. Congkrang => paranti nyacar
  9. Dekol => paragi ngadek tur bisa di pake nakol
  10. Etem => alat paragi dibuat ( ngala Pare)
  11. Gacok => alat paragi nugar
  12. Gaet => alat paragi ngait nu beurat tur di gagangan
  13. Gegendir => alat paragi Neungeul nu beurat
  14. Gobang => Saperti bedog tapi panjang
  15. Gondewa => paragi mentangkeun jamparing
  16. Jara => alat paragi ngaliangan awi
  17. jamparing => panah
  18. Kikir => alat paragi ngasah ragaji
  19. Kored => alat paragi miceunan jukut
  20. kujang => pakarang urang sunda baheula
  21. Parang => alat paranti ngababad jukut dina galeng
  22. Sumpit => alat paranti ngala lauk
  23. Sundung => alat paranti ngawadahan Jukut

Nyawah

Nyawah


Nyawah, ngawuluku Urang Sunda nu dumuk di pilemburan, pakasabanana umumna kana tatanen. Ari tatanen anu poko nyaeta melak pare. Baheula mah ilaharna ngahuma, nyaeta melak pare di lamping atawa di pasir ku cara diaseuk. Ayeuna mah geus langka anu ngahuma teh da leuweungna oge geus teu aya.

Melak pare ayeuna mah di sawah, disebutna nyawah. Kaasup tatanen poko nyawah teh, da ari tatanen nu sejenna mah, upamana bae melak sampeu atawa palawija, kaasup kana pagawean sambilan, minangka panayelang tina melak pare.

Prak-prakan nyawah te ngawengku sababaraha tahap. Pagawean anu munggaran ngabaladah, nyaeta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan sawah. Geus kitu tuluy macul, malikkeun taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh anu suburna aya di luhur.
Rengse macul ditema ku ngawuluku, nyaeta ngancurkeun taneuh beunang macul make parabot wuluku atawa singkal. Maksudna ngarah taneuh anu rek dipelakan pare jadi ledok. Wuluku teh dijieunna tina kai, digunakeunana sok ditarik ku munding. Ayeuna mah geus loba patani ngagunakeun traktor, minangka gaganti wuluku.

Samemeh macul ilaharna patani sok sasadiaan binih pare heula. Melakkeun binih pare (gabah) disebutna tebar. Ilaharna tebar teh dina babaladon, nyaeta kotakan anu panglendona. Lamun umurna geus cukup, binih pare teh dirabut pikeun dipelakkeun dina kotakan sawah.

Sanggeus ngawuluku, tuluy ngangler, ngararata taneuh. Geus kitu mah kari tandur, nyaeta melakkeun binih pare dina kotakan sawah tea. Engke lamun pare geus jadi, jujukutan nu milu jaradi kudu diberesihab, disebutna ngarambet. Rengse dua atawa tilu kali ngarambet mah kari nungguan usum panen.

Baheula mah matak resep lamun geus cunduk usum nyawah teh, pangpangna lamun geus tereh usum panen. Pasawahan jadi haneuteun. Barudak oge milu digawe, tunggu manuk di saung sawah. Dina mangsa pare geus koneng mah manuk teh sok ngabubuhan datangna, ngadon macokan pare.

Nu matak patani sok nyarieun kenca, tali anu dipasang ranteng ka ditu ka dieu bari dirarawisan ku kaen bubututan. Tungtung kenca teh ditalikeun kana kokoprak dijieun tina awi saruas, dibeulah sarta ditihangan. Upama tali kenca dicentok, kokoprak teh disada gogoloprakan. Aya oge anu nyieun bebegig, jejelemaan anu ditancebkeun di tengah sawah. Boh kenca boh bebegig, maksudna sarua pikeun nyingsieunan manuk.

Ayeuna mah geus teu kitu, bubuhan prak-prakan nyawahna geus robah. Dina ngala pare upamana, baheula mah ngagunakeun etem, tuluy ranggeuyan pare teh ditalian disebutna digeugeus. Pare geugeusan teh sok digaringkeun (disangsangkeun) dina lantayan. Ayeuna mah ngalana geus beda deui, tangkalna dibabad tuluy digebot ngarah buah parena muruluk, engke tuluy diwadahan kana karung. Nu matak lamun sakalieun aya nu nanyakeun hasil panen teh ayeuna mah tara ku ukuran geugeus, tapi ukuran karung, da gabahna tea diwadahan make karung.

ALAT-ALAT KASENIAN SUNDA

ALAT-ALAT KASENIAN SUNDA

https://reader015.docslide.net/reader015/html5/20170920/557213e4497959fc0b934496/bg1.png

1.DEGUNG
Degung di sebut dengan nama gemelan oleh suku jawa. Namun nada cara memainkan seperangkat alat musik ini berbeda dengan cara memainkan gamelan. Satu perangkat degung terdiri dari berbagi instrumen seperti saron,demung,gong,jengklong,kendang dan suling



2.KECAPI
Kecapi adalah alat musik yang dimainkan dengan cara dipetik. Alat ini berbentuk kotak kayu yang memiliki dawai berjajar di atasnya. Kotak kayu ini berfungsi sebagai rensonator kecapi. 


3.SULING

Suling adalah alat musik tradisional sunda yang merupakan alat musik di tiup. Suling biasanya terdiri dari empat lubang. Kita hanya perlu meniup alat ini sambil menutup lubangnya dengan jari untuk menimbulkan nada - nada yang berbeda


4.ANGKLUNG
Angklung adalah alat musik khas sunda yang terkenal sampai ke luar Negri. Angklubg terbuat dari bambu dan di mainkan dengan cara di gerakkan ke samping. Angkulng bisanya dimaenkan secara berkelompok dan membentuk alunan lagu yang indah dan menenangkan.


5.KARINDING
Karinding adalah salah satu alat musik yang terbuat dari bambu. Karinding cukup terkenal di daerah jawa barat. Alat musik ini di maenkan dengan cara di pukul pelan pelan.

PTS S1 - Sunda Kelas 10

Silahkan diklik untuk melihat di halaman utama.

https://docs.google.com/forms/d/e/1FAIpQLSf0l3j233pw7FErwYLBXqfDePqy8myO02CR-qqf_74pU0fTdA/viewform?usp=sf_link 

Kadaharan jeung asal daerahna

Kadaharan jeung asal daerahna
Peuyeum = Bandung
Borondong = Majalaya
Tales = Bogor
Boled = Cilembu
Tahu = Sumedang
Dodol = Garut
Wajit = Cililin
Moci = Sukabumi
Tauco = Cianjur
Surabi = Subang
Pempe = Palembang
Gudeg = Jogja
Bapia = Semarang
Sate = Madura
Rendang = Padang
Kerak telor = Betawi
Kopi luwak = Lampung
Coto/soto = Makassar
Naon katuangan nu kakoncara ti daerah
saderek...?.... .
mangga tamihan supados kaceluk ka awun-awun


kakoncara ka janapria..Mangg a..

Sajarah Tatar Sunda Galuh Ciamis

SEJARAH TATAR GALUH CIAMIS

Raden Aria Koesoemadininggrat,regent (bupati) Galuh (1879)

Nurutkeun sejarawan W.J Van der Meulen,Pusat Awit Wewengkon (karajaan) Galuh, yaktos disekitar Kawali (Kabupaten Ciamis ayeuna). Selanjutnya W.J Van der Meulen boga pamadegan yen sanggem \ ” galuh\ ” ,asalna ti sanggem \ ” sakaloh\ ” hartina \ ” ti walungan asalnya\ ” , sarta dina letah Banyumas barobah kaayaan \ ” segaluh\ ”. Dina Nalika Sansekerta, sanggem \ ” galu\ ” nembongkeun sarupa sosoca, sarta oge dawam dipake kanggo nyebutkeun putri raja (anu kanggo marentah) sarta tacan nikah.

Sakumaha riwayat dayeuh-kabupaten sanes di Jawa Kulon,asal-asal anu nyaritakeun kawit-usul hiji wewengkon umumna tergolong historiografi tradisional anu ngandung unsur-unsur mitos, dongeng atawa legenda disamping unsur anu boga sipat historis. Naskah-naskah ieu antawis sanes Carios Wiwitan Raja-raja di Pulo Jawa, Wawacan Sajarah Galuh, sarta oge naskah Sajarah Galuh bareng Galunggung, Ciung Wanara, Carita Waruga Guru, Sajarah Bogor.

Naskah-naskah ieu umumna ditulis dina abad ka-18 dugi abad ka-19. Adapula naskah-naskah anu sezaman atawa langkung ngadeukeutan jaman Karajaan Galuh. Naskah-naskah kasebat, di antarana Sanghyang Siksakanda ‘Ng Karesian,ditulis warsih 1518,sabot Karajaan Sunda aya keneh sarta Carita Parahyangan,ditulis warsih 1580.

Tangtungna Galuh minangka karajaan, nurutkeun naskah-naskah jumplukan kahiji henteu leupas ti inohong Ratu Galuh minangka Ratu Kahiji. Dina laporan anu ditulis Tim Peneliti Sajarah Galuh (1972), aya sagala rupa wasta karajaan minangka berikut: Karajaan Galuh Sindula (nurutkeun asal sanes, Karajaan Bojong Galuh) anu berlokasi di Lakbok sarta beribukota Medang Gili (warsih 78 Masehi?); Karajaan Galuh Rahyang berlokasi di Brebes kalawan ibukota Medang Pangramesan; Galuh Kalangon berlokasi di Roban beribukota Medang Pangramesan; Galuh Lalean berlokasi di Cilacap beribukota di Medang Kamulan; Galuh Pataruman berlokasi di Banjarsari beribukota Banjar Pataruman; Galuh Kalingga berlokasi di Bojong beribukota Karangkamulyan; Galuh Tanduran berlokasi di Pananjung beribukota Bagolo; Galuh Kumara berlokasi di Tegal beribukota di Medangkamulyan; Galuh Pakuan beribukota di Kawali; Pajajaran berlokasi di Bogor beribukota Pakuan; Galuh Pataka berlokasi di Nanggalacah beribukota Pataka; Kabupaten Galuh Nagara Keur berlokasi di Cineam beribukota Bojonglopang saterusna Gunungtanjung; Kabupaten Galuh Imbanagara berlokasi di Barunay (Pabuaran) beribukota di Imbanagara sarta Kabupaten Galuh berlokasi di Cibatu beribukota di Ciamis (saprak warsih 1812).

Kanggo panalungtikan sacara historis,iraha Karajaan Galuh didirikeun, tiasa diteangan ti asal-asal sezaman mangrupi prasasti. Aya prasasti anu memuat wasta \ ” Galuh\ ” , sanaos wasta tanpa dibarung wawaran ngeunaan lokasi sarta waktuna. Dina prasasti berangka warsih 910,Raja Balitung disebut minangka \ ” Rakai Galuh\ ”. Dina Prasasti Siman berangka warsih 943,disebatkeun yen \ ” kadatwan rahyangta I mdang I bhumi mataram ingwatu galuh\ ” . Saterusna dina hiji Piagem Calcutta disebatkeun yen para satru penyerang Airlangga lumpat ka Galuh sarta Kulon,maranehanana dibinasakeun dina warsih 1031 Masehi. Dina sababaraha prasasti di Jawa Wetan sarta dina Kitab Pararaton (kinten-kinten ditulis dina abad ka-15),disebatkeun hiji tempat namina \ ” Hujung Galuh\ ” anu tempatna sisi walungan Brantas.

Wasta Galuh minangka ibukota disebut berkali-kali dina naskah hiji prasasti berangka warsih 732,kapanggih di halaman Percandian Gunung Wukir di Dukuh Canggal (caket Muntilan ayeuna).

Dina haturan carita Parahyangan,disebatkeun yen Prabu Maharaja berkedudukan di Kawali. Sanggeus barobah kaayaan raja salila tujuh warsih, mios ka Jawa terjadilah perang di Majapahit. Ti asal sanes dipikanyaho yen Prabu Hayam Wuruk,anu anyar tumpak tahta dina warsih 1350, neda Putri Prabu Maharaja kanggo barobah kaayaan bojo na. Ngan wae, konon, Patih Gajah Mada mikahayang Putri eta barobah kaayaan upeti. Raja Sunda henteu nampi daweung arogan Majapahit ieu sarta milih berperang dugi gugur dina peperangan di Bubat. Putera na anu namina Niskala Wastu Kancana waktos eta alit keneh. Ku margi eta karajaan dicepeng Hyang Bunisora sababaraha waktos sateuacan ahirna dibikeun ka Niskala Wastu Kancana sabot atos sawawa. Katerangan ngeunaan Niskala Wastu Kancana, tiasa diperjelas kalawan buktos mangrupi Prasasti Kawali sarta Prasasti Batutulis sarta Kebantenan.

Dina warsih 1595, Galuh labuh ka panangan Senapati ti Mataram. Invasi Mataram ka Galuh beuki diperkuat dina mangsa Sultan Agung. Pangawasa Galuh, Adipati Panaekan, diangkat barobah kaayaan Wedana Mataram sarta cacah saloba 960 jalmi. Sabot Mataram merencanakeun serangan ka VOC di Batavia dina warsih 1628, massa Mataram di Priangan bersilang pamadegan. Rangga Gempol I ti Sumedang contona, hayangeun pertahanan diperkuat kapungkur, sedengkeun Dipati Ukur ti Tatar Ukur, hayangeun serangan gura-giru dipigawe. Pertentangan lumangsung oge di Galuh antawis Adipati Panaekan kalawan adi iparnya Dipati Kertabumi, Bupati di Bojonglopang, anak Prabu Dimuntur turunan Geusan Ulun ti Sumedang. Dina perselisihan kasebat Adipati Panaekan dipaehan warsih 1625. Manehna saterusna digantian putera na Emas Dipati Imbanagara anu berkedudukan di Garatengah (Cineam ayeuna).

Dina mangsa Dipati Imbanagara, puseur dayeuh Kabupaten Galuh dipindahkeun ti Garatengah (Cineam) ka Calingcing. Nanging henteu lami saterusna dipindahkeun ka Bendanagara (Panyingkiran). Dina Warsih 1693, Bupati Sutadinata diangkat VOC minangka Bupati Galuh ngagantikeun Angganaya. Dina warsih 1706, manehna digantikeun deui ku Kusumadinata I (1706-1727).

Dina pertengahan abad ka-19,yaktos dina mangsa pamarentahan R.A.A. Kusumadiningrat barobah kaayaan Bupati Galuh, pamarentah kolonial kanggo giat-giat na milampah pelak paksa. Rahayat anu aya di Wilayah Galuh, disamping dipaksa melak kopi oge melak nila. Kanggo mehampangkeun beungbeurat anu kedah ditanggung rahayat, R.A.A. Kusumadiningrat anu dipikawanoh minangka \ ” Kangjeng Perbu\ ” ku rahayat na, ngawangun saluran cai sarta dam-dam kanggo mere cai wewengkon pesawahan. Saprak Warsih 1853, Kangjeng Perbu cicing di panyicingan anu dinamai Keraton Selagangga. Antawis warsih 1859-1877, dipigawe pangwangunan gedong di puseur dayeuh kabupaten. Disamping eta perhatian na ka atikan oge ageung pisan deui. Kangjeng Perbu marentah dugi warsih 1886, sarta jabatanna diwariskeun ka putera na yaktos Raden Adipati Aria Kusumasubrata. Dina warsih 1915, Kabupaten Galuh diasupkeun ka Keresidenan Priangan,sarta sacara resmi ngaranna digantian barobah kaayaan Kabupaten Ciamis.

Topografi

Lambang Kabupaten Ciamis di hiji Monumen Perbatasan Tetempoan teluk Pangandaran di warsih 1930-an kalolobaan wilayah Kabupaten Ciamis mangrupi pegunungan sarta dataran luhur, kajabi di perbatasan kalawan Jawa Keur haturan kidul, sarta sapalih wilayah basisir. Basisir kidul Ciamis haturan wetan mangrupi teluk, di antarana Teluk Pangandaran, Teluk Parigi, sarta Teluk Pananjung. Basisir Pangandaran mangrupa salah sahiji tujuan wisata utami di Kabupaten Ciamis.

Transportasi

Jembatan sepur antawis Banjar sarta Cijulang. puseur dayeuh kabupaten Ciamis aya di jalan Lintas jalur (Bandung-Yogyakarta-Surabaya). Kabupaten ieu oge dilintasi jalur sepur lintas kidul,kalawan stasiun pangbadagna na di Ciamis. Di haturan kidul Kabupaten aya hiji lapang ngapung perintis,dinamai Nusawiru,kawitna ditujukeun kanggo muka rubak kasempetan pariwisata (Pangandaran sarta sakurilingna) sarta investasi di basisir kidul. Nanging kiwari terkesan kirang dirawat.

Komunikasi sarta telekomunikasi

Pangladen anteur-kintun serat, barang, sarta titipan dana tiasa dipigawe ngaliwatan Kantor Pos di saban-saban kacamatan.

Sambungan telepon-angger atos ngadongkang ampir saban desa/kelurahan di Kabupaten ieu, kajabi di areal pegunungan anu tacan keneh diinstalasi. Kanggo kapentingan telekomunikasi usik, di pusat kabupaten, sadaya operator selular GSM nasional sarta sababaraha operator CDMA atos tiasa dimangpaatkeun kalawan cekap sae, oge di sababaraha kacamatan sakurilingna. Samentara kacamatan-kacamatan lianna anyar dijangkau operator GSM.
Di sababaraha kacamatan, Internet atos tiasa diakses ngaliwatan sambungan telepon-angger.

Kasehatan

Di saban-saban Kacamatan aya klinik Pusat Kasehatan Balarea (Puskesmas), oge aya Praktek Dokter Swasta. Di pusat Kabupaten aya Imah Udur Umum, Imah Udur Al-Arif, Imah Udur Sosoca Indung, Imah Udur Nirmala sarta Imah Udur Ngalahirkeun Harepan Indung sajaba ti eta kanggo maranehanana anu langkung caket ka Dayeuh Banjar tiasa mengakses Imah Udur Umum Banjar (di Dayeuh Banjar), atawa tiasa deui ka sababaraha Imah Udur Umum di Dayeuh Tasikmalaya.

Wisata

Objek wisata anu ditawarkeun di Kabupaten Ciamis nyaeta Ngarai Hejo (Green Canyon), Basisir Batu Karas, Basisir Madasari, Landeuh Putri, Basisir Karapyak, Karang Nini, Basisir Batu Hiu, Basisir Pangandaran, Citumang, Dinya Lengkong, Karang Kamuliyan (Ciung Wanara ).
Rupa-rupa leeutan has ditawarkeun sepertos Sale Cau, Galendo, Gula Beureum sarta Abon Lauk Patin.

Soal ATS jeng Waleran