Kisi - kisi soal ATS Sunda 2627

Kisi-kisi sunda 10
1. Medar perkara terjemahan
2. Aya 2 (dua) perkara nu perlu diungkab dina mindahkeun amanat
3. Saduran
4. Ngajodokeun Sastra sunda
5. Ngajodokeun terjemahan
6. Ngajodokeun Saduran sunda
7. Terjemahkeun kana bahasa Indonesia
8. Aya 3 (tilu) Kamampuh narjamahkeun
9. Ngalemeskeun basa
10. Aya 3 (tilu) jenis kamus dina nerjemahkeun


Kisi-kisi Sunda 11
1. Kawih Bulan Batu Hiu
2. Batu Hiu
3. Batu Hiu
4. Sajak
5. Bubuy Bulan
6. Kawih Bubuy Bulan
7. Padalisan cangkang jeung eusi
8. Guru lagu
9. Sajak Priangan
10 Srengenge

Kisi-kisi Sunda 12
1. Drama Modern
2. Dekor panggung
3. Aya 4 Hal nu diperhatikeun dina merankeun tokoh
4. Dialog, Monolog
5. Prolog, Epilog
6. Tokoh Drama
7. Tarjamah
8. Someah
9. Tarjamah
10. Pamajikan

Conto RPP Sunda ti sakola lain

RPP SUNDA 1 - susansusanti93 Flip PDF | AnyFlip

Pada - Padalisan

Unsur-unsur
pada (bait)
padalisan (baris, jajar)
engang (suku kata)
guru wilangan (jumlah engang dina sapadalisan)
guru lagu (sora tungtung dina hiji padalisan)

Conto:
ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi legok
lieur otak nyeuri huntu
ngalamun ning huntu coplok

pada (bait) = 1
padalisan = 4
engang = 8 x 4
guru wilangan = 8
guru lagu = u - o - u - o

Modul Sunda Kelas 12 | 2627

Modul Sunda Kelas 11 | 2627

Modul Sunda Kelas 10 | 2627

MODUL Bahasa Sunda Kelas X Semester 1

Materi Pembelajaran

1. Medar Perkara Tarjamahan

Tarjamahan téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah di sebutna translation. Tarjamah téh proses mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa penarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya hasana. Dina istilah séjén disebut ogé alih basa. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari jalan caritana jeung ngaran tokohna mah diluyukeun jeung kaayaan di urang. Conto karya sastra Sunda saduran R. Satjadibrata, diantarana wae Eunteung Wasiat (saduran dongéng Jepang, 1930), jeung Budak Timu (1932).

2. Padika Narjamahkeun

Narjamahkeun téh aya padika aturanana. Aya tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun.

a.  Kamampuh Gramatikal, mangrupa pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimat, nyusun alinea, jeung ngalarapkeun ėjaan.

b.    Kamampuh Sosiolinguistik, mangrupa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masyarakat pamakéna. Upamana wae dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha sapopoena dina basa Inggris aya atawa henteu

c.   Kamampuh Semantik, mangrupa kamampuh dina ngaguar harti ma'na teks nu rék ditarjamahkeun. Upamana wae, dina Sunda aya babasan kurungbatok, naon tarjamahan dina basa Indonésiana? Naha bisa mun disarjamahkeun sangkar tempurung kalapa. Tangtu wé ditarjamahkeunana téh kudu jadi ‘bagai katak dalam tempurung, nu

hartina sarua jeung kurung batok, nyaéta langka indit-inditan nepi ka kurang pangalaman asana Narjamahkeun téh lain ngan bener kekecapanna wungkul, tapi kudu kapanggih rasa bahasa deuih.

Kecap Sunda nu teu bisa sagemblengna ditarjamahkeun kana bahasa Indonesia atawa basa séjénna disebutna Kecap Anteuran (KA) atawa kecap panganteur pagawéan. Jumlahna kaitung réa, ceuk hasil panalungtikan mah aya 418 jumlahna.

Aya media nu kalintang pentingna lamun urang rek nerjemahkeun, nyatea:

kamus. Diantara bangsa deungeun nu kungsi nyusun Kamus Sunda téh aya Jonathan Rigg (1854), A. Geerdink (1875), H.J. Oosting (1879), S. Coolma (1884) jeung FS. Eringa (1984) Kabéh dicatuna aya urang Sunda anu nyusun kamus, saperti: R. Satjadibeata (1948), Oyon Sofyan Umsari (1992), R. Harjadibrata (2003), R.A. Danadibeata (2007), Budi Rahayu Tamayah, jisté.

Upama dipasing-pasing, kamus téh aya tila rupa, nyaéta:

a.     Kamus Umum, mangrupa kamus nu tujuanna pikeun kaperluan umum, lain ngeunaan salasahiji widang. Ku kituta eusina téh sok lengkep.

b.      Kamus dua basa (dwihasa) mangrupa kamus nu nyebutan sasaruaanana kecap dina dua bahasa.

c.       Kamus istilah mangrupa kamus nu ngamuat istilah-istilah khusus dina hiji widang kaelmuan

ARSIP _ BANK SOAL SUNDA 10 | PTS 1 september2022

Bagian 1 dari 3
PANITIA PTS SMA PLUS TAUHIDUL AFKAR
SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN : 2022/2023
MATA PELAJARAN: BASA SUNDA
KELAS: 10 
GURU PENGAMPU: M. DUDI RIDWAN, S.Pd.I
Bagian 2 dari 3
BIODATA PESERTA PTS
Nama Lengkap, Kelas dan Nomor Peserta
Nama Lengkap
Kelas
Nomor Peserta
Bagian 3 dari 3
Pilihan Ganda
Pilih jawaban tina salasawiosna, boh A, B, C, D, atawana E
Wilujeng Ngeusian
1. Paguneman teh nyaeta kagiatan nyarita dua arah atawa leuwih pikeun …. kajaba …
2. Nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji perkara anu sipatna monologis, ukur direspon ku unggeuk sareng gideug, keprok, jeung pasemon. Nu kitu disebatna ….
3. Perhatoskeun, eusi ceramah di handap ieu!

“Para hadirin,

Hayu urang ronjatkeun ibadah urang ka Alloh SWT. Sangkan urang mingkinan dipikaresep sareng dipikarido ku Alloh SWT.

Para Bapak, para ibu,

Naon ari ibadah teh?

Aya anu nyebatkeun kieu, para hadirin

هِيَ الۡوَفَاءُ بِالۡعُهُوۡدِ، وَحِفۡظُ الۡحُدُوۡدِ، وَالرِّضَا بِالۡمَوۡجُوۡدِ، وَالصَّبۡرُ عَلىَ الۡمَفۡقُوۡدِ

Yen ibadah teh nyaeta….

Nyumponan janji, kana batasan-batasan ngajagi

Sareng rido kanu aya, tur sabar kanu can aya.

 

Cekap sakitu bae.

Insya Alloh sanes waktos urang sambung deui.

Wassalam.”

Ari kecap “hayu” dina ceramah di luhur, tujuannana nyaeta ….

4. Kecap “Cekap sakitu bae.” Dina ceramah di luhur, mangrupa materi biantara dina bagean ….
5. Kecap “Aya nu nyebatkeun kieu, para hadirin ….
Yen ibadah teh …….. ”.
Dina biantara di luhur. Ieu kecap-kecapan aya dina bagean ….
6. Dina mangsana urang rek manggung jadi mubaligh dina hiji acara mieling kamerdekaan, tulisan nu geus dijieun jadi naskah samemehna ditendeun dina saku. Biantara ku cara kitu, metodena disebut …..
7.       Perhatikeun pernyataan di handap ieu!

1)      Ceramah

2)      Pamapag/sambutan

3)      Pedaran/bahasan hiji pasoalan

4)      Natar

5)      Kampanye


Kecap-kecapan mangsana aya pangantenan, ti dua pihakannana boh ti calon panganten istri atanapi pamegetna so kaya nu seren tampi.

Seren tampi dina pangantenan kalebet kana ….

8. Perhatikeun kagunaan biantara di handap ieu!

1)      Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud

2)      Ngaronjatkeun ajen diri

3)      Ngarojong leadership

4)      Jadi puseur paniten masyarakat, dihormat jeung dihargaan

Lamun dihubungkeun jeung akhlak tasawuf, yen hirup kudu rido jeung ikhlas karena Alloh, maka kagunaan biantara diluhur nu keun bae datangna ti batur, tapi tong nyangkaruk dina ati sorangan sok komo dikedalkeun nyaeta ditunjukeun ku nomer ….

9. Dina gambar ieu, jalmi nu mana nu ekeur biantara!
10. Perhatikeun biantara di handap ieu!

“Hadirin rohimakumulloh,

Dina raraga mieling kana isro sareng mi’rajna nabi, urang terapkeun dina diri urang sewing-sewangan kucara: 

Kahiji, isro jalan tipeuting nuju ka masjid nyaeta seja qiyamullel, tahajud, atanapi berjama’ah isya jeung shubuh.

Kadua, mi’raj naek, ningkatkeun, ngaronjatkeun amaliah urang kucara nambahan sholat. Lamun tea kamari ukur fardu wungkul, mangka ayeuna hayu urang mi’raj ku nambahan qobliyah atanapi ba’diyahna.”

Ngilik eusina, ieu ceramah teh biasana aya dina sasih ……

11. Titenan deui, eusi biantara nu aya dina nomer 10.

Ngilik eusina, ieu ceramah teh temana nyaeta ….

12. Perhatoskeun eusi paguneman ieu!

Risna (R): “Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran basa sunda dipasihan pancen?”

Agus (A): “Pancen anu mana tea, Ris?”

Risna : “Pancen eta tea gening, dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktos libur”

Tiara : “[…?…] kelas abi oge dipiwarang.”

Agus : “oh, eta. Atos deui da Agus mah.”

Ngilik unsur paguneman, maka Risna teh salaku ….

13.   Titenan deui eusi paguneman nomer 12.

Kecap-kecapan Tiara, dina paguneman diluhur pas na mah nyaeta ….

14.  Ari paguneman nu ditepikeun di akhir carita, istilahna nyaeta ….
15.  Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Sidang idil fitri anu ku sim kuring dipihormat!,

Dinten ieu pisan, urang ayeuna bersih tina dosa, kawas orok nu karek borojol gubrag ka alam dunya.”

Ngilik eusina, ieu teh biantara nu keur aya dina suasana …..

16.  Ari idul adha teh dilaksanakeunnana dina kaping …..
17.  Ari dina idul qurban, sok aya acara peupeuncitan, nyaeta bisa meuncit ingon-ingon saperti ….. kajaba …...
18.  Ari rupana sapi teh nyaeta ….
19.  Perhatoskeun biantara di handap ieu!

“Para bapa, para ibu, pameget jaler istri, bil khusus sesepuh, kasepuhan, nu disepuhkeun, utamina sepuhna calon panganten istri.

Abdi ngadegna di dieu teh, kumargi kawakilan ti sepuhna Cep Dino, kangge kadugikeun pamasrahannana.

Wireh ieu sepuhna Cep Dino teh, pangersana Bapak Anda sareng Ibu Inti, ngaharewos ka sim kuring pang wakilankeun masrahkeun ieu Cep Dino. Ku kituna, sim kuring seja nyaosan sok sanaos ku bahasa nu alakadarna.”

Upama ditinenan tina eusina, ieu kecap-kecapan teh aya dina acara ….

20.   Perhatoskeun paguneman di handap ieu!

Deuis: Bade iraha ngerjakeun tugas kelompok teh?

(rerencangan nu opatan nyaeta Rita, Jasmin, Rahmi sareng Yati papelong-pelong. Teras Jasmin nyarios),

Jasmin: Dinten Saptu wae nya, kusabab abdi Mingonna bade ngiring ka pun Bapak kana uleman.

Deuis: Sumuhun atuh, abdi oge aya acara dinten Minggu mah.

Jasmin: kinten-kinten tabuh sabaraha nya?

Deuis: Tabuh dua siang wae nya?!, di bumi Abdi, carioskeun ke rerencangan!.

Jasmin: muhun, in syaAlloh.

Ari paguneman di luhur teh nyaeta ngenaan ….

21.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade di ….

22.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ngerjakeun tugas kelompok teh bade ….

23.   Ngilik paguneman diluhur (nomer 20),

Ari baris ka 2 nu di jero kurung, disebatna ….

24.   Perhatoskeun carita di handap ieu!

Kacarioskeun di hiji leuweung geledegan, aya dua sato nu keur leumpang ngagandeang nyaeta keong jeung peucang.

Ceuk keong, “cang, arek moal balap lumpat the?”

Tembal peucang, “siap lah, arek iraha?”

Keong ngahuleng sakeudeung, tos kitu ret ka peucang, bari terus weh ngomong, “isukan, isuk-isuk.”

Peucang ngaenyakeun, bari pokna teh, “enya lah, tabuh sabelas”

Ceuk keong, “haaar….??!”

Ceuk peucang, “naha?”

Ceuk keong teh, “…………..teuing atuh jam sakitu mah.”

Ngilik paguneman di luhur, rupana paguneman teh nyaeta ….

25. Kecap nu pas pikeun ngeusian titik-titik nu jadi kecap-kecapan keong dina paguneman di luhur nyaeta ….

Soal ATS jeng Waleran